Anda di halaman 1dari 4

BUBUKA

Assalamua’laikum Wr. Wb.

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos
sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun
nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade
dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.

Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh
kelurahan katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.

Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten
pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah,
mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di
kalungkeun).

Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura
gek calik.

SESERAHAN

Bismillahhirrahmannirahim.

Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan,
bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-
dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.

Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi
duduga.

Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.

Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap .

Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran. Namung kedah di bejer
beaskeun, kembang boled nu tetela.

Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di
lantunkeun ku _____

Ngahaturkeun nuhun ka ___ Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan


ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami
ngupingkeun. ”amin”.

Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamnahan,
aya naon nya pamaksadan.

Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang.

Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten
pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten
pameget miwah rombongan.

Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini ,
manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng
cacandakanna.

Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di
sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana.

Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan
batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana

Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu
calon panganten istri.

Nusanes namah di antaykeun wae.

(Mangga calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana,

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada,
koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih Ng__cep ________

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti para wargi
sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.(Mangga candak calon panganten istri ka luar).

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad
Tikah.............

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pangdu’a ti
sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.

Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman. (Mangga ieu acara disanggakeun kka
pangersa________)

DO’A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti
nu maha suci.

Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a. Kangge mimpin ieu do’a.
mangga ka pangersa ______ di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi, undak
unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah.

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.


BUBUKA
Assalamua’laikum Wr. Wb. Ibu-ibu, Bapa-bapa sareng para wargi sadayana anu sami
linggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku urang sadayana, Alhamdulillah
calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy
ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.
Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita, nyaeta minangka pamuka acara. Babasan
pandika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah
seureuhna. Neda panyaksen ti sadayana ieu acara bade dikawitan.

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang


ngunun dina pingping haturan wilujeng sumping, di wewengkon (...) tempat
pangaharepan sarakan keur kulawarga. Ka pihak calon panganten Istri, bisi si jalu
hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hiyap calon panganten pameget miwah
rombongan.

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda
tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate
perseka kabersihan manah, ku ibu atanapi wawakil ti pihak calon panganten istri
(mangle di kalungkeun), salajeungna dihaturanan linggih ka calon panganten pameget
miwah rombongan, di tempat anu parantos disayogikeun.

Bismillahirrohmanirrohim Ashadua ala ilaha ilalloh wahdahulasyarikala, waashadu anna


muhammadan abduhu worosulluh.amma ba’du. Alhamdulillah puji sinareng syukur
urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat, kalayan aya dina kasehatan, bingah ka giri-
giri bagja kumbayangan dina dinten (...) ping (...) dua insan parantos jangji pasini
pikeun nyucruk galur sunah rosul, baris ngahiji ngajatukrami.

Ngadahupna neng (...) putrina bapa (...) kalih ibu (...) ka cep (...) Putrana bapa (...) kalih
ibu (...). namung sateuacanna sim kuring pun (...) baris ngadugikeun rundayan acara nu
baris di pedar, di antawisna;

1. Bubuka
2. Lantunan kalam illahi Ku : .........
3. Seren sumeren ti 2 pihak calon panaganten. Panyerahan ti pihak calon panganten
pameget ku (...), Panampian ti pihak calon panganten istri ku : (...)
4. Simbolisasi seserahan
5. Walimatul urusy /akad nikah *ku petugas KUA
6. Sungkeman
7. Tutup

Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim kuring, sumangga
pikeun muka ieu acara urang sasarengan maos basmallah.Bismillahirrohmanirrohim.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara salajengna urang sami dangukeun
lantunan kalam ilahi nu baris di lantunkeun ku pangersa (...) Waktos sareng tempatna
mangga nyanggakeun.

Ngahaturkeun nuhun ka kersana (...) Nu parantos ngalantunkeun kalam ilahi, malah


mandar janten panambih nambih kaimanan sareng kataqwaan urang sadayana. Amin.
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget
miwah rombongan, pamali mun dilami-lami komo dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,
didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.

Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak
tanduk tata titi duduga peryoga. Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung
kedah disarengan ku ucap. Ku kituna, sumangga ka pangersa kasepuhan calon
panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeunana.

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak
calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta
tanpa seja, purwa aya nu dimaksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun tali
babarayaan.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna rupina bade nyerahkeun
calon panganten pameget sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa
panjang carita. Kanggo pang walerna baris di langsung didugikeun ku sesepuh ti pihak
calon panganten istri, kanggo pangersa, sumangga nyanggakeun waktos sareng
tempatna.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya
papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo
mentas. Jalan gede sasapuan batu turun guesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya
pamaksadan.

Salajengna simbolisasi seren sumeren mangga ka ibu calon panganten pameget


kanggo ngadugikeunana ditampi ku ibu calon panganten Istri. (cacandakan nu sanesna
tiasa dipapaykeun ka lebet).

Para wargi sadayana, Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Malati ligar na
ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga
pakaitna tatali asih, ngadahupna Neng (...) ka cep (...) Jangji urang pastikeun subaya
urang nyatakeun. Nu diseja nyaeta neda panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara
akad nikah seja dikawitan. Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan
Agama, nyanggakeun waktosna.

...........................................

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge
pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos engse kalayan lancar, mugia dua insan nu
nembe resmi ngajadi tiasa sarendeuk saigel, sabobot sapihanean, ka cai jadi saleuwi,
ka darat jadi salogak, dina ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah
warohmah. Amin...

Acara salajengna diteraskeun kana sungkeman, ka dua panganten sumangga


sungkeman ka sepuhna nyuhunkeun widi kanggo ngarambah rumah tangga nu baris
dibina. Ibu-ibu, Bapa-bapa miwah para wargi hormateun simkuring, rupina rundayan
acara ti munggaran dugi ka akhir parantos rengse dipedar kalayan aya dina kalancaran.

Mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo
panganteb kahoyong urang sadaya dilajengkeun kana do’a. Kangge mimpin do’a,
mangga ka pangersa (...) dihaturanan.

Sim kuring pun (...) baris amit mundur amit mungkur, hapunten anu kasuhun bilih aya
basa nu teu luyu sareng undak usukna, bilih luhur saur bahe carek, rumaos sanes
ahlina, kanggo nutup ieu acara sumangga urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah
sasarengan. Alhamdulillahirrobil alamin. Hatur nuhun, wassalaualaikum wr.wb.

Kanggo para tatamu aya hidangan ala kadarna ti sohibul hajat, ku kituna sumangga
dihaturanan.

Anda mungkin juga menyukai