Anda di halaman 1dari 5

Carita bersambung USTAD MIFTAH

[[9:31 AM, 12/21/2018] Ustad Miftah: Ti Cilanggari ka Bunijayateh sasatna ti kampung ka kota, jarakna
8 km. Poe senen Sabada shalat subuh, bari rada tunuh keneh, kuring ngalangkah nemus tiisna subuh,
tas butut warna hideung nu aya tulisan ITB disoren dina taktak. tas teh karaos rada beurat, lantaran
dijerona aya 4 ltr beas, gula saganu, sapotong sabun cap tangan, pakean jeung sangray sangu menang
ema.

Leungen katuhu nyekel oncor nu panyang. Eta oncor ngahaja dipanyangkeun ngarah sakalian keur
nyingsieunan anying mang Sodin di Tegalega nu sok ngagogog matak seber kana jantung.

Di Sindangpalay obor dipareuman, da tos mimiti caang. Ti imah kuring berangkat duaan jeung si Asep
Mulyana, di Tegalega kadang sok penak sareng Asep Suherman, teh Ela sareng Enang N.

Ti Sindangpalaymah nu leumpang teh beuki loba, lantaran katamihan dijalan. Aya Rini, Sri, Rohaeti, si
Alo jeung nusanesna.

Seuseueurnamah babaturan leumpang teh ti SMP, nu ti MTS mah saalit.

Asup ka kebon pines Legok jeruk, hiji tempat anu kacida endahna disarengan ku hawa anu seger matak
betah nu lumampah,

nu leumpangteh beuki rame, diselangan ku ngobrol bari heureuy gogonjakan silih ledek, kadang2mah
sok bari nyanyi. Harita kuring rada kaget, babaturanmah nyanyinateh lagu pop, lagu Ebdang S Taurina
'cinta sedalam lautan atlantik, lagu Ratih P. Lagu Jamal Mirdad, Ebit sareng rea-rea deui, ari kuring nu
apalteh lagu Roma Irama, 'apa artinya malam minggu, begadang rrd. Atawa lagu Arapik 'jangan2
samakan'.

Parat Legok Jeruk, jalan mimiti turun. Tina mumungang pasir, katempo indahna palemuran Cibodas,
imah2 penduduk diselingan ku tatangkalan nu ngagedod hejo, jalan satapang ngalikeur ciga oray cai
nu keur ngojay. Tidinyamah leumpang teh rada gancang dan jalana mudun, malah sok diselingan ku
lumpat sagala.

Cag. Bersambung

[3:25 PM, 12/21/2018] Ustad Miftah: Sambungan:

Seep tungturunan Cibodas terus mapay jan nu datar. Jan datar teh ngalangkungan cukang, tangkal
caringin ageung sareng pabrik sereh. Seep dataran jalana nanyak deui, teras datar, teras turun deui
dugi ka Kubang.

Ditempat eta ciri2 kota tos katingal, jalan rada sae, mobil nu narik daun teh sering ngalangkung.

Ti Kubang katingal jalan satapak ngalangkungan kebon teh, nanyakna kabina-bjna, jalan taneuh
beureum nu pami hujanmah kacida leueurna, pami halodo jadi kubangan lebu nu ngebul mun katiup
angin, lebuna ngabumbung kaluhur, teras murag nyimutan daun teh disakurilingna.

Ahirna tanyakan kebon teh oge bisa diliwati. Ti puncak kebon teh pamandangan kackda endahna,
sakurilina amparan teh nu hejo ngemplok, saperti jutaan permadani nu diamparkeun, disekjnfab ku
tangkal menee jeung ambasiah. Dina kai manuk cangkureung jeung jeung tikukur patemalan namahan
indahna alam.

angin isuk ngahiliwir kana pipi jeung ceuli ...


Cag ah asar heula

[5:41 PM, 12/21/2018] Ustad Miftah: Parat mapay2 kebonteh nu teu pernah ngabosenkeun, bras ka
warung kupa. Barudak nu bade sarakolateh ngaburu heula ka warung ma Imong caket SD. Warung ma
Imong teh warung asakan, aya bala2, goreng tempe, tahu, ciwang, goreng cau, odading, kueh ali
sareng rea2 deui. bungkusan sangu dibuka, laukna cekap gorengan nu aya di eta warung, kadang
bala2, goreng tempe atanapi tahu.

Barudak dalahar meni ponyo pusan, malum tis jalan jauh. Diwarung eta pisan hiji waktumah
tetempoan kuring teh musat ka hiji wanoja nu metak ngageterkeun kana hate, duka teung naon
sababna, teu pupuguh, hate ngadon nteredet dag dig dug teu pararuguh.

kuring ngagerentes dina hate, aeh2 saha eta wanojateh nya? Meni geulis pisan, angoan putih biru
rapih pisan, wajah opal, irung rada mancung, pipi ngadaun seureuh, gado enog sapotong, rambutna
hitam terurai mapaesan wajah nu teu elat senyum, pami gumujeng katingal ebreh waos bodasna,
sorana merdu manja seperti sora Ifonerus pemeran Lasmini dina sandewara Saur Sepuh, gerak-
gerikna lincah sonagar seperti Eli Ermawati adik kandung Brama Kumbara...

Terrrr hate ngageter.

Ah, lamun kuring...

Ah...

ah lamunan kuring kagebahkeun ku si Asep nu ngajak dahar. Mif dahar mif, maneh rek jeung naon?

Kuring ngarenyak tina lamunan bari ngajawab

Jeung goreng tempe we urangmah Sep.

Sajoroning daharteh hatemah anger manteng ka wanoja nu tadi,

Kuring bener2 hoyang pisan kenalan, hayang pisan janten sobatna, beh ditunamah hoyobg pisan
janten ...na

tapi kumaha ngamimitianana nya?

Ahirna kuring tepi ka Sakola MTs Bunijaya nu letakna lebakeun terminal bus Bandung Bunijaya.

Cag

Bersambung

[8:20 PM, 12/24/2018] Ustad Miftah: Di MTS Bunijaya tempat kuring jeung babaturan ngalalakon
neangan elmu ti gutu-guru. Tilu taun lilana kuring jeung babaturan ngumpul unggal poe di eta sakola;
diajar,diskusi, jajan, ngobrol, tatarucingan, kerja kelompok, maen poly, maen bal, heureuy, tur sempal
guyon, gogonjakan. Di eta eta sakola teu saeutik kenangan-kenangan indah anu bentukna rupa-rupa,
aya nu nyenangkeun aya nu nyusahkeun, aya nu pikaseurieun aya nu pi kaamekeun, aya
pikabungaheun aya nu pikasediheun, tapi sadayana oge endah pisan pami tos janten kenangan,
sadayana hese pisan dileungitkeunana tina implengan.

Pakean seragam putih biru, lalaki make calana penek, opat ramo tina tuur, kuukuran ayeunamah eta
tos kawilang penek, malah kirang sopan, tapi waktu haritamah teu aya pikiran kitu, malah oya oge
murid nu resep nilepkeun dua lipet deui kaluhur tepi ka pungsat pisan, baju dikaluarkeun dua kancing
hareup dibuka, duka hoyong diangap naon etateh? Naha hoyong nemongkeun mulusna pingping
atawa hoyong diangap jagoan? Da dugi ka ayeuna lebeng teu menak jawabana.

Murid awewe make rok panjang, jadang aya nu rempel kadang biasa, malah aya oge numerengkel
langka disetrika panginten, murid awewe diwajibkeun make jilbab warna bodas, heureut, bentukna
segi tiga, sederhana pisan, da zaman haritamah teu acan aya istilah model lilit beuheung, kuncung
luhur, model hijaber atawa istilah jilbab syar'i. Masih inget keneh, masih jabayang keneh cerita jilbab
di MTS teh, basa pak Heri Hernadi guru pelajaran pisika nu terkenal galak ngayakeun aksina, seperti
biasa, memeh pelajaran anyar teh barudak sok ditanya hiji-hiji, nu tiasa ngajawab tetap diuk dibangku,
nu teu bisa ngajawab dititah kaluar; bunyi hukum pascal! Sebutkan hukum Archimides, Siapa penmu
atom?

Apa itu unsur? Apa itu senyawa? Siapa penemu hukum newton? Sebutkan rumus kecepatan!,
sebutkan satuan waktu!, sebutkan satuan masa! Sebutkan satuan panjang! Jeung rea-rea deui.

Nu ngajawab dititah kaluar bari dibarengan ku isyarat curuk nu bentik pisan bari dibarengan ku panon
molotot. Poe harita loba pisan barudak nu dititah kaluar. Pas pelajaran rek dimimitian, pak Heri
nyarios ka murid2 awewe: "hey para jamaah haji! Silahkan masuk!

Barudak arasup ka kelas bari bari mawa hate jeung perasaan sewang-sewangan.

Jero pikir kuring ayeuna, 'mun ayeuna aya guru ciga kitu moal teu dikoroyok'. Tapi da haritamah
zamana beda, dikitukeun ku guru teh ngan ukur ngutruk ditukangeun.

Cag. Bersambung

[8:39 AM, 1/3/2019] Ustad Miftah: DI ASTANA BUNIJAYA

(Episide ka 7)

Salian ti Puskesms jeung warung asakan Ma Ucih, tempat nu sok dipake nongkrong waktu istirahat
teh nyaeta Astana, ayana ditukangeun terminal bus beulah kidul, mun ti sakolamah tongoheun,
persisna beulah kulon kasela ku imah si Didin nu bapana sok nyieunan pilus.

Si Didin teh keur di kls III mah batur sabangku pisan, jelemana leutik2, rada ngaleyed, tapi rada minder
jeng sok gampang kasinggung, selera humorna cukup, pelajaran mtk na lumayan disegani.

Kuburan eta teh basa kuring keur di kls III mah sok mineng jadi tongrongan, utamanamah waktu
istirahat atawa isuk2 memeh asup. Babaturan nu rada rajin nongkrong dieta tempat teh Unang Uyuh,
Asep Bunyamin, Asep Rustandi, Bambang Edi jrrd.

Keur kuring jeung babaturan mah, eta Astana teh lain tempat nu abgker tibeurang mah, duka
tipeutingmah.

Eta kuburan kaasup tempat nu genaheun pikeun ngobrol ngalor ngidul bari heureuy atawa udud.

Ti eta tempat tetempoan plung plong, kamana-mana sing sarua hejo, kawetan katempo bukit2
ngajajar ngurilingan wewengkon, dihanapna sawah ngampar ciga karpet raksasa nu diamparkeun,
sora hayam nu kongkorongok diselangan ku sora doma nu cing berele. isuk2mah bukit2 teh kadang2
kurang jelas da masih dibeulit keneh ku bodasna simut awun-awun.

Belah kidul jeung kulon ngajajar ngajerekjek tangkal awi, diselangan menee, kalianra, limus jeung
tangkal jengjen nu mageran kana batas eta tempat. Di Astana ngajajar batu nisan nyirikeun nu geus
mulang ka asal, diluhur kuburan tangkal kacapuring ngabadeg ngilu nyaksian ka hamba nu geus jadi
balusan.

Mun ngalieuk ka beulah wetan, ka tukangeun sakola pisan, katingal aya imah cukup alus jeung gede,
dikurilingan ku empang jeung sawah, sakuriling imah kebon kemang jeung sayuran nu nambah asri
lingkungan, nu matak betah anu nyicingan.

Eta imah leuwih indah lantaran ti eta imah sok mineng katempo aya budak awewe nu geulis kawanti-
wanti, paawakan jangkung lenjang, gerakana lincah , mun leumpang gancang pisan bari diselangan ku
ngagideugkeun rambutna nu bear nu nutupan kana wajah geulisna.

Eta gadis teh neme kls I SMP, sok sanajan budak keneh, tapi gaya pakeana teu elat rapih jeung bersih,
kusabab eta teu wudu narik perhatian pisan ka nonoman nu nongrong di luhur kuburan. Eta gadisteh
ternyata adikna Iya Hendrayani nu sakelas jeung kuring, Iya Hendrayani nu beuki heureuy, Iya
Hendrayani nu boga sora khas, Iya Hebdrayani nu sok getreng jeung Bambang Edi, Iya Hendrayani nu
alus sorana tea.

Cag. Bersambung

[6:24 AM, 1/4/2019] Ustad Miftah: MEDEM RASA DINA DADA

(episide 8)

Kls IIA tempatna teh pang juruna, nyumput dijuru paling wetan, antara bangunan wetan nu
nyanghareup kakulon jeung banguna kidul nu nyanghareup kakaler. bangunanana tos rada lami,
malah rada lembab, memeh asup ka kelas teh ngaliwatan ruangan nu leuwih pantes disebut gudang.
Eta ruangan sok diangge maen pingpong ku barudak. Inget keneh da nu sok rada hawek maen teh
nyaeta ka Eem, si Engkus Rongga, si Kana, nu leutik-keutik rada polontong tea jrrd. Maranehna pisan
nu pang minengna maen mah, lantaran pang liheyna jeung boga bet sorangan pang-pangnamah. Ti
kelas kuring nu osok maen teh si Didin si Dahlan, si Basor Asep B jeung Asep R.

Kuring tara pisan nyabak kana eta maenan lantaran can bisa maena. Olah raga nu rada bisa teh
kuringmah maen poly, sok sanajan badan penek ari jadi toser-toser waemah bisa, nyerpen alus,
lumayan, ngan pasti we nyemesmah teu bisa. Nu sok rada bisa nyemesmah nya nu jarangkung we
seperti Asep Bunyamin jeung si Aep urang Ciharenong.

Di kelas teh seueur nami2 nu kasebat pinter tur disegani; aya nu namina Dahlan, Ai Tuti Romlah, Ujang
Rustandi, Sofiyah, Asep Bunyamin, Aep, Asep Bunyamin, Didin jrrd.

Aya oge di kls teh hiji wanoja, pinter, bageur,wanter, 'alim tur disegani kusalarea. Salian ti pinter teh
geulis deuih, matak teu heran janten perhatosan balarea, malah ketua OSIS oge bejanamah ngudag-
ngudag. Kuring oge kaasup nu ngepens berat.

Kuring diam-diam kaasup nu rajin merhatikeun, tapi hanyakal teu boga kawani, atuh ngan ukur
ngalamun jeung melong ti kajauhan. Pernah hiji waktu mah gadis etateh ngaliwat ka payuneun kuring
pisan, harita kuring narik napas rada panjang bari rada gugup tea, eh sihoreng teh si Dahlan
merhatikeun tingkah laku kuring anu beda tibiasana, terus mabehna ngagirowok 'hei! tuh si Miftah
tepika renghap ranyug kitu haha...'.
Kanyahon kitu ku si Dahlan, kuring kacida era nu taya papadana; beungeut bareureum, hate tagiwur
bari sura seuri teu pararuguh geusan ngalelerkeun hate nu teu weleh dag dig dug.

Kuring ngaku yen Wanoja nujanten perhatosan teh mungguh kuringmah harita luar biasa pika
seganeunana, duka lantaran suka atanapi kumaha da teu ngarti kuring oge haritamah.

Tapi sakumaha resepna, sakumaha jagumna oge ka eta gadis, kuring teu wani lancang jeung teu boga
kawani saeutik oge pikeun ngadeukeutan, teu wani ngirim surat-surat acan, kahayang terus ditahan
dina hate nu paling jero, terus kuring berusaha mapalerkeun,

sok sanajan kudu pinuh ku perjuangan.

ahirna kuring bisa ngendalikeun diri, dugi ka luls teh teu aya kajadian naon-naon.

Cag. Bersambung

Anda mungkin juga menyukai