Anda di halaman 1dari 4

Lembar Gawé Siswa

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Materi Pembelajaran : Naskah Drama

Wasta : M Daffa’ Rahman R

Kelas : XII MIPA 4

Absen : 15

“Nilai Ujian lain Panangtu Kasuksesan”

Kacaritakeun di hiji sakola nu aya di Jakarta, aya dua pamuda nu boga nasib beda, Ahmad hirup
loba kakurangan, tapi ku tekad jeung kagigihanna, latar belakang teu jadi alesan keur pasrah. Kukituna
manehna meunang beasiswa sakola di Jakarta. Beda jeung Ahmad, Mutakabbur boga kahirupan nu
mewah, pedah ku kamewahanna, manehna sok sombong jeung tiap aya masalah sok dibereskeun ku
duit.

Kapinteran jeung prestasi rangking kahiji di kelas, Ahmad jadi pusat perhatian di sakola.
Mutakabbur teu resep ka ahmad, pedah Ahmad sok ngahalangan kahayangna keur jadi rangking kahiji di
kelasna. Mutakabbur saleresna teu hayang prestasi eta, ngan hayang jadi pusat perhatian. Ku kekayanna,
sagala resiko sok dilakonan ku Mutakbbur ameh bisa ngagantikeun posisi Ahmad, ku cara ngapitnah
Ahmad ngalakukeun kacurangan pas keur ujian jeung sajabana. Tapi sakabeh usaha goreng Mutakabbur
teu manghasil nepika manehna rudet jeung teterusan ngupayakeun kumaha carana nyingkirkeun Ahmad.

Pangumuman isuk isuk, siga taun kamari, minggu hareup sakola dek ngadakeun ujian keur
nyeleksi saha nu berhak meunangkeun beasiswa ka perguruan tinggi. Sakola ngan mere kuota 3 urang
keur nu bisa narima beasiswa eta.

Mutakabbur :“bray, sakola ngadakeun beasiswa, ngan 3 urang kuota na, urang kudu
meunangkeun eta lamun hayang dilirik ku sa sakola mah”

2 Babaturan Mutakabbur :”heeh bos bener, kesempatan nu tepat pisan euy. Tapi bos meureunan si
Ahmad ge miluan, lamun si eta meunang beasiswana, batur beuki raresepeun ka si eta tur jadi pusat
perhatian tutuluyan ”

Ngaliwat bae si Ahmad nu karak datang ka hareupeun mutakabbur jeung baturanna bari nanya

Ahmad : “aya pengumuman naon bieu Bur?”

2 babaturan Mutakabbur :” Minggu hareup, sakola dek ngadakeun seleksi keur beasiswa,
nu diberena terbatas, ngan 3 urang Mad”
Ahmad :”Alhamdulillah, nu didago-dago, insyallah urang miluan, nuhun
pisannya infona”

Ahmad Bari ngaleos ka kelas

Mutakabbur :”Ari maneh boloho, ngadon dibejaan, pan bieu masalah arurang
teh si Ahmad bisi miluan” bari ngagetok 2 babaturanna

2 Babaturan Mutakabbur :” hampura bos….hampura, kaceplosan”

Mutakabbbur :”Geus bae…, ayeuna mah teang kumaha carana meh si Ahmad
teu bisa lolos seleksi”

2 Babaturan Mutakabbur :”kumaha lamun minggu harep, jieun si eta teu asup sakola,
kerem we kitu di imahna”

Mutakabbbur :”Pimasalaheunna bisi panjang lamun kitu mah. Kieu we atuh,


aya cara pangbabarina jeung pangefektipna “

2 Babaturan Mutakabbur :”kumaha carana bos?”

Mutakabbbur : “urang mah loba duit ieuh, beuli we bocoran soal jeung kunci
jawabanna”

2 Babaturan Mutakabbur :”Enya kitu we atuh, si bos terbaik”

Akhirna geng Mutakabbur meunang bocoran soal jeung siap pisan keur ujian seleksi eta. Pas poe
ujian, diruang ujian, aya dialog kieu

Mutakabbur :”Mad ulah teuing loba harepan, urang geus pasti lolos hahaha, ieu masa
na urang, geus eweuh masa keur maneh”

Ahmad :”Urang percaya, saha wae nu daek usaha tur loba ngado’a, Allah pasti
mere jalan nu pangalusna keur hambana.”

Mutakabbur :”Heug, tingali we engke hasilna, urang pasti sukses meunang beasiswa”

Ujian nu 120 menit geus beres. Pas poe diumumkeun hasil seleksi, isuk isuuk wakasek
kesiswaan ngumumkeun

Wakasek Kesiswaan :”Nu lolos seleksi keur ngiluan beasiswa ka perguruan tinggi nyaeta
Mutakabbur De Santos, Jeni Kutilang, Karim Mahana(2 Babaturan Mutakabbur)”

Si Ahmad nu telat hadir ka sakola, siga baheula, nanyakeun infona deui ka Mutakabbur and the
gaeng

Ahmad :”Bur urang lolos teu?”

Mutakabbur :”JELAS HENTEU, GEUS EWEUH MASANA KEUR MANEH


MAD!!!,” bari nada polontong mutakbbur ngomong
Ahmad :”Naha bisa?, urang padahal sapopoe diajar keur seleksi jeung bisa
ngerjakeun 28 soal tina 30 pas ujianna”

Mutakabbur :”Keur naon diajar, sagala ge ku duit mah jadi broo, matakna hirup siga
urang, BEUNGHAR HAHAHA”

Ahmad :”Ku duit? Maneh meuli bocoran soal?”

Mutakabbur :”Dijug jug ku saya mah cara nanaon ge,asal urang ngagantikeun posisi
maneh, HAHAHAH!”

Ahmad :”Alhamdulillah, urang syukuran milu bahagea kalulusan maneh. Ngan


jaga engke, ukuran kasuksesan mah lain tina nilai ujian maneh nu alus, tapi kepribadian nu di bentuk ku
maneh. Keur Sakola wae geus kieu, naon bedana jeung pamarentah nu nyuap.”

Mutakabbur :”Geus ulah loba ngomong, teu mantes nu gagal ngomongan urang, gagal
mah gagal we. Akhirna urang bisa dilirik oge ku batur, urang pasti sukses HAHAHAHA!”

Saenggeus kalulusan, Mutakabbur jeung babaturanna lanjut sakola ka perguruan tinggi ku


beasiswana, tapi Ahmad mutuskeun gawe heula keur biaya sapopoe jeung boga niatan keur naglanjutkeun
sakolana. Ku tekad jeung kagigihan, manehna bisa nabung jeung bisa sakola deui terus lulus ku predikat
mahasiswa terbaik, ku kituna manehna langsung diangkat jadi direktur di perusahaan badag

Pas Ahmad keur olahraga di sakitaran komplek imahna, manehna ningali bapak-bapak nu keur
ngemis jeung katingali kalaparan nu ternyata babaturanna sorangan, nyaeta Mutakabbur. Ahmad langsung
nepungan bapak eta keur mere dahareun saaya aya

Ahmad :”Bapak, abi kagungan tuangeun mung saalit, hatur lumayan pak”

Mutakabbur :”Alhamdulillah cep hatur nuhun….”

Ahmad :”Eh kela sakedap, Mutakabbur???”

Mutakabbur :”Ya Allah Ahmad, neda dihapunten mad, abi kapungkur sok ngadamel
teu raos ka Ahmad, abi isin, sok bilih bade ngananaonkeun abi, abi nampi pisan Mad….”

Ahmad :”Ti lila ge urang geus ngahampura maneh Bur. Tapi nu urang bingung,
naha maneh bisa jadi kieu? baheula pan beunghar maneh teh”

Mutakabbur :”Dimimitian ku kabeh masalah urang nu jalan kaluarna ku duit,


kakayaan urang beuki menipis, tuluy 2 babaturan ninggalkeun, nepikeun ka urang dikaluarkeun ti
perguruan tinggi nu hasil beasiswa, pedah urang teu lulus tiap ujianna. Urang bingung kudu kamana,
kolot geus areuweuh, imah teu boga, duit saperak perak acan ge teu boga. Keun emang jalan hirup urang
kieu Mad”

Ahmad :”Keun teu nanaon, hirup kadang di luhur kadang di handap. Insyallah ari
maneh dek usaha keur ngarubah kabiasaan maneh mah Allah ge nulungan”
Mutakabbur :”Enya Mad, urang jadi loba diajar ti maneh baheula. Nilai ujian lain
panangtu kasuksesan urang komo carana salah, make duit. Kasuksesan ditangtukeun ku kabiasaan urang
lamun ngahadepi masalah, ek dilakonan maksimal tapi lila jeung tutuluyan mangpaatna, apa ek dilakonan
instan tapi pas saharitaeun mangpaatna”

Ahmad :”Alhamdulillah ari geus ngarti mah, Allah pasti nulungan maneh Bur”

Kukituna hayu urang lereskeun deui pola pikirna, bahwasanaa, hasil ujian komo cara meunangkeunna
lepat teh sanes panangtu kasuksesan. Tapi ku kagigihan urang tur loba inget ka nu nyiptakeun urang,
insyallah sagala pangharepan, kahayang urang Allah kabulkeun

TAMAT

Harta semakin habis, orang’ tidak ada yang mau membantunya, karena sifatnya yang sombong,
menyuruh org dsb

Anda mungkin juga menyukai