Anda di halaman 1dari 4

PENILAIAN TENGAH SEMESTER 2

TAHUN PELAJARAN 2020/2021


SD NEGERI 2 CIKEMBULAN

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Nama : ....................


Kelas/Semester: IV /II
Hari, tanggal : ...................................... Nilai : ....................
Pukul : ......................................

I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !

Gatotgaca Raja Pringgandani

Minggu kamari, Pa Guru ngadongeng carita wayang. Ari nu didongengkeunana nyaeta


Gatotgaca Raja Pringgandani. Estu pikareuseupeun dongengna teh, bubuhan Pa Guruna
pinter ngadongeng. Malah bari jeung niru dalang sagala, matak pogot nu ngabandunganana.

Dongengna teh kieu. Gatotgaca teh putra Bima ti Dewi Arimbi. Anjeunna nuju murangkalih na
mah sihungan mangrupa buta. Tali ari-arina teu tiasa dipegatkeun. Numutkeun pituduh,
kangge megatkeun tali ari-ari Gatotgaca teh teu aya deul iwal ku senjata Konta. Anu
kapancenan milarian senjata Konta teh nyaeta Arjuna, paman na Gatotgaca. Anjeunna tatapa
kanggo mendakan senjata tea.

Kacaturkeun Batara Narada diutus ku Batara Guru kanggo masihkeun Konta ka Raden
Arjuna. Nanging Batara Narada lepat masihkeun. Senjata teh kalah dipasihkeun ka Aradea
anu sarupi sareng Arjuna. Atuh der weh Arjuna sareng Aradea galungan parebut senjata
Konta. Anu ahirna, Kontana beunang ku Aradea, ari warangkana beunang ku Arjuna.

Eta warangka teh tiasa dianggo megatkeun ari-ari Gatotgaca, nanging eta warangka teh teras
lebet kana udel Gatotgaca, teu tiasa dicabut deui. Saterasna Gatotgaca janten satria
Pringgandani, pendekar karajaan anu gagah taya tanding. Musuh weduk geus niscaya taluk,
bubuhan Gatotgaca mah urat kawat balung wesi, dipikagimir ku musuh musuhna.

1. Dewi Arimbi gaduh putra anu namina............


A. Arjuna
B. Aradea
C. Batara Narada
D. Gatotgaca
2. Pernah naon Arjuna ka Gatotgaca teh?
A. Bapana
B. Uwana
C. Pamanna
D. Alona
3. Numutkeun tentang di luhur, anu ngadongeng Gatotgaca teh nyaeta............
A. Pa Guru
B. Murangkalih
C. Rama
D. Paman
4. Anu sanes tokoh dina kisah di luhur nyaeta............
A. Gatotgaca
B. Sadewa
C. Arjuna
D. Aradea
5. Arjuna sareng Aradea galungan parebut Senjata Konta.
Kecap galungan sarua hartina jeung............
A. Babaturan
B. Pasea
C. Gelut
D. Sarerea
6. Panca indera anu sanggup digunakuen pikeun ngabandungan kisah anu aya di luhur
nyaeta............
A. pangambung
B. ceupil
C. soca
D. letah
7. Maca gancang kudu nganggo sora anu............
A. tarik
B. gancang
C. alit
D. ngaharewos
Pek tingali paguneman di handap ieu!
Dodo : “Kumaha kaman, naha teu asup sakola?”
Adit : “Kamari, urang diajak Mamah ka bumi Nini, ngatongok Nini anu teu damang.”
Dodo : “Oh kitu, mugi enggal damang Ninina nya Dit!”
Adit : “Amin, nuhun pidoana Do.”
8. Ngaran tokoh anu aya dina paguneman di luhur nyaeta............
A. Dodo jeung Adit
B. Dodo jeung Nini
C. Adit jeung Mamah
D. Nini jeung Mamah
9. Eusi tina paguneman di luhur nyantakeun............
A. Dodo ulin ka imah nini
B. Adit ulin jeung mamah
C. Dodo ngalongok nini anu teu damang
D. Adit ngalongok nini anu teu damang
10. langkah mimiti mekarkeun rangka karangan nyaeta............
A. Nyieun pokok pikiran
B. Ngahijikeun pokok pikiran
C. Nyieun kalimah tina pokok pikiran
D. Nyieun kata
11. Karangan faktual nyaeta nulis karangan anu saluyu jeung............
A. Kabiasaan
B. Karesep
C. Kajadian
D. Kahayang
12. Perhatikeun pupuh lambang di handap ieu!
Nawu kubang sisi tegal
Nylar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nylar bogo meunang kadat
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Tina Pupuh lambang di luhur ngabogaan watek............
A. Sieun
B. Sedih
C. lawakan
D. Gumbira
13: Jumlah padalisan dina pupuh lambang nyaeta............
A. 5
B. 7
C. 6
D. 8
14. Pupuh anu ngagaduhan watek heureuy atawa banyol nyaeta............
A. lambang
B. Sinom
C. Mijil
D. Balakbak
15. Ngagunakeun basa dina telepon kudu............
A. Singget
B. Bisa kaharti
C. Padat jeung jelas
D. Singget, padet, terang jeung kaharti
16. Nyarita dina telepon keur kasaluhureun kudu ngagunakeun basa nu............
A. kasar
B. sedeng
C. lemes
D. bernafsu pisan
Pek titenan paguneman dina telepon di handap ieu!
Cecep : Halo!
Ucup : Nya, halo!
Cecep Wilujeng wengi, Cup!
Ucup , aya naon?
Cecep : Abdi enjing teu tiasa sakota kumargi bade jajap mamah ka dokter, punten
pangwartoskeun ka Bu Guru! Ucup : Muhun, engkin diwartoskeun.
17. Dina paguneman telepon di luhur, kecap nu merenah kanggo ngalengkepan paguneman
nyaeta............
A. Wilujeng kulem
B. Wilujeng wengi
C. Wilujeng enjing
D. Wilujeng siang
18. Pek tingali puisi di handap ieu!
Duh Bogor endah patilasan Pajajaran
Duh Bogor endah lembur kuring panineungan
Dibenteng ku Cisadane
Dikangkalung Cihaliwung
Cirina Baranangsiang tetelar jaman Pakuan
Judul puisi di luhur anu merenah nyaeta............
A. Bogor Endah
B. Bogor lembur Kuring
C. Bogor Patilasan Pajajaran
D. Bogor Dibenteng Ku Walungan
19. Duh Bogor endah............kuring panineungan.
A. patilasan
B. lembur
C. katetah
D. dilingkung
20. Hiji walungan anu aya di Bogor nyaeta............
A. Musi
B. Kapuas
C. Bengawan Solo
D. Cisadane

II. Eusian titik-titik di handap ieu ku balasan anu merenah!


21. Mikaweruh ngaran kekembangan. Kembang kaso ngaranna ciriwis, ngaran kembang
waluh nyaeta.........................
22. Abdi mios ka sakola, Ibu.........................ka sakola.
Kecap anu saluyu jeung basa lemesna mios nyaeta.
23. Pek lengkepkeun paguneman di handap ieu!
Fikri : “Nuju naon Wulan?”
Wulan : ......................... “.
Fikri : “Resepnya Wulan mah, mani pinter ngawihna.”
Wulan : “Hatur nuhun”
Dina paguneman di luhur, kalimah anu merenah pikeun ngalengkepkeun guneman
nyaeta.........................
24. Pikiran pokok anu aya dina hiji paragrap biasana aya dina.........................kalimah.
25. Pek tingati paguneman telepon di handap ieu!
Galih : “Halo!”
Mamah Ade : “Halo, bade kasaha?”
Galih : “Abdi hoyong nyarios sareng Ade, tiasa henteu mah?”
Mamah Ade : “...................”
Dina paguneman telepon di luhur, kalimah anu saluyu jeung peguneman
nyaeta.........................

Anda mungkin juga menyukai