Anda di halaman 1dari 1

B

Kel. Bp. Rohimi / Ibu Nayu Susanti


RT. 013 RW. 007 Blok Wage
Desa Japara Kahatur
Kapayuneun Bapak / Saderek
Oo Suntoro (Kaur Pem)
Di
Panglinggihan

Assalamu’alaikum Wr.Wb

Kusumujudna hate anu miharep ridha Allah Robbul Izzati,


Sinareng shalawat miwah salam mugia tumetep ka jungjungan
Urang sadaya habibbana Rasullullah SAW

Rasa bingah anu taya hinggana diwuwuh ku sujud syukur kanu Maha Agung
Sim kuring seja ngahaturanan linggihna Bapa/Saderek
dina raraga Nyukur pun Anak anu nami :

Namira Fatimah Azahra


Anu katangtosannana Insya Allah dilaksanakeun dina :

Dinten : Minggu
Kaping : 01 Januari 2023
Waktos : Tabuh 12.30 WIB. ( Ba’da Solat Dzuhur)
Padumukan : Dirompok Bp. Saprudin RT. 013 RW. 007
Blok Wage Desa Japara

Mangrupikeun hiji tawis kabingahan anu teu kinten ageungna kanggo simkuring,
saupami Bapa/saderek kersa rurumpaheun sumping dina waktosna
kalayan taya seja anu dipundut kajabi nyuhunkeun pidu’ana mugia
pun anak dijantenkeun putri anu sholehah
ngabakti kanu jadi sepuh, agama tur darigamana

Tina samudaya kaweningan galih sareng kaikhlasan manah


Bapa miwah Saderek teu hilap sim kuring ngahaturkeun Rewu nuhun laksaketi
kabingahan, mugia amal Kasaean Bapa miwah Saderek sadaya
ditampi ku Allah SWT, Amiin …

Wassalamu’alaikum Wr.Wb

Bp. Rohimi / Ibu Nayu Susanti


Sakulawargi

Anda mungkin juga menyukai