Anda di halaman 1dari 1

SASAKALA HAYAM JADO KONGKORONGOK UNGGAL ISUK

Girang pangajen, oge para patandang anu dipihormat

Dina dongen mah dicaritakeun sakabeh sato teh bisa ngomong atawa nyarita saperti jalma

Kacaritakeun di jaman baheula aya sakadang oray naga, geus lila eta oray teh boga
kahayang anu dipendem dina jero hatena nyaeta hayang naek atawa unggah ka kahiangan
ngadeuheus ka Dewa, unggal poe manehna ngaluis bae dangdan supaya leuwih gagah tur leuwih
kasep. Ngan tetep manehna ngarasa can sampurna sabab teu boga perhiasan saeutik-eutik acan
sedengkeun manehna kudu nepungan Dewa di Kahiangan.

Beurang peuting eta oray naga teh ngan hulang huleung bae mikiran kumaha carana
hayang gagah tur kasep, tungtungna manehna nepungan sobatna nyaeta sakadang Kalabang,
sanggeus kapanggih jeung eta Kalabang Si oray ngandelkeun pamaksudana nyaeta menta
dianteur manggihan hayam jago, tujuana rek nginjeum tanduk hayam jago nu gagah tur endah
jang pakeeun lamun ngadeuheus ka Dewa di kahiangan tea.

Sanggeus oray naga kapanggih jeung hayam jago, terus manehna nyarita lemah lembut
“Lur kuring meunang uleman ti kahiangan kudu ngadeuheus ka Dewa, kuring sieun tur hariwang
bisi teu ditarima sabab teu boga perhiasan, jadi kuring nginjeum tanduk anjeun, ngadenge kitu
eta hayam jago ngehuleung teu lemek teu nyarek, manehna bingung da nyaho yen oray naga teh
boga sipat goreng, barangasan tur licik, ari dibere kumaha, lamun teu dibere kumaha antukna
ngahuleng bingung, nempo kitu eta oray naga rada ngambek” Rek dibere moal, lamun teu
dibikeun ku kuring rek dipaksa” kitu ceuk oray bari nyentak

Tungtungna hayam jago teh eleh deet, manehna mikeun tandukna ka sakadang oray, tapi
manehna aya pamenta yen tandukna kudu dipulangkeun deui di waktu janari samemeh subuh,
sanggeus mupakat disanggupan, oray nyarita ka hayam jago, bisi kuring lila teuing ngobrol jeung
dewa, anjeun kudu mere kode ku kongkorongok katarik yen waktu geus janari subuh, ke eta
tanduk dijajapkeun ku kalabang ka anjeun.

Kacarittakeun harita peuting geus nyedek ka janari waktu subuh, hayam jago
kongkorongok sababaraha kali mere kode, kongkorongoook…, kongkorongook…,
kongkorongok. Tapi tetep eta kalabang can datang keneh nganterkeun tanduk, hayam jago
ngambek ngancam ka kalabang jeung ka oray naga nu geus jalir jangji ka manehna

Ti harita hayam jago sok kongkorongok di waktu janari samemeh datang waktu subuh,
jeung hayam jago kapanggih jeung kalabang sok langsung macok siga nu balas dendam sabab
jalir jangji ka maneha

Sakitu anu kapihatur, Wabilahi taofik Walhidayam Wassalamualaikum Wr.Wb.

Anda mungkin juga menyukai