Anda di halaman 1dari 5

Monyet turun naon heula?

Jawaban : Naek heula


Diajak Dahar Kalah naek?
Jawaban : Tukang gali sumur
Naon bedana daun sampeu rejeung onta ?
Jawaban : Ari daun sampeumah di urab, ari onta mah di arab.
Bahasa inggrisna budak cerik ?
Jawaban : I is you
Bahasa arabna jangot ?
Jawaban : Balagadona
Perbedaan Allah, Motor, Monyet ?
Jawaban : Ari Allah mah kawasa, ari motor mah kawasaki, ari monyetmah kawasia.
Di tengah pasar aya naon?
Jawaban : aya huruf S
Luhureun I mah aya naon?
Jawaban : Luhureun I mah aya titik
Bahasa arab na kopeah ?
Jawaban : Wadah hulu
Bumbu dapur anu sahuruf naon ?
Jawaban : U yah
Sato Naon anu sahuruf ?
Jawaban : I kan
Di paraban kalah beugang ?
Jawaban : Batu asahan
Naon bedana nyolok jeung noel ?
Jawaban : Ari nyolok mah kieu ( bari nyolok irung ), ari noel mah kieu ( bari noel ku urut nyolok
liang irung ) :)
Naon bedana sawah, bensin , kamarang ?
Jawaban : Ari sawahmah sakotak, ari bensin mah 2 tax, ari kamarang mah ngeong-ngeong
jetak ( bari neke ).
Perdana mentri jepang anu lahirna di jayapura ?
Jawaban : Kurasa takada
Lamun ker mentas dina sasak, terus di tengah-tengah mangih bangke anu ges bau, muntangna kana
naon ?
Jawaban : muntangna kana irung, da bau bangke.

Boga hui 3 di kali 2 jadi sabaraha ?


Jawaban : sesana 1 da ges dikali 2
Lamun shalat menang naon ?
Jawaban : Menang wudhu
Lima kali sabaraha anu eusina 17 ?
Jawaban : lima kali solat
sisi-sisna daging na, terus tengah-tengah na aya kacangan naon ngarana? mimitina huruf na teh M
tungtung na K .
Jawaban : Martabak
Aya buluan, aya enogan, dimana lamun arek di pake sok heuras, mimitina K tungtungna L naon
ngarana ?
Jawaban : Keuteupel
Anu bongkok sarena kumaha ?
Jawaban : peureum
Kasur naon anu nyeuri ?
Jawaban : Kasura
Aki-aki ragrag sila ?
Jawaban : Tai munding
Di toel hipu, di takol ngabelentrang ?
Jawaban : Tai kotok napeul dina tihang listrik
Sato naon anu pangleutikna ?
Jawaban : Cacing, sabab sireum cacingan, tongo cacingan jadi nu pang leutikna cacing
Sato naon anu panonna dina suku, irung na dina suku, lengen na dina suku sagalana dina suku ?
Jawaban : sireum katincak
Pang nyeubutkeun lima macam ngaran buah-buahan tapi kudu sakali kecap ?
Jawaban : Rujak
Di asupkeun kalah kaluar ?
Jawaban : Kancing
Asup tina beuteung, kaluar tina tongong ?
Jawaban : Tai sugu
Gunung di tugar, bendera berkibar ?
Jawaban : nu keur ngakeul
Nu di akod maju, ari anu ngakod na cicing ?
Jawaban : pancuran

1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
2. Hayam naon anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
6. Bangku naon anu bisa didahar? (Bangkuang)
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut! (Rujak)
8. Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat? (Aki-aki make iteuk jeung kacamata)
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet. (Cau)
12. Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik. (Kareta api)
14. Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
15. Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan. (Sireum make helm)
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? (Piring bolong)
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
20. Naon sababna ban mobil tina karet? (Mun tina coklat pasti digembrong)
21. Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini? (Sarimie renyah, nini-nini renyoh)
24. Pribumi di luar ari semah di jero. ( Tukang beca jeung panumpang)
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. (Tai kotok napel dina tihang listrik)
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung? (Kalangkangna)
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? Buahenol
30. Jam naon anu bisa nembang? (Jamrud)
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)
32. Pare naon anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)
33. Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
35. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri sukuna)
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
38. Budak dugul asup kana embel. (Cilok)
39. Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)
40. Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur
ngapung)
42. Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
43. Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
44. Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes teh ditiup
deui)
47. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran kumaha carana
hayang miheulaan ban hareup)

49. Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab teu make kaca
spion)
50. Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)
51. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din (Pa Haji Samsudin)
52. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
53. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)
54. Supirna opatan ari panumpangna saurang. (Pasaran)
55. Buah naon anu tara diala? (Buah murag)
56. Piramida di jerona aya harta karun. (Bacang)
57. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti
titinggi, naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna)
58. Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina kareta api nu keur
maju)
59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
60. Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
62. Sukuna hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
63. Ka handap muka ka luhur nutup. (Seleting)
64. Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)
66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar saminggu)
67. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,)
jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana? (Anjing baseuh)
68. Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
69. Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
70. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu seuri eta huluna)
71. Naha superman bajuna make hurup "S"? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
72. Hiji diala ari loba teu diala. (Huis)
73. buah naon anu sok diwedak? (Kesemek)
74. Tangkal naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung)
75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan kukuna nu sok dibabawa ku
tukang jamu)
76. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina
beuteung. (Orok nu keur dikakandung ku indungna)
77. Sapedah naon anu bisa ngapung? (Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur
ngapung)
78. lauk naon anu bisa hiber? (Lauk Indosiar)
79. Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
80. Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti luarna)
81. Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
84. Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
85. Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
86. Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham yaDel Piero)
87. Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
88. kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
89. Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
90. Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
91. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na
leeh kapanasan)

92. Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)


93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
94. Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
95. Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
96. Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
98. Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
99. Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
100. Akar di luhur, pucuk di handap. (Janggot)
101. Asup tarik kaluar laun. (Leho)
102. Bisa turun teu bisa naek. (Hujan)
103. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
104. Budak dugul loba kutu. (Onde-onde)
105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
106. Dicabak aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
107. Dicukur buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
108. Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
109. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
110. Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
111. Diudag lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
112. Gunung bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)
113. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
114. Indungna cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)
115. Nangkub dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
116. Oray hejo panonna loba. (Peuteuy)
117. Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit)

Anda mungkin juga menyukai