Anda di halaman 1dari 3

‫اسلمعليكمورحمتللهوبركته‬

Bismillahirrohmanirrohim. Alhamdulillah hirobbil alamin. Allahumma pasoli wasalim wabarik 'ala


sayyidina muhammadin wa'ala alihi sayyidina muhammad. Adadani amalillahi waifdolih. Ashadu alla
ilaahaillallahu wahdahula syarikalah wa'ashaduanna muhammadan abduhu warosuluhu aladzi lanabiya
ba'dah.

Pengatur waktu panata acara anu ku simkuring di pihurmat wabil khusus segenap para panitia
peringatan maulid Nabi Muhammad SAW. keluarga besar masyarakat hampang. Hakekat izin Allah ieu
acara bisa terlaksana ku wasilah sababiah aya pangorbanan urang sadaya. Bener teu? Aya nu berkorban
ku harta na, aya nu berkorban ku tanaga na, aya nu berkorban ku pikiran na, bahkan cenah aya anu teu
mikir. Aya nu teu mikir mikir? Numana imahna? Geus bae tong di tunjuk. Insya Allah sadayana mikirkeun.
Buktina dinu waktuna bisa hadir. Alhamdulillah mudah mudahan tabungan urang cing jadi tabungan
amal shaleh. Sampeureun jaga di yaumul kiyamah. Insya Allah bakal nuturkeun sareng karidhoan Allah
swt.

Wabil khusus ka para kiayi, Para amil ulama, guru guru anu ku simkuring kalintang di pihurmat anu
teubisa ku simkuring di sebatkeun nami nami na kusabab ngamulyakeun sareng ngagungkeun kana elmu-
elmu na. Ngan urang du'akeun mudah mudahan para ulama para kiayi sing dipanjangkeun yuswana sing
ditambih sehat wal'afiat sing di barokahkeun elmu na sing ditambih rizkina sing ditambih istrina hebat
urang dieu. Aamiin.. Tapi katinggal ku simkuring aya nini-nini tos calangap rek nyebut aamiin jadi
aaaduuuuhh.. Saha eta? Keun wios. Lajeng mudah mudahan para kiayi para alim ulama di paparinan
katurunan anu sholeh tur sholehah kanggo neraskeun perjuangan perjuangan nana. Aamiin ya Allah
yarobbal...

Wabil khusus ka para aparatur pemerintah ti ngawitan bapak RT, RW, Bapak Kadus, Bapak Kepala Desa
katut reng renganana anu di pihurmat urang du'akeun ku sadayana salila pejabat, pemimpin
reurejeungan jeung ulama anu eta pemimpin bakal barokah. Tapi mun geus ngadeukeutan wae
pamimpin "fitnah" bener? Lamun pamimpin geus deukeut jeung ulama barokah. Tapi lamun ulama geus
ngadeukeutan wae pamimpin fitnah jadina. Fitnah kumaha? Conto lamun ustad geus reureujeungan wae
jeung ramat unggal poe di fitnah ustad. Fitnah na kumaha? Ustad meuli motor anyar di fitnah ku
tatangga pasti meunang meuli camat. Padahal eta ustad maksakeun 3 tauneun. Heu ngiridit... Da
kadenge tinu erem nage ngiridiiiitt.. Cenah. Beda yeuh beungeut beungeut nu loba hutang. Eehh sing
lalunas.. Tah nu sumanget aamiin na gede eta hutangna. Nya heueuh pan eta seragam muludan
bayareun, kerudung bayareun. Bener teu? Geus lunas can eta kerudung? Tuhkan jujur eta acan. Beda da
nu cn lunas mah nyengsol makena.. Ulah di benerkeun atuh nyirikeun pisan.

Hadirin wal hadirot.

Puji urang sanggakeun ka gusti Allah anu mung hiji. Puja anu jadi panghias raga urang sanggakeun ka dat
Allah nu maha kawasa. Oge sholawat kalih salam mugia salamina di kucurkeun di kocorkeun ka mustika
alam dunya Nabi Muhammad SAW. kapara duriah duriah na kapara kulawargina, para sohabatna kapara
tabiin tabi'at oge kapara pengikutna mudah mudahan urang sadaya masing kenging safa'atul uzma
kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Hadirin jama'ah rohimmakumullah

Dinu danget ieu simkuring sanes rek nembongkeun ka kasepan/kageulisan simkuring, sanes rek
mintonkeun kamolekan simkuring atanapi kadeudeuhna anjeun ka abdi, oge sanes bade mintonkeun
kana kasaean acuk abdi. Tapi ngadegna simkuring didieu bade cumarita, sanes bade manatahan, tapi
simkuring bade sharing, berbagi sakedik elmu nu mudah mudahan aya guna sareng manfaatna kanggo
urang sadaya

Buu? Paak? Bade naon ibu sareng bapa kadarieu teh? Rupi ruoi nya bui. Aya nu bade nonton putrana
atanapi putrina tampil, aya nu bade neangan opieun, ahb gabuut diimah ge mun ceuk kids zaman now
mah, aya nu neangan jodo oge meureun...

Urang sadayana ngariung di ieu tempat tos ngakuangkeun waktu, tanaga sareng pikiran kanggo
ngupingkeun pangajian memperingati Hari Besar Islam nyaeta Maulid Nabi Muhammad SAW.

Keur naon urang ngayakeun Maulid Nabi buu? Paak? Pan sok aya nu ngomong muludan mah bid'ah
eweuh tiditu na. Lamun aya nu ngomong kitu balikeun ku ibu / bapak. Ari maneh iraha tiditu? Nya
meunang nain tiditu teh? Iraha rek kaditu deui? Kelaa ari tiditu teh timana? Urang ngayakeun Maulid
Nabi teh keur memperingati kelahiran Nabi anu pang akhirna, anu mawa reudasi islam saalam dunya,
pendobrak kebathilan dan kemungkaran anu mawa umat islam hijrah ti zaman zahiliyyah ka zaman
ilmiah. Tinu zaman naek onta ka zaman naek toyota, nyaeta Nabi besar Muhammad SAW.

Rosul ngagaduhan 4 sifat anu kudu di teladani ku urang nyaeta nu ka 1. Si? (Sidiq) ka 2. Ama? (Amanah)
ka 3. Tab (Tahbligh) lain tabloo, tabloo mah maneh... Anu ka 4. Fato? (Fatonah).

Anu ka1 Sidiq hartina bener. Lain ucapan hungkul nu benerna, tapi jejng kalakuan na bener, Ucapan
jeung kalakuan sajalan. Teu ciga pamimpin ayeuna bu/pa omonganna amis kalakuan pahang.

Anu ka2 Amanah hartina dapat dipercaya. Rosul jalmina jujur bu di pasihan amanat di pertanggung
jawabkeun pak. Beda jeung pemimpin pemimpin ayeuna anu dipercaya jadi wakil rakyat. Abong wakik
rakyat buu sagala di wakilan. Mobil alus di wakilan, imah alus di wakilan, duit loba di wakilan ari kasusah
rakyat teu di wakilan.

Lajeng kanu ka 3 nyeta Tabligh. Anu hartina menyampaikan. Setiap firman Allah anu ditunjukeun ka umat
manusa pasti di tepikeun ku Rasulullah SAW teu pernah di sumputkeun ku Nabi rek hade rek goreng
ditepikeun. Itu sifat seorang Nabi.

Anu ka 4 nyaeta Fatonah hartina pin? Pinter. Mustahil bu Nabi bodo. Lamu ibu percaya abdi mah..

Jiga pemimpin pemimpin urang ayeuna pinter henteu bodo heueuh. Nyieun undang undang ngaraco.
Ngaco buu.

Ayeuna hayam tatangga ka buruan baturdi denda 10jt. Nyaho kitu mah moal gawe moal sakola rek
nungguan buruan imah we. Aya hayam tatangga laporkeun menang 10jt. Kulantaran kitu stop push rank
barudak. Hayu urang diajar sing bener, urang neangan elmu nu manfaat sangkan urang teu dibobodo
terus ku nu ayeuna disebut wakik rakyat. Saha nu apal engkin urang nu bakal ngagantikeun posisi
manehna Aamiin ya Allah yarobbal...

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar,
lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta
gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.

Bilahi taufik walhidayah.

‫وسلمعليكمورحمتللهوبركته‬

Anda mungkin juga menyukai