Anda di halaman 1dari 4

PRAKTEK PANUMBU CATUR

KELOMPOK:5
ANGGOTA: -Egis Maulana F
-Nadya Farida D
-Rizke Rupiqalbi I
-Serly Della Aulia
-Tio Jiebrand H
-Widya Utami
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh

Sampurasun, Simkuring salaku panumbu catur Rizke Rupiqalbi Imania ti kelompok 5,


11 mipa 2 bade praktek panumbu catur anu jejerna UAS ulangan akhir semester. Bade
nepangkeun rerencangan simkuring ...

Mangga teh...

Bade nepangkeun simkuring Widya Utami, simkuring Serly Della Aulia, lamun simkuring
Nayda Farida Deswal, simkuring Egis Maulana Febrian jeung simkuring Tio Jiebrand
Hidayat.

Tos ah langsung wae nya mulai ...

Rizke :Heh barudak, kumaha damang?

Kabehan :Alhamdulillah damang

Serly :Duh aya naon ieu teh mani raramean kieu?

Egis :Heeuh nya tos lila tara karumpul yeuh

Widya :Eh apan urang teh bade UAS sanes?

Tio :Hah, enya kitu?

Widya :Cih nya heeuh pan ges sakedeng deui

Nadya :Alah heeuh tanggal sabaraha sih?

Rizke :Tanggal 5 desember asanamah

Serly :Muhun bener pisan, aduh jaba urang teu acan nyiapkeun nanaon

Tio :Alah komo uing mah karek apal

Egis :Geus, santai wae atuh mani dibawa pusing

Widya :Yih tong santai-santai ayeuna mah geus kelas sabelas

Rizke :Heeuh ih ayeuna mah geus kudu serius diajar

Nadya :Heeuh kena teh bet lulus bae

Serly :Tapi kumaha da urang teh sok males diajar


Widya :Atuh tong males ai hayang nilai alus mah

Tio :Tapi emang hese ngaleungitkeun rasa males teh

Egis :Heeuh nya komo urang mah poe libur ge sok ulin wae ka Bandung

Nayda :Yih si aa mah ameng wae

Egis :Ek naon da gabut diimah wae mah, pan sarua wae geus diajar ti poe senen nepika

Jum’at teh, tah poe sabtu jeung minggu mah jang refresing atuh hahaha ...

Tio :Hahaha, satuju pisan tah

Serly :Kela urang rek nanya ieu ulangan na make naon?

Widya :Make hp ka google form

Rizke :Oh, berarti ngerjakeuna bisa diimah?

Nadya :Nya henteu atuh, di sakola tapi make HP

Widya :Muhun jiga kamari wae

Serly :Oh kitu, siap lah ai make HP mah

Egis :Wah kudu nyadiakeun kuota ieu mah

Tio :Heeuh nya, paur mun ujug-ujug beak

Widya :Mangkana kudu loba anu dipersiapkeun ai rek UAS teh

Rizke :Dedengean mah aya essay na

Nadya :Alah heeuh kitu?

Rizke :Heeuh asanamah kamari guru teh ngaromong

Serly :Heeuh bener urang ge ngadenge

Tio :Duh kumaha atuh lamun MTK, Fisika, Kimia

Widya :Tapi cenah mah moal dihijikeun jeung pas UAS na

Egis :Nya terus urang ngeusian essay na iraha?

Widya :Urang ngadenge mah pas diajar biasa


Tio :Oh, berarti minggu-minggu ayeuna?

Rizke :Muhun siganamah

Nadya :Tah nya geus ayeuna mah sing getol diajar na

Rizke :Heeuh, beh arurang menangkeun hasil nu terbaik

Serly :Inget ka papatah yeuh “Usaha moal bakal ngahianatan hasil” insyaallah mun urang

geus usaha bakal menangkeun hasil nu terbaik

Kabehan :Aamiin ...

Rupina sakitu ti simkuring sareng rerencangan sadaya, hampura tina sagala kalepatan
sareng kakiranganna kumargi kitu ti simkuring ngucapkeun hatur nuhun.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh

Anda mungkin juga menyukai