Anda di halaman 1dari 1

TANAH SUNDA

Iasana : Ajip Rosidi

Hejo Pagunungan
Paul Lautan
Hejo
Paul
Langitna hate kuring
Masing dimana kuring nangtung
Masing kamana kuring leumpang
Tanah lemboh matak betah
Angin nyeot nyiuman tarang
Masing dimana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mungpang kuring rek datang
Neu’eulkeun tarang Neu’eulkeun jantung
Kuring tungtung teuteupan
Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayabah
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Maranehna nu mika cinta lemah caina
Ngalungsar teu walakaya
Kuring geus nyaksian raja pati teu pilih wanci
Kuring geus nyaksian nungarinah beuki genah
Maranehna nu ngabela tanah karuhun nana
Diparaksa kudu aringkah
Langit hibar lembur musnah
Walungan banjir ku getih
Sawah ruhay huma burahay
Angin ngahiuk perahan fitnah
Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan batu genahan
hejo pagunungan paul lautan
taya katentraman ngan ancaman
kembang beureum buah biru
kembang wera kembang jayanti
tanah tempat kuring sideku
ngurugan mun kuring teupika pati

Anda mungkin juga menyukai