Anda di halaman 1dari 3

( Unsur Intrinsik dan Sinopsis Novel Baruang Ka nu Ngarora )

Baruang Ka nu Ngarora

v Pangarang : D.K Ardiwinata

v Panerbitna : Rahmat Cijulang

v Tema : ngahasut atawa baruang

v Latar :

latar tempat : dibumina nyi piah,ujang kusen,aom usman,abdullah,

didesa nyi piah sareng ujang kusen tinggal,sareng di kebon kopi

latar waktu : sakabehan waktu aya

latar suasana : bungah,sedih,tegang,emosi

v Galur : maju

v Sudut pandang : urang katilu serba nyaho

v Gaya basa : ngagunakeun bahasa sunda halus

v Palaku :

Nyi Rapiah

Ujang Kusen
Aom Usman

Haji Abdul Raup

Istri haji abdul raup

Haji Samsudin

Istri haji samsudin

Haji banisah

Nyi dampi

Agan ali

Abdullah

Haji Tayib

v Amanah

Sing jadi jalma teh tong gampang di hasut ku urang lain,sok boga pendirian nu kukuh sareng
nyerahkeun diri ka nu ngabogaan hirup.

Sinopsis

Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina haji abdul raup meuni rame pisan,kulantaran
anakna nyaeta nyi rapiah rek di lamar ku ujang kusen. Teu lami nyi rapiah jeung ujang kusen
akhirna nikah. Kulantaran maranehna rek mandiri sareng teu ngarepotkeun kolotna,maranehna
pindah ka hiji desa nu jauh tina desa kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku
ceurik kulantaran nyi piah teh teu bisa jauh sareng kolotna,ema na nyi piah nyengceurikan nyi
piah supados nyeungcerikan anu maot. Akhirna nyi piah sareng ujang kusen nepi ka desa di
deket gunung nu jauh timana – mana. Nyi piah tinggal diditu teu pibeutaheun pisan,kulantaran
manehna teu biasa tinggal di tempat nu jauh timana – mana ditambahan diditu nyi piah jauh ti
kahidupan mewah nu biasana manehna jalankeun.

Tiba tiba dina hiji waktos nyi piah ngarasa tos teu betah pisan tinggal di imah eta,akhirna nyi
piah kabur sareng abdullah bade ka imah kolotna. Singket carita nyi piah sareng ujang kusen teh
papisah anu akhirna nyi piah nikah ka aom usman lalaki nu dipicinta nyi piah,tapi teu lila nyi piah
di candung ku aom usman,ceurik weh nyi piah kulantaran nyesel ninggalkeun ujang kusen demi
aom usman. Tapi nyi piah teu bisa naon naon kulantaran tos jadi takdirna manehna di candung.
Sami jeung nyi piah,ujang kusen ge jadi jalma nu teu bener senggeus papisah jeung nyi piah,sok
maen awewe jeung ngadu,akhirna kulantaran sikapna nu kos kitu ujang kusen di bui.

Anda mungkin juga menyukai