Anda di halaman 1dari 7

Teks Pidato Peringatan Maulid Nabi

Assalamualaikum Wr. Wb.

‫ َمنْ َي ْه ِد ِه هللاُ َفاَل‬،‫ت َأعْ َمالِ َنا‬


ِ ‫ُور َأ ْنفُسِ َنا َومِنْ َس ِّيَئ ا‬
ِ ‫شر‬ُ ْ‫هلل مِن‬ ُ ‫ َو َنع‬،ُ‫الـح ْم َد هّلِل ِ َنـحْ َم ُدهُ َو َنسْ َت ِع ْي ُن ُه َو َنسْ َت ْغفِ ُره‬
ِ ‫ُوذ ِبا‬ َ َّ‫إن‬
ً
ُ‫ُـحمَّدا َع ْب ُده‬ ‫َأ‬ ْ ‫َأ‬
َ ‫ك لَ ُه َو ش َه ُد نَّ م‬ َ ‫َش ِر ْي‬ ‫اَل‬ َّ َّ ‫َأ‬ ْ ‫َأ‬
ُ‫ َو ش َه ُد ن ال ِإلَ َه ِإال هللا َوحْ َده‬،ُ‫ِي لَه‬ ‫اَل‬
َ ‫ َو َمنْ يُضْ لِ ْل َف هَاد‬،ُ‫مُضِ َّل له‬ َ
‫ َو َرسُولُه‬.

‫َأمَّا َبعْ ُد‬

Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka


Gusti Allah nu Maha Suci, Anu parantos maparin keun ka urang sadaya
sagala kanikmatan, nyaeta nikmat sehat, sareng anu leuwih utami nikmat
iman sareng Islam kanggo urang sadaya.

Sholawat sinareng salam hayu urang salam sami-sami panjatkeun


ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka
para shohanatna, ka para tabiin sareng tabiat tur dugi ka urang sadaya
salaku umatna.

Hadirin rahimakumullah,

Dina denget ieu, urang sadaya aya dina raraga mieling Maulid


Nabi Muhammad SAW 1443 hijriyah atawa tahun 2021 Masehi.

Mieling Maulid Nabi ulah ngan saukur jadi kagiatan rutin taunan,


tapi anu leuwih penting urang sadaya kudu bisa menang hikmah,
pelajaran tur jadi bagian kanggo introspeksi diri.

Momentum Maulid Nabi kudu jadi cambuk supaya urang bisa inget


yen manusa anu sampurna anu bisa dijadikeun idola, tauladan atawa
tuntunan teh saukur hiji, nyaeta Nabi Muhammad SAW.

Parentah kanggo ngajadikeun Rasulullah SAW panutan parantos


dijelaskeun ku Alloh dina Al Quran surat Al Ahzab ayat 21.

‫ُوا ٱهَّلل َ َو ْٱل َي ْو َم ٱ ْل َءاخ َِر َو َذ َك َر ٱهَّلل َ َكثِيرً ا‬ َ ‫ُول ٱهَّلل ِ ُأسْ َوةٌ َح َس َن ٌة لِّ َمن َك‬
۟ ‫ان َيرْ ج‬ َ ‫لَّ َق ْد َك‬
ِ ‫ان لَ ُك ْم فِى َرس‬

Hartina: Saéstuna, aya dina Rosululloh panutan anu saé pikeun


anjeun (nyaéta) pikeun jalma-jalma anu ngarep-ngarep (rahmat) Allah
sareng (datangna) Poé kiamat sareng seeur nyebat nami Allah. (Q.S Al
Ahzab 21).
usabab ngajadikeun Rasulullah panutan teh mangrupakeun jalan
ibadah ka Allah, tur jadi hiji jalan supaya urang bisa hirup bagja di dunia
oge di akherat.

Sahingga kulantaran ayana mieling Maulid Nabi ieu urang kudu


bisa meunangkeun hikmahna, supaya teu ngan saukur jadi kagiatan rutin
taunan hungkul.

Hikmah mieling Maulid Nabi diantarana nyaeta:

1. Jadi motivasi kanggo urang sadaya supaya terus sholawat ka Kanjeng


Nabi Muhammad SAW

2. Jadi cambuk supaya inget, Manusa anu pantes dijadikeun panutan,


dijadikeun idola dina sagala kahirupan urang teh nyaeta Rasulullah SAW

3. Jadi momentum kanggo silaturahmi antara umat muslim

Hadirin anu dipihormat,

Rupina sakitu wae ceramah singkat anu tiasa di dugikeun dina


raraga Mieling Maulid Nabi ieu. Mudah-mudahan urang sadayana tiasa
kalebet umat Rasulullah anu bakal kenging syafaat di yaumul Akhir.
Hapunten tina sagala kalepatan, wabillah taufiq wal hidayah,

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

TEKS PIDATO PERINGATAN ISRA MIRAJ


Alhamadulillahi robbil ‘alamin.washolatu wassalamu ‘ala sayyidina
Muhammadin wa ‘ala alihi washohbihi ajma’in. Amma ba’du.

Para hadirin anu mulia, salaku umat Islam atos sawajarna urang
mengenal lebih deket junjungan urang yakni Nabi Besar Muhammad
SAW.

kabehanana eta semata-mata kango ningkatken kataqwaan urang


ka Allah SWT. Ku cara seperti kitu urang bisa lebih ngadeketken diri ka
Allah SWT, bisa lebih baik nganjalankan perintahna sakaligus ngajauhan
laranganana

Hadirin anu berbahagia. dina bulan anu pinuh berkah iyeu urang
perlu lewih loba ngalakuken muhasabatun nafsi atawa instrosfeksi diri,
ngentengan sorangan.

Terutama anu berhubungan jeung peningkatan kualitas sholat


urang sadayana khususna jeng kualitas ibadah secara keseluruhan.

Sabab ges sakuduna urang salaku kaum muslimin kudu ningkatken


kualitas diri jeng amaliyah, ibadah ka Allah SWT.

Sakumaha pidawuh junjunan urang sadaya” man kaana yaumuhu


hoirun min amsihi pahua roobihun” saha wae jalma anu sae poe ayena
tibatan kamari,tah eta jalma anu beruntung batian mun dina dagang mah

Kacida Cilakana jalma anu amal poe ayeuna lewih buruk tibatan
poe kamari,kacida rugi jalma anu amal poe iyeu sarua jeung amal poe
kamari,

Maka beruntunglah orang yang jika amal hari ini lebih baik dari kemarin.

Hadirin anu mulia.

Sabab amal ibadah sholat eta tolak ukur daripada identitas jalma
islam, makana sagala upaya,tarekah kango ngengengken sholat anu
khusyu’, ikhlas jeng makbul kaasup rangkaian ibadah. Sedengken sholat
khusyu’, ikhlas jeng makbul eta moal bisa ngawujud jika lamun henteu
ditunjang ku ilmu.

Tina ku lantaran kitu, Islam ngawajibken sadaya muslimin muslimat


milarian ilmu. Sakumaha pidawuh kangjeng nabi muhammad saw:

 Tholabul ilmi faridhotun ala kulli muslimin walmuslimat


Anu pihartosenana “milarian elmu teh eta fardu piken muslim lalaki
jeng muslim awewe” fardu didiyeu fardu ain.anu teu bisa di gantian ku
batur seperti solat berjamaah jeng ngurus mayit.

Dina hadits anui sanes dicarioskeun, “Teangan ilmu sananjan nepii ka


negeri Cina”.

Hadirin anu mulia, lamun ku urang di talaah secara detil jeng


mendalam, naun sabana Rasulullah SAW ngahubung-hubungken ilmu
jeng Tiongkok? Aya kepentingan naun ? Sajauh mana pengetahuan
baginda Rasulullah Saw tentang Tiongkok?

Hadirin anu berbahagia.

Umat Islam karek sadar waktu perintah sholat mimiti diwajibken.


Ternyata seeur pisan sarana jeng prasarana anu ngadukung kana ibadah
sholat anu khusyu’. sabab ibadah sholat ngandung syarat jeng rukun.

Tah urang moal terang kana perkara rukun jeng syarat shalat
lamun teu rajin ngaji elmuna sholat. Sedengken anu menyangkut masalah
syarat eta erat hubunganana jeng alat jeng materi. Logikana,

Hadirin anu mulia... pada saat sholat diwajibken, maka nutupan


aurat eta disyaratken. nutupan aurat eta kudu ku kain, jeng dina waktu
harita sekitar taun 621 Masehi, hiji hijina negara anu mampu ngahasilken
tekstil kain kur negri Cina.

Tah eta sababna pangna Rasulullah SAW ngahubungkan


kawajiban nuntut ilmu jeng negeri Cina.

Hadirin anu berbahagia.

Bulan Rajab, di mana urang ngalewatina ti taun ka taun. Jeng teu


ukur ngaliwati wungkul, urang sadayana salaku kaum muslimin selalu
menyambut bulan Rajab iyeu kuperingatan-peringatan, pengajian-
pengajian anu dikaitken jeng uraian tentang sholat.

Tapi naha nya, ku datangna bulan rajab iyeu kur ngaliwat kitu
wae??? Tangtu henteu. Sabab anu lewih penting kango urang sadayana
nyaeta ngalenyeupan,merenungi jeng memakna,i ibadah sholat itu ku
aktifitas hirup urang.

Pada saat sholat itu diwajibken kudu khusyu’ maka dina


ngalakuken pagawe,an naun wae urang kudu khusyu’ serius jeng
sungguh-sungguh.
Ketika sholat itu disyaratkan kudu beresih tina hadats, maka dina
ngalakuken naun wae eta kudu bersih tina kebohongan, henteu korupsi
jeng saling menzdolimi.

Lamun saurang pagawe henteu korupsi waktu, jeng lamun si


majikan henteu ngagaweken pagawe secara semena-mena.

Masih seeur hikmah sholat anu perlu ku urang di talaah secara


mendalam. Hayu urang aplikasiken makna sholat urang di luar sholat.
Mudah mudahan urang sadyana selalu dibere kakuatan, petunjuk, jeng
pitulung Alloh SWT, amin.

Sakitu anu ka sanggakeun mudah mudahan aya manfaatna…

Aqulu qouli hadza astaghfirullohal ‘azdim. Wallohul muwafiq ila aqwamit


thoriq. Wassalamualaikum warahmatullohi wabarokatuh. 
Teks Pidato Tentang Kenakalan Remaja
Assalamualaikum wr,wb
Sampurasun,,
Ibu guru anu kusimkuring di pihormat,
Rerencangan sadaya anu kusimkuring dipihormat,
      Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji
sinareng syukur ka hadirat Gusti anu Maha Suci, anu parantos masihan
kasehatan sareng kasempetan ka urang sadaya, rehna dina danget
ayeuna urang tiasa riung mumpulung, paampro jonghok, patepang
raray di ieu tempat nu sederhana ieu.
Sholawat miwah sallam mugia tetep ngocor ka jungjunan urang Nabi
panungtung, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana,
sohabatna, tabi’in tabi’atna tur dugi ka urang salaku umatna anu
insyaAllah kenging syafa’at ti mantenna.
Sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka palawargi sadaya anu
parantos hadir di ieu tempat, hapunten upamina tempat anu
disadiakeun kirang nyugemakeun. Dina kasempetan ieu abdi bade
ngaguar perkawis Pergaulan Bebas.
Palawargi sadaya,
        
Sapertos anu kuurang tiasa diperhatoskeun di zaman kiwari kahirupan
barudak rumaja atos ngawitan robah. Seueur waktu anu sakedahna
dilebetan ku hal anu ngandung kahadean malah dilebetan ku hal anu
ngandung kaawonan.
Diantarana wae waktu bubar sakola nu kedahna dilebetan ku
ekstrakurikuler ieumah diangge ameng, momotoran, sareng
bobogohan. Sanes teu kenging ari bobogohan teh, tapi da ari
saumuran urang mah bobogohanna ge anu sawajarna wae, bisa ngan
saukur smsan hungkul, tong dugikeun ka ameng wae duaan da ngewa
katinggalna.
Kumaha upamina hubunganna pegat atanapi kumaha upami aya hal
anu teu dipikahoyong malah kajadian ?. Saha anu bakal riweuh sareng
isinna? da urang jeung kolot oge.
                Tah aya sababaraha hal anu jadi panyabab pergaulan bebas
eta diantarana ;
1.       Kurangna perhatosan ti kolot
2.       Kolot anu cerai (pisah/pegat)
3.       Kurangna Iman
4.       Wewengkon dumuk
5.       Budak anu teu nurut ka kolot
Tah kusabab kitu hayu atuh urang sasarengan ngajauh jeung
ngamusnahkeun eta pergaulan bebas. Kumaha carana ? Nya kucara
ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT, nurut ka kolot,
junun sakola supaya tiasa ngahontal naon dipikahoyong, nyibukeun diri
ku aktif di organisasi-organisasi anu aya gunana sareng anu seueur
ngandung kasaean.
Palawargi sadaya,
       Rupina, cekap sakitu anu tiasa kusimkuring dipihatur. Hapunten
saupamina seueur kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagores
manahna ku ucapan simkuring. Dan abdi ngadugikeun ieuteh ngan
saukur ngaharep mugia para rumaja di Indonesia khususna ditatar
Pasundan tiasa nebihan eta pergaulan bebas. Haturnuhun kana
perhatosanana.
Saninten buah saninten
Saninten di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai