Anda di halaman 1dari 4

1.

Dina sastra Indonesia mah sisindiran teh sok disebut…


a. Cerpen
b. Prosa
c. Pantun
d. Puisi
2. Dumasar kana wangunna, sisindiran kabagi jadi tilu golongan, nyaeta….
a. Paparikan, rarakita, jeung tatarucingan
b. Tatarucingan, wawangsalan, jeung teteguhan
c. Paparikan, rarakitan jeung wawangsalan
d. Silih asih, piwuruk, jeung sesebred

3. Dumasar kana eusina sisindiran teh aya nu piwuruk, silih asih jeung….
a. Sesebred
b. Paparikan
c. Rarakitan
d. Wawangsalan

Mawa peti dina sundung


Ditumpangan ku karanjang
……………………………
……………………………

4. Eusi anu merenah pikeun ngalengkepan cangkang sisindiran di luhur ….


a. Pangarti teu beurat nanggung Tapi mangpaatna manjang
b. Nu ngarti jalan di Bandung Ciri jalma loba pangarti
c. Nyaahna indung ka anak mun disakolakeun ka Bandung
d. Mihormat ka Indung Bapa Tangtu dipiasih Gusti

Meuli pedes ngan sakilo


Diwadahan ku si bayu
Andi mah da sanes jomlo
Ngan sakadar henteu payu

5. Sisindiran di luhur teh eusina…


a. Silih asih
b. Piwuruk
c. Sesebred
d. Pikasebeleun

6. Mun ditilik tina wangunna, sisindiran di luhur teh kaasup kana….


a. Rarakitan
b. Paparikan
c. Wawangsalan
d. Sesebred

Sing getol nginum jajamu


Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat
7. Sisindiran di luhur teh eusina..
a. Papatah
b. Silih asih
c. Sesebred
d. Pikasebeleun

8. Mun ditilik tina wangunna, sisindiran di luhur teh kaasup kana..


a. Paparikan
b. Wawangsalan
c. Rarakitan
d. Silih asih

Teu beunang di piring leutik


Teu beunang di pika isin

9. Wawangsalan di luhur teh wangsalna…


a. Tatakan
b. Pisin
c. Baki
d. Talenan

10. Wawangsalan di handap anu wangsalna reungit nyaeta…


a. Langir cai leumpang ngijing, Kadeuleu kayap-keyepna
b. Laleur leutik hama raga, Liarna sakolong langit
c. Laleur hideung panyeureudan, Kilang bara urang jadi
d. Manuk lisung anu jalu, Dagoan di pasampangan

11. Karangan puisi anu mangrupa dangding anu kawilang panjang disebut..
a. sajak
b. dongeng
c. guguritan
d. pupujian
12. Guguritan Biasana dibacana...
a. dideklamasikeun
b. digalindengkeun
c. dipantunkeun
d. dihariringkeun
13. Pupuh nu digunakeun dina guguritan biasana aya .... rupa
a. hiji
b. dua
c. tilu
d. opat
14. nu kaasup pupuh sekar ageung nyaeta...
a. balakbak
b. ladrang
c. sinom
d. mijil
15. nu kaasup pupuh sekar alit nyaeta...
a. sinom
b. mijil
c. kinanti
d. asmarandana
16. patokan pupuh sinom teh nyaeta
a. 8a, 8i, 8a, 8i,7i, 8u, 7a, 8i, 12a
b. 8u, 8a, 8i, 8a,8i, 8a, 8i
c. 8a, 8i, 8e/o,8a, 7a, 8u, 8a
d. 10i, 6o,10e, 10i, 6i, 6u
17. Eling-eling mangka eling Rumingkang di bumi alam Darma wawayangan bae Raga
taya pangawasa Lamun kasasar lampah Nafsu nu matak kaduhungBadan anu
katempuhan.... guguritan anu dianggit make pupuh asmarandana di luhur eusina
nyaritakeun ngeunaan....
a. kabersihan lingkungan
b. kasedihan lantaran dibendon
c. kanyaah kasasama
d. kacinta ka lemah cai

18. Pupuh ........................... watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.Unggal
pada diwangun ku tujuh padalisan
a. Asmarandana
b. Sinom
c. Kinanti
d. Magatru

19. pilih jawaban anu bener! Panata acara sok disebut oge....
a. protokol
b. juru bicara
c. narasumber
d. panumbu catur

20. pancen panata acara teh diantarana.....


a. biantara pangbagea kana lumangsungna acara
b. muka jeung nutup sagamblengna acara
c. nangtungkeun nu ngeusian acara
d. ngawakilan panata calagara

21. kagiatan anu biasana tara dijejeran ku panata acara, nyaeta...


a. papasrahan hadiah
b. pelantikan
c. paturay tineung
d. paguneman
22. “ dina kasempetan ieu aya sababaraha acara anu bade disanggakeun.
Anu kahiji, nyaeta pidato ti ketua OSIS periode 2020-2021.
Anu kadua, pidato ti WaKaMad Kesiswaan
Anu katilu, pidato ti Bapa kepala Madrasah”
Cutatan diluhur mangrupa tugas panata acara, nyaeta.....
a. Muka acara
b. Nutup acara
c. Ngajelaskeun urutan acara
d. Nyambungkeun acara

23. “ hatur nuhun ka saderek ketua OSIS anu bieu parantos maparin sambutan.
Ayeuna urang lajeungkeun kana acara nu kadua nyaeta serah terima jabatan ketua
OSIS.
Cutatan diluhur mangrupa tugas panata acara, Nyaeta....
a. Muka acara
b. Nutup acara
c. Ngajelaskeun urutan acara
d. Nyambungkeun acara

24. Panata acara kudu enya enya apal kana runtuyan acara...
a. Sabada acara lumangsung
b. Dina mangsa acara lumangsung
c. Samemeh acara lumangsung
d. Ti nu rek ngeusian acara

25. Bagean bubuka biasana dicirian ku kalimah...


a. Rampes
b. Selamat tinggal
c. Selamat malam
d. Sampurasun

Eusi patarosan dihandap kalayan tarapti tur lengkep!

26. Untuk soal essai no 26 siapkan sisindiran paparikan dan rarakitan!masing masing satu
27. Hafalkan 13 pupuh yang termasuk sekar alit!
28. Hafalkan 4 pupuh yang termasuk sekar ageung!
29. Baca tentang guru lagu jeung guru wilangan pada guguritan!
30. Hal anu kudu dipalire lamun jadi panata acara diantarana, bisa dibacapada buku paket hal 94
ada 7 poin yang harus dipahami!

Anda mungkin juga menyukai