Anda di halaman 1dari 3

Nyawang Sunda, Mesek Buku Oto Iskandar di Nata

Sunan Gunung Djati-Puguh ge matak pogot maca tulisan yasana nonoman belekesenteng saderek Iip D. Yahya, Oto Iskandar Di Nata The Untold Stories. Ceunah kaasup buku best seller, dicitak deui dina wanda anu leuwih ginding jeung leuwih kandel da ditambahan indeks, ditumbu sawatara resensi tina koran, dieuyeuban makalah tina Seminar Kemerdekaan: Refleksi Pemikiran Oto Iskandar di Nata anu dilaksanakeun tanggal 18 Agustus taun 2008 lumangsung di Museum Barli. Oto Iskandar di Nata, keur urang Sunda mah geus teu bireuk deui sok sanajan ari kana lenjeran lajuning laku hirup sareng huripna boh dina uleukan kasundaan atawa aubna dina kaindonesiaan loba keneh anu can pati apal. Waktu keur sakola di SMP jeung SMA asa teu kungsi kawenehan maca biografi anjeuna. Malah tepi ka kiwari lain, masih jadi misteuri utamina patali jeung ajalna anu matak baluweng: tokoh nasional sobat dalit Soekarno-Hatta, Menteri Negara, Anggota KNIP, pupuhu Pasundan anu geus nanjerkeun ajen Ki Sunda, kedah perlaya ditubles belati Laskar Hitam, jasadna dialungkeun ka laut, ngambang di sagara. Dina gambaran Iip mah, Lalu sebuah belati yang terayun dari leher bagian belakang membuat laki-laki itu terhuyung jatuh. Darah mengucur deras. Seorang laki-laki lain yang turut digiring ke tepi pantai juga diperlakukan sama. Tubuh dua laki-laki yang jadi korban itu terapung di atas air. Dan para pemuda pelaku eksekusi itu lalu pergi begitu saja meninggalkan keduanya. Tepi ka ayeuna weuleh teu ka ungkab saha atuh otak intelektual satukangeun perlayana Oto kaasup ku buku anu ditulis saderek Iip ieu. Teuing iraha misteuri ieu bakal ka bongkar. Copelna atuh buku Iip geus naratas sasakala jeung kasangtukang ku naon Oto anu teu tuah teu dosa dicangkalak. Jujur we palebah bag-bagan ieu jarang kalisankeun. Urang anu macana ngan bisa ngurut dada bari ngalengis, singhoreng simanahoreng motif nyamuni ditelasana Oto teh kacida pisan kompleksna. Tuduhan kolaborator Jepang tea, mata-mata musuh anu geus ngajual Bandung satu milyun tea, jeung sajabana. Cindekna mah kakawasaan sok komo mangsa revolusi dina rupa-rupa tabeat jeung lobana kahayang anu beda ti antara sawatara manusa geus

ngabalukarkeun Oto ngambang di sagara dibarung motip anu mateni ngan dumasar kana ukur jeung ceunah. Enya Laskar Hitam ari pelaksana lapangan mah, edas otakna can kahongkeun. Anu matak pikanyeurieun teh deuih dibuka di pengadilan sangges kajadian eta lumangsung lima taun. Didongsok ku sawatara pihak. Soekarno deui matak hemeng padahal boga kakawasaan tapi henteu pernah dipake ngeprak wadya baladna pikeun maluruh sobat dalitna anu leungit. Malah anehna teh deuih ngucapkeun bela sungkawana oge apan sangges lima taun si Jalak harupat wafat. Boa-boa. Tah buku Iip teh dibuka ku cara anu matak pipanasaraneun anu maraca. Misteuri hiji pangagung nagara anu geus babakti jiwa raga pikeun nanjerna nagara. Tragedi tragis manusa anu kebenaran urang sunda anu geus ngawangikeun lemburna. Bumela taya kendatna. Kanyaah jeung kahaatna geus teu diragukeun deui. Beda jeung buku ngenaan Oto samemehna saperti nu ditulis Nina H. Lubis, Si Jalak Harupat: Biografi R. Oto Iskandar di Nata (2003), E. Kosim, Biografi dan Perjuangan Oto Iskandar di Nata, Sri Sutjianingsih (1981), R. Oto Iskandar di Nata (1981), buku benang Iip mah rangu dibacana, moal matak tunduh da miang tina kayid Iip sorangan anu moal rurusuhan nyimpulkeun Oto satutasna maluruh geneologi Oto, tapi ku Iip diantep sina Oto nyalira anu cumarita. Alusna deui Iip lain ngutip tina sumber sekunder tapi langsung ancrub ngotektak referensi primer, ngaguar dokumen heubeul anu moal boa geus bulukan jeung pinuh kekebul. Hiji gawe intelektual lain samanea. Mejehna lamun bukuna pada ngabageakeun. Payus mun koran boh lokalna atawa nasionalna loba anu midangkeun resensina. Gawe Inetelektual jiga kieu teh kiwari mah aranglangka, da gening loba jalma kaasup anu ngaku ilmuwan (Sunda) tapi henteu pernah nataharkeun galur intelektualismeuna dina tradisi akademik anu panceg. Geus puguheun di dunya pulitik mah da anu ngarana infrastuktur kognitif geus ditalapung kamana boa mah, nalar dipangpengkeun diganti ku ritual ngabustam matak ngabodokeun jalma anu ngabandungana. Padahal geuningan pulitisi baheula mangsa revolusi generasi Oto Isknar di Nata mah apan sakitu alencer otokna teh, tukang narulis, biasa polemik, da puguh garetol maca. Ngenaan judul-judul sejena dina buku Iip satutasna ngaguar misteuri tilarna Oto anu masih keneh misteurius, wajib oge dibaca sangkan poto Oto bisa kagambarkeun sapuratina. Malah mandar kadituna bisa jadi tuladan pangpangna keur urang Sunda anu kiwari ceunah keur karandapan panyakit gering nangtung ngalanglayung dina sagala widang: ekonomina estuning eweuh anu bisa diandelkeun, alamna burakrakan, pulitisina pakia-kia malah loba anu ngacapruk mikung teu jelas ideologina kajaba ngan saukur muhit ideologi hedodnis pragmatisme, palebah budaya katepaan paribasa jati ka silih ku junti ceuk Gramscki mah hegemoni tea sabab geus teu ngarasa deui mibanda Sunda. Atra geuning Oto mah henteu gimir ngayonan polemak sok sanajan jeung dulur-dulurna sorangan (h. 43-58). Polemak dina argumen anu jelas sarta henteu ngabalukarkeun bengkahna babarayaan. Atuh eta nalika menang amanah jadi pupuhu PP, geus kacapangan PP teh ngalaman zaman keemasanana mah puguh mangsa dipingpin ku Oto (h. 63-95).

Dina level nasional, kakoncara Oto teh manusa vokal geude wawanen (h. 99-125 jeung 162). Mitos komunikasi urang Sunda heurin ku letah (komunikasi konteks tinggi), keur Oto mah henteu laku. Oto nemrakeun pikiran-pikirana kalawan bruk-brak, taya anu dihiding kelir, taya anu disumput salindungkeun. Nya meureun pigur Oto teh ngahirib-hirib kana model manusa Sunda pra dianeksasi ku Mataram. Manusa Pajajaran anu nyarita saujratna sakumaha ku urang karampa dina naskah Siksa Kandang Karesian, Bujangga Manik, Carita Parahiyangan. Beda jauh tanah ka langit jeung model kamonikasi manusa Sunda kiwari: estuning sarwa heurin ku letah tea, malapah gedang teu uni, sembah depong nurutkeun kumaha anu dibendo. Mun ditanyakeun kasangtukangna ka Kang Ajip, jawabana tandes pisan, karena manusia Sunda menjadi manusia yang paling lama dijajah di Indonesia dan mentalnya sudah berubah menjadi mentalitas manusia jajahan, yang selalu ketakutan dan tidak berani mengemukakan pikiran sendiri karena heurin ku ltah dan sebagai abdi dalem yang setia selalu melihat ka mana miringna nu dibendo . Penjajahan itu terbentang muali dari Mataram (sejak awal abad ke-16) dan kemudian oleh Belanda (sejak abad ke-18) dan Jepang (1942-1945), dan akhirnya oleh dua sistem orde yang tiranik. Lebah intelektualismeu Oto. Moal aya anu cangcaya. Apan Oto sorangan masih keneh bisa mingpin koran sagala (h. 169-176) bari kasibukan di Jakartana saabreg. Di mangsa anjeuna koran Sunda bisa jugala. Keur sakuringeun pentingna Oto teh mun seug niley-nileyna bisa diinternalisasikeun ku urang Sunda kiwari anu sakali deui, keur ngarangrangan. Oto kudu dihirupkeun deui sangkan urang boga ajen. Supaya henteu pareumeun obor, lempah jajauheun tina sakaparan-paran nuturkeun indung suku . Ekspkestasi mobilisasi vertikel anjeuna jadi otokrtik keur urang, nalika kiwari Sunda ngalaman krisis kapamingpinan tong boro-boro di tingkat nasional dalah di lemburna sorangan kaboler. Oto ngalangkungan Iip nemrakeun pentingan ngawangun masyarakat madani di tatar Pasundan, mun geus weueweug wangunana jigana ormas-ormas badag kayaning NU jeung Muhamadiyah anu jaringana aya tepi ka pilemburan saindonesia, boh partey papan atas atawa tengahna dina hiji waktu bakal dipupuhuan ku urang Sunda. Mun geus kieu lain wae ukur jabatan Menteri dalah pingpinan nasional oge tinggal ngarawel lantaran modal sosialna geus nyampak modal intelektualna geus sayagi. Tapa di mandala, tapa di nagara bisa diadumaniskeun pikeun mapag Sunda (jeung nagara) anu kawengku ku ungkara tiis ceuli herang mata, hurip gustina waras abdina rea ketan rea keton rea harta jeung rea harti jiga digambarkeun roman Pangeran Kornel jeung Mantri Jero yasana R. Memed Sastrahadiprawira.***

Anda mungkin juga menyukai