Anda di halaman 1dari 3

assalamualaikum warohmatullah....................... hiwabarokatuh , , , .

) (
Alhamdulillah, kalayan kurnia allah anu maha Rahman urang sadaya dipaparin panjang yuswa tiasa nyorangan sasih Rabiul awal taun ieu. Ieu sasih tos teu bireuk deui, malah tos masyhur katelah sasih mulud, tetegesna sasih dilahirkeunnana kangjeng nabi muhammas saw. Opat belas abad anu kalangkung. Anjeunna kakasih gusti anu maha suci anu di damel panutup sadaya nabi sareng rosul, anu nyandak rahmat keur sakumna alam. Muhammad Saw. Dilahirkeun dina wengi senen memeh subuh kaping 12 robiil awal taun Fiil atawa taun gajah. Kaleresan kaping 20 april taun 571 masehi. Dugi ka taun ieu mah parantos nyorang taun-taun sareng abad anu panjang. Mugi-mugi ieu sasih mawa atsar tegesna pangaruh anu mawa parobahan anu utama pikeun kamaslahatan hirup urang dina waktu anu bakal datang. Upami urang nyawang kana mangsa sateuacan kangjeng nabi mahammad Saw. Lahir, tangtos kasawang kaayaan dina alam jahiliyah, kirang langkung 6 abad sabada pupusna kangjeng nabi isa As. Umumna mah disakuliyah dunya khususna di tanah arab, dikeput ku pepeteng kajahiliyahan karuksakan dina sagala bidang. Dian mental, manusa-manusa geus nyarembah muja-muja ka berhala ka patung-patung meunang nyarieun maranehannana. Anu sabenerna darajatna leuwih rendah ti manehannana.

Dina bidang ekonomi, si raja kaya nindes, meres jalma lemah. Ku sabab sistim riba geus jadi biasa. Moral geus draruksak ku mabok, nginum arak, ngadu, maling, zinah jeung sajabana. Akhlak akhlak anu bejad nerekab, nipu geus jadi kalakuan anu ngabaku, ngarah ngarinah ngarah ngarinah dianggap pagawean anu lumrah, jlir jangji geus jadi papas diri, nyakitu deui palacuran, pangaduan, pamabokan, geus jadi kabiasaan. Eta kamaksiatantehgeus sumarambah rata, ti mimiti ray at leutik nepi ka kelas bangsawan jeung para pajabat anu nyekel kakawasaan. Akibatna kaayaan jadi teu aman, timbul parampogN, Pembegalan, boh harta atawa jiwa, sabab masing masing wungkul mentingkeun dirina sanajan anu sejen kudu cilka. Hokum masyarakat anu berlaku katelah hokum rimba anu kuat eta anu meunang sanajan salah,sanajan bener tetep eleh da teu boga kakawasaan. Dina waktu eta hokum kamanusaan henteu berlaku, kasopananan jeung tatakrama ngan tinggal ngaran, kaadilan ukur aya dina impian jalma lemah anu tunggara sangsara. Kukituna nyawa manusa geus teu aya hartana. Anu kuat anuwani sarugih mukti,lain ngan ukur ku harta benda. Tapi ku istri istri parekan. Balatak kaum budak, manusa geus leungit sifat kamanusaanana. Kalayan welas asihna gusti Allahka manusa, anjeuna ngutus hiji rasul anu pinunjul nabi anu sinelir anu jadi rahmat kasugria alam. Anjeuna nabi sareng rasul panglimaperang anu tangguh, pahlawan utama hij tokoh pulitik anu moal aya tandingna, abdina Allah anu saantero kahirupanana dibaktikeun pikeun nohonan bakti ka Allah ngemban tugas risalah sareng dawah anu mangrupi darma bakti sici boh dina pandangan Allah atawa pandangan ka manusaan. Anu nepi ka akhir zaman dibaktikeun, ratusan juta manusa unggal waktu nyebut nyebut

jenenganana, mieling jasa jasana, neuleuman jeung nalungtik pangajaran jeung

tuntunannana. Jutaan mujahidin mubaligin rela berkorban pikeun ngabela sunnahna, merjuangkeun ideolohina, ngarawat sarta miara pusaka kakantunanana . Ahli sajarah, ahli filsafat, ahli ilmu masarakat, ilmu jiwa, ilmu kanagaraan jeung sajabana, dina buah buah fikirannana. Atanapi gerak langkahna, seueur dijiwaan kuajaran anu dicandak ku Rasulullah . margi anu di candak sareng

didawuhkeunana mangrupi hak bebenaeran sajati anu jadi udagan sakumna tingkatan manusa, pikeun padoman hirupna. Mangka bagja jalma anu nyekel

sarta tumut kana eta padoman, sabalikna cilaka jalma anu teu nyekel sartateu tumut kana eta padoman. Urang sadaya kacida untung tur bagjana jdi umat kangjeng nabi Muhammad, jadi ummat anu ngagaduhan padoman mangrupi Al Quran sareng sunnah Rasul, mung kantun ngagunakeunana pikeun kasalametan. Ku margi sim kuring aya ondangan di kampung sabelah, ku margi kitu dicekapkeun dugi ka dieu, hapunten anu kasuhun. Margi lamun dipanjangkeun oge nyugak, komo dipondokkeun bakal nyogok

........ .....

Anda mungkin juga menyukai