Anda di halaman 1dari 1

Sateuacan simkuring mitutur ku saur nyarita ku basa, neda disihapunten tina samudaya kalepatan bilih aya basa

anu kirang mernah kana manah Bapak/Ibu sadayana. Lajeng ngahaturkeun nuhun oge ka pangatur acara pambagi
waktos anu parantos masihan kasempetan kanggo simkuring sasanggem dina ieu kegiatan.
Assalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabarakatuh …
Bissmillah … Alhamdulillah … Wassholatu wassalamu ala rasulillah … Laa haula wala quwwata ilabillah …
Anu dipikahormat …
Bapak Korwil Bidang Pendidikan Kecamatan Cibalong (Drs. Tori, M.MPd);
Bapak Pengawas Bina Gugus Maroko (Mahli Wahyudin, S. Ag);
Bapak Ketua PGRI Ranting Gugus Maroko beserta jajarannya (Helmi Herdiansyah, S.Pd);
Ibu Kepala Sekolah SDN 1 Sagara Periode 2015-2021 (Ati Dewi Kusmiati, S.Pd);
Bapak Kepala Sekolah SDN 1 Sagara Periode 2022 s/d (Siswoyo, S.Pd.SD);
Bapak Ketua Komite SDN 1 Sagara beserta jajarannya (Aep Saepul Hayat);
Seluruh Kepala Sekolah Dasar Se-Gugus Maroko;
Seluruh Guru-guru Sekolah Dasar Se-Gugus Maroko;
Seluruh Bapak/Ibu Perwakilan Orang Tua atau Wali Siswa-siswi SDN 1 Sagara;
Pujining ati anu wening unggal detik disarengan sumerah ikhlas manga urang sami-sami sanggakeun ka dzat
Allah SWT anu murbeng alam. Sembahing sukma anu setra, unggal nafas urang sanggakeun ka dzat Allah anu
maha luhur Allah anu maha kawasa, luhur teu kawengku ku usum, kawasa teu kasengker ku wates, sadayana
makhluk aya dina cecepengannana.
Sholawat sinareng salam miwah kawilujengan mugia nyaahan walungan anu nyambung tur nutug kalautan
kanjeng nabi Muhammad SAW, teu kakantun kairing kulawargina, sohabatna, tabiin, tabi’at tug dugi kaurang
sadayana salakau umat mantenna.
Bapak / Ibu anu dipihormat, Simkuring ngadeg dipayun bapak/ibu sadayana dinten ieu Salasa kaping 18
Januari 2022 ngagaduhan pancen, janten wawakil rerencangan guru-guru ti SDN 1 Sagara kanggo ngadugikeun
katineung, kedal lisan dina raraga nu jejerna Serah Terima Jabatan Kepala Sekolah SDN 1 Sagara.
Sakumaha anu diuninga sadayana, yen di tahun 2022 kersaning di SDN 1 Sagara khususna, umumna di
sadayana SD Se-Kecamatan Cibalong aya namina nu disebat rotasi sareng mutasi Kepala Sekolah.
Kanggo Ibu Ati, Ibu … wilujeng mancen tugas ditempat anu enggal, pamugi sing aya dina kaberkahan tur
langkung majengeras hususna sim abdi pribadi umumna rerencangan guru sadaya neda panghapunten ti Ibu, wireh
salami sasarengan ieu rumaos seueur kalepatan, sagala rupi paripolah sinareng laku lampah anu sakitu picarioseun
wae, pamugi ibu tiasa ngapunten sagala rupina.Oge ngahaturkeun nuhun kana bimbingan sareng arahan katut
kasaean Ibu salami ieu, pamugi sagala rupi eta tiasa di wales, digentosan ku Gusti Allah kunu langkung.
Kanggo Bapak Siswoyo
Hapunten anu kasuhun bilih aya cariosan anu teu sapagodos sareng manah Bapak/Ibu sadayana.
Wallahul muwafiq ila aqwamith thoriq, Wassalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabarrakatuh …aaaa

selafuaslsnd

Anda mungkin juga menyukai