Anda di halaman 1dari 3

ِ ‫شر ُْو ِر َأ ْنفُسِ َنا َو ِمنْ َس ِّيَئ ا‬

‫ت‬ ُ ْ‫هلل ِمن‬ ُ ‫ َو َنع‬،ُ‫ِإنَّ ْال َحمْ دَ هَّلِل ِ َنحْ َم ُدهُ َو َنسْ َت ِع ْي ُن ُه َو َنسْ َت ْغ ِف ُره‬
ِ ‫ُوذ ِبا‬
َ ‫ َمنْ َي ْه ِد هللاُ َفالَ مُضِ َّل َل ُه َو َمنْ يُضْ لِ ْل َفالَ َهاد‬،‫َأعْ َمالِ َنا‬
‫ِي َل ُه‬
‫ْك َل ُه َوَأ ْش َه ُد َأنَّ م َُح َّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َرس ُْولُ ُه‬
َ ‫َأ ْش َه ُد َأنَّ الَ ِإ َل َه ِإالَّ هللاُ َوحْ دَ هُ الَ َش ِري‬

ِ ‫ان ِإ َلى َي ْو ِم ال ِّدي‬


.‫ْن‬ َ ‫اَللَّ ُه َّم‬
َ ‫ص ِّل َع َلى سيدنا م َُح َّم ٍد َو َع َلى آلِ ِه َو‬
ٍ ‫صحْ ِب ِه َو َمنْ َت ِب َع ُه ْم بِِإحْ َس‬
‫اما بعـد‬
، ‫ان الرَّ ِجي ِْم‬
ِ ‫ْط‬ ِ ‫ اَع ُْو ُذ ِبا‬:‫َ قال هللا تعالى‬
َ ‫هلل م َِن ال َّشي‬

‫ان الرَّ ِجي ِْم‬


ِ ‫ْط‬ ِ ‫ اَع ُْو ُذ ِبا‬:‫قال هللا تعالى‬
َ ‫هلل م َِن ال َّشي‬

Saba’da na puji sinareng syukur disanggakeun kanu kagungan urang


sadaya Alloh SWT. Tamada éstuning ku kersaning mantena urang
tiasa kumpul ngariung bongkok ngaronyok di ieu wewengkon. Mugia
pareng rohmat sareng barokah-Na dipaparinkeun ka urang sadaya.
Amin ya robbal ‘alamin.

Salam sinareng sholawat mugia salawasna langgeng ngocor ka


jungjunan urang sadaya Nabiyana Muhammad SAW. Kasadayana
kulawargana, para sahabat, kasadayana umatna tug dugi ka urang
anu sami tumut manut kana ajaran mantena, mugia kénging
syafaatna engké diyaumil akhir. Amin ya robbal ‘alamin.

Bapak bapak, Ibu ibu, adi-adi sadayana hormateun simkuring,


kasadayana warga masyarakat wewengkon... (ciparay) ka para
sepuh, para ulama, ustadz sinareng ustadzah, bapak RW katut
réngrénganana. Hususna ka shohibul bait kulawarga Bapak/Ibu...
(sebutkan nama orang tua calon pengantin wanita).
Simkuring asmana kulawarga Bapak/Ibu... (sebutkan
nama orang tua calon mempelai pria) ti cimahi.
Ngahaturkeun wilujeng patepung lawung paamprok
jonghok, patepang raray. Hapunten anu kasuhun boh
bilih dongkapna simkuring saparakanca kirang tata-titi
duduga sareng peryogana. Mugia kersa ngahapunten
kana sagala rupi kakirangan sinareng kalepatana.

Sababaraha minggon kapengker simkuring kasumpingan sepuhna


calon pangantén pameget, disarengan sasauran “Wayahna
pangjajapkeun pun anak anu wastana... (sebutkan nama calon
mempelai pria), anjeuna badé ngarambah sagara rumah tangga ka
urang Cipatat, sakantenan pang nyérénkeun”.

Manah bingah amar wata suta bingah kagiri-giri, kitu panginten


sasauran ki Dalang mah. Naha bingah? kumargi nu kahiji mugia
niatna Cép... (Sebutkan nama calon mempelai pria) ngadahup ka
Néng... (Sebutkan nama calon mempelai wanita).

Margi hapunten simkuring sanés santri anu pinter ngaji, sanés


pujangga anu biasa ngaréka basa. Mung sakieu buktosna hapunten
anu kasuhun.

Kumargi mandat amanah parantos dipasihkeun ku sepuhna


calon pangantén pameget. Ayeuna simkuring badé ngaguar
hal anu utami nyaéta badé ngadugikeun pamaksadanana
nyérénkeun
kahiji, mangga nyanggakeun calon pangantén pameget anu
wastana Cép (Sebutkan nama calon mempelai pria) kanggo
ngalakasanakeun ijab kobul akad nikah. Di luhur sausap
rambut di handap sahibas dampal, éstuning nyanggakeun
sabeuleugeunjeurna.
M ka dua, mangga nyanggakeun cacandakanana. Sanaos mung
saukur barang sapira, mugia sing janten bukti pamatri ati,
nyampurnakeun deudeul du’a ti sepuh ogé ti sadayana wargina.
Mugia janten panambih kabingah ogé hatur lumayan.

M ka tilu, mung sakitu anu kapihatur. Hapunten anu kasuhun


mugia ti kawit dugi ka ahir simkuring cumarios, urang sami
waspaos sareng mugia sapagodos ngarah énggal permios.
sakitu anu kapihatur, ogé hapunten anu kasuhun bilih aya
basa kirang merenah kana manah. Bilih kasiku catur, katajong
omong, karumpak carita, tawakuf anu diseja.
Baarakallaahu laka, wa baaraka 'alaika, wa jama'a
baynakumaa fii khair. Rabbana atina fid-dunya hasanatan wa
fil 'akhirati hasanatan waqina 'adhaban-nar. Wallahul
muwaafiq ilaa aqwamit thariq.
Wassalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

Anda mungkin juga menyukai