Anda di halaman 1dari 6

Khutbah Jumat Bahasa Sunda:

Kaimanan Modal Ngamumule


Kamerdekaan
Khutbah I

‫ الَّذِى َي ْعلَم َما‬،‫صاه‬ َ ‫ ْالم ْنتَ ِق ِم ِم َّم ْن خَالَفَه َو َع‬،‫ضاه‬ َ َ‫لِل ْالم ْن ِع ِم َعلَى َم ْن أ‬
َ ‫طا َعه َوات َّ َب َع ِر‬ ِ ٰ ِ ‫ْال َح ْمد‬
‫ظ َه َره ْال َعبْد َو َما أَ ْخفَاه‬
ْ َ‫أ‬، ‫ أَحْ َمده‬،‫ساه‬ ِ ‫ْالمتَ َك ِفِّل ِبأ َ ْرزَ ا‬
َ ‫ق ِع َبا ِد ِه َفلَ َيتْرك أَ َحدًا ِم ْنه ْم َوالَ َي ْن‬
َ ‫ أَ ْش َهد أَ ْن آل ِإ ٰلهَ ِإالَّ للا َوحْ دَه الَش َِري َْك لَه‬.‫طاه‬
‫ش َهادَةَ َعبْد لَ ْم‬ َ ‫س ْب َحانَه َوتَ َعالَى َعلَى َماأَ ْع‬
‫ َوأَ ْش َهد‬،َ‫ش إِالَّ للا‬ َ ‫ اللٰه َّم يَ ْخ‬.‫طفَاه‬َ ‫ص‬ْ ‫َاره للا َوا‬ َ ‫اخت‬ ْ ‫س ِيِّدَنَا م َح َّمدًا َعبْده َو َرس ْوله الَّذِي‬ َ ‫أَ َّن‬
‫ص ْحبِ ِه َو َم ْن َواالَه‬ َ ‫ َو َعلَى ٰا ِل ِه َو‬،‫سيِِّ ِدنَا م َح َّمد‬
َ ‫س ِلِّ ْم َعلَى‬
َ ‫ص ِِّل َو‬ َ
‫ َوتَفَ َّكر ْوا فِي نِ َع ِم‬، َ‫ اِتَّقوا للا‬،‫ َواذْكروا َآال َء للاِ َوت َ َحدَّثوا أَيُّ َها النَّاس‬،‫َر ِبِّ ٌك ْم َوا ْشكر ْوه‬
ِ ‫ أَع ْوذ ِبا‬، َ‫صدَق ْالقَا ِئ ِليْن‬
‫لل‬ ْ َ‫آن ْال َع ِظي ِْم َوه َو أ‬ ِ ‫ال للا تَ َعالَى ِفي ْالق ْر‬ َ َ‫ ق‬،‫ض ِل ِه َو َال تَ ْكفر ْوه‬ ْ َ‫ِبف‬
‫الظا ِلمونَ ِإنَّ َما ي َؤ ِ ِّخره ْم‬َّ ‫ّللا غَافِ ًل َع َّما َي ْع َمل‬ َ َّ ‫س َب َّن‬
َ ْ‫﴿و َال تَح‬
َ ،‫الر ِجي ِْم‬ َّ ‫ان‬ ِ ‫ط‬ َ ‫ش ْي‬َّ ‫ِمنَ ال‬
،‫وم‬ِ ‫ظل‬ ْ ‫ق دَع َْوةَ ْال َم‬ ِ َّ ‫ َوات‬،‫سلَّ َم‬
َ ‫صلَّى للا َعلَ ْي ِه َو‬ َ ‫ي‬ ُّ ‫ال النَّ ِب‬
َ َ‫ َوق‬،﴾‫صار‬ َ ‫ِليَ ْوم تَ ْشخَص فِي ِه ْاْل َ ْب‬
‫صدَقَ َرس ْوله ْال َح ِبيْب ْال َك ِريْم َونَحْن‬ َ ‫صدَقَ للا ْال َع ِظي ِْم َو‬ َ ،ٌ‫وم م َجابَة‬ ِ ‫ظل‬ ْ ‫فَإِ َّن دَع َْوةَ ْال َم‬
‫ أَ َّما بَ ْعد‬، َ‫شا ِك ِريْنَ َو ْال َح ْمد للِ َربِّ ِ ْال َعالَ ِميْن‬ ِّ ‫شا ِه ِديْنَ َوال‬ َّ ‫َعلَى ذَ ِل َك ِمنَ ال‬

Sidang jumah rohimakumulloh

Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Gusti Anu Maha Suci, Alloh
Robbul Izzati. Dzat anu teu weleh-weleh maparin ni’mat ka urang sadayana ti kawit
urang gubrag ka alam dunya dugika danget ayeuna. Teu kakantun ni’mat taufiq
sareng hidayah sahingga dina danget ieu urang tiasa kempel di tempat mulya dina
raraga ngalaksanakeun netepan jumah berjamaah.

Solawat sareng salam mugia dikucurkan ka panutan alam, panghulu para nabi, yakni
Kangjeng Nabi Muhammad saw. Teu kakantun ka kulawargina, para sahabat, para
tabi’in, para tabi’it tabi’in, dugika urang sadayana anu mugi-mugi dipaparin kakiatan
kanggo turut-tumut kana ajaran mantenna, kalayan di akherat urang kenging
syafaatna.
Hadirin anu dimulyakeun ku Alloh

Sateuacan ngalajengkeun ieu khutbah, khotib wasiat khusus ka diri khotib pribadi,
umum ka jamaah sadayana, hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan ka Alloh
swt. Sabab, takwa mangrupakeun kagindingan keur kaimanan urang. Takwa
mangrupakeun tameng keur urang ngalaksanakeun sagala parentah Alloh, sareng
nebihan larangan-Nana. Mugia urang sadayana sing digolongkeun ku Alloh salaku
jalmi-jalmi anu iman sareng takwa kalayan di akherat bagja ngengingkeun rohmat
sareng rido-Na. Amin ya robbal alamin.

Hadirin kaom Muslimin sidang Jumah anu mulya

Sakedap deui urang baris mieling Hari Ulang Taun (HUT) anu ka-78 Kamerdekaan
Republik Indonesia. Tepatna kaping 17 Agustus 2023. Tujuh puluh lima taun
Indonesia merdeka sanes waktos anu singkat kanggo urang.
Saenya-enyana, kamerdekaan sanes hadiah ti penjajah, sareng sanes hibah ti nagara
deungeun. Nanging kamerdekaan nu diraih ku bangsa urang murni anugrah ti Gusti
Nu Maha Suci ngalangkungan perjuangan para pahlawan, ti kawit harta, harti,
tanaga, dugika darah jeung nyawa.

Teu salah nu diuningakeun ku UUD 1945, yen kamerdekaan bangsa Indonesia teh
nyaeta berkat rohmat Alloh anu maha kawasa. Para pahlawan tos satekah polah
berjuang, ngerahkeun upaya jeung ikhtiar, hingga akhirna Alloh ngairodah maparin
kameunangan jeung kamerdekaan keur bangsa urang. Alhamdulillah ngucap syukur
ka Alloh, dugika danget ieu urang hirup di alam kamerdekaan hasil perjuangan para
pahalawan jeung luluhur urang.

Sakali deui, ngucap syukur sabab ukur Alloh anu ngelehkeun musuh jeung penjajah
bangsa urang baheula:

‫َوهَزَ َم ْاْلَحْزَ َام َوحْ دَه‬


Hartosna, “Alloh nyalira ngelehkeun sadayana musuh.”

Ku hal sakitu kedah disyukuri oge dilebetan ieu kamerdekaan ku urang ku perkara-
perkara anu sae tur manfaat, manfaat keur diri pribadi, keur masyarakat, oge bangsa
Indonesia nu dipikacinta. Katambih jalmi nu teu syukur teh tos diancam ku adzabna
Alloh, sabalikna lamun urang syukur ka Alloh, maka nikmat kamerdekaan eta bakal
ditambih ku ni’mat-ni’mat sanesna, sakumaha dawuhannana:
َ َ‫ش َك ْرت ْم َْل َ ِزيدَنَّك ْم َولَئِ ْن َكفَ ْرت ْم ِإ َّن َعذا ِبي ل‬
ٌ‫شدِيد‬ َ ‫لَئِ ْن‬
Hartosna, “Lamun aranjeun bersyukur, maka Kami bakal nambihan (ni’mat) keur
aranjeun. Ngan lamun aranjeun kalufur, maka (sing emut) siksa Kaula pohara
beurat,” (QS. Ibrohim [14]:7).

Salajengna kumaha nyukuran kamerdekaan ieu? Uih deui kana definisi syukur,
nyaeta ngagunakeun ni’mat sesuai sareng kahoyong anu maparin ni’mat. Nyakitu
deui ni’mat kamerdekaan, ieu kedah disyukuran sareng dieusian ku taat ka Alloh
sareng rupi-rupi kasaean, bade kasaean keur diri pribadi, kasaean keur masyarakat,
sareng kasaean keur nusa bangsa. Hartosna, ulah rek ngeusian kamerdekaan ieu ku
kamaksiatan sareng kakufuran ka Alloh, sumawona ku kamungkaran sareng
permusuhan sasama anak bangsa.

Sakedap deui, urang baris mayunan pesta demokrasi. Hartosna, urang bakal milih
calon-calon pamingpin urang. Mugia urang sing dipaparin para pamingkin anu jujur
tur amanah kalayan anu deudeuh ka sadayana rahayatna. Pamingpin anu tiasa
mayungan ka sadayana warga. Nanging, kade ulah rek dikotoran ku tindakan-
tindakan teu jujur, tindakan saling rendahkeun, saling hina, saling lecehkeun, anu
kadituna matak nganteurkeun kana perpecahan sareng ngajauhkeun tina rohmat
Alloh.

Salajengna, mensyukuri ni’mat kamerdekaan, tiasa dilakukeun ku rupi-rupi kasaean


sesuai tugas sareng kapasitas masing-masing. Anu janten pejabat, nyukuran ni’mat
kamerdekaan, ku ngajalankeun tugas jabatanna kalayan pinuh tanggung jawab. Anu
janten tentara, nyukuran ni’mat kamerdekaan ku cara ngajaga kaamanan nagara
kalayan totalitas. Anu janten abdi nagara, nyukuran oge ngeusian ni’mat
kamerdekaan ku cara soson-soson ngajalankeun tugas sareng fungsina kalayan
amanah sareng pinuh pangabdian. Sareng saterasna.

Intina urang sadayana, bade istri bade pameget, naon wae latar belakang sosial
urang, naon wae latar belakang pendidikan, sareng profesi urang, kedah midamel
amal soleh, sareng didadasaran ku iman ka Alloh. Sabab jalmi nu midamel amal
soleh sareng didadasaran ku kaimanan, parantos dijamin bakal dipaparin kahirupan
anu sae, malahan bakal dipasihan balasan anu langkung sae ti perkara anu
dipidamelna, sakumaha anu diuningakeun ku Alloh dina Al-Quran.

‫َجْز َينَّه ْم أَجْ َره ْم‬ َ ً ‫َم ْن َع ِم َل صا ِلحا ً ِم ْن ذَ َكر أَ ْو أ ْنثى َوه َو مؤْ ِم ٌن فَلَنحْ ِي َينَّه َحياة‬
ِ ‫ط ِيِّ َبةً َولَن‬
َ‫س ِن ما كانوا َي ْع َملون‬ َ ‫ِبأ َ ْح‬
Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu midamel amal saleh, pameget atanapi istri,
sementara anjeuna iman, maka Kaula bakal masihan kahirupan ka anjeuna kalayan
kahirupan anu sae, sareng bakal masihan pembalasan ka maranehna kalayan
pembalasan anu langkung sae ti perkara anu dipidamel ku maranehna,” (QS. an-
Nahl [27]: 97).

Ku sabab sakitu, janten jelas tur tetela kanggo urang sadayana, nu jadi dasar sagala
rupi amal soleh teh nyaeta kaimanan. Hartosna, tiasa disebatkeun percuma midamel
amal soleh, lamun eta amal soleh teu didadasaran ku kaimanan ka Alloh, iman ka
para malaikat, sareng iman ka perkara-perkara nu tos ditetepkeun dina rukun iman
sanesna.

Nyakitu deui urang ngamumule kamerdekaan. Moal sampurna upami teu


didadasaran ku iman ka Nu Maha Kawasa. Sabab, anu leres-leres syukur ka Alloh
sareng kana ni’mat kamerdekaan nyaeta jalmi-jalmi anu iman. Syukur nalika
anjeuna tiasa soson-soson ibadah ka Alloh dina kaayaan lalugina teu aya halangan-
harungan, oge teu aya gangguan kaamanan. Anjeuna tiasa ngabayangkeun, kumaha
upami ibadah dina kaayaan teu acan merdeka. Tangtos moal jongjon. Ibadah dina
kaayaan serba sullit. Ibadah dina kaayaan teu aman sareng pahibutna perang. Leres-
leres matak ringrang jeung honcewang.

Nanging, berkat dua sadayana rahayat Indonesia waktos harita, sareng perjuangan
berdarah-darah para pajuang, Alloh ngalungsurkeun rohmat-Na sahingga terwujud
kamerdekaan sapertos ayeuna.

Ku hal sakitu, hayu kamerdekaan bangsa Indonesia ieu, urang syukuran, mumule,
sareng eusian ku perkara-perkara kasaean kalayan didasaran ku kaimanan.

Lajengkeun, jihad sareng perjuangan para luluhur urang. Nanging, sanes ku


mangrupi perang sareng angkat senjata, Tapi ngeusiannana ku jihad ngalawan
kabodoan, ngalawan kemalasan, ngalawan hawa nafsu anu matak ngusrukkeun
urang kana kacilakaan sareng kasangsaraan, dunya sumawona akherat.

Sing emut ieu alam kamerdekaan teh ni’mat ti Alloh ngalangkungan perjuangan para
pahlawan bangsa. Ulah rek disia-siakeun. Ulah rek dipinuhan ku perkara-perkara
anu nyulayaan kana parentah pangeran. Sumawona lamun dipinuhan ku
kamaksiatan, kakufuran sareng kamungkaran.

Anggur mah sing seueur eling ka Dzat anu maparinna. Alloh swt. Eusian ku rupi-
rupi padamelan anu nunjukkeun kaimanan sareng katakwaan. Eusian ku rupi-rupi
padamelan anu matak nganteurkeun bangsa urang merdeka anu hakiki, maju jeung
bersaing sareng bangsa-bangsa deungeun dina sagala widang. Niscaya, ku iman
jeung takwa mah, jangji Alloh bakal ngalungsurkeun kabarokahan kanggo urang
bakal ngawujud. Jelas tur tetela jangji Alloh dina Al-Quran, bakal ngalungsurkeun
‫‪rupi-rupi kahadean, kaamanan, kamakmuran, ka hiji nagri anu pangeusina ariman‬‬
‫‪sareng tarakwa ka Mantenna.‬‬

‫َولَ ْو أَ َّن أَ ْه َل ْالقرى آ َمنوا َواتَّقَ ْوا لَفَتَحْ نا َعلَ ْي ِه ْم بَ َركات ِمنَ الس ِ‬
‫َّماء َو ْاْل َ ْر ِ‬
‫ض‬
‫‪Hartosna, “Sareng saupamina, saenya-enyana pangeusi nagri-nagri, ariman sareng‬‬
‫‪tarakwa, maka temen-temen mukakeun Kaula keur maranehna, rupi-rupi‬‬
‫‪kabarokahan ti langit sareng ti bumi.” (QS. al-A’raf [7]: 96).‬‬

‫‪Tah geuning kaimanan sareng katakwaan nu janten rahasia keur ngahontal rupi-rupi‬‬
‫‪kasaean Alloh. Nyakitu keneh kaimanan sareng katakwaan anu janten konci keur‬‬
‫‪mukakan kabarokahan Alloh ti langit sareng ti bumi keur nagri urang.‬‬

‫‪Matak hayu urang tingkatkeun eta iman jeung takwa urang, sanes kanten janten‬‬
‫‪modal keur ngeusian kamerdekaan nagara urang anu tos 78 tahun, oge janten konci‬‬
‫‪natratna amal soleh urang dipayuneun Alloh swt.‬‬

‫ت َوال ِذِّ ْك ِر ْال َح ِكي ِْم‪،‬‬


‫ي َوإِيَّاك ْم بِ َما فِ ْي ِه ِمنَ اْآليَا ِ‬ ‫آن ْالعَ ِظي ِْم‪َ ،‬ونَفَعَنِ ْ‬ ‫ي َولَك ْم فِي ْالق ْر ِ‬ ‫ار َك للا ِل ْ‬ ‫بَ َ‬
‫ي َهذَا َوأَ ْستَ ْغ ِفر َ‬
‫للا‬ ‫ي َو ِم ْنك ْم ِتلَ َوتَه‪ِ ،‬إنَّه ه َو الس َِّميْع ْال َع ِليْم‪ ،‬أَق ْول قَ ْو ِل ْ‬ ‫َوتَقَ َب َّل للا ِمنِِّ ْ‬
‫الر ِحي ِْم‬‫ت فَا ْستَ ْغ ِفر ْوه ِإنِّه ه َو ْالغَف ْور ِّ‬ ‫سا ِئ ِر ْالم ْس ِل ِميْنَ َو ْالم ْس ِل َما ِ‬
‫ي َولَك ْم َو ِل َ‬ ‫ْال َع ِظي َْم ِل ْ‬
‫‪Khutbah II‬‬

‫ص ِام ِب َحب ِْل للاِ ْال َمتِي ِْن‪ .‬أَ ْش َهد أَ ْن الَ ِإلَهَ ِإالَّ للا َوحْ دَه‬ ‫لِل الَّذ ْ‬
‫ِي أَ َم َرنَا ِبا ْ ِال ِت ِّ َحا ِد َواْ ِال ْعتِ َ‬ ‫اَ ْل َح ْمد ِ َّ ِ‬
‫الَش َِري َْك لَه‪ِ ،‬إيَّاه نَ ْعبد َو ِإيَّاه نَ ْستَ ِعيْن‪َ .‬وأَ ْش َهد أَ َّن م َح َّمدًا َعبْده َو َرس ْوله‪ ،‬اَ ْل َمبْع ْوث َرحْ َمةً‬
‫ص َحابِ ِه أَجْ َم ِعيْنَ ‪ .‬اِتَّقوا للاَ َما‬ ‫س ِيِّ ِدنَا م َح َّمد َو َعلَى آ ِل ِه َوأَ ْ‬ ‫ص ِِّل َعلَى َ‬ ‫ِل ْلعَالَ ِميْنَ ‪ .‬اَللَّه َّم َ‬
‫صلُّ ْونَ َعلَى النَّبِ ِّ‬
‫يِ‪،‬‬ ‫ارع ْوا إِلَى َم ْغ ِف َرةِ َربِّ ِ ْالعَالَ ِميْنَ ‪ .‬إِ َّن للاَ َو َملَئِ َكتَه ي َ‬ ‫س ِ‬‫ط ْعت ْم َو َ‬‫ا ْستَ َ‬
‫صلَّى للا َعلَى َ‬
‫س ِيِّدَنَا َو َم ْو َالنَا‬ ‫س ِلِّم ْوا تَ ْس ِل ْي ًما ‪َ ..‬و َ‬‫صلُّ ْوا َعلَ ْي ِه َو َ‬ ‫َياأَيُّها َ الَّ ِذيْنَ َءا َمن ْوا َ‬
‫سلَّ َم‬
‫صحْ ِب ِه َو َ‬ ‫م َح َّمد َو َعلَى آ ِل ِه َو َ‬

‫ات ِإنَّ َك َ‬
‫س ِم ْي ٌع‬ ‫اء ِم ْنه ْم َو ْ َ‬
‫اال ْم َو ْ‬ ‫اَللَّه َّم ا ْغ ِف ْر ِل ْلمؤْ ِمنِيْنَ َو ْالمؤْ ِمنَاتِ َو ْالم ْس ِل ِميْنَ َو ْالم ْس ِل َما ِ‬
‫ت اَالَحْ يَ ِ‬
‫الر ِح ِميْنَ ‪ .‬اللَّه َّم ِإنَّا‬ ‫ت بِ َرحْ َمتِ َك يَا اَ ْر َح َم َّ‬‫ي ْال َحا َجا ِ‬ ‫اض َ‬ ‫ت َويَا قَ ِ‬ ‫ْب م ِجيْب الدَّ َع َوا ِ‬ ‫قَ ِري ٌ‬
‫ْ‬ ‫ب َج َهنَّ َم َونَعوذ ِب َك ِم ْن َعذَا ِ ْ‬
‫ب ال َقب ِْر َونَعوذ ِب َك ِم ْن فِتْنَ ِة ال َمس ِ‬
‫ِيح‬ ‫نَعوذ ِب َك ِم ْن َعذَا ِ‬
‫َّال َونَعوذ بِ َك ِم ْن فِتْنَ ِة ْال َمحْ يَا َو ْال َم َماتِ‪ ،‬اللَّه َّم إِنَّا نَعوذ بِ َك ِم ْن ْال َه ِِّم َو ْال َحزَ ِن‬ ‫الدَّج ِ‬
‫س ِل َو نَعوذ بِ َك ِم ْن ْالجب ِْن َو ْالب ْخ ِل َونَعوذ بِ َك ِم ْن َغلَبَ ِة‬ ‫َونَعوذ بِ َك ِم ْن ْالعَجْ ِز َو ْال َك َ‬
‫اب النَّ ِ‬
‫ار‬ ‫سنَةً َو ِقنَا َعذَ َ‬ ‫سنَةً َوفِي ِ‬
‫اآلخ َر ِة َح َ‬ ‫ال ‪َ ،‬ربَّنَا آ ِتنَا ِفي الدُّ ْن َيا َح َ‬ ‫الر َج ِ‬ ‫الدَّي ِْن َوقَ ْه ِر ِ ِّ‬

‫َآئ ذِي ْالق ْر َبى َو َي ْن َهى َع ِن ْالفَحْ ش ِ‬


‫َآء‬ ‫ان َو ِإيت ِ‬
‫س ِ‬‫للا َيأْمرك ْم ِب ْال َعد ِْل َواْ ِإلحْ َ‬
‫للا‪ِ ،‬إ َّن َ‬‫ِع َبادَ ِ‬
‫للا ْال َع ِظي َْم يَذْك ْرك ْم َوادْع ْوه يَ ْست َِجبْ‬
‫َو ْالمن َك ِر َو ْالبَ ْغي ِ يَ ِعظك ْم لَ َعلَّك ْم تَذَ َّكر ْونَ ‪ .‬فَاذْكروا َ‬
‫لَك ْم َولَ ِذ ْكر للاِ أَ ْكبَر‬
Ya Allah, ya Gusti, mung dina kakawasaan Anjeun naon-naon nu karandapan ka
hamba Anjeun, teu aya daya jeung usaha salian kaagungan Anjeun. Ya Allah, mugi-
mugi sadaya nikmat sareng titipan anjeun jantenkeun hamba anjeun anu langkung
bersyukur.
urang dina jalan Anjeun, ya Allah. Curahkeun sagala kurnia sareng karunia anjeun
ka kulawarga sareng murangkalih urang, ya Allah
Ya Allah, Ya Gusti, dina dinten anu anjeun ciptakeun ieu, ajarkeun kami pikeun
salawasna nempatkeun anjeun dina tempat anu paling luhur, sabab kami sadar yén
seringna dunya ieu langkung penting pikeun kami tibatan anjeun, ya Allah.
Ya Allah, Nu Maha Kawasa, Nu Maha Agung tur Nu Maha Kawasa, Anjeun Nu
Maha Uninga, hampura kumaha busukna urang sajauh ieu, hampura sanajan poek
mangsa katukang, nutupan kumaha gorengna. aib kami, hampura kami Ya Allah.
Buka lembar bersih anyar anu ngagantikeun lambar poék, urang baheula.
Ya Allah, ampuni sareng salametkeun ka ibu bapa abdi, daging sareng getihna napel
dina raga abdi, ya Allah. Hapunten upami salami ieu urang kaniaya ka anjeunna,
jantenkeun saumur hirup urang janten murangkalih anu terang kumaha ngabalesna,
ya Allah.
Ya Alloh, lindungi kami tina maot suul ktimah, lindungi kami tina siksa kubur
anjeun, ya Allah
Ya Allah, satukan hati kami dalam ta'at dan keteguhan dalam menjalankan
kawajiban-Mu ya Allah.
Jadikeun kami jalma-jalma anu istiqamah di jalan Anjeun ya Allah. Pasihan sadaya
kamulyaan anjeun ka hamba anjeun, ya Allah .

Anda mungkin juga menyukai