Anda di halaman 1dari 2

PEMERINTAH KABUPATEN MAJALENGKA

DINAS PENDIDIKAN

PENILAIAN AKHIR SEMESTER


SMP NEGERI 1 DAWUAN
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : VII ( Tujuh )
Hari/Tanggal : Jum’at, 10 Desember 2021
Waktu : 60 menit

I. Pilih, jawaban ti antara a, b, c, d, anu pangbenerna !

Baca Paguneman di handap !

Umar : “Punten !”
Adang : “Mangga ! Eh, geuning Umar. Mangga ka lebet !
Umar : “Hatur nuhun, wios di luar wae.”
Adang ; “Bade aya naon Mar ?”
Umar : “Abdi teh dijurungan ku pun Bapa , engke Pa Sukmana dihaturanan linggih di rorompok,
bada Isya.”
Adang : “Aya acara naon, Mar ?”
Umar : “Bade sukuran sakantenan wawanohan abdi sakulawargi sareng urang dieu.”
Adang : “Muhun ke diwartoskeun ka pun Bapa.”
………
1. Dina conto paguneman di luhur. Cing, saha nu paguneman teh ?
a. Umar jeung tamu c. Umar jeung Bapana
b. Umar jeung Adang d. Adang sosorangan

2. Maksud Umar datang ka imah Adang, nyaeta :


a. Umar ngondang ka bapana Adang c. Umar ulin ka Adang
b. Umar rek menta sumbangan d. Umar jeung Adang rek jalan-jalan

3. Dina paguneman di luhur, saha Pa Sukmana teh ?


a. Bapana Adang b. Bapana Umar c. Mamangna Adang d. Lanceukna Adang

4. Dina paguneman. Saha warga anyar anu rek wawanohan teh ?


a. kulawarga Pa Sukmana c. kulawarga Umar
b. kulawarga Adang d. kulawarga Umar jeung Adang
5. Dina paguneman di luhur. Iraha waktuna acara wawanohan warga anyar teh ?
a. bada Lohor b. bada Ashar c. bada Magrib d. bada Isya
6. Bade sukuran sakantenan wawanohan. Wawanohan hartina sarua jeung …
a. pipisahan b. pamitan c. laporan d. kenalan
7. Mangga, engke diwartoskeun ka pun Bapa. Kecap diwartoskeun diwangun ku .…. hurup vokal.
a. 3 b. 4 c. 5 d. 6
8. Paguneman / obrolan teh dilakukeun ku ….
a. sorangan bari sorana bedas c. sorangan bari sorana teu kadenge ku batur
b. duaan tapi nu ngomongna saurang d. duaan atawa leuwih bari silihtempas
9. Paguneman atawa ngobrol teh sok disebut oge ….
a. monolog b. epilog c. prolog d. dialog
10. Jejer atawa masalah dina paguneman atawa ngobrol teh …
a. bisa naon wae bebas c. diatur ku nu nyarita
b. diatur ku nu diajak nyarita d. diatur ulah sambarangan
11. Tempat paguneman atawa ngobrol teh bisa dilaksanakeun….
a. di jero kelas b. di mana wae c. di lapangan upacara d. di taman sakola
12. Sikap urang nu teu pantes lamun keur paguneman / ngobrol teh nyaeta ….
a. dibarung ku kaayaan anu marahmay c. nyarita bari lajag lejeg jeung poporongos heuras
b. dibarung ku rengkuh hormat d. nyarita make lentong nu merenah tur alus
13. Pun Bapa bade ……. ka kantor.
a.indit b. miang c. mios d. angkat

14. Pami abdi mah unggal dinten …… ka sakola.


a. mios b. angkat c. miang d. indit

15. Maksud ngagunakeun tata krama Basa Sunda, nyaeta :


a. silih hargaan, silih hormat jeung sasama c. ngabeda-beda dina gaul jeung batur
b. ngawilah-wilah dina campur gaul d. ngahormat ka atasan sangkan dipuji

16. Mangrupakeun kamonesan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina waktu keur rineh atawa salse,
disebutna ……
a. Cocooan barudak c. Kaulinan barudak
b. Kapinteran barudak d. Kabiasaan barudak

17. Kaulinan barudak anu biasana tara dilakukeun ku barudak awewe, nyaeta ….
a. beklen / kewukan c. panggalan / gangsing
b. sondah / engklekan d. encrak / gondolan

18. Kaulinan barudak gatrik / galatikan, biasana alatna sok dijieun tina naon ?
a. awi b. beusi c. plastik d. kawat

19. Kaulinan barudak anu dina ngalakukeunana sok make kakawihan, nyaeta ….
a. gondolan b. ngadu kaleci c. engklekan d. oray-orayan

20. Kaulinan barudak anu alatna tina karet geulang nu dikantet, terus maenna diputer-puter ku duaan,
disebutna kaulinan naon ?
a. gagalahan b. boy-boyan c. jajangkungan d. sapintrong

21. Kaulinan barudak anu biasana sok bari ngasuh adi, adina didiukeun dina suku urang terus diacung-
acung,disebutna kaulinan ….
a. ngadu kaleci b. ucang angge c. oray-orayan d. eundeuk-eundeukan

22. Lengkepen ieu kakawihan barudak. Cingcangkeling, manuk cingkleung cindeten, plos ka kolong,
Bapa Satar ………….
a. bedegul b. buleneng c. nu gundul d. borangan

23. Cing, kaulinan pepeletokan, lamun urang nyieun bahanna tina naon ?
a. beusi b. kayu c. kawat d. awi
24. Kaulinan barudak naon, anu maenna biasana sok ngamangpaatkeun lapangan badminton sangkan
teu kudu nyieun deui kalang atawa garis ?
a. galah b. boy-boyan c. jajangkungan d. langlayangan
25. Cingciripit, tulang bajing kajepit, kajepit ku bulu pare, bulu pare seuseukeutna….. jste.
Eta kakawihan biasana sok dipake lamun rek maen ….
a. ngadu kaleci b. pepeletokan c. ucing toel / sumput d. oray-orayan
26. Eling-eling dulur kabeh, ibadah ulah campoleh, beurang peuting ulah weleh, bisina kaburu paeh.
Lamun diperhatikeun runtuyan kalimah di luhur mangrupakeun conto ….
a. pupuh b. pupujian c. guguritan d. kakawihan
27. Pupujian mangrupa puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama ……
a. Kristen b. Islam c. Hindu d. Budha
28. Nembangkeun pupujian disebutna ……
a. macapat b. ngalagena c. hahaleuangan d. nadom/nadoman
29. Eusi pupujian anu aya dina soal nomer 26, nyaeta ……
a. Muji ka Gusti Allah c. Sholawat ka Kangjeng Nabi
b. Do’a jeung Tobat ka Pangeran d. Pepeling / Ngelingan ka Papada Manusa
30. Anak Adam anjeun di dunya ngumbara, hirup anjeun di dunya teh moal lila.
Dina conto pupujian di luhur, saha anu dimaksud anak Adam teh ?
a. para Malaikat c. sakabeh mahluk hirup
b. umat Kangjeng Nabi d. jalma / manusa anu aya di alam dunya

Anda mungkin juga menyukai