Anda di halaman 1dari 4

RESENSI NOVEL KOLBAT KUWUNG-KUWUNGAN KINASIH KATUMBIRIAN

Judul novel Pangarang Pamedal Taun medal Kandel buku

: Kolbat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian : Tatang Sumarsono : CV GEGER SUNTEN Bandung : Citakan kadua, Oktober 2007 : 0,75 cm

Buntari teu bda ti langlayangan anu keur kokolaban. Beuki tarik angin, anu niupna, beuki luhur ngolab ngapungna. Ari aing naon? Boa-boa geus dianggap anginna. Langlayangan anu keur ngolab, sagemblengna bakal gumantung ka angin. Naha aing rk jadi angin ririh, sangkan manhna buru-buru ragrag deui ka lemah titincakannana? Atawa, naha rk jadi angin lilimbungan, tepi ka manhna terus mumbul, sarta engkena boa dimana bakal ragrag atawa nyangsangna? Anjeun kudu bisa ngararampa diri sorangan. Saha sabenerna diri anjeun th. Terus deuih sasar sing asak. Saha ari itu. Dunya anjeun jeung dunya itu th pajauh pisan. Buntari th ngan ukur kuwung-kuwung anu aya di langit. Mmang ndah lamun kasawang ti kaanggangan, tapi can tangtu bakal karasa jeung karampa wujudna lamun ku urang disampeurkeun. Kuwung-kuwung anu nmbongannana ukur sakolbatan, ukur ngabibita bari pamohalan bakal bisa katwak. Sabab, lamun langit geus cagra deui sabihari, kuwungkuwung bakal leungit tina teuteupan. Anjeun nu geus neundeun harepan, tangtu bakal kuciwa. Kitu saeutik sempalan novel Kolbat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian. Gunadi ketua senat mimiti papanggih jeung budak centil nu ngarana Buntari nyta dina kagiatan POSMA. Unggal taun mahasiswa anyar jadi pangeusi kampus. Ti antara batur saentraganana og loba anu geus diwisuda. Sedeng manhna, geus remen padangagonjak trh meunang gelar MA, Mahasiswa Abadi. Loba teuing gagarapan, nguruskeun rupa-rupa kagiatan dewan mahasiswa jeung pecinta alam da itu tea geuning Gunadi resep ka gunung. Tungtungna kuliah mah kaluli-luli. Buntari atoh pisan bisa deukeut jeung Gunadi sabab, ti baheula og Buntari ngaidolakeun Gunadi. Buntari sok maca artikel Gunadi tentang alam dina Koran da hayang ta jadi wartawan. Nya beuki jadi w Buntari hayang deukeut ka Gunadi th, ti mimiti nguntar-nganteur Gunadi, mantu biaya administrasi kuliah Gunadi, nepi ka ngabantuan Gunadi kaluar ti panjara. Atoh w Buntari di layanan ku Gunadi th. Nnjo pamolahna kitu mah Gunadi kalah hareugeueun. Aya ku anh-anh teuing ieu aww th, ceuk dina hatna. Bt asa ku kakaraeun aing mah. Cacak wawuhna kark mimingguan, pamolahna geus sakitu ahngna. Komo mun geus mulan-maln dina itungan taun. Beu, pisakumahaeun teuing! Jaba budakna neangan perhatian pisan ka manhna, cntil, cngng, crwed jeung ogoan deuih. Pikasebeleun! Najan Buntari ngajak ngobrol atawa mnta solusi ka Gunadi tapi nu ngabandunganna mah ngan ukur tiis tiis wae.

Tapi,ku lila-lila Buntari mr perhatian anu leuwih ka Gunadi, barukna hatna teu bisa dibohongan yn manhna g boga hat. Tapi, manhna og can narimakeun kaayaan yn kahirupan Buntari jeung manhna jauh bda. Buntari beunghar, anak pajabat, resep psta, pasti w geus jauh tina aturan-aturan jeung moral th. Ah geus gorng w ta pipikiran ka si budak ogoan th, katambahan deui pageto pernah cicing di Amerika mangtaun-taun jeung lalaki. Buntari lain calon anu pas jeung lelembutan. Aing mah hayang keretas anu bodas, lain anu geus aya tapak nyurat-nyort batur. Kitu anu jadi pilihan manhna, sanajan dina nangtukeunnana teu bda ti nyanghareupan dilema. Da masing kalah kumaha og, keukeuh teu bisa dipaling yn manhna neundeun hat. Nya minangka balukar tina ta th, batinna teu leupas tina bangbaluh. Hiji poe Gunadi meunang surat. Barang brh ngaran anu ngirimna, ttla Buntari. Brwk disoehkeun, eusina ukur tilu jajar., kaopat tanda tangan anu disambungkeun jeung titimangsa nulisna. Kang Gun Gun, wengi njing sumping nya ka bumi Tari. Tari bade tunangan sareng Tommy. Kehadiran akang dinanti-nanti sekali. Deg karasa aya anu nonjok kana lebah angen-angenna. Meunang sajongjonan mah Gunadi ukur ngahuleng. Ondangan geus dijieun, tinggal nungguan poe prakna ta nikahan th. Tapi nyatana si pangarang teu ngijinan Buntari kawin ka Tommy. Tommy kacilakaan. Atuh ta budak ogoan th sedih kabina-bina. Ti sapk ta kajadian Buntari tara nonghol jeung kuliah. Nya ari Gunadi kacaritakeun karunya ka Buntari, manhna manggihan Buntari, sugan w bisa saeutik ngobatan hatna. Atuh Buntari og ngarasa rada kahibur ku datang jalma nu dipikaresep ku manhna. Kasaha deui manhna mnta tulung jeung cacarita kasedihannana lamun lain ka Gunadi. Tungtungna Buntari cacarita yn manhna keur hamil.. Mun ta mah kungsi disamber gelap tengah poe rng-rngan jigana Gunadi th. Pangpana mah nu disangka ku Gunadi yn Tari th geus teu bener gadis jeung bangor ti baheula, nyatana salah, Tari kagoda ku kalakuan butut Tommy saeunggeus maranhanana tunangan, da kitu soth pdah geus ngarasa deukeut kana poe nikahna. Buntari ayeuna bingung kudu kumaha. Nya manhna mutuskeun milih jalan aborsi, da kumaha deui cnah mah, ra ku balara bisi arapaleun ari diantep nepi ka gede mah apan bapana pajabat, bisi kalah ngaruksak kahormatan kaluargana. Gunadi g teu tga ari kudu kitu carana mah. Tah didieu mimiti kaasih Gunadi jeung Bintari paamprok. Didieu meumeujeuhna urang kabawa kana karomantisan Gunadi jeung Bintari. Nu ahirna, Gunadi nampi Tari dina kaayaanna keur susah. Tari langsung ngarontok Gunadi, terus nyuuh kana dadana bari ceurik semu ditahan. Novel karya Tatang Sumarsono ieu medalna taun 1995. Bahasa dina ieu novel kaitung babari dipiharti, utamana mah ku sakumna rumaja, da ieu novel th ngaguar carita rumaja jaman kiwari. Caritana saluyu pisan jeung kaayaan jeung kalakuan rumaja di ra modern ceuk gaulna mah. Ku kituna carita ieu novel th mangrupa papatah pikeun rumaja sangkan hirup sederhana, nurut kana parntah agama jeung norma, ngutamakeun sakola jeung diajar. Ulah kawas Gunadi, babaturanna mah geus pada digaraw , na ari manhannana Mahasiswa Abadi, da itu geuning kaolo ku karesepna ulin ka gunung, jeung deui ulah sok boga sangkaan gorng ka batur nu tungtungna mah mawa pihanjakaleun.

Intina mah ulah nganilai hiji hal ngan ukur tina luarna hungkul. Ulah og kawas Bintari anu hirup mwah resep psta, nu ahirna kagoda ku tunanganna Tommy da ngarasa geus aman k nikah ta, ngalakukeun kamaksiatan nu ahirna mawa petaka. Tapi salut og ka Gunadi, manhanana bisa tanggung jawab jeung mulungan sasama. Pon kitu deui ka Buntari, anu asalna budak ogoan jeung centil, dimana meunang cocoba mah manhna miboga sikap dewasa. Kolbat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian bisa mawa perasaan urang ancrub kana ta carita. Sanajan aya og rasa kakeuheul ka Buntari ku ogoan, tapi di ahir carita si pangarang bisa mr kesan anu ndah di hate nu maca. Ku kituna, urang moal bisa ngarasakeun kandahaan carita iwal ti maca langsung ieu novel. Tapi, ieu novel th ngagunakeun basa Sunda campuran jeung basa Indonesia. Asa kurang merenah lamun basana diselapan mah. Jeung deui rada ngurangan nasionalisme na kana basa urang. Sanajan kitu og angger ndah, lantaran caritana mr kesan yn ieu carita modern saluyu jeung kaayaan rumaja jaman ayeuna. Novel Kolbat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian bisa mr inspirasi ka urang jeung mr pangajaran moral anu geus luntur dina diri bangsa urang, utamana urang salaku urang Sunda.

RESENSI NOVEL Kolbat Kuwung-Kuwungan Kinasih Katumbirian


Karya : Tatang Sumarsono Taun pangajaran 2011/2012

Kelompok : ADITYA FATHURRAHMAN EMMA AULIA DEWI ISNA SOFIATUDDUHA NUR ANISA JULIANTI XI IPA 3

SEKOLAH MENENGAH ATAS NEGERI 2 CIAMIS


Jl. KH. Ahmad Dahlan No. 2 2012

Anda mungkin juga menyukai