Anda di halaman 1dari 7

PEMERINTAH KOTA BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
SMP NEGERI 56
Jl.Pasanggrahan IX RT 04/10 Kel. Cipadung Kulon Kec. Panyileukan
email: smpn56bandung@gmail.com  (022) 63727844
Bandung

UJIAN AKHIR SEMESTER


TAHUN PELAJARAN 2020/2021

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA


Satuan Pendidikan : SMPN 56 Bandung
Kelas/ Semester : VIII /Ganjil
Hari / Tanggal : Kamis/3 Desember 2020
Alokasi waktu : 60 menit

I. Pilih jawaban anu dianggap paling bener dina hurup a, b, c atawa d dina Lembar Jawaban
Komputer (LJK) !

Tanah Sunda, gemah ripah


Nu ngumbara, suka bétah
Urang Sunda, sing toweksa
Nyangga darma anu nyata

Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran


Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya memang sawajibna
Geten titen rumawat tanah pusaka

Titen kana harta banda


Mo kaduhung waktu jaga
Anu lian, moal bisa
Ngatur ngolah jeung ngariksa

Gembleng sauyunan singkil babarengan


Ngangkat darajat Ki Sunda
Sunda kukuh kuat diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonesia

1. Sabada hidep maca sarta nalaah eusi kawih di luhur, Cing naon judul éta kawih di
luhur?
a. Tanah air Indonesia c. Tanah Pajajaran
b. Tanah Sunda d. Tanah pusaka
2. Rumpaka kawih di luhur teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka....
a. Lemah cai c. indung bapa
b. Kabogoh d. kaendahan alam
3. Nu ngumbara suka bétah di Tatar Sunda, lantaran.....
a. Urang Sunda balageur c. Tanahna subur
b. Tanahna lega d. Pendudukna loba
4. Kawih Tanah Sunda di luhur diwangun ku…..
a. 2 pada c. 4 pada
b. 3 pada d. 5 pada
Sunda kukuh kuat diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonesia
5. Sempalan rumpaka di luhur teh netelakeun yén.....
a. Tatar Sunda beda jeung Indonesia
b. Tatar Sunda mangrupa bagian ti Indonesia
c. Tatar Sunda sarua jeung Indonesia
d. Tatar Sunda taya hubunganana jeung Indonesia
6. Nilik rumpaka lagu Sunda buhun, umumna mangrupa.....
a. Sisindiran c. Prosa
b. Drama d. Sandiwara
7. Kiwari sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu tèh sok disarebut....
a. Musik jeung puisi c. Musikalisasi kawih
b. Musikalisasi puisi d. Musik jeung sajak
8. “ Umar mah leutik-leutik oge tanagana mah bedas”. Kecap leutik-leutik dina
kalimah di luhur mangrupa kecap rajékan…
a. Dwi murni c. Dwi madya
b. Dwi purwa d. Dwi réka
9. Mana di handap ieu kalimah anu ngandung kecap rajékan dwi purwa?
a. Tong babadug teuing atuh da nyeri ieu téh!
b. Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun!
c. Murid-murid keur dibariskeun di lapang baskét
d. Si Iwan mah tual-toél baé keur ulangan gé!
10. Di handap ieu kaasup kecap rajékan titiron, iwal ti......
a. boboko c. tetenong
b. Papatong d. tutulak
11. Kalimah ieu di handap nu ngagunakeun kecap rajèkan dwi madya, nyaèta....
a. Maman ngala papatong keur parab manuk.
b. Nèng Sari umat-imut lucu pisan
c. Sababaraha bulan ka tukang aya lini di Palu.
d. Sora bedil dar-der-dor kadenge ti kajauhan
12. Béja atawa informasi ngeunaan hiji hal ditepikeun ka balaréa ngaliwatan média masa
disebut…
a. Berita langsung c. warta
b. Berita teu langsung d. béwara
13. Dina nyieun warta urang kudu wanoh kana.....
a. 3W + 1 H c. 5W + 1 H
b. 4W + 2 H d. 5W + 2 H
14. Upama ditilik tina adeganna warta dibagi jadi…
a. Puhu warta, eusi warta, panutup warta c. puhu warta jeung panutup
b. Puhu warta, eusi warta, kacindekan warta d. pupuh warta jeung eusi warta
15. Nu kaasup Kode étik jurnalistik nyaéta…iwal ti
a. Kudu miboga asas praduga tak bersalah c. dumasar kana opini
b. teu kacampuran ku sawangan nu nulis d. kudu objéktif
Kebon Raya Kareueus Urang Kuningan

Urang Kuningan jeung sabudeureunana mun hayang ulin ka kebon raya,


teu kudu jauh-jauh ka Bogor. Ayeuna mah di Kuningan ogè aya Kebon Raya
Kuningan. “Insyaa Alloh bakal jadi kareueus urang Kuningan,” ceuk Bupati
Kuningan, Acèp Purnama, basa dikolongan ku wartawan Sora Jabar, Salasa
(21/3/2017).
Acèp nètèlakeun yèn diwangunna kebon raya Kuningan tèh luyu jeung
visi pamarèntah Kabupaten Kuningan nya èta, Kuningan Kabupatèn
Konsèrvasi. “Éta saluyu jeung kaayaan alamna anu èndah, caina cur-cor, sarta
hawana anu seger, kawantu aya ditutugan gunung Ciremai”, ceuk Acèp.
Kebon Raya Kuningan teh perenahna di Desa Padabeunghar, kacamatan
Pasawahan, Kabupatèn Kuningan. Ngurung arèa anu legana 154 Hèktar di
tutugan jeung lamping kulon Gunung Ciremai. Di jerona aya leuwih ti 23 rèbu
jenis tutuwuhan. Dilengkepan ku fasilitas sèjenna saperti situ, jalan, tempat
reureuh, tempat pintonan, tempat pabinihan, jeung kantor.

16. Naon nu jadi téma dina éta warta?


a. Kebon raya Kuningan c. Kebon raya Bogor
b. Kuningan Kabupaten Konsèrvasi d. Kareueus Bupati Kuningan
17. Dimana perenahna Kebon Raya Kuningan?
a. Desa Mandirancan c. Desa Padamiskin
b. Desa Mandalawangi d. Desa Padabeunghar
18. Di handap ieu fasilitas-fasilitas nu aya di Kebon Raya Kuningan, iwal ti.......
a. Situ, tempat pintonan, tempat reureuh
b. Situ, tempat pamandian, tempat pintonan
c. Tempat pintonan, kantor, tempat pabinihan
d. Jalan, kantor, tempat pintonan
19. Anu kaasup kalimah barang nyaèta .......
a. Wawan meuli buku basa Sunda
b. Wawan maca buku Sunda
c. Wawan resep kana buku basa Sunda
d. Wawan boga buku basa Sunda
20. Urang Majalengka mah kasohor nyalantri.
Kalimah di luhur tèh kaasup kana....
a. Kalimah sipat c. Kalimah bilangan
b. Kalimah barang d. Kalimah pagawèan
21. (1) Piuntungeun dagang tèh aya kana sapuluh rèbuna.
(2) Kang Iyan keur meuli kaos kaki
(3) Pa Dedi tèh pupuhu MGMP basa Sunda
(4) Tarajè geus ditanggeuhkeun, kari naèk
Nu kaasup kalimah pagawèan nyaèta......
a. 1 jeung 2 c. 2 jeung 4
b. 2 jeung 3 d. 1 jeung 4
22. Upama nilik kana wangunna, guguritan tèh kaasup kana....
a. Puisi c. Èsèy
b. Prosa d. drama
23. Nu kaasup pupuh sekar alit nyaèta.....
a. Mijil jeung asmarandana c. Mijil jeung durma
b. Sinom jeung durma d. Durma jeung asmarandana

PERSIB NU KURING
Urang Sunda mikanyaah mikacinta,
Deudeuh geugeut ka persib
Dipuji dipuja,
Persib nu sarèrèa,
Persib nu kuring nu abdi,
Nu urang Sunda,
Nu uing nu silaing.
24.Guru lagu jeung guru wilangan pupuh durma di luhur nyaèta....
a. 12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i
b. 12u, 7i, 6a, 7i, 8i, 5a, 7i
c. 13a, 7i, 6a, 7u, 8i, 5a, 7i
d. 13a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7o

ADAT JALMA
Sipat jalma adat masing-masing,
Nu rajin nu getol,
Nu balabah somèah darèhdèh,
Wijaksana tulatèn gumati,
Lantip amis budi,
Ampuh lungguh timpuh.
25. Pupuh di luhur nuduhkeun pupuh .....
a. Durma c. Maskumambang
b. Mijil d. wirangrong
26. Pupuh di luhur nyaritakeun ngeunaan....
a. Pasipatan jelema c. Kaayaan jelema
b. Kabiasaan jelema d. Rupa-rupa jelema
27. Golongan pasipatan jelema nu hadè nyaèta....
a. Jail hiri dengki c. Somèah darèhdèh
b. Adigung angguklung d. Basangkal bedegong
28. Kadaharan has urang Majalengka nyaèta....
a. Tahu c. kecap
b. Dodol d. peuyeum
29. Ngasakan kadaharan ku cara diantelkeun atawa dideukeutkeun kana seuneu
nyaèta .....
a. Mubuy c. nyeupan
b. Ngabakar d. meuleum
30. Kadaharan anu dijieuna tina sampeu, diantarana....
a. Combro jeung misro c. Bugis jeung dodol
b. Colènak jeung cilok d. Donat jeung dadar gulung
31. Inuman anu karasana haneut atawa panas nyaèta......
a. Cèndol c. goyobod
b. Bandrèk d. cingcaw
32. Anu henteu kaasup sisindiran nyaèta......
a. Babasan c. rarakitan
b. Paparikan d. wawangsalan
33. Sisindiran asalna tina kecap....
a. Sindiran c. nyindir
b. Sisindir d. sindir
Kudu getol neukteuk kuku
Ngarah pinter lamun dangdan
Kudu getol maca buku
Ngarah pinter jiga Dadan
34. Sisindiran di luhur kaasup kana….
a. Sisindiran c. paparikan
b. Wawangsalan d. rarakitan
Panyingkiran Jatitujuh
Ngaliwatan sasak beureum
Pikiran teu pararuguh
Ngemutan nu acuk beureum
35. Dumasar kana eusina sisindiran di luhur kaasup kana.....
a. Piwuruk c. sésébréd
b. Silih asih d. banyol
Ka kulah nyiar kapiting
Ka nu bala ngala suluh
Ulah sok liar ti peuting
Di sakola matak tunduh
36. Dumasar kana eusina sisindiran di luhur kaasup kana…
a. Silih asih c. Silih asih
b. Banyol d. Piwuruk
Kembang bodas buah bunder
Ngaheruk nya pipikiran
37. Naon wangsal tina sisindiran di luhur?
a. buuk c. suuk
b. Buruk d. jeruk
Klub bola asal ti Bandung
Geus nasib sok éléh baé
38. Wangsal tina sisindiran di luhur nyaéta?
a. Bobotoh c. Persib
b. Viking d. Persija
39. Kecap motor lamun dirobah kana kecap rajèkan dwi purwa binarung rarangkèn
tukang- an jadi.....
a. Motor-motoran c. Motoran
b. Momotoran d. Dimotoran
40. Momotoran ngawangun kecap pagawèan anu hartina....
a. ngalakukeun pagawèan terus-terusan
b. ngalakukeun pagawèan saperti anu....
c. terus-terusan ngalakukeun pagawean makè...
d. ngalakukeun pagawèan niru-niru
41. Kecap sisingaan tèh kecap rajèkan anu nuduhkeun....
a. Titiron c. Anu boga sipat saperti....
b. Loba d. Terus-terusan
42. Rarangken barung ka-an teh gunana lain pikeun ngawangun . . .
a. Kecap barang c. Kecap sulur
b. Kecap pagawean d. Kecap sipat
43. Tadi peuting imah Pa Ali kabongkaran
kecap kabongkaran mangrupa...
a. Kecap barang c. Kecap panambah
c. Kecap pagawean d. Kecap sipat
44. Kabeureuyan mah tara ku cucuk munding
Kecap kabeureuyan mangrupa
a. Kecap barang c. Kecap panganteb
d. Kecap pagawean d. Kecap sipat

Bebegig Sukamantri, Ragag-Rigig Seni Hélaran ti Ciamis

Ngadéngé kecap bebegig, anu kabayang téh jejelemaan tina jarami


diterapan baju rubag-rabig jeung didudukuyan anu sok aya di sawah. Paranti
nyingsieunan manuk sangkan ulah ngahakanan paré anu rék dibuat. Anu matak
sok disebut bebegig sawah. Tapi béda geuning jeung bebegig Sukamantri mah.
Bebegig Sukamantri, keur nu anyar nempo mah moal teu matak hélok.
Geura baé. Anu jadi bebegigna, jelema sawawa. Maké topéng. Laimaké
meureun, leuwih pas disebut nyunyuhun. Da beuratna ogé leuwih ti 40 kilo,
malah aya nu nepi ka 60 kilo cenah
Rupana, jleg baé beungeut wayang pangsisina: buta héjo, buta beureum,
buta kayas, buta hideung, malah aya buta térong ogé. Maké makuta. Tapi
buukna ku injuk, dipasieup ku daun waregu, bubuay, hahampaan, jeung
kembang keretas.
Awakna hideung, da mémang dibulen ku injuk. Lebah bujur digantélan
ku kolotok munding. Sukuna maké génggé. Badis mahluk leuweung ti mana
boa. Ragag-rigig dibarung ku sora kolotok jeung kélénéng génggé. Bisa meta
dipirig ku musik naon baé. Lucu? Leuwih ti kitu. Malah aya sari-sari magis.
Soal alami, éta mah geus pasti atuh.
Bebegig téh seni tradisi ti Sukamantri. Mangrupa salasahiji seni tradisi
Sunda anu jadi andelan Kabupatén Ciamis.Ceuk ujaring sepuh, taun 1970-an,
kokolot Désa Campakalarang, Kacamatan Sukamantri, ngaréka-cipta ieu
kasenian. Mangrupa kasenian hélaran, anu ahirna jadi kasenian has
Sukamantri. Anu jadi dadasarna, cenah raket patalina jeung carita rayat Prabu
Sampulur. Raja gagah sakti mandraguna anu meruhkeun rereged di Pulo Jawa.
Gambaran kagagahan Sang Prabu cenah, beungeut bebegig Sukamantri téh.
Geus puguhing ari dina acara Agustusan mah, malah dina acara-acara
pésta rayat lianna, bebegig Sukamantri sok milu midang. Upamana baé dina
acara “Nyiar Lumar” di Kawali, kawasna kurang apdol mun teu ngabring-
ngabring bebegig Sukamantri téh.
Dina acara “Nyangku” di Panjalu, bebegig Sukamantri sok milu ngarigig.
Kitu deui dina acara Milangkala Kabupatén Ciamis. Saterusna bebegig
Sukamantri mindeng diondang kana pintonan kasenian hélaran di luar Ciamis.
Upamana baé Bandung, Jakarta, Purwakarta, malah kungsi cenah ragag-rigig di
Bali ogé.
Ngamaénkeun bebegig Sukamantri, mémang mikabutuh tanaga anu
tohaga. Pék baé bayangkeun. Kudu nyunyuhun bebegig anu beuratna nepi ka
60 kilo, bari awak dibulen ku kakaban injuk. Jaba kudu ragag-rigig deuih.
Malah sakapeung mah sok dipaké ngangkat jelema, anu sina tumpak dina lebah
irung topéng si bebegig. Nya enya, lain pagawéan méméh sasarap. Anu matak,
salian ti kudu siap tanaga téh, kudu asak latihan deuih. Aya émbohna, dibarung
ku do’a-do’a husus, sangkan salamet salila nyunyuhun sakadang bebegig.
Geus puguhing ari dina acara Agustusan mah, malah dina acara-acara
pésta rayat lianna, bebegig Sukamantri sok milu midang. Upamana baé dina
acara “Nyiar Lumar” di Kawali, kawasna kurang apdol mun teu ngabring-
ngabring bebegig Sukamantri téh.Dina acara “Nyangku” di Panjalu, bebegig
Sukamantri sok milu ngarigig. Kitu deui dina acara Milangkala Kabupatén
Ciamis. Saterusna bebegig Sukamantri mindeng diondang kana pintonan
kasenian hélaran di luar Ciamis. Upamana baé Bandung, Jakarta, Purwakarta,
malah kungsi cenah ragag-rigig di Bali ogé.
Ngamaénkeun bebegig Sukamantri, mémang mikabutuh tanaga anu
tohaga. Pék baé bayangkeun. Kudu nyunyuhun bebegig anu beuratna nepi ka
60 kilo, bari awak dibulen ku kakaban injuk. Jaba kudu ragag-rigig deuih.
Malah sakapeung mah sok dipaké ngangkat jelema, anu sina tumpak dina lebah
irung topéng si bebegig. Nya enya, lain pagawéan méméh sasarap. Anu matak,
salian ti kudu siap tanaga téh, kudu asak latihan deuih. Aya émbohna, dibarung
ku do’a-do’a husus, sangkan salamet salila nyunyuhun sakadang bebegig.
Bebegig Sukamantri, seni tradisi anu kakara nguniang, lantaran
dihudangkeun deui ku nu mikahémanna. Seni tradisi anu miboga poténsi
pikeun jadi kareueus, lain baé keur urang Ciamis, tapi keur sakumna warga
Jawa Barat. Lebar mun kudu tiarap deui téh.
45. Kasenian ti mana bebegig Sukamantri teh
a. Bandung c. Depok
b. Surabaya d. Ciamis
46. Ti mana mimitina kasenian bebegig sukamantri teh
a. Padepokan c. Kasenian wayang
b. Kasenian Helaran d. Kasenian teater
47. Dina acara naon biasana bebegig sukamantri teh
a. Hajatan c. Agustusan
b. Pengajian d. Muludan
48. Naon hartina kecap milangkala
a. Tepang taun c. Poe bapa
b. Poe indung d. Poe Gguru Nasional
49. Gambaran kagagahan saha topeng bebegig sukaantri teh
a. Ulama c. Raja Pajdajaran
b. Prabu Sampulur d. Raja Majapahit
50. Baheula aya kerajaan naon di Ciamis
a. Galuh c. Padjadjaran
b. Majapahit d. Sriwijaya

------------------------------------------------Selamat mengerjakan------------------------------------------

Anda mungkin juga menyukai