Anda di halaman 1dari 5

.

PEMERINTAH KABUPATEN BANDUNG BARAT


DINAS PENDIDIKAN
MUSYAWARAH GURU MATA PELAJARAN (MGMP) GUGUS 02
ULANGAN UMUM AKHIR SEMESTER GENAP
TAHUN PELAJARAN 2018 / 2019
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : VII (Tujuh)
Hari / Tanggal :
Waktu : 90 Menit

PETUNJUK UMUM :
1. Disediakan dua lembar jawaban , yaitu Lembar Jawaban (LJK) untuk jawaban pilihan ganda dan
Lembar Jawaban Uraian (LJU) untuk soal uraian.
2. a. LJK dikerjakan dengan pensil hitam 2B dan LJU dikerjakan dengan ballpoint;
b. Tulislah dengan jelas : Nama anda, nomor peserta anda, sekolah asal, tanggal ulangan, jam
ke, tanda tangan dan menghitamkan bulatan kecil pada LJK sesuai petunjuk;
c. Jawaban dikerjakan dengan menghitamkan bulatan kecil pada LJK sesuai dengan jawaban
yang benar;
d. Apabila ada jawaban yang keliru dan anda ingin memperbaikinya, hapuslah jawaban yang ke-
liru itu dengan menggunakan karet penghapus pensil.
3. Dahulukan soal-soal yang dianggap mudah
4. Periksa pekerjaan anda sebelum diserahkan kepada pengawas ulangan umum
I. Pilih salah sahiji jawaban nu pangbenerna!
Wacana 1
Pépéling
Taya beurang taya peuting,
Taya raja taya kuring,
Dimana ajal geus sumping,
Teu meunang témpo anaking.

1. Ungkara kalimah di luhur kaasup conto …….


a. Guguritan b. Pupujian c. Wawaran d. Sajak

2. Nilik tina eusina wacana di luhur kaasup kana ……


a. Pépéling b. Pangajaran Agama c. Muji ka Alloh d. Muji ka Rosululloh

Wacana 2
Mugi Gusti ngahampura,
Kana dosa jisim abdi,
Sareng dosa ibu rama,
Dulur muslimin muslimat.

3. Upama ditilik tina eusina, pupujian di luhur kaasup kana pupujian …….
a. Muji jeung do’a ka Alloh c. Pépéling
b. Sholawat ka Kanjeng Nabi d. Pangajaran agama

4. Eusi tina pupujian di luhur, nya éta ………


a. Kasieun diri asup ka naraka
b. Karumasaan diri nu lamokot ku dosa
c. Mungguh jelema mah teu bisa leupas tina kasalahan
d. Mungguh amal jelema mah bakal nungtun ka surga

5. Pupujian asalna tina sastra ……….


a. Arab b. Walanda c. Sunda d. Sastra séjénna

1. Umumna diwangun ku opat padalisan


2. Dina sapadana aya sababaraha engang
3. Purwakantina a-a-a-a
4. Pupujian mangrupa puisi

6. Ciri-ciri pupujian anu bener nya éta ……


a. 1,3 b. 2,3 c. 3,4 d. 2,4

7. Dina saban padana pupujian téh ngandung purwakanti, anu rumusna …….
a. a-a-a-a b. a-i-a-i c. a-a-i-i d. a-i-i-a
8. Ilaharna pupujian macana .....
a. dina jero haté b. dibaca babarengan c. dilagukeun d. digerendengkeun

9. Pilih ungkara kalimah nu kaasup kana kalimah paréntah pangajak!


a. Hayu atuh urang ka perpustakaan!
b. Geura sararé barudak geus peuting, tong ngarobrol waé!
c. Jang, pangmeulikan céngék ka warung!
d. Kahayang téh ulah hujan ayeuna mah.

10. Di handap nu kaasup kana kalimah paréntah panitah, iwal …


a. “Pangmeulikeun gula beureum sagandu!”
b. “Jung atuh rék ka sakola mah bisi kabeurangan!”
c. “Isuk mah pangmeulikeun colénak!”
d. “Méméh ka pasar, pangnyapukeun heula buruan Jang!”

Wacana 3
Sakumaha anu kauninga, kaping 21 Pebruari téh mangrupi “Hari Bahasa Ibu Internasional”.
Kumargi kitu, kanggo miélingna OSIS SMPN 1 Bandung baris ngayakeun rupi-rupi kagiatan anu raket
patalina sareng basa katut sastra Sunda. Maksadna teu aya sanés kanggo ngamekarkeun sareng
ngamumulé basa Sunda di kalangan rumaja, hususna di kalangan siswa-siswi SMP Negeri 1 Bandung.

11. Dina téks di luhur, aya kecap “ngamumulé”. Sinonim tina kecap “ngamumulé” nya éta…
a. ngajaga b. miara c. neruskeun d. ningkatkeun

12. Istilah anu leuwih popular tina wawaran aya di handap, iwal…
a. pangumuman b. béwara c. warta d. iber

13. Tujuan tina wawaran nya éta ……


a. Méré nyaho ka balaréa ngeunaan hiji hal / kajadian
b. Nyaritakeun pangalaman hiji jalma, ngeunaan hiji hal / kajadian
c. Néangan informasi ngeunaan hiji hal/ kajadian
d. Ngaidéntifikasi hiji hal/kajadian

14. Basa lemes keur sorangan tina kecap “balik” nya éta ………
a. wangsul b. mulang c. mulih d. uih

15. Dina téks wawaran di luhur téh aya kecap “kasumpiunganana”, asal kecapna tina sumping.
Basa loma tina kecap “sumping” nya éta …
a. datang b. dongkap c. norojol d. hadir

16. Nu kaasup bédana iklan layanan masarakat jeung iklan komérsil di antarana.........
a. sifatna audio-visual c. neangan kauntungan saloba-lobana
b. diiklankeun dina média sosial d. henteu ngandung produk

17. Tujuan iklan layanan masarakat di antarana nya éta:


a. Mangangaruhan masarakat ngagunakeun hiji produk
b. Méré wawaran ngeunaan hiji hal
c. Ngahudang karep masarakat miduli kana masalah-masalah sosial
d. Nepikeun program-program pamaréntah

Wacana 5
Anu pundung téh henteu lila. Ngan sapeuting. Isukna, isuk-isuk Sakadang Monyét geus datang deui
nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Keur naon?”
“Ah, biasa wé keur moyan,” témbal Sakadang Kuya anu keur cinutrung dina batu.
“Ari tadi peuting saré di mana Sakadang Monyét téh?” Sakadang Kuya malik nanya.
“Di ditu, di deukeut kebon Pa Tani.”
“Baruk? Naha Ujang teu sieun ku Pa Tani?”
“Ah, henteu, da Pa Tanina ogé areuweuh. Imahna gé katénjona karosong. Jigana mah keur arindit
jauh.”
“Kadé ah, sing ati-ati mun papanggih Pa Tani. Pa Tani téh manusa. Manusa téa hararak jeung sagala
beuki deuih!”
“Sing percaya wé atuh ka uing!”
Jempé sajongjongan. Pok Sakadang Monyét nyarita deui.
18. Dongéng di luhur kaasup dongéng…
a. fabél b. sasakala c. sagé d. mite

19. Dongéng anu eusina ngandung unsur sajarah, hususna dina kahirupan masarakat Sunda disebut
dongéng….
a. mite b. sagé/babad c. pamuk d. pieunteungeun

20. Hal anu pamohalan dina dongéng ngandung maksud:


a. Hal-hal anu mustahil kajadian c. Peristiwa sejarah dina dongéng
b. Kajadian anu penting dina dongéng d. Unsur moral dina carita dongéng

21. Nu teu kaasup kana conto dongéng sasakala nya éta:


a. Situ Bagendit c. Lélé Aya Pamatilan
b. Manuk Gagak jadi Hideung d. Sakadang Monyét Bogaeun Suling

22. Dongéng sasakala nyaéta…..


a. Dongéng anu eusina nyaritakeun kahirupan sasatoan
b. Dongéng anu eusina kacampuran ku unsur sajarah
c. Dongéng anu eusina nyaritakeun asal-usul hiji tempat, barang jeung kajadian
d. Dongéng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa

Wacana 6
Aya hiji kaulinan anu bisa diiluan barudak awéwé jeung lalaki. Ieu kaulinann kaasup anu mika-
butuh pamaén anu loba, sakurang-kurangna genep atawa dalapan urang.Tempatna ogé kudu ditempat
anu lega deuih. Mimitina Pamaén ditangtukeun heula luluguna dua urang, pikeun jadi lulugu tim A
jeung Tim B. Terusna nyieun kalang, Terus baé kalang téh dibagi dua ka panjangna. Sanggeus
dipriskeun ku ulung Tim B, der baé di mimitian. Tim A tingberetek pabisa-bisa kaluar ti imah ngali-
watan kalang-kalang anu di jaragaan téa. Ulah katepak, katoél, atawa katéwak kunu ngajaga, komo
upama katangkep mah. Lamun kitu hartina beunang. Kitu baé papanjang-panjang léngkah, paawas-
awas, papinter-pinter balucat-balicet, jeung patarik-tarik lumpat.

23. Wacana di luhur mangrupa hiji pedaran kaulinan barudak, nya éta kaulinan…
a. Ambil-ambilan b. Gatrik c. Galah d. Maén kaléci

24. Dina wacana diluhur nu jadi alatna nya éta …


a. awi nu di teukteuk b. kaléci c. kalang d. karét

25. Dina wacana di luhur aya kecap dipriskeun, éta kecap ngandung harti …
a. dimimitian b. ganti tim nu maén c. éléh d. meunang

26. Kaulinan barudak anu dijieunna tina awi dua teukteuk, sateukteukna awi pondok sateukteukna awi
panjang di sebutna …
a. Bébénténgan b. Hahayaman c. Jajangkungan d. Gatrik

27. Lagu anu sok di tembangkeun dina kaulinan barudak disebut ….


a. kawih b. kakawihan c. tembang d. pupujian

28. Kaulinan barudak anu heunteu diulinkeun ku barudak awéwé wungkul nya éta …
a. Simar b. congklak c. éncrak d. sorodot gaplok

29. Kamonésan anu mindeng di lakukeun ku barudak jaman baheula dina mangsa keur rinéh disebut …
a. kaulinan barudak c. kaulinan jaman baheula
b. kaulinan jaman ayeuna d. kaulinan diburuan

30. Di handap ieu, mana anu kaasup kana kaulinan barudak jaman baheula …
a. maén PS b. gamé onliné c. facébook d. oray-orayan

Wacana 7
Leungiteun
Duh, kamana tegal keur kuring?
Pangulinan
Paranti ucing-ucingan
Anjang-anjangan
Aya tegal hereut sésa ngereut
Teuing isuk biheung pagéto
Leungit dijieun wangunan
Sabab kamari geus diukur panjang lébarna
(tina Manglé Alit, no. 718 karangan Titin Kurniawati)
31. Eusi sajak di luhur...
a. Kahirupan barudak nu geus teu boga tempat keur ulin alatan geus loba gedong diwangun
b. Kahirupan jalma nu hirupna hésé, sanajan ukur néangan tempat keur ulin
c. Kamerdikaan jalma nu hirup di Bandung
d. Jalma nu hayang ulin

32. Sajak kaasup karangan dina wangun ugeran, ugeran hartina....


a. Kahalangan c. Kawatesanan
b. Teu bébas (terikat) d. ditalian

Wacana 8
A : “Assalamualaikum, tiasa nyarios sareng téh Rina?”
B : “...................................”

33. Kalimah nu merenah pikeun ngajawab éta patalékan dina waktu urang paguneman ngaliwatan
telepon nya éta ....
a. “Mangga, tiasa kenalan heula?” c. “Mangga, ké antosan sakedap.”
b. “Hampura, Teh Rina bobo.” d. “Aya.”

34. Kecap nu nuduhkeun yén hiji paguneman lumangsungna dina telepon nya éta...
a. halo b. waalaikumsalam c. assalamualaikum d. Sumuhun

35. Nu disebut carita pangalaman téh nya éta…


a. Sagala rupa kajadian anu kaalaman, kadéngé, katempo jeung karasa ku hiji jalma;
b. Sagala rupa kajadian anu kaalaman sakali saumur hirup;
c. Sagala rupa kajadian anu teu kaalaman unggal poé;
d. Sagala rupa kajadian anu kaalaman ku kulawarga urang.

36. Pangalaman sorangan téh nya éta kajadian anu kaalaman ku …


a. sarerea b. batur c. sorangan d. dulur

37. Urang sok ngarasa gumbira lamun nyorang pangalaman anu…


a. Pikasediheun c. pikasieuneun
b. Pikabungaheun d. pikasebeleun

38. Pangalaman sapopoé nya éta …


a. Pangalaman anu karandapan unggal poé
b. Pangalaman anu teu karandapan unggal poé
c. Pangalaman anu karandapan lamun aya hiji kajadian
d. Pangalaman anu karandapan unggal taun

39. Pangalaman luar biasa nya éta pangalaman…


a. Pangalaman anu karandapan unggal poé
b. Pangalaman anu teu karandapan ku unggal jalma
c. Panghalaman anu karandapan ku unggal jalma
d. Panghalaman anu karandapan ku balaréa

40. Nyaritakeun pangalaman dikedalkeun sacara lisan, ari ….. pangalaman mah diébréhkeun dina
wangun tinulis.
a. Ngalalakonkeun c. nepikeun
b. Nuliskeun d. ngadongéngkeun

II. Jawab kalayan singget tur bener!


1. Dumasar eusina, Pupujian téh kabagi jadi sabaraha rupa?
2. Sebutkeun 4 ciri pupujian!
3. Dimana biasana pupujian dihaleuangkeun?
4. Basa lemes keur sorangan tina kecap “imah” nya éta ………
5. Disebut paguneman téh nya éta…

Anda mungkin juga menyukai