BERITA BASA SUNDA
Sumber Berita : SCTV ( Liputan 6 SCTV )
Topik Berita
: Dekan Pangngorana di Universitas Indonesia
Rangkuman Berita :
Firmanzah,Ph.D mangrupikeun Dekan Pangngorana sapanjang sajarah
Universitas Indonesia. Dina yuswana anu nembe 32 taun, anjeunna tos
meunangkeun jabatan janten Dekan
Fakultas Ekonomi UI di Depok, Jawa
Barat.
Firmanzah ngajabat janten Dekan FEUI saatos anjeunna ngarengsekeun
pendidikan
S2
sareng
S3
di
salah
sahiji
Universitas
di
Perancis.
Kasumpingannana disambut positip ku para mahasiswa FEUI, mahasiswa FEUI
ngagaduhan pamadegan yen Dekan anu enggal mingpin di FEUI ayeuna masihan
harapan anu sae kangge kamajuan FEUI. Kumargi, salian ti kaahliannana anu
sae dina mingpin, anjeunna oge ngagaduhan kapribadian anu sae.
Namung, aya oge anu ngagaduhan anggapan pesimis perkawis Dekan anu
enggal di FEUI ieu. Anjeunna dinilai kirang matang kangge janten Dekan di
FEUI. Pamadegan ieu dilontarkeun ku Prof.DR. Prijono Tjiptoherijanto anu
mangrupikeun guru ageung di FEUI.
Firmanzah ngarasa kuciwa kana pamadegan anjeunna anu ngaragukeun
kamampuannana. Kumargi, Firmanzah tetep yakin yen anjeunna
ngamajukeun FEUI janten langkung sae.
tiasa