Anda di halaman 1dari 4

PEMERINTAH KABUPATEN MAJALENGKA

DINAS PENDIDIKAN
SMP NEGERI 1 SUKAHAJI
Jalan Widara No. 2 Desa Cikalong – Sukahaji Tlp. (0233) 282590 Majalengka 45471
e-mail : smp1sukahaji@yahoo.co.id

LEMBAR SOAL
PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Satuan Pendidikan : SMP Negeri 1 Sukahaji


Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : VIII/1 (delapan/satu)
Waktu : 60 menit
Hari, tanggal : Jumat, 10 Desember 2021

A. Pilih salah sahiji jawaban nu pangbenerna ku cara nyakra (X) aksara a, b, c atawa d!
Tanah Sunda, gemah ripah
Nu ngumbara, suka betah
Urang Sunda, sing towéksa
Nyangga darma anu nyata

Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran


Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya mémang sawajibna
Getén titén rumawat tanah pusaka

Mo kaduhung waktu jaga


Anu lian, moal bisa
Ngatur ngolah jeung ngariksa

Gembleng sauyunan singkil babarengan


Ngangkat darajat Ki Sunda
Sunda kukuh kuat diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonesia

1. Naon judul kawih di luhur?


a. Tanah air Indonesia c. Tanah Pajajaran
b. Tanah Sunda d. Tanah pusaka
2. Rumpaka kawih di luhur teh eusina mangrupa ébréhan rasa cinta ka....
a. Lemah cai c. indung bapa
b. Kabogoh d. kaéndahan alam
3. Nu ngumbara suka betah di Tatar Sunda, lantaran.....
a. Urang Sunda balageur c. tanahna subur
b. Tanahna lega d. Pendudukna loba
4. Sunda kukuh kuat diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonesia
Sempalan rumpaka di luhur téh nétélakeun yén.....
a. Tatar Sunda béda jeung Indonesia
b. Tatar Sunda mangrupa bagian ti Indonesia
c. Tatar Sunda sarua jeung Indonesia
d. Tatar Sunda taya hubunganana jeung Indonesia
5. Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya mémang sawajibna
Getén titén rumawat tanah pusaka
Nu dimaksud Seuweu Pajajaran dina sempalan rumpaka kawih di luhur téh nya éta…
a. Prabu Siliwangi c. Urang Sunda baheula
b. Anak Raja d. Sakumna urang Sunda

6. Nilik rumpaka lagu Sunda buhun, umumna mangrupa.....


a. Sisindiran b. Drama c. prosa d. Sandiwara
7. Kiwari sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu tèh sok disarebut....
a. Musik jeung puisi c. Musikalisasi kawih
b. Musikalisasi puisi d. Musik jeung sajak
8. “ Umar mah leutik-leutik oge tanagana mah bedas”. Kecap leutik-leutik dina kalimah di
luhur mangrupa kecap rajékan…
a. Dwi murni b. Dwi purwa c. Dwi madya d. Dwi réka
9. Mana di handap ieu kalimah anu ngandung kecap rajékan dwi purwa?
a. Tong babadug teuing atuh da nyeri ieu téh!
b. Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun!
c. Murid-murid keur dibariskeun di lapang baskét
d. Si Iwan mah tual-toél baé keur ulangan gé!
10.
1. Kokolot 3. Papatong 5. Kukupu
2. Téténong 4. Sasapu 6. Kuda-kuda

Anu kaasup kana kecap titiron nya éta…


a. 1, 4, 6 b. 2, 3, 4 c. 3, 5, 6 d. 2, 3, 5

11. Kalimah anu merenah pikeun ngarobah kecap peuting jadi kecap rajékan dwimadya nya
éta…
a. Sapeupeuting manéhna ukur cicing
b. Sapeuting-sapeuting manéhna ukur cicing
c. Peuting-peuting manéhna néangan dahareun
d. Ku sabab kapeutingan manéhna saré di sakola

12. Kalimah ieu di handap nu ngagunakeun kecap rajèkan dwi madya, nya èta....
a. Maman ngala papatong keur parab manuk.
b. Nèng Sari umat-imut lucu pisan
c. Sababaraha bulan ka tukang aya lini di Palu.
d. Sora bedil dar-der-dor kadenge ti kajauhan
11. Béja atawa informasi ngeunaan hiji hal ditepikeun ka balaréa ngaliwatan média masa
disebut…
a. Berita langsung b. Berita teu langsung c. warta d. bewara

12. Dina nyieun warta urang kudu wanoh kana.....


a. 3W + 1 H b. 4W + 2 H c. 5W + 1 H d. 5W + 2 H
13. Upama ditilik tina adeganna warta dibagi jadi…
a. Puhu warta, eusi warta, panutup warta c. puhu warta jeung panutup
b. Puhu warta, eusi warta, kacindekan warta d. pupuh warta jeung eusi warta
14. Nu teu kaasup kode étik jurnalistik nya éta…
a. Kudu miboga asas praduga tak bersalah c. dumasar kana opini
b. teu kacampuran ku sawangan nu nulis d. kudu objéktif
Kebon Raya Kareueus Urang Kuningan

Urang Kuningan jeung sabudeureunana mun hayang ulin ka kebon raya, teu kudu jauh-
jauh ka Bogor. Ayeuna mah di Kuningan ogè aya Kebon Raya Kuningan. “Insyaa Alloh bakal jadi
kareueus urang Kuningan,” ceuk Bupati Kuningan, Acèp Purnama, basa dikolongan ku
wartawan Sora Jabar, Salasa (21/3/2017).
Acèp nètèlakeun yèn diwangunna kebon raya Kuningan tèh luyu jeung visi pamarèntah
Kabupaten Kuningan nya èta, Kuningan Kabupatèn Konsèrvasi. “Eta saluyu jeung kaayaan
alamna anu èndah, caina cur-cor, sarta hawana anu seger, kawantu aya ditutugan gunung
Ciremai”, ceuk Acèp.
Kebon Raya Kuningan téh perenahna di Désa Padabeunghar, kacamatan Pasawahan,
Kabupatèn Kuningan. Ngurung arèa anu legana 154 Hèktar di tutugan jeung lamping kulon
Gunung Ciremai. Di jerona aya leuwih ti 23 rèbu jenis tutuwuhan. Dilengkepan ku fasilitas
sèjenna saperti situ, jalan, tempat reureuh, tempat pintonan, tempat pabinihan, jeung kantor.

15. Naon nu jadi téma dina éta warta?


a. Kebon raya Kuningan c. Kebon raya Bogor
b. Kuningan Kabupaten Konsèrvasi d. Kareueus Bupati Kuningan
16. Dimana perenahna Kebon Raya Kuningan?
a. Desa Mandirancan c. Desa Padamiskin
b. Desa Mandalawangi d. Desa Padabeunghar
17. Di handap ieu fasilitas-fasilitas nu aya di Kebon Raya Kuningan, iwal ti.......
a. Situ, tempat pintonan, tempat reureuh
b. Situ, tempat pamandian, tempat pintonan
c. Tempat pintonan, kantor, tempat pabinihan
d. Jalan, kantor, tempat pintonan
18. Anu kaasup kalimah barang nya èta.......
a. Wawan meuli buku basa Sunda c. Wawan resep kana buku basa Sunda
b. Wawan maca buku Sunda d. Wawan boga buku basa Sunda
19. Urang Majalengka mah kasohor nyalantri.
Kalimah di luhur tèh kaasup kana....
a. Kalimah sipat c. Kalimah bilangan
b. Kalimah barang d. Kalimah pagawèan
20. (1) Piuntungeun dagang tèh aya kana sapuluh rèbuna.
(2) Kang Iyan keur meuli kaos kaki
(3) Pa Dedi tèh pupuhu MGMP basa Sunda
(4) Tarajè geus ditanggeuhkeun, kari naèk
Nu kaasup kalimah pagawèan nya èta......
a. 1 jeung 2 b. 2 jeung 3 c. 2 jeung 4 d. 1 jeung 4

21. Upama nilik kana wangunna, guguritan tèh kaasup kana....


a. Puisi b. Prosa c. Èsèy d. drama

22. Nu kaasup pupuh sekar alit nya èta.....


a. Mijil jeung asmarandana c. Mijil jeung durma
b. Sinom jeung durma d. Durma jeung asmarandana
23. PERSIB NU KURING
Urang Sunda mikanyaah mikacinta,
Deudeuh geugeut ka persib
Dipuji dipuja,
Persib nu sarèrèa,
Persib nu kuring nu abdi,
Nu urang Sunda,
Nu uing nu silaing.
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh durma di luhur nya èta....
a. 12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i c. 13a, 7i, 6a, 7u, 8i, 5a, 7i
b. 12u, 7i, 6a, 7i, 8i, 5a, 7i d. 13a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7o
24. Golongan pasipatan jelema nu hadè nya èta....
a. Jail hiri dengki c. Somèah darèhdèh
b. Adigung angguklung d. Basangkal bedegong
25. Kadaharan has urang Majalengka nya èta....
a. Tahu b. Dodol c. kecap d. peuyeum
26. Kadaharan anu dijieuna tina sampeu, diantarana....
a. Combro jeung misro c. Bugis jeung dodol
b. Colènak jeung cilok d. Donat jeung dadar gulung
27. Inuman anu karasana haneut atawa panas nya èta......
a. Cèndol b. Bandrèk c. goyobod d. cingcaw
Kudu getol neukteuk kuku
Ngarah pinter lamun dangdan
Kudu getol maca buku
Ngarah pinter jiga Dadan
28. Sisindiran di luhur kaasup kana….
a. Sisindiran b. Wawangsalan c. paparikan d. rarakitan

Klub bola asal ti Bandung


Geus nasib sok éléh baé
29. Wangsal tina éta sisindiran di luhur nya éta?
a. Bobotoh b. Viking c. Persib d. Persija

30. Kecap sisingaan tèh kecap rajèkan anu nuduhkeun....


a. Titiron c. Anu boga sipat saperti....
b. Loba d. Terus-terusan

B. Kerjakeun soal-soal di handap kalawan bener!


1. Tuliskeun rumpaka kawih Mojang Priangan!
2. Jieun sapada (saparagraf) warta témana ngeunaan “Corona”!
3. Lengkepan pupuh mijil di handap ku cara masangkeun jawaban nu aya di gigireuna!
NATAAN KADAHARAN SUNDA
Kadaharan urang Sunda....................., Kolontong
Opak jeung....................., Asli
Nginumna mah bajigur jeung....................., Surabi
Kuèhna gegeplak jeung........................, Bugis
Ulèn awug................................., Cuhcur
Ali agrem......................, bandrèk
4. Lengkepan sisindiran di handap ieu
Sing getol nginum jajamu
Nu guna………….......
Sing getol........………...
Nu guna.........................
5. Naon wangsal tina ieu sisindiran?
Teu puguh monyét hideungna
Asa teu puguh tungtungna (wangsalna:………….)

Anda mungkin juga menyukai