Anda di halaman 1dari 9

BUBUKA

Assalamua’laikum Wr. Wb.


Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.
Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan
parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang. Bismilah,
purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun
nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara
bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan
wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahankatelahna,tempat anyar pangharepan
sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang,
sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna
kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan
manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget. Tutut
gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN

Bismillahhirrahman nirahim

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah
rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-
anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga
maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga. Peryoga manusa pangesi
dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti
sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .

Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.Namung kedah di bejer
beaskeun,kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade
di lantunkeun ku ____________________________

Ngahaturkeun nuhun ka ____________________ Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam


ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya
anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”.

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya
mamnahan, aya naon nya pamaksadan. Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.
Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten
pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon
panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa
aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina
hate.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng
cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna mangga
nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar
cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu
turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana

Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku
Ibu calon panganten istri.Nusanes namah di antaykeun wae.
(Mangga calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).
AKAD NIKAH

Para wargi sadayana,

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na
dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih Ng_____________cep
__________________.

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para
wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak calon panganten istri ka
luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah...........................................................

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a
ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka


pangersa_____________________)

DO’A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan
Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana
do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa __________________ di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata
titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

Assalamua’laikum Wr. Wb.


Ibu-ibu, Bapa-bapa sareng para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring. Sakumaha
ka uninga ku urang sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos
sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita, nyaeta minangka pamuka acara.
Babasan pandika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah
seureuhna. Neda panyaksen ti sadayana ieu acara bade dikawitan.

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun dina
pingping haturan wilujeng sumping, di wewengkon ........, tempat pangaharepan sarakan keur
kulawarga. Ka pihak calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga
geura hiyap calon panganten pameget miwah rombongan.

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna
kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah,
ku ibu atanapi wawakil ti pihak calon panganten istri (mangle di kalungkeun), salajeungna
dihaturanan linggih ka calon panganten pameget miwah rombongan, di tempat anu parantos
disayogikeun.

Bismillahirrohmanirrohim
Ashadua ala ilaha ilalloh wahdahulasyarikala, waashadu anna muhammadan abduhu
worosulluh.amma ba’du.
Alhamdulillah puji sinareng syukur urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat, kalayan aya dina
kasehatan, bingah ka giri-giri bagja kumbayangan dina dinten ......, ping ........, dua insan parantos
jangji pasini pikeun nyucruk galur sunah rosul, baris ngahiji ngajatukrami. Ngadahupna
neng...........................putrina bapa .................. kalih ibu.............. ka cep ......................... Putrana
bapa ................ kalih ibu..............

namung sateuacanna sim kuring pun ........, baris ngadugikeun rundayan acara nu baris di pedar, di
antawisna;
1. Bubuka
2. Lantunan kalam illahi Ku : .........
3. Seren sumeren ti 2 pihak calon panaganten
- Panyerahan ti pihak calon panganten pameget ku:
- Panampian ti pihak calon panganten istri ku :
4. Simbolisasi seserahan
5. Walimatul urusy /akad nikah *ku petugas KUA
6. Sungkeman
7. Tutup

Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim kuring, sumangga pikeun
muka ieu acara urang sasarengan maos basmallah.Bismillahirrohmanirrohim.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara salajengna urang sami dangukeun lantunan kalam
ilahi nu baris di lantunkeun ku pangersa ........ Waktos sareng tempatna mangga nyanggakeun.

Ngahaturkeun nuhun ka kersana ......... Nu parantos ngalantunkeun kalam ilahi, malah mandar
janten panambih nambih kaimanan sareng kataqwaan urang sadayana. Amin.

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah
rombongan, pamali mun dilami-lami komo dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi, didago-dago ti bareto,
ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo
nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga. Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul,
namung kedah disarengan ku ucap.
Ku kituna, sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun
kanggo ngadugikeunana.

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten
pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu
dimaksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun tali babarayaan.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna rupina bade nyerahkeun calon
panganten pameget sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita.
Kanggo pang walerna
baris di langsung didugikeun ku sesepuh ti pihak calon panganten istri, kanggo pangersa, sumangga
nyanggakeun waktos sareng tempatna.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar
cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu
turun guesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Salajengna simbolisasi seren sumeren mangga ka ibu calon panganten pameget kanggo
ngadugikeunana ditampi ku ibu calon panganten Istri. (cacandakan nu sanesna tiasa dipapaykeun ka
lebet).
Para wargi sadayana,
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada,
koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih, ngadahupna Neng ...........
ka cep ............
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja nyaeta neda panyakseni ti para wargi
sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.
Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama, nyanggakeun waktosna.
...........................................
Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a ti
sadayana, akad nikah parantos engse kalayan lancar, mugia dua insan nu nembe resmi ngajadi tiasa
sarendeuk saigel, sabobot sapihanean, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, dina ngawangun
rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah. Amin...

Acara salajengna diteraskeun kana sungkeman, ka dua panganten sumangga sungkeman ka sepuhna
nyuhunkeun widi kanggo ngarambah rumah tangga nu baris dibina.
Ibu-ibu, Bapa-bapa miwah para wargi hormateun simkuring, rupina rundayan acara ti munggaran
dugi ka akhir parantos rengse dipedar kalayan aya dina kalancaran. Mugi urang sadayana aya dina
panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya
dilajengkeun kana do’a. Kangge mimpin do’a, mangga ka pangersa .................. dihaturanan.
Sim kuring pun ........... baris amit mundur amit mungkur, hapunten anu kasuhun bilih aya basa nu
teu luyu sareng undak usukna, bilih luhur saur bahe carek, rumaos sanes ahlina, kanggo nutup ieu
acara sumangga urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirrobil
alamin.
Hatur nuhun, wassalaualaikum wr.wb.
Kanggo para tatamu aya hidangan ala kadarna ti sohibul hajat, ku kituna sumangga dihaturanan.
‫الحمدهلل الذي احل النكاح وندب اليه وحرم السفاح ووعد عليه اشهد ان الاله االهللا وحده الشريك‬
‫لهو واشهد ان محمدا عبده ورسوله اللهم فصل علي سيدنامحمد وعلي ال سيدنا محمد وصحبه‬
‫كرام البرره امابعد‬
Sugrianing puji hayu urang sanggakeun ka dzat anu maha agung Alloh Azza wajalla, sholawat kalih
kasalametan hayu urang sanggakeun ka junjunan ‘Alam kanjeng Nabi anu linuhung tur agung,
Habibana wanabiyyana Muhammad SAW. Katut ka Kulawargina, para sahabatna tug dugi ka urang
samudayana anu ngaku janten ummat mantena Amin.
Para sepuh anu linuhung, para pupuhu papayung ieu nagri, para tamu anu gararinding, hadirin
kadang mitra samudayana nu teu tiasa diwincik hiji2na, pribados atas nami kulawarga
Bapa......sareng ibu..... ngaraos bingah amar watasuta pareng disumpingan ku palawargi
samudayana, dina acara nemrakkeun kabingah nyaeta Seja Walimatul ‘Urusy anu janten putrana
anu jenenganna wahyu........ anu maksad bade di dahupkeun ka neng Lia......... dina danget ieu,
ananging pamugi palawargi ageung tawakufna saupamina tinangtos panampian tatamu tebih tina
nyugemaken, sakieu ayana, hapunten sakalideui hapunten.
Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu utama, malati ligar na ati, campaka mangkak na
dada, kembang tanjung nu gumulung, sumangga acara dipitembeyan. Lalangse panyana hate,
mapag balebat dibeulah wetan, rek ngembat taya simpangan, namung memeh kebat nya lumampah
pribados anu kapapancenan janten panungtun ieu acara seja ngawincik rentetan acara anu bade
dipedar, nyaeta
1. Seja Bubuka anu awal ku aosan basmallah, sabab
Hadirin kadang mulya sadayana ! Mun balayar tanpa kamudi, Palang siang katambias, Mun hirup
Tanpa kendali Palang siang bakal sasab, Poekeun jalan, leungiteun udagan, ngan bagja keur
sakumna umat islam hirup teh boga pedoman, biktosna kitab suci al Qur’an. Bisi leumpang pareng
sasab mun balayar pareng katambias, rampang reumpeung poekeun jalan sorangan, sangkan manah
jadi caang, guligah ku katengtreman kalayan maksad ibadah, sumangga urang sami-sami
dangukeun aosan ayat suci al-qur’an anu bade digalindeungkeun ku sdrk...... , simangga anu
kapapancenan dihaturanan.
Panganteur nganuhunkeun
Galindengna kalam ilahi mapaler hate nu cape,ngupahan manah nu susah, rembes nembus kana
sanubari, sumarambah kana bayah, sumeleket kana hate, nyaliara minuhan awak, sok komo upami
ngartos maknana, cacak dirarampa oge geuning nikmaaat karaosna. Dedeul du’a, mugia ageng
manfaatna husus kanu ngaosna, oge walatra ka urang sdayana, Amin.
2. seren sumeren bakal panganten, dikawitan ku nyerenkeun bakal panganten pameget.
Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, manggih beja, aya jajaka rek nyaba, rek nyusul
jangji pasini, rek ngaguar subaya nu katunda, brul ngagimbung, bral ngarantay, legeudeut
aleutanana, kalayang kalakay ragrag. Gurat badag pasejaan para tamu tos kateguh, namung
wincikan pangeusi galih, guaran kandungan manah, eta mah tacan katorah, geusan ngabejer
beaskennana sumangga wawakil ti para tamu dihaturanan tandang makalangan.
3. Panampian calon Panganten pameget ku atas nami kasepuhan panganten istri.
Dulur- dulur anu sami hadir ! sakitu pisaur sepuh, wawakil ti para tamu, diguar paragat nemrak,
sihoreng simana horeng, keuna kana paripaos, hayam kasintu, seja ngambil tuangputra purah nutu,
purah nyangu, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit, purah tunggu imah gede, kitu na teh
bari nyekel tutungkusan. Gunung luhur aya tutugan ku jangkungna. Sagara mayakpak lir tanpa tepi
ku legana. Bawiraos ka bingah pribimi mah langkung tikitu. Giliran nu kasumpingan, enggal geura
bageakeun wae, ka sdrk anu kapapancenan dihaturanan kapayun.
lajeng seren sumeren Simbolik
Guar pasejaan paragat nemrak, panampian kakuping jentre, namung, naon nu kasanggakeun, sareng
nu katampi nembe babasaan, taeis tampan tinampan ti dua pihak, seren sumeren simbolik,
sumangga cacandakan nu bade kadugikeun di ka payunkeun, oge wawakil tatamu sareng wawakil
pribumi anu bade seren sumeren, mangga majeng kapayun..
4. Acara pokok/Inti Akad Nikah
Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada. Hate ratug tutunggulan, mareng cinta jeung cita rek
diamprokeun, panganten pameget wasta........, nu kasep. ka panganten istri watana... nu geulis. Mun
kamari kungsi aya carita, antara dua waruga aa jeung teteh nu wayahna katunda heula samemeh
masing-masing boha tihang geusan pamuntangan. Basa jalan sisimpangan geus ngabulungbung, aa
mah mengkol ka kenca, si teteh mah mereun kakatuhu. Udagan tunda na dada. Aa sareng teteh
kiwari jalan teh tepung ngahiji deui, prak bageur geura leumpang babarengan, mapay jalan nu
ngembat taya simpangan.
Para hadirin sadaya !! Aya manggah manjing asak, ditotog lebah gagangna, puguh we aya jalan
komo meuntas, mobok Mnggih gorowong, ku urang sami kasakseni, yen sepuh dua pihak sami
ikrar, manah rumojong kana kahoyong para putra/i na, manjing kana sisindiran :
Batu turun keusik naek itu purun abdi ge daek. Ieu wayang itu wayang, wayangna wayang arjuna,
itu hayang ieu hayang, hayangna kabina-bina. Keur mungkas carita lagas, lalkon waktu rumaja, jog
anjlog kadunya anyar, duh ieung laksana kabale nyungcung, gapuraning rumah tangga, bakal
sasalimpetan sareng susulumputan. Kantun rukun nu utami, nyatana AKAD NIKAH nu dia nati, ka
patugas KUA nyakitu ka bapa Amilna, dihaturanan ngagarap hancenganana.
Panganteu Du’a
Runtuyan saur piwuruk, ranggeuyan fatwa piwejang, ngagalindeng matak nineung, keur obor
dimana poek, keur iteuk dimana leueur, batur ledeung waktu keueung, batur bungah mangsa susah,
paragi nyaliksik diri, ngarampa jeung maca awak, hatur sewu nuhun ka pangersa....., Muga ageung
manfaatna, amin ya robbal alamin.
Giliran nu panungtungan acara, urang lekasan, geura panteng mapat do’a. Minajat kanu kawasa,
minangka jajap panganten, rek nuju bahtera rumah tangga, geusan pinanggih jeung kabagjaan,
kanggo nyesepuhan du’a, di suhunkeun ridho galihna ka pangersa...........
Panutup:
Tutug Rampung tuntas paragat, magga urang sami-sami rampak ngaos HAMDALL

Anda mungkin juga menyukai