Anda di halaman 1dari 1

KABERSIHAN LINGKUNGAN

Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh

Bapak sareng Ibu guru anu ku simkuring dipikahormat


Sareng rerencangan nu gaduh kabunggah
Urang sadaya terang yen kebersihan teh penting pisan dina kahirupan urang.
Kabersihan teh ngawengku sababaraha hal, nya eta kabersihan kaayaan, pakean,
perumahan sareng lingkungan sakeuliling.
Ngabersihkeun diri tangtu geus biasa urang laksanakeun tiap dinten. Kumaha urang
ngajaga lingkungan sakeuliling urang?
Hayu urang mimitian ku diri urang sorangan.
Contona, nalika urang isuk-isuk nepi ka sore, urang disakola loba kagiatan anu
ngahasilkeun runtah, contona lamun meuli dahareun atawa inuman urang bakal
ninggalkeun bungkus dina bentuk plastik, kertas atawa lainna. Urang salaku nu meuli kudu
miceun runtah di tempat nu geus disadiakeun. Ulah nepi ka runtah marakbak, sabab
ngaganggu kagiatan sakola jeung ngarusak kaendahan. Kertas atawa runtah-runtah sejenna
anu sumebar langsung dibersihkeun, tuluy runtah-runtahna dipupus sangkan henteu jadi
sarang sato nu penyebaran panyakit.
Aya paribasa nu nyebutkeun “Kabersihan teh dasar kasehatan.” Hartina lamun urang
ngajaga kabersihan, awak atawa lingkungan tangtu bakal ngawujudkeun kasehatan jasmani
jeung rohani. Ku kituna, hayu urang jaga kabersihan diri lingkungan sangkan tercipta budaya
bersih dina kahirupan urang.
Sakitu ti simkuring, sanaos sakedik, mugia aya mangpaatna kanggo urang sadayana.
Bilih aya kecap anu kirang nyenangkeun hate, simkuring nuhunkeun dihapuntenna.
Parantos sareng hatur nuhun.

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarokatuh.

DWIKY AMBIA
XI MIPA 4
BIANTARA BASA SUNDA

Anda mungkin juga menyukai