Anda di halaman 1dari 1

Uleman Kahatur

Halal Bihalal & Temu Kangen Bapa/ Ibu/ Sadérék:


Keluarga Besar H. Syamsudin

Bangsal, 20 Ramadhan 1443 H


(hapunten bilih aya kalepatan nyerat jenengan/gelar)

Bismillahirrohmanirrohiim

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokaatuh

Salam silaturahim kairing du’a mugi Bapa/ Ibu/ Sadérék aya dina panangtayungan Gusti Anu Maha
Suci.

Kalayan miharep rido Alloh SWT, sim kuring gaduh maksad Tasyakur Walimatus Safar, wiréhing
seja ngalaksanakan rukun Islam anu ka lima.

Dupi tempat sareng waktosna insya Allah dina:

Dinten: Senén

Kaping: 18 Januari 2021

Waktos: Tabuh 9 dugi ka réngsé

Tempatna: di rorompok, Kampung Legok RT. 01 RW. 05 Désa Banjarwangi, Kecamatan


Banjarwangi, Kabupaten Garut.

Ngaraos bingah nu taya papadana saupami Bapa, Ibu, miwah sadérék sadaya tiasa sumping
rurumpaheun dina waktosna, ngadeudeul du’a ka sim kuring/ pun bojo/ pun anak supados aya dina
kalancaran, kasehatan, kakiatan, sareng janten haji anu mabrur/mabruroh.

Kana kaweningan galih salira, langkung ti payun timpah hatur réwu nuhun.

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokaatuh.

Husni Cahya Gumilar/ Yayu Herawati

Anda mungkin juga menyukai