Di susun :
Hiji waktu aya awewe miskin nu ngarana Fitri anjen na orang lembur anu rek ngadu
nasib ka kota. Manehna indit ka kota rek neangan gawe karna duitna terbatas, tuluy neangan
kos kossan anu murah. Saenggeus kaditu kadieu neangan kos kosan, ahirna teu lila Fitri
manggih kos anu murah. Tapi panghuni didinya araneh, teu beunang ditanya kecuali anu
boga kosan na.
Fitri : Punten
Ibu kos : Tah neng ieu jajaran kamar anu kosong mah
Ibu kos : Oh mangga ieu koncina (ibu kos mere konci ka Fitri)
Fitri : Hatur nuhun
Ibu kos : Sok mangga, mudah mudahan betah ngekos didieuna. (ibu kos ngaleos kaluar
kamar).
Fitri nempatan kamar no 26, teu lila menehna kasarean sabab kacapean sabab sa poe
neneangan kosan anu cocok jeung manehna. Fitri kaluar kamar niatna hayang kenalan jeung
babaturan atau tatangga anu deket jeung kamarna. Aya sawareh penghuni nu diluar kamar
ahirna ku Fitri ditanya.
Fitri : Punten,dupi nami sha?salam kenal abi ieu nu nyalikan kamar nomer 26
Fitri neangan deui jalma anu aya di luar bari nanya deui
Fitri : Punten dupi nami saha?salam kenal abi ieu anu nyalikan kamar nomer 26
Tapi penghuni eta sarua teu ngajwab, Fitri teu lila ngarass aneh ku para penghuni di
kos eta. Kaisukan nana Fitri siap-siap rek neangan gawe tapi pas kaluar kamar, kamar kosong
nu deket kamar maneh na aya nu nempatan. Fitri kaluar kamar terus ditanya ku anu nempatan
kamar kosong.
Fitri : Salam kenal oge, nami abi Fitri mudah-mudahan betah di kosan ieu.
Fitri langsung indit neangan gawe, aya lowongan jadi kasir toko. Fitri ngalamar katempat eta,
untung na langsung di tarima jeung bisa langsung gawe isukna. Saengges manggih gawe,
Fitri balik ka kosan terus nyamperkeun Rosa jeung Lia di kamarna.
Fitri : ( Fitri asup ka kamar Rosa jeung Lia ) Sabener na mah aya nu hoyong di caritakeun
Fitri : ( Luak lieuk bisi aya nu ningalikeun salian ti Rosa jeung Lia ) Jadi kan kamari pas abi
ka kosan ieu,terus abi kaluar kamar aya tatangga nu di luar ku abi di tarosan hiji-hiji tapi aneh
teu aya nu ngajawab
Tidinya Fitri, Rosa jeung Lia jadi dekeut. Saengges lila ngobrol, Fitri balik ka kamar
na. Di kamarna Fitri manggihan hiji box, Fitri bingng sabab ngarasa lain nu manehna, jeung
ngarasa panto kamarna di konci. Fitri bebeja ka ibu kosan ngeunaan box eta, terus menta
ningalingeun cctv nu deukeut ka kamarna.
Fitri : Punten....Bu kan nembe teh abi nuju di kamar 27 di Rosa sareng Lia pas uih deui ka
kamar tos aya box ieu padahal panto ku abi di konci atau ieu nu ibu sanes?
Fitri : Nu saha atuh nya? piraku aya nu gaduheun konci cadangan kamar abi
Ibu Kos : Moal aya nu ngaduheun salain ibu. Tapi ibu tatadi didieu
Ibu kos : Puguh ieuteh parem Fit cctv teh tadi pas enjing enjing duka kunaon
Fitri : kumaha atuhnya.. wios we atuh bu. Ke we pami aya nu milarian box ieu wartoskeun
aya di abi
Fitri balik deui ka kamar na, teu waka bebeja ka Rosa jeung Lia. Akhirna box eta di
buka eusina foto paparaji Fitri, Rosa jeung Lia. Fitri reuwas, box eta langsung di beresan
deui. Fitri ka luar ka kosan ngabangbalerkeun ka reuwas. Di jalan oge masih kapikiran box
eta.
Fitri curiga ka salah saorang panghuni jeung ka ibu kosan. Tapi teu pati yakin ka ibu
kosan sabab kapribadian na anu ramah. 2 poe di kosan Fitri mulai teu betah, unggal peuting
fitri sok ngadangu sora ti lantai 4 tapi lantai 4 kosong jeung ulah aya batur nu asup kadinya.
Ka isukan na poe mimiti gawe Fitri siap siap saacan indit, Rosa jeung lia nyamperkeun ka
kamar Fitri mere sarapan.
Lia : Bener nu ceuk Fitri kamari, penghuni nu aya di lantai ieu teu ngajawab pas ditanya teh
Rosa : Pas tadi masak di dapur ge abi ningali aya nu naek tangga ka luhur keun terus asup
lantai 4 padahal kan ulah aya nu kadinya.
Lia : Abi ge sok ngadangu sora ti luhur jeung rosa saacan bobo
Saentos nyarios kitu aya penghuni nu ngarana Iwan umurna 30 tahun. Iwan salah
sahiji penghuni di lantai 3. Ngadangu obrolan kitu Lia ningali Iwan nguping langsung nanya
tapi Iwan ngaleos teu ngajawab.
Fitri berangkat gawe tapi kapikiran wae Rosa jeung Lia. Ftri arek buru buru balik tapi
kudu lembur sabab babaturan anu gantian ngajaga toko jeung Fitri teu asup. Fitri neleponan
Rosa jeung Lia tapi teu diangkat wae beuki hawatir bisi aya nanaon.
Jam 9 peuting Fitri balik gawe tapi Rosa jeung Lia eweuh di kamar. Fitri ngadangu
sora ti lantai 4 terus langsung di samperkeun. Dina tangga Fitri ningali getih terus langsung
panik.
Fitri muka panto lantai 4 bari neangan Rosa jeung Lia. Aya hiji kamar anu muka pas
dibuka Fitri reuwas ningali Rosa jeung Lia keur disekap.
Fitri : Rosa, Lia kunaon ieu jadi kieu ? (fitri panik)
Lia : Fitri lumpat! Ulah nepikeun si jelema itu (Iwan) ningali. Kaluar!
Bari ceurik Fitri kaluar bari merhatikeun Lingkungan na bisi aya nu apaleun. Diluar
kosan Fitri gura giru neangan pos polisi nu deket. Fitri ngaaporkeun kabeh kajadianna.
Saengges mere penjelasan, Fitri jeung polisi langsung ka tempat kajadian. Pas ka
lantai 4 kabeh nu nganiyaya Rosa jeung Lia aya didinya. Rosa jeung Lia ges eweuh nyawaan.
Ibu kos oge kaasup palaku anu nganiyaya Rosa jeung Lia. Para Psikopat eta nyobaan kabur,
nu salah sahijina mawa peso jeung dipake ngalawan polisi eta meh bisa kabur.
Fitri : (bari ceurik) Rosa... Hudang kudu kuat! Ayeuna urang ka rumah sakit! Lia.. Liaa!!!
Tahann!!
Tapi Rosa jeung Lia teu ngajawab. Fitri ngarasa bersalah sabab ninggalkeun babaturan na
gawe. Akhirna polisi berhasil nangkep para Psikopat. Rosa jeung Lia dibawa ka Rumah Sakit
rek di otopsi.
Sababaraha poe ti kajadian eta, kaluar laporan laporan hasil otopsi, terus Rosa jeung
Lia di kuburkeun di kampungna masing masing. Fitri neangan informasi tentang kosan eta.
Fakta na bangunan eta baheulana pernah kabakaran pas keur jaya jaya na. Ibu kosan depresi
ku kaayan eta tambah deui cerai jeung suami na sabab salaki na selingkuh. Anak hiji hiji na
maot kacilakaan. Ibu kos teu resep ningali batur bagja. Sifat ramahna nutupan bahwa
manehna Psikopat. Ibu kos jeung anak buah na di hukum mati sabab ngabunuh leuwih ti
sakali. Motif pembunuhan eta teh beda beda, aya anu di mutilasi oge.
Saengges kajadian eta Fitri ngamimitian kahirupan anyar nu leuwih hati hati jeung
sakitarna, fitri oge tara poho rutin ziarah ka makam sahabat sahabatna.