Anda di halaman 1dari 3

Assalamualaikum wr. wb.

Ibu bapak guru mu dipihormat sareng rerencangan sadaya nu


dipikacinta. Puji sareng syukur urang sanggahkeun ka gusti Allah SWT nu
parantos maparkeun waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray
dina ieu acara.
Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun biantara anu topikna kabersihan
lingkungan. Kabersihan ieu ngarupakeun hiji konci kahirupan urang di dalam
dunya. Dimana urang tiasa ngarawat kabersihan lingkungan, urang tos
ngalaksanakeun sabagian tina iman. Ku kituna kawajiban urang salaku murid
kedah ngajaga kabersihan sakola. Lamun urang tiasa ngajagana, insyaAllah
urang sadaya bakal sehat, tebih tina panyakit anu datanng tina kotorna
lingkungan.
Sakitu wae ti simkuring mugia aya manpaatna ka urang sadaya. Hampura
bilih aya kalepatan sareng kakirangan.

Wassalamualaikum wr. wb.


Nama: Khairunnnisa Vania S.
Kelas: XI MIPA 4

Assalamualaikum wr wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahiirabbi nu mana
kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat
kalwan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun
sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya
kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya
tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola
hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena. Dina salah sahiji hadits
diterangkeun…
Inna dhofatu minal iman. Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang
teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya
iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas
alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu
didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.
Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan
hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa,
bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana
jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun
pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana
ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Para wargi anu mulya.


Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu
kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa
ngahapunten.

Wassalamualaikum wr. wb
Nama: Khairunnisa Vania S.
Kelas: XI MIPA 4

Assalamualaikum wr. wb.

Anu dipihormat Bapak/Ibu sarta rerencangan anu abdi cinta,langkung tipayun mangga urang
panjatkeun puji sareng sukur ka Allah SWT,kana rahmat sarta hidayahnya anu atos
dicurahkeun ka urang sadaya,ku kituna urang tiasa ngariung dina raraga pangemut Dinten
Atikan Nasional. Mugi-mugi dina pasamoan urang dina ayeuna ngabantun kebaikan di dunya
atawa di aherat.

Ibu/Bapak sarta rencang sadayana anu berbahagia poe ieu ping 2 Mei warsih 2017 sakumna
bangsa Indonesia pangemut dinten Atikan Nasional. Dina pangemut poe sajarah ieu
tinangtu urang bade emut inohong atikan Nasional,yaktos Ki Hajar Dewantoro.
Anjeunna mangrupa pelopor atikan putra putri bangsa Indonesia,anjeunna mangrupa
pendobrak kebodohan bangsa Indonesia ti jaman kebodohan nuju jaman kapinteran.
Ibu/Bapak sarta rencang sadayana,atikan kanggo bangsa Indonesia ngagaduhan hartos anu
peryogi pisan,margi kamajuan bangsa Indonesia henteu lesot ti atikan anu atos dihontal.
Lamun balarea hiji nagara didikeun,mangka nagara oge bade maju,sawangsulna,lamun
bangsa Indonesia henteu nengetan atikan,mustahil bangsa Indonesia tiasa maju sepertos
ieu. Saderek anu berbahagia. Dina perkawis ieu tinangtu ngabantun akibat anu sae pisan ,
lamun atikan eta leres dilarapkeun dina kahirupan ieu. Ku kituna teu sami antawis jalmi
luhung kalawan jalmi anu henteu luhung.
Patali jeung masalah kasebat Allah atos negeskeun dina firman-na,ketahuilah bahwasannya
nungtut elmu kanggo saurang muslim mangrupa kawajiban anu kedah dilaksanakeun,dina
perkawis ieu sakumaha anu dijelaskeun nabi SAW.

Ibu/Bapak sarta rencang sadayana. Kitu biantara ti abdi dina raraga pangemut dinten atikan
nasional,ping 2 mei warsih 2017 mugi-mugi pasamoan urang dina poe ieu mendapat ridla
Allah SWT. Bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah
larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai