Fauzi
Fauzi
Kaka: baleg atuh jot ah alus mimita hungkul,goring tuntungna enjot mah
Fauzi: sok sakali deui atuh ayeuna mah bener entan
Kaka: awas mun gopet tuntungna deui enggesan urangmah moal ulin jeng maneh
deui
Fauzi: siap tan,jang entan ginding jiga gilinding
Kaka: nya manehmah jot ah angger teu baleg,gesan urangmah ah
Fauzi: heureuy atuh tan
Kaka: bung ah abi mah gesan
Fauzi: tan meungpeung aya bapa guru urang diajar maca ameh ka peunteun
entan jadi budak pinter
Kaka: mana bapa guruna jot
Fauzi: tuh dipayun keur nonton
Kaka: oh enya geningan tuh aya pa deni geningan di payun,bapa abdi bade
belajar baca pa
Fauzi: tah kitu tan sugan we ari apalen getol belajarmah urang jadi juara
Kaka: sok ah der jot belajar mumpung aya bapa guru dipayun
Fauzi: siap tan.enjot nu ngejah entan nu ngahijikeun
Kak: siap jot
Fauzi: coba satukan
Kaka: ini aku monyet,horee abdi tiasa maca nya pa nya, pinter nya abdi pa cing
sakali deui jot ah diajar macana
Fauzi: siap tan
Fauzi: i-en-i-ni dibaca
Kaka: ini
Fauzi: a-ka-u-ku dibaca
Kaka: aku
Fauzi: mo-eny-e-nyet dibaca
Kaka: monyet
Fauzi: coba satukan
Kaka: ini aku mo……nya njot mah nipu wae, urang ah nu ngeja, enjot nu
ngahijikeun,
Fauji ; Siap tan sok atuh entan nu ngeja, keun enjot nu ngahijikeun
Kaka : di tipu deui siah ku uing, memang enjot wungkul nu bisa nipu teh, sina jadi
monyet si enjot,
Siap jot jiga nu tadinya jot, awas ulah licik
Fauji ; siap tan
kaka: i-en-i-ni dibaca
fauji: ini
kaka: a-ka-u-ku dibaca
fauji: aku
kaka: mo-eny-e-nyet dibaca
fauji: monyet
kaka: coba satukan
fauji : ini kamu monyet
kaka : ih lain ini kamu monyet atuh jot
fauji : kumaha atuh
kaka : ini aku monyet
fauji : enya heg entan, cing kumaha kahayang entan
kaka : enya lain ini kamu monyet, tapi ini aku monyet
fauji ; enya heg wae entan
kaka : jadi liuer urang mah ah , ges ah gesan, moal beunang ka olo deui, ulin
jeung entan
Fauzi: tan ayeunamah urang ngadongeng,engke entan nujadi pemeran utamana
Kaka: entan jadi bintang sinetron jot
Fauzi: nya atuh kan entan nujadi pemeran utamana
Kaka: bunda entan bade janten bintang sinetron siap jot
Fauzi: tah kitu tan, entan tea bintang sinetron nu kasohor di dunya akhirat
Kaka: urang tea atuh jot
Fauzi: tah ieu dongengna di hiji kampung aya nini jeung aki –aki bogaeun kebon di
leuweung kebonna rek tereh panen nukudu di jagaan . peuting kahiji bagean si aki
nu jaga
Kaka: urang jot jadi aki-aki?
Fauzi: nya pan peran utamana etateh tan
Kaka: siap jot jadi aki-aki euy
Fauzi: bada isa si aki geus aya di kebon, ker lantrak-lintrik mariksa kebonna torojol
sakadang maung nyamperkeun si aki sabari sorana disana haung-haung aing
maung ,atuh si aki kacida pisan sieunneun nana beretek si aki lumpat
Kaka: lumpat ieu teh jot
Fauzi: nya atuh tan pan aya maung