Anda di halaman 1dari 2

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuh

Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat.


Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka Allah SWT
nu Maha Welas tur nu Maha Asih. Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na, ayeuna
urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat dina raraga tolab elmu, nyiar
pangarti dina urusan kaislaman.

Bapa sareng Ibu anu hadir didieu. Upami ku urang sadayana dilenyepan, jaman
kiwari teh parantos seueur perobihan, ti jaman urang kapungkur dugi ka ayeuna,
benten sareng tebih pisan perobihanna. Ti kawit alat transportasi, dugi ka
teknologi ayeuna serba canggih.

Kapungkur, urang dimana hoyong patepang teh kedah sumping ka tempat anu
dimaksad. Tapi, ku jaman kiwari mah tos aya HP nu aya kamera payuna. Nu
mana upami urang hoyong ngobrol papayun-payun teh kantun nganggo
teknologi nu di sebat video call.

Tah eta salah sawiosna teknologi ayeuna nu canggih teh. Sareng masih seueur
keneh nu sanesna.

Kacipta na eta teh teu leupas tina pendidikan.


Kumargi kitu, pendidikan di jaman ayeuna teh diraos penting pisan kanggo
putra-putri urang salaku generasi penerus di jaman anu bade dongkap.

Cobi emutan ku urang sadaya. Di tengah-tengah maju na teknologi, kumaha


upami putra sareng putri urang teu di bahanan ku pangarti? Tangtos anjeuna
bakal katingaleun tebih ku persaingan kerja, kumargi ayeuna oge pami hoyong
damel teh kedah gaduh ijazah anu luhur pami hoyong kenging damel anu sae
mah.
Atuh sajaba ti eta, pendidikan teh mangrupikeun media kango nyiar elmu
atanapi pangarti. Dina salah sawios katerangan aya nu nyebatkeun yen
pendidikan teh saumur hirup, teu mengenal yuswa. Hartosna, pendidikan teh
wajib ti ngawitan urang lahir dugi ka pupusna.

Ti kawit ayeuna hayu urang leres-leres dina milari rejeki kanggo nyakolakeun
putra putri urang supados tiasa neraskeun pendidikan anu saluhur-luhurna.
Kumargi tos karaos ku urang sadaya yen pendidikan teh penting pisan kango
bekel hirup urang kapayun.

Mugia harepan urang sadayana tiasa dikabulkeun kunu Maha Benghar nyaeta
Allah SWT.

Anda mungkin juga menyukai