Anda di halaman 1dari 10

nadhom manaqib syekh abdul qodir aljailani qs.

ku bismillah dikawitan # ngadamel ieu syiiran,


hamdalah solawat salam # ka nabi sareng turunan
ieu syiiran eusina # nyariosken manaqibna
abdul qodir jenengana # jaelani eta nisbatna.

lahirna dikampung jilan # kurun opat na ramadan,


ramana jalmi nu soleh # ibadah wengi teu weleh.
tetela pisan nasabna # kalintang luhur agungna,
dugika Rosul ngaitna # nasab nu mulia ayana.

dina wengi dipedalken # karomat nyata nuturken,


ramana ngimpen yen rosul # sahabat dongkap nyarusul
gusti rosul ngadawuhken # abdul qodir dicawisken,
janten pamimpina wali # ku Alloh parantos jangji.

karomat nu katiluna # nyarengan waktos babarna,


sarebu saratus bayi # sadaya jaranten wali.
nu kaopatna teu kersa # nginang diwaktos siangna,
margi ngahurmat ka sasih # romadon mulia tur bersih.
ari anu kalimana # katawis na walikatna, tilas dampal anu suci
# kagungan rosul terpuji.
kapungkur scara ruhani # taktakna munggu ka nabi,
sawaktos miroj nu suci # kadampal agungna nabi.

mugi Alloh ngajantenken # ka urang anu nuturken,


disagala kasulitan # muga aya perbantosan.
karomat wali estuna # buah istiqomahana,
mugi urg kersa nyukcruk # kana elmu jeng pangwuruk.

Gusti Alloh kantos jangji # ka jalma nu cinta wali,


rahmat ampunan na gusti # sareng syafa'at ti nabi.
ilahi robbi panyungken # ti jisim abdi kabulken
mugi2 di angken keun # golongan nu disebatken.

lajeng tuan syekh ditutur # elmuna luhur kamasyhur,


margi bukti tikapungkur # getol tholab jeng tafakur.
singkilna tekad nu kuat # meruhken nafsu nu jahat,
dua puluh lima taun # nyepenken hate disuhun.

ari akhlaq kanjeng wali # bangetna sieun ku gusti


sahingga gampil kaluar # cisoca anu marabay.
kawaris akhlaq anjena # ti kanjeng nabi ngocorna
kawaris kasep rarayna # ti nabi yusuf caangna.

sifatna siddiqna sohabat # adil hilim sarta hebat.


raksukana kanjeng wali # ku sobar tara ngaciri
duh gusti angkeun ken abdi # ka jalmi nu cinta wali
dunya akheratna abdi # sangkan kengeng rido gusti.

lajeng kantos dikisahken # nabi khidir dipendakeun


wasiat ka kanjeng wali # omat ulah ingkar jangji
kanjeng wali dimukimken # salami tilu taunen
duh gusti mukimken abdi # reng jalmi nu cinta wali.

kanjeng wali mah biasa # sholat subuh wudlu isya


deudeuheus kanu kagungan # tara kersa di anjangan
sering katingal cahaya # nyorot ka kamar anjena.
teu liren lirena sora # unjukan bari salamna.

ya alloh robbul izzati # ku mulyana hamba gusti.


mugi ngeclak kana ati # tetesan ti nur na gusti.
ari tangtungana wali # jujur tara ingkar jangji.
tumut patuh ka ibuna # ngabuah rampog tobatna.
shollalloh ala muhamad # shollalloh alaihi wa sallam
sholawat salam ka nabi # ti jalmi nu cinta wali.
dipasihan kanjeng wali # diciduhan tujuh kali
dina letah kanjeng wali # ngazohir iktsir na nabi

lajeng sumping sayyid 'ali # nyiduhana genep kali


kusabab adab ka nabi # nyumponan parentah gusti.
kanjeng wali kasumpingan # saratus ulama nya-an,
gaduh pirang pertarosan #
ku wali diwaler pisan

abdul qodir aljilani # saurang pamimpin wali


pawaris rosul jeng nabi # kakasih terpilih gusti
kanjeng nabi sasauran # ka anjena eces pisan
dampal sampeana wali # luhuren taktak sakari

saha wali nu ngingkaran # bakal ilang kawalian


bahkan kapungkurna bukti # wajib abdas nyebat nami
saur sapalih ulama # kanjeng wali mah biasa
dawam na hirzul yamani # ijazah ti sayyid ali
jalma nu muntang saraya # ka gusti lewat anjena
dipaparin ijabahna # dilebur kabeh dosana.
nun gusti abdi nyuhunken # ka gusti anu ngobulken
ku wasilah kanjeng wali # qobulkena hajat abdi

ampuni dosana abdi # dosa sepuh, guru, wargi.


dosa tikawit kasuhun # mugi dipaparin ampun.
dipaparinan anjena # agungna asmaul husna
matak doana ge matih # nu maot ge hirup deuih

doana ti kanjeng wali # awewe jadi lalaki


karomatna kanjeng wali # kalayan widina gusti
salametna hiji jalma # tina takonan quburna
munkar nakir kantos nyaksi # agungna kakasih gusti

luhungna syekh abdul qodir # tiasa ngarobah taqdir


tangtos karna qudrot gusti # nyarengana tur ngabukti
lajengna kantos kacatur # aya manuk nu diluhur
na luhur mastaka wali # tuluy manuk eta mati.

sholawat salam ka nabi # ti jalmi nu cinta wali


mugi lebet tur ditampi # kami janten umat nabi
ieu manaqibna wali # kakasih deheusna gusti
ngajadiken hiji ciri # kawasa gusti teh bukti

alap² dipaehken # ku bismilah dihirupken


sadaya santri ningali # karomat wali ngabukti
tur para abid nu aya # dimerdekakeun anjena
tur diwusulken ka gusti # sadaya jaranten wali

anggoana abdul qodir # naretes inten di pinggir


ka saha jalma nu menta # kanjeng wali tara nunda
tuan syekh dicariosken # tapa opat puluh dinten
teu tuang sareng teu kulem # damelna deuheus tur ngalem

sawaktos akhir kholwatna # ti langit lungsur tuangna


dijajap ku malaikat # unjukan salam tur hurmat
dina manaqibna aya # tuan syekh dadawuh nyata
jukut cai madrasahna # ka to-un jadi ubarna

qodassallohu sirrohu # wa nawwir doriihahu


wanfa'na bi ulumihi # wa amitna fi hifzhihi
teras kanjeng syekh kacatur # dina manqobah kamasyhur
hayam paeh hirup deui # bukti karomatna wali
kanjeng wali bukti loman # harta banda teu lebaran
kuda mewah dicawisken # piken jalma nu butuhen
bukti tuan syekh nu gagah # taya jin nu bangkawarah
sadaya tunduk tur patuh # estuning jadi pesuruh

nun gusti pangeran abdi # ku berkah manaqib wali


nyumponi kabutuh diri # nyumponi hajat ka gusti
kanjeng syekh kantos ziarah # makam nabi di madinah
asta nu mulia nepangan # diambung tur na emunan

shollalloh ala muhammad # ya robbi sholli wa sallim


shollalloh ala muhammad # ya robbi sholli wa sallim
khoriqna wali nu sanes # nu kamasyhur sarta eces
boborana kanjeng wali # di tujuh puluh na bumi

dina dinten anu sami # sadaya pendak jeng wali


tur salamet hiji istri # tina pasekna lalaki
dicariosken gamparan # tugasna seu2r karuhan
salametna hiji wali # uihna pangkat ti gusti

dua belas pisan bukti # sifatna luber ti gusti


sahingga sengit kamasyhur # agung akhlakna nu luhur
wasta syekh kanji muridna # nyaksi bukti karomatna
sorban hejo hadiahna # mahkota rijal mafhumna

lajeng kantos kabeberken # karomat nu di pedarken


hiji istri anu mandul # palay gaduh putra nyusul
di tingal lauh mahfuzhna # teu gaduh katurunana
teras dedeheus ka gusti # tungtungna wujud ngabukti

tujuh putra dipasihan # ku berkat du'a gamparan


patawis sareng nu gaduh # tina hiji janten tujuh
sareng dina mangsa gentos # mangsa taun anu atos
panon poe ge unjukan # waktos oge lalaporan

manusia sarta bangsa jin # sarta oge malaikat


sadaya nyarungken izin # ngamurid hoyong diangkat
satiap wasta muridna # tikawit dugi tungtungna
kengeng pangbela na wali # moal disiksa tah pasti

munkar nakir kantos jangji # ka tuan syekh widi gusti


moal rek nembongken rupi # nu serem ka murid wali
gusti ge moal rek nyiksa # ka muridna ku naraka
ngahurmat ka kakasihna # ngamulyaken ka Nabina.

manqobah nu salajengna # nutur ajaib ramona


kasaha jalma nu ngenyot # lengit lapar ba'da lesot
sampeana nincek cai # lauk ge nadeuheus ngarti
nembongken budi pekerti # ngahurmat ka tuan wali

hiji waktos kanjeng wali # kholwat dikamar semedi


datang syetan rek mangrupa # ngaku gusti tur ngadoja
kanjeng wali teu katipu # ku iblis nu rek nyaliru
tarompah janten senjata # nenggor setan nu pohara

kanjeng wali tos wasiat # ka urang supaya toat


sareng berbagaina sifat # hade budi tong khianat
sing saha jalma nu boga # hajat nu berat tatamba
solat hajat tur tawasul # ka kanjeng wali nu unggul

silih mulud sabelasna # waktos tuan syekh mulihna


nampi serat ti pangeran # izroil janten lantaran
kirang langkungna nu ringkas # manaqibna anu jelas
mugi mugi janten saksi # tina rasa cinta abdi.
sholawat salam ka nabi # ti jalmi nu cinta wali
mugi lebet tur ditampi # abdi janten umat nabi
wahai kanjeng syekh panyungken # abdi sadaya tetepken
dina catetan gamparan # angken murid tur caangan

ya nabi salam alaika # ya rosul salam alaika


wa yaa sayyid aljilani # wa yaa qutbush shomadani
(alfatihah)

Anda mungkin juga menyukai