Anda di halaman 1dari 3

PEMERINTAH KABUPATEN PANGANDARAN

DINAS PENDIDIKAN PEMUDA DAN OLAHRAGA


SEKOLAH DASAR NEGERI 2 CIKEMBULAN
KORWIL DISDIKPORA KECAMATAN SIDAMULIH

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)


SEMESTER 1TAHUN PELAJARAN 2021-2022

MATA PELAJARAN : BAHASA SUNDA


KELAS : III
HARI / TANGGAL : ………………
WAKTU : 90 MENIT
No Nama Siswa Nilai Paraf Guru Paraf
Absen

I. Berilah tanda silang (x) didepan huruf a,b,c didepan jawaban yang benar !

Kulawarga
Kulawarga teh kumpulan masarakat anu pangleutikna. Hiji keluarga saeutikna kudu ka weungku
ku bapa, indung jeung anak. Tapi mun ditilik leuwih jauh, hiji kulawarga teh pakuatkait jeung nu
sejenna. Tah nu kitu teh di sebutna pancakaki. Lamun hiji kulawarga di pancakaki kadituna bakal
aya aki, nini, emang, bibi, uwa, lanceuk, adi jeung saterusna.

1. Judul wacana di luhur nya eta....


a. kumpulan c. kulawarga              
b. masarakat                d. pancakaki
2. masarakat anu pangleutikna nya eta…..
a. kumpulan c. kulawarga
b. masarakat                d. pancakaki
3. Sebutan pikeun adi bapa anu lalaki….
a. aki c. emang                     
b. apa d. ua                      
4. Nu ngalahirkeun urang teh nyaeta………….
a. bapa c. bibi                         
b. indung                    d. nini
5. Cara nulis ngaran nu bener nyaeta……
a. Yudi , deni jeung roni c. Reni, riri jeung wati
b. Andi, Arya jeng Bayu      d. Rudi, mala jeung Wati
6. Kamari di Dayeuhkolot hujan
Kalimah di luhur ditungtungan ku tanda...
a. panyeluk (!)  c. peun (.)                                       
b. panalek (?)     d. koma (,)          
7. Jang, anteurkeun cau ka warung
Kalimah di luhur ditungtungan ku tanda...
a. panyeluk (!)     c. peun (.)                        
b. panalek (?)             d. koma (,) 
8. Di Dayeuhkolot loba imah nu kabanjiran. Kabanjiran sarua jeung....
a. kahujanan    c. kacaahan   
b. kahuruan        d. kabangsatan        
9. Kecap  raranggeuyan mun dicurat jadi....
a. ra-rang-geu-yan     c. ra- ranggeuy-an   
b. ra-rang-geuyan        d.rarang-geuyan
10. Budak anu babari dititah, disebut....
a. ogoan          c. daekan                                  
b. eraan      d. pohoan   
11. Olah raga anu make bet, meja jeung bal leutik nya eta...
a. voli         c. basket                     
b. badminton       d. pingpong
12. Anak gajah ngarana....
a. eneng     c. belo                                                  
b. menel        d. begu
13. Ibuna bapa abdi sok disebut....
a. indung    c. bibi                                                   
b. nini                          d. ua
14. Manggu nu asak warnana hideung ......
a. euceuy      c. ngagedod              
b. nyacas    d. meles
15. Bungbuahan anu rasana haseum nyaeta....
a. cau       c. sawo                                   
b. kadu          d. kadongdong
16.  Kembang bawang ngarana....
a. jamotrot    c. ulated                                             
b. bolotot                    d. olohok
17. Sukuna……. ku beuling da teu di sandal.
a. kacugak       c. katakol                                  
b. kabuka                    d. katincak
18. Cing atuh buuk teh gera ........ atuh! Ulah diantepkeun sina kusut kitu!
a. sapuan   c. ampihan                                            
b. sisiran            d. angsulan
19. Dudi meuli bebedilan ti Bandung. Nu nuduhkeun katerangan ( K) tina kalimah tadi nyaeta...
a. Dudi     c.bebedilan                 
b. meuli       d. Bandung
20. Maca puisi the sorana kudu….
a. lendo      c. gancang                                           
b. tarik         d. jelas
               
II. URAIAN
1. ………. ngaran budak teh? Namina Muhammad.
2. Rupa buah manggu di jerona nya eta…………..
3. Kembang malati kaambeuna…………………
4. Lamun hayang ningali ombak mah kudu ulin ka…………………..
5. Rorompok abdi di Ciparay, dupi ……………. Pa lurah dimana?

Anda mungkin juga menyukai