Anda di halaman 1dari 2

Biantara Paturay Tineung

Assalamualaikum wr. wb.


Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi.
Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu
urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni acara Paturay
Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada
tamat diajar salami tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring
saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui.
Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal
harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan
anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah
pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh
di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon
gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten
panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru
sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca
tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun.
Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring
saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun dua,
pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging
ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin
Bapa kalih Ibu guru, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu
sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng
paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana.
Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring
neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan
sareng kaluluputan.
Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu
lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya
halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur
Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah,
kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda
hapuntenna

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalualaikum wr. wb.

Anda mungkin juga menyukai