Anda di halaman 1dari 4

YAYASAN PENDIDIKAN SYAFA’ATUL QUR’AN

Akte Notaris : Alex Mondri SH.M.Kn No. 78 Tahun 2022. No. Dep.Humkam : AHU-0264.AH.02.01
MADRASAH TSANAWIYAH ULUL ALBAB
TERAKREDITASI “B”
Sk.Kanwil Nomor : Kw.10.4/PP.00.5/9130/2010. Nomor Statistik Madrasah (NSM) : 121232010273
Kode Penyelenggara UN. 794. NPSN Lama : 20269205. NPSN Baru : 20277654. NWP. 311533756403002
Alamat : Kp. Nanggela Rt. 05/03 Desa Nanggerang Kecamatan Tajurhalang Kabupaten Bogor. Kode Pos : 16320 Telp. (021) 87976169.
HP. 082111774728 Latitude. 6.47212.2, Longitude. 106.965.8 E-mail : mts_ululalbab@yahoo.com
ASESMEN SUMATIF AKHIR SEMESTER / PENILAIAN SUMATIF AKHIR SEMESTER
TAHUN PELAJARAN 2023/2024
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Hari/Tanggal : …………………
Kelas : VI (Tujuh) Waktu : 90 Menit

Patunjuk :
1. Maca Bismillaahirrohmaanirrohiim sa acan ngagawekeun soal;
2. Tulslah namina nu lengkap dina lembar jawaban anu geus disiapkeun;
2. Maca soal-soal sing taliti, laporkeun ka pangawas lamun aya tulisan anu kurang jentre, rusak atawa
jumlah soal na kurang;
3. Tiheulakeun ngagawekeun soal-soal anu dianggap gampang;
4. Lamun bade ngomean atawa ngaganti jawaban, bere tanda (=) di jawaban awal (X), tuluy bere tanda
kali (X) dina jawaban anu dianggap benar;
5. Pariksa sadayana jawaban jeung data diri sa acan kertas ulangan na diserahkeun ka pangawas.

I. Pilih jawaban nu pangbenerna sareng mere tanda silang (X), huruf A, B, C, atawa D dina lembar
jawaban !
1. Paguneman teh asalna tina kecap gunem, nu hartina …
A. Sorangan B. Kasar C. silihtempas D. Lemes
2. Baca sempalan paguneman ieu di handap !
Dimas : “Bade iraha ngerjakeun tugas kelompok teh?”
Jasmine : “Dinten Saptu wae nya, kusabab abdi Mingonna bade ngiring pun Bapak kondangan.”
Dimas : “Sumuhun atuh, abdi oge aya acara dinten Minggu mah.”
Jasmine : “Tabuh salapan waenya, di bumi Abdi, carioskeun ke rerencangan.”
Saha nu ngajak ngerjakeun tugas kelompok teh ….
A. Jasmine B. Dimas C. Dedi D. Imas
3. Jam sabaraha rek ngerjakeun tugasna ….
A. Salapan B. Tujuh C. Sapuluh D. Dalapan
4. Baca sempalan paguneman di handap ! Pikeun soal nomor 4-6 !
Riri : “Sakola urang mah asa kurang wadah runtah nya!”
Anita : “Bener, ngan aya hiji, eta oge geus ruksak.”
Riri : “Kumaha lamun ngusulkeun ka pengurus OSIS sangkan di ayakeun kagiatan ngajieun wadah
runtah?”
Anita : “Wah, hade pisan ide na.”
Riri : “Hayu atuh !”
Anita : “Hayu!”
Naon anu diusulkeun ku Riri ka pengurus OSIS …
A. Diayakeun kagiatan nyieun wadah runtah C. Ngayakeun kagiatan opsih
B. Ngusulkeun lomba nyieun sapu D. Lomba ngahiasan rohangan kelas
5. Saha nu jadi palaku dina paguneman di luhur ….
A. Ira jeung Anita B. Riri jeung Nita C. Anita jeng Riri D. Anita jeung Ani
6. Saha anu ngusulkeun ka pangurus OSIS, sangkan diayakeun kagiatan nyieun wadah runtah ….
A. Riri B. Ira C. Anita D. Ari
7. Kecap “hallo” teh sok dikendalkeun lamun urang rek ….
A. Paguneman B. Ngawawarkeun C. Nelepon D. Ngawangkong
8. Tatakrama basa Sunda diwangun ku dua, diantarana…
A. Ragam basa loma jeung basa hormat C. Ragam basa hormat keur sorangan jeung keur
batur
B. Ragam basa kasar jeung basa hormat D. Ragam basa loma jeung basa hormat keur ka
batur
9. Ieu di handap ditatan tatakrama nelepon, iwal ti ….
A. Cekel tuluy angkat gagang telepon lalaunan
B. Mencet nomor tujuan, usahakeun ulah salah mencet
C. Kedalkeun kecap “Hallo!”,salam, atawa ucapan pangwilujeung
D. Usahakeun sing loba ngarenghap salila nyarita
10. Pikeun soal nomer 10-13
Panji : “Aeh, naon PR basa Sunda téh?”
Dika : “Kudu ngarang sajak. Témana bébas. Minggu hareup dikumpulkeun. Ceunah ceuk Bu Lilis
mun sajakna alus rék dikirimkeun ka majalah Sunda.”
Panji : “Atuh mun kitu mah urang rék meuli heula majalahna ah !”
Dika : ‘Urang ge arék. Sugan we sajak urang bisa dimuat.”
Saha nu jadi tokoh dina paguneman di luhur téh ...
A. Dodo jeung Panji B. Panji jeung Dika C. Dika jeungb Dodo D. Panji jeung Andika
11. Naon anu diobrolkeun paguneman di luhur teh?
A. Rek Piknik B. Ngajak ngala lauk C. Nempo nu gering D. Nanyakeun tugas bahasa Sunda
12. Naha bet kudu ngerjakeun tugas ....
A. Sabab nu ngerjakeun tugas jeung sajakna alus bakal dikirimkeun ka majalah Sunda
B. Meh meunang nilai gede
C. Sangkan bisa meunang hadiah ti bu guru
D. Meh meunang pujian ti bu Guru
13. Kumaha nuansa nu ka gambar dina paguneman di luhur ....
A. Teu pikaresepeun
B. Mikir-mikir
C. Sumanget, komo mu meunang mah sajakna rek dimuat di majalah
D. Pikaseurieun
14. Panon poe karek katembong, da ti isuk keneh kahalangan ku awan . Arti katembong mun dihartikeun
kana basa Indonesia, nyaeta ….
A. Kelihatan B. Ke atas C. Ketutup D. Sembunyi
15. Dodo keur ngalongok Edi nu kamari kaserempet ku motor. Kecap ngalongok miboga harti ….
A. Pergi B. Melihat C. Nengok D. Bertemu
16. Baca wacana di handap ! Pikeun soal nomor 16-17 !
Boy-boyan
Boy-boyan téh salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina
kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg (10 - 15) sina
ngajajar kaluhur. Kabéh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép,
minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kenténg na geus runtuh, anu jadi
ucing tuluy ngaberikkan ka anu maén tadi sangkan beunang dibalédog ku bal-na. Lamun aya anu keuna,
pamaén kaluar tina kaulinan nepikeun kabéh kabalédog ku balna.
Dina wacana di luhur, naon anu disebut boy-boyan teh ….
A. Kaulinan kelompok
B. Kaulinan barudak asli ti Indonesia
C. Kaulinan anu geus langka
D. Kaulinan anu make bal (biasana saukuran bal tenis) atawa kertas
17. Naon anu dikumpulkeun dina kaulinan di luhur ….
A. Potongan kenteng B. Batu C. Gulungan kertas D. Bal bekel
18. Gambar dihandap disebut kaulinan ….
A. Boy-boyan
B. Ucing sumput
C. Oray-orayan D. Gatrik
19. Kaulinan ieu biasana sok dipaenkeun ku budak lalaki, dijeuna tina awi, jang paluruna biasana sok make
kertas atawa koran nu baseuhan disebut kaulinan ….
A. Pepeletokan
B. Katepel
C. Galasin
D. Ngadu kaleci
20. Kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
Kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal béklenna nu bahanna tina karét, rata-rata dipaénkeun ku sababaraha
urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rék 20 ge kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku
leungeun. nu maraénna andéprok na téhel nu beresih nguriling jiga samodel lingkaran. Naon anu disebut
kaulinan dina wacana nu bieu dibaca ….
A. Congklak B. Anjang-anjangan C. Sapintrong D. Beklen/ bekel
21. Kaulinan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan.Talina saeutik-saeutik diluhurkeun. Dipaénkeun ku 3
urang-leuwih maké tali nu panjang, biasana tina bahan nu leuleus liat sangkan teu ngabahayakeun atawa
tisaringked. Kulantaran kitu, biasana tali téh dijieun tina karet geulang ditumbu-tumbukeun jadi panjang
disebut kaulinan
A. Congklak B. Anjang-anjangan C. Sapintrong D. Beklen/ bekel
22. Kaulinan anu prak-prakanana niru-niru sasatoan, nyaeta ….
A. Oray-orayan B. Galah Bandung C. Turih oncom D. Galasin
23. Ieu di handap nu sok ngalakukeun kaulinan langlayangan, iwal ti ….
A. Barudak B. Rumaja C. Kolot D. Budak awewe
24. Anu kaasup kana kaulinan has budak awewe nyaeta ….
A. Pal-palan B. Ngadu kaleci C. Ngadu muncang D. Congklak
25. Perhatikeun Tabel di handap !
Kaulinan teu make alat Kaulinan make alat
Cingciripit Beklen
Oray-orayan ...........
.............. Gatrik
Pacieit-ciwit lutung Langlayangan
Mana anu cocok jang ngeusian tabel nu kosong di luhur ...
A. Ucing sumput jeung perepet jengkol C. Sapintrong jeung ngadu kaleci
B. Jajangkungan jeung sapintrong D. Ngadu kaleci jeung simar
26. Perhatikeun tabel di handap !
Kaulinan Awewe Kaulinan Lalaki
Beklen Langlayangan
Sondah .............
................. Pepeletoka
Encrak Ngadu muncang
Mana anu cocok jang ngisian tabel anu kosnong nu sok dipaenkeun ku budak awewe jeung lalaki ...
A. Sapintrong jeung ngadu kaleci C. Beklen jeung sondah
B. Ngadu muncang jeung jajangkungan D. Boyboyan jeung papanggalan
27. Kaulinan barudak nu sok make kakawih nyaeta …
A. Cingciripit B. Beklen C. endeuk-eundeukan D. Ngadu galasin
28. Kaulinan barudak teh loba pisan mangpaatna, nyaeta ….
A. Ajang perlombaan C. Ngasah motorik jeung kognitif
B. Paalus-alus maen D. Ajang kompetesi
29. Kiwari mah barudak moal arapaleun kana kaulinan baheula. Kiwari ngandung harti ….
A. Ayeuna B. Pageto C. Isuk D. Baheula
30. Sok waraas mun geus balik ka pilembureun, matak betah sok hoream balik deui ka kota. Pilembureun
teh bisa dihartikeun ….
A. Pasawahan B. Perkotaan C. Pakampungan D. Pinineungeun
31. Pupujian teh nyaeta salah sahiji hasil karya sastra Sunda dina wangun ….
A. Carpon B. Puisi (ugeran) C. Lagu D. Novel
32. Ditilik tina wangun jeung eusina, pupujian teh eusina nyoko kana ajaran ….
A. Lagu B. Buku carita C. Karya sastra D. Agama Islam
33. Upama nilik wangunna, pupujian teh kauger (dibatasi) ku purwakanti, nyaeta ….
A. Sasaruaan atawa engang B. Padalisan C. Suku kata D. Pada
34. Ngadalingdingkeun atawa ngalagamkeun pupujian disebutna ….
A. Nyanyi B. Deklarasi C. Improvisasi D. Nadoman
35. Pesen pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregepkeun pupujian teh disebutna ….
A. Jejer B. Nada C. Amanat D. Purwakanti

II. Bere tanda centang lamun pernyataan di handap ieu benar atawa salah !
NO PERNYATAAN BENAR SALAH
36. Tengetan rumpaka pupujian di handap !
Kaduhung liwat kalangkung Sakarat nyeri kalangkung
Tara nyembah ka Yang Agung Jasadna teu beunang embung
Rumpaka pupujian di luhur teh jumlahna aya 6 (genep) padalisan
37. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir (a,a,a,a,) dina
sapadalisan disebutna baris
38. Kecap dibabarkeun miboga harti Dilahirkeun
39. Karasana keur sakarat Kana ibadah diliwat
Nyerina kabina-bina Tara ngalakukeun solat
Amanat anu ditepikeun dina pupujian di luhur nyaeta, nu tara ngalakukeun solat
nyerina sakarat teu katahan.
40. Mangsud tina ungkara “Ibadah ulah campoleh” nyaeta Ulah ninggalkeun ibadah
sakumaha sibukna

III. Jawab pertanyaan di hadap ieu cing benar !


Samemeh ngeusian nomer 36-38, baca sempalan karangan pangalaman ieu di handap !
Nu sok diobor teh bangkong, simeut, jeung belut. Puguh bae aya bedana ngobor sato nu tilu teh. Ngobor
bangkong (hejo) mah biasana mun sawah geus rengse dipacul atawa pare geus dirambet sakali. Sabab dina
kaayaan kitu bangkong sok laliarna teh.
Ari pakakasna cukup dua rupa, obor jeung wadah. Kadieukeuna sok aya nu ngobor teh make patromak. Ngarah
leuwih caang ti dituna mah. Ngan wae kudu aya batur keur mawana.
Wadah nu hade dipake ngawadahan bangkong teh disebutna kembu. Biasan dijieunna teh tina awi atawa hoe.
Sok dipake ku nu nguseup di laut ge. Dipake ngawadahan hurang keur eupan.
41. Jelaskeun Iraha waktu nu hade keur ngobor bangkong (hejo) di sawah ….
42. Pakakas Naon Wae anu dibawa tukang ngobor ….
43. Naon wadah nu hade keur ngawadahan bangkong ….
44. Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes, tapi kudu dumasar …
45. Naon kalimah diharep ajang bubuka mun rek nyaritakeun pangalaman…

**************** BAGJA PARANTOS ****************

Anda mungkin juga menyukai