Anda di halaman 1dari 3

Nama: Cahaya Ramadhani Tsuraya & Siti Maharani Rahayu

Kelas : VIII-H

Sekolah: SMPN 1 SITURAJA

Tugas: Bahasa Sunda

PATURAY TINEUNG KELAS IX

Cahaya:" Assalamualaikum Wr.Wb. Para wargi nu sami-sami linggih, langkung tipayun mangga urang
muji syukur kahadirat Allah Swt., anu parantos marengkeun urang sadaya nu tiasa patepang lawung dina
ieu acara. Kalayan widi-Na urang sadaya tiasa silaturahmi kalayqn sehat wal afiat dina acara PATURAY
TINEUNG SISWA KELAS IX SMPN 1 SITURAJA TAHUN PELAJARA 2022-2023. Teu kakantun solawat
sinareng salam urang sanggakeun ka panutan alam kanjeng Nabi akhir jaman Muhammad Saw., kapara
sahabatna, kulawargina, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Siti :" Salaku panata acara, simkuring teu hilap ngahaturkeun wilujeung sumping ka para tamu uleman,
utamina Ibu kapala sakola, Bapak/Ibu ketua komite, Bapak/Ibu wakil kapala sakola, Bapak/Ibu guru, ogè
teu hilap Bapak/Ibu anu janteun sepuh sareng wali murid, sareng teu kakantun siswa/i nu berprestasi,
sareng siswa/i kelas IX anu dinten ieu badè di istrènan janten wisudawan/wisudawati.

Cahaya:" Sakumaha anu parantos didugikeun dina serat uleman ieu acara taya sanes seja nga breh keun
rasa kabingah reh na sasaya murid kelas IX tiasa namatkeun di ieu sakola kalayan hasil nu nyugemakeun.
Tandaning sukur ka nu maha kawasa kumargi kitu simkuring seja nyanggakeun pangwilujeung, reh na
siswa/i kelas IX nu di luluguan ku kulawarga besar SPMN 1 SITURAJA. Simkuring anu kapapancènan ku
pupuhu panitia kanggo nataan runtuyan acara ti kawit dugi ka akhir ti awal dugi ka tuntas na ieu acara
dupi acara anu bade di selenggarakeun nyaèta: 1. Bubuka 2. Ngaoskeun ayat suci al-qur'an sareng
satilawahna 3. Ngahaleuangkeun lagu Indonesia Raya 4. Laporan ketua OSIS 5. Biantara pangbagèa ti
kapala sakola, ketua komite, wakil siswa kelas IX 6. Acara pokok upacara adat pelepasan siswa kelas IX 7.
Penyerahan cindera mata 8. Pengumuman siswa/i berprestasi sareng pembagian hadiah 9. Pengalungan
medali 10. Maca dua 11. Panutup 12. Hiburan."

Siti:" Supados teu nyolongkong kanu waktos mangga ieu acara urang buka ku aosan basmallah
sasarengan " BUSMILLAHIRROHMANIRROHIM". Ku aosan èta acara parantos dibuka kalayan resmi di
kawitan. Nincak acara nu ka dua supados langkung barokah mangga urang sami-sami ngaregeupkeun
galindengna aosan ayat suci Al-qur'an sareng sartilawahna anu badè di aoskeun atawa di dugikeun ku
sadèrèk Satria sareng Aulia (bèrès). Haturnuhun ka Satria sareng Aulia anu parantos ngaoskeun ayat
suci al-qur'an sqreng saritilawahna. Mudah-mudahan ku ngalangkungan aosan nu nembe amanah anu di
popoyankeun tina dawuhan Allah Swt., urang sadaya tiasa ngajalankeun sakumaha mistina malah
mandar aya dina ridho Allah Swt. AAMIIN."
Cahaya:" Acara salajeungna nyaèta ngahaleuangkeun lagu Indonesia Raya anu badè di dirihènan ku
Dynda hadirin dihaturanan ngadeg (beres). Hadirin dihaturanan linggih deui."

Siti:" Acara nu ka opat nyaèta laporan ti ketua panitia nu badè di dugikeun ku pupuhu OSIS mangga
dihaturanan (bere). Ngahaturkeun nuhun ka pupuhu OSIS nu parantos masihkeun laporan tina ieu
acara."

Cahaya:" Acara anu salajeng na nyèta biantara pangbagèa ti Ibu kapala sakola mangga dihaturanan
(beres). Saterasna aya biantara ti Bapak ketua komite SMPN 1 SITURAJA mangga dihaturanan (beres).
Biantara pangbagèa nu terakhir badè di dugikeun ku wakil siswa ti kelas IX mangga dihaturanan (berea).
Haturnuhun ka Ibu kapala sakola, Bapak ketua komite sakola, sareng wakil sisqa ti kelas IX mugi-mugi
biantara nu tadi di dugikeun aya mangpaatna kanggo urang sadaya."

Siti:" Acara salajeung na nyaèta acara pokok. Upacara adat pelepasan siswa kelas IX (beres). Nincak
acara nu ka tujuh nyaèta penyerahan cindera mata kanggè kenang-kenangan (beres)."

Cahaya:" Acara salajeng na pengumuman siswa/i berprestasi sareng pembagian hadiah (beres). Acara nu
saterasna nyaèta pengalungan medali kanggo siswa/i kelas IX (beres)."

Siti:" Nincak acara nu ka sabelas nyaèta ngaoskeun dua marangga urang sasarengan ngadua ka Allah
Swt., nu badè di pimpin ku Ramdan mangga di haturanan (beres). Haturnuhun ka Ramdan nu parantos
mimpin ieu dua."

Cahaya:" Sateuacanna kana acara puncak nayèta hiburan mangga urang sadaya tutup ieu acara ku aosan
hamdalah "ALHAMDULILLAHIROBBIL'ALAMIN" simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadaya jalmi nu aya
didieu kanggo peratosanana anu parantos nyaksikeun ieu acara PATURAY TINEUNG ti awal dugi ka akhir.
Sateuacanna urang marulang ka rorompokna masing-masing urang saksènan heula ieu acara puncak
nyaèta hiburan (beres)."

Siti:" Bapak/Ibu anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos rèngsè dilaksanakeun. Mugi-
mugi ieu acara tèh aya mangpaat na. Rupina ieu acara tèh urang pungkas waè, simkuring Siti Maharani
Rahayu."

Cahaya:" Simkuring Cahaya Ramadhani Tsuraya."

Siti:" Nyuhunkeun dihapunten upami aya kalepatan salami mimpin ieu acara. Haturnuhun kana
perhatosanana. Wassalamualaikum Wr.Wb."

Anda mungkin juga menyukai