Anda di halaman 1dari 8

PEMERINTAH KABUPATEN BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
KOORDINATOR WILAYAH BIDANG PENDIDIKAN KEC. PASEH
SD NEGERI CIJAGRA 02
Jalan Kadatuan Desa Mekarpawitan Kecamatan Paseh Kabupaten Bandung-40383

LEMBAR SOAL
UJIAN SEKOLAH JENJANG SD
TAHUN PELAJARAN 2020/2021

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Waktu : 90 menit

PETUNJUK UMUM
1. Isilah lembar jawaban dengan menggunakan pensil 2B
2. Tulislah identitas nama, nomor peserta, pada kolom yang disediakan dalam LJUS.
3. Tulis nama sekolah, tanggal ujian pada kotak yang disediakan dalam LJUS.
4. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum Anda menjawabnya.
5. Tulislah nama mata pelajaran pada kolom mata pelajaran yang disediakan dalam LJUS.
6. Berilah tanda silanga (X) salah satu huruf A,B,C, atau D yang dianggap jawaban paling benar pada
kotak jawaban dalam LJUS.
7. Jika terjadi kesalahan memberi tanda silang (X) hapus yang bersih.
8. Jumlah soal sebanyak 40 butir, dan waktu yang tersedia 90 menit.
9. Lembar jawaban tidak bileh kotor, basah, robek atau terlipat.
SELAMAT MENGERJAKAN DENGAN TEKUN DAN JUJUR
“ SEMOGA BERHASIL !“
________________________________________________________________________
I. PILIHAN GANDA
1. Naon anu dimaksud sajak teh....
A. Carita rekaan anu ngandung hal-hal pamohalan
B. Karangan dina wangun basa ugeran (puisi)
C. Sagala rupa nu kaalaman ku hiji jalma
D. Dongeng jaman buhun

Kacida endah na alam ieu


Sawah anu luas ngabentang
Gunung-gunung anu ngajulang nyusul langit
Laut anu biru sarta ombak anu endah
Eta ciptaan Allah anu Maha Esa
Anu Maha Agung.

2. Conto sajak di luhur ngajelaskeun ....


A. Gunung anu luhur ngajulang
B. walungan anu ca’ah
C. Kaendahan alam
D. Laut anu loba laukna
3. Ari dina jenisna mah, sajak sarua jeung naon ....
A. Pupuh, pupujian, dongeng
B. Pupujian, dongeng, mantra
C. Pupuh, mantra
D. Pupuh, pupujian, Mantra
4. Kecap kantetan anu mangrupa babasan nya eta…
A. bumi gede C. gede hulu
B. jalma gede D. gede sirah

Baca kawih nu aya di handap ieu !


Cita-Cita
Abi gaduh hiji harapan nu ageung
Abi hoyong janten guru
Ayeuna abi rajin diajar
Abi hoyong ngawujudkeun cita-cita abi
Janten guru teh mulia
Ngajar jeung ngadidik para siswa/siswi
abi bade samanget ngaraih cita-cita abi
Diajar sing giat sapanjang waktos

5. Bacaan kawih di luhur nyaritakeun ….


A. sumanget terus diajar
B. susah senang guru
C. mangpaat jadi guru
D. cita-cita jadi guru

6. Kaulinan nu biasana dilakukeun ku barudak lalaki di antarana nya eta ....


A. ucing sumput C. anjang-anjangan
B. maen kaleci D. Sondah

7. Dina kaulinan peperangan, barudak diajar ngatur strategi, sangkan bisa . . . regu lawan.
A. ngulinkeun B. ngelehkeun C. meakeun D. Mepedkeun

8. di hiji waktu sAlman Ngajakan Ucing Sumput ka DaNu


Kalimah anu aksarana merenah tur bener nya eta ....
A. di hiji waktu Salman ngajakan ucing sumput ka Danu
B. di hijI waktu Salman ngajakan ucing sumput ka Danu
C. dii hiji waktu salman Ngajakan Ucing sumput ka Danu
D. di hiji waktu Salman Ngajakan ucing sumput ka DaNu

9. Baca conto pupuh sinom nu aya di handap ieu ?


Kuring bungahna kacida
tara-tara tisasari
kuring panggih jeung manehna
anu sok kaimpi-impi
ayeuna lain ngimpi
bukti nyata anu estu
hate mah tetep nanya
kuring keukeuh acan ngarti
ngadak-ngadak bisa panggih jeung manehna
Patokan pupuh sinom di luhur teh nya eta ....
A. 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a
B. 8u,8i,8a,8e/o,8a,7a,8u,8a
C. 8u,8i,8a,8i,8a,8i
D. 10i,6o, 10e, 10i, 6i, 6u
10. Guguritan biasana dibacana ....
A. dideklamasikeun C. dipantunkeun
B. digalindengkeun D. Dihariringkeun

11. Anita sibuk beberes imah.... Yadi diuk bari nginum sirop
Kecap anu bener kanggo ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ....
A. Waktos C. Jeung
B. Tapi D. Kajeun
12. Ngajaga kasehatan . . . heunte katarajang panyakit.
Kecap panyambung anu bener kanggo ngalengkepan kalimah di luhur nya eta....
A. tapi C. arek
B. sabab D. Supaya
C.
13. Telikan conto kalimah di handap ieu :
1. "Din, iraha rék aya kajuaraan Pencak Silat téh?” Kang. Ujang nanya.
2. “Iraha datang ti Bandung teh, Wan?” Mang. Idin naros.
3. ,,Cok saha anu rek meli hayam urang teh!.. Mang Oding nyarita.
Mana wae kalimah langsung di luhur anu merenah tur bener tanda baca na?
A. 1,2,3 C. 2,3
B. 1,2 D. 3

Tengetan sajak “Mun” ieu di handap pikeun soal nomer 14-15


Mun
Mun,
Gunung-gunung geus jadi lembur
Pasawahan jadi perumahan
Walungan kari ngagulaan
Pakebon jadi gedong sigrong
Mangka langit bakal pinuh polusi
Anginna nebar sakarat
Naraka keur pangesina
Sawarga nyingkah teuing kamana
(Naha generasi kuring bet dibeungberat ku karusakan nu terus di rusak ?)
Kenging : Kang Teten has FB- Bandung

14. Kaayaan gunung-gunung anu digambarkeun dina sajak “Mun” geus robah jadi ....
A. leuweung C, lembur
B. kebon D. Pasir

15. Maksud kalimah “Walungan kari ngagulaan”, dina sajak “Mun” nya eta kaayaan walungan
anu ....
A. caina tarik B. caina banjir C. caina kiruh D. caina herang

16. Saparapat jalan katingali pasawahan lega upluk-aplak.


Istilah geografi anu patali jeung tatanen dina eta kalimah nyaeta ....
A. saparapat B. pasawahan C. alan D. Lega

. Carpon Babaturan
Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya éta Dinda jeung Rani.
Maranéhna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu nganggap manéhna téh
duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola,
Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola

17. Saha wae palaku anu aya dina carpon di luhur ?


A. Dami jeung Marni C. Dinda jeung Rani
B. Dinda jeung Ahmad D. Rani jeung Rina

18. Aya hubungan naon Dinda jeung Rani teh !


A. Sosobatan C. Duduluran
B. Babaturan D. Adi Jeung Lanceuk

19. Naon amanat anu bisa dipetik dina carpon di luhur ?


A. Jeung babaturan teh kudu akur,sauyunan babarengan
B. Kababaturan teh kudu bageur ngajajanan
C. Mangkat ka sakola kudu silih tinggalkeun
D. Kudu diajar sing rajin
20. Kalimah anu make kecap pinter ditambah rarangken tengah um nyaeta ....
A. Si Asep mah sok pararinter asa aing pangpinterna padahal mah euweuh kanyaho.  
B. Si Asep mah sok parinter, asa aing pangpinterna padahal mah euweuh kanyaho.
C. Si Asep mah sok guminter, asa aing pangpinterna padahal mah euweuh kanyaho.
D. Si Asep mah sok barageur, asa aing pangpinterna padahal mah euweuh kanyaho.
22. Susun kecap-kecap di handap jadi kalimah anu merenah!
21. Pempek
parantosmangrupakeun salah
– ka – ibu – pun sahiji kaemaman
– angkat – pasar khas ti Palembang(1) Kaemaman raos ieu dijieuna ti
campuran tipung tapioka(2) tipung tarigu(3) sarta gilingan
pun ibulauk anu seger(4)
angkat Pempek ieu seueur
A. Parantos ka ibu pun angkat pasar. C. Pasar parantos ka.
kalintang rupina ti mimiti pempek kapal selam(5) pempek lauk(6) sarta seueur deui anu sanesna(7)
B. Pun ibu parantos angkat ka pasar. D.Ibu pasar ka angkat parantos pun.
Tanda baca anu pas kanggo paragraf di luhur nyaeta ....

A. (1)=(.);
23. Kalimah tanya(2)=(,);
anu(3)=(,); (4)=(,); "janari
jawabannana (5)=(,); leutik"
(6)=(,); nya
(7)=(.)
eta ....
B. (1)=(.); (2)=(,); (3)=(,); (4)=(.);
A. Tabuh sabaraha urang saur teh? (5)=(,); (6)=(,); (7)=(.)
(1)=(,);saur
C.Tuang
B. (2)=(.);
dina (3)=(,); (4)=(,);
bulan puasa teh (5)=(,);
wanci ?(6)=(,); (7)=(.)
D. (1)=(,); (2)=(,); (3)=(,);
C. Iraha bulan puasa teh? (4)=(.); (5)=(,); (6)=(,); (7)=(.)
D. Dinten naon saum di bulan puasa teh?
24. Perhartoskeun teks argumentasi di handap ieu!
Upami diibaratkeun, NKRI teh hiji tangkal. Tangkal NKRI teh kedah weweg, nyemploh
hejo daunna, marakbak kembangna, tur meuhpeuy buahna. Sangkan tujuan Indonesia kahontal,
sakabeh akar kedah gawe sasarengan nyiar saripati pikeun hirupna tangkal NKRI. Eta akar-akar
teh aya lian ti saban seler bangsa di Indonesia. Upami katembong tangkal NKRI tea meuhpeuy
buahna, eta tandaning sakumna seler bangsa mere sumbangsih kana suburna tangkal NKRI. Ti
dinya, sakuliah Indonesia bakal ngaraoskeun subur ma'murna Indonesia. Sakabeh pangeusi
nagri bakal ngarasa tingtrim hirup di Indonesia.
Kumaha akibatna upama "akar" hiji seler bangsa garing?
A. Pangeusi nagri moal ngarasa tingtrim hirup di Indonesia
B. Sakuliah Indonesia bakal ngaraoskeun subur ma'murna Indonesia
C. Sakabeh pangeusi nagri bakal ngarasa tingtrim hirup di Indonesia
D. Tujuan Indonesia bakal kahontal
25. Moal aya anu disebat budaya nasional Indonesia upami teu aya ..... budaya daerah.
A. jabaning
B. rupaning
C. bakating
D. tariking
26. Kekembangan ...... ku Asih

A. nyebor
B. dicebor
C. cebor
D. nyeboran
27. Kalimah mana anu leres ejaannana?
A. Rorompok ieu meni resik.
B. Kantongna rasa bulao
C. Anjeuna nuang kaca soca.
D. Rompopok tembok bodas.

Soal nomer 28-29 perhatoskeun teks biografi di handap ieu!


Pa Ajip Rosidi dibabarkeun di Jatiwangi, Majalengka, Jawa Barat ping 31 Januari 1938. Namatkeun atikan tingkat
SD di Jatiwangi taun 1950, namatkeun SMP di Jakarta taun 1953. Lajeng neraskeun sakola ka Taman Madya di Jakarta.
Sing saha bae anu sering maca tangtos bakal caang pikir. Ti alit keneh anjeuna tos resep maca. Bacaan naon bae ku
anjeuna diaos. Nuju sakolana anjeuna sering pisan nambutan buku ti perpustakaan. Rerencanganana mah nambut buku teh
mung hiji bari duka tamat duka henteu. Ari Pa Ajip mah sakali nambut buku opat bari tamat. Samalah buku teh diaosna
sok dugi ka dua kali.
28. Naon tuladan tina diri Pa Ajip Rosidi?
A. Resep maca
B. Resep tuang
C. Pinter ngetik komputer
D. Resep musik klasik
29. Pa Ajip pami nambut buku ka perpustakaan sok ....
A. nambut hiji bari teu tamat
B. nambut opat tapi teu tamat
C. nambut opat bari tamat
D. nambut dua puluh bari teu tamat
30. Abdi neda sangu sapiring.
Hasil ngarobih kalimah di luhur janten ragam kalimah basa hormat (lemes) ka saluhureun, nya
eta ....
A. Pun biang nuang sangu sapiring.
B. Si ucing nuang sangu sapiring.
C. Pun biang neda sangu sapiring.
D. Abdi nuang sangu sarupaning.
Soal nomer 31-35 perhatoskeun teks deskripsi di handap ieu:

GLOBALISASI

Istilah Globalisasi mimitina dipopulerkeun ku Theodore Levitt dina taun 1983. Dina mangsa harita, Theodore nulis
artikel bisnis anu judulna "Globalisasi Pasar". Theodore teh ahli ekonomi bangsa Amerika turunan Jerman.
Globalisasi teh hal anu abstrak. Abstrak hartina teu bisa katingali wujudna, teu bisa kapireng sorana, tapi pengaruh
jeung akibatna bisa karasa. Globalisasi bisa dihartikeun proses ngarinjatna hubungan internasional antar nagara di sakuliah
dunya. Ku ayana globalisasi sumebarna barang jeung gagasan beuki gampang. Globalisasi ngalantarankeun hiji nagara
bakal gumantung ka nagara sejenna. Nagara jeung nagara bakal silih pikabutuh ku ayana globalisasi. Dina globalisasi,
hubungan dagang antarnagara silih pangaruhan. Sakumna aspek kahirupan kapangaruhan ku ayana globalisasi.
Ayana globalisasi katiten dina widang budaya. Bangsa deungeun mangaruhan ka bangsa urang. Sabalikna bangsa
urang oge mangaruhan bangsa deungeun. Contona lagu-lagu nu dihaluangkeun ku artis mancanagara, dipikawanoh ku
urang Indonesia. Sabalikna, batik Indonesia dipikaresep ku bangsa batur. Tempe jeung sate dipikawanoh ku urang
mancanagara.
31. Naon contona pangaruh globalisasi dina widang budaya ?
A. Budak SD urang Sunda bisa wawuh jeng budak SD urang Amerika
B. Tempe jeung Sate
C. lagu-lagu, mancanegara dipikawanoh ku urang Indonesia.
D. komunikasi digital
32. Globalisasi bisa dihartikeun .....
A. Hal anu abstrak
B. Hubungan dagang antarnagara
C. Proses ngarinjatna hubungan internasional antar nagara di sakuliah dunya.
D. Teu bisa katingali wujudna, teu bisa kapireng sorana, tapi pengaruh jeung akibatna bisa karasa
33. Kalimah inti tina paragraf katilu nya eta ....
A. Istilah Globalisasi
B. Hiji nagara jeung nagara sejen jadi karasa deukeut
C. Ayana globalisasi katiten dina widang budaya
D. Hartosna globalisasi
34. Nyarita ku basa Sunda teh kedah janten ..........
A. Kabiasaan
B. Kagunaan
C. kamerdekaan
D. kajantenan
35.

pintonan - aya - televisi - golek - dina - wayang


Susunan kalimah anu merenah tina kecap-kecap diluruh nyaeta ....
A. Dina wayang golek aya pintonan televisi.
B. Wayang golek aya dina televisi pintonan.
C. Dina televisi aya pintonan wayang golek.
D. Televisi aya dina pintonan wayang golek.
36. Kang Ganda : Sabaraha diicalna manisan teh, bu?
Bu Sari : Antawis 60 dugi ka 70 rebu perkilona. Anu 70 rebu mah manisan cabe, margi cabena
awis, teras peryogi gulana langkung seeur.
Kang Ganda : Kamana wae eta diicalna?
Bu Sari : Tos kamana-mana, Den, sakuliah Jawa Barat mah tos aya langganan. Sok sarumping
nyalira kadieu.
Kang Ganda : Sae. Keuntungannana kumaha, tah, bu?
Bu Sari : Kantenan Aden. Ibu ngawawaragadan kuliah pun anak tina ladang manisan sayuran.

Kecap Untung hartosna .....


A. Loba hasilna, loba beubeunanganana
B. Loba rugina
C. sakedik bebeunangannana
D. sakedik hasilna
37. Antonim tina kecap "untung" nya eta ....
A. Payu
B. Rugi
C. Laris
D. Pisan
38. Jang Udin teh jalmi anu hampang birit.
Babasan hampang birit hartosna ....
A. biritna hampang
B. babari dititah
C. babari ambeuk
D. kedul pisan
Soal nomer 39-40 perhatoskeun teks biantara di handap ieu:

Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.


Sampurasun,
Bapa Kepala Desa Rancage kalih Ibu anu ku sim kuring dipihormat,
Ibu-Bapa hadirin warga masyarakat Desa Rancage anu ku sim kuring dipihormat,

Alhamdulillah, puji kalih sukur kasanggakeun ka Alloh Subhanahu Wata'ala anu parantos ngempelkeun urang
sadayana di ieu tempat kalayan sehat wal'afiat tur aya dina kabingahan. Solawat miwah salam kasanggakeun ka Jungjunan
urang sadayana, Kangjeng Nabi Muhammad Shollallohu 'Alaihi Wasallam. Mugia urang sadayana kenging sapaat jaga di
yaumil akhir.
Ti payun, sim kuring salaku penyuluh kesehatan, seja ngahturkeun nuhun, wireh parantos dipaparin kasempetan
kanggo sumanggem dina ieu acara. Sim kuring kapapancenan kanggo ngadugikeun sasieureun-sabeunyeureun perkawis
kesehatan masyarakat di lingkungan Desa Rancage anu kacida ku urang dipikacintana.
Hadirin sadayana. Supados sehat, urang kedah neda katuangan anu halal sareng sae. Sae mah nyumponan serat gizi.
Ari katuangan anu nyumponan serat gizi kedah ngandung unsur-unsur karbohidrat, protein, lemak, vitamin, mineral, sareng
cai. Tah Ibu kalih Bapa, sadayana unsur gizi teh kedah kacumponan. Teu kedah nu awis-awis. Protein teu kedah tina daging
bae, nanging tiasa tina tempe-tahu, vitamin teu kedah tina buah impor nu awis-awis. Seueur bungbuahan lokal anu aya di
sabundeureun urang. Kayaning cau, jeruk Garut, danas Subang, salak Cineam, sareng sanesna.
Hal anu kadua anu kedah diperhartoskeun nyaeta sanitasi lingkungan. Anu dimaksad sanitasi lingkungan nyaeta
usaha-usaha urang sangkan lingkungan urang sehat. Ieu kedah dikawitan ti lingkungan kulawarga. Bumi teh kedah beresih
tina rupi-rupi kokotor, kekebul, sareng runtah. Kokotor tina ubin sapukeun. Kaca-kaca anu caletre beresihan sina jadi
herang mencrang. Simbut, sepre, anduk rutin diseuseuh saminggin sakali.
Para wargi, sakitu rupina pedaran sim kuring perkawis kesehatan lingkungan. Taya sanes sangkan kulawarga
sehat, masyarakat sehat, urang sadayana hirup raharja, aamiin. Pamungkas, sim kuring neda tawakupna bilih aya kecap-
kecap anu teu merenah, mugia jembar hapuntenna. Hatur nuhun sewu nuhun kana rupining perhatosan parawargi sadayana.
Billaitaufik walhidayah
Wassalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
39. Runtuyan biantara anu leres nya eta:
A. 1. Eusi
2. Bubuka
3. Penutup
B. 1. Bubuka
2. Eusi
3. Penutup
C. 1. Penutup
2. Bubuka
3. Eusi
D. 1. Bubuka
2. Penutup
3. Eusi

40. Sanitasi lingkungan nyaeta.......


A. Katuangan anu halal sareng sae C. Nyumponan serat giji
B. Usaha-usaha urang sangkan lingkungan urang sehat D. Sadayana unsur gizi kedah kacumponan

Kunci Jawaban US Basa Sunda

1.B
2.C
3.D
4.C
5.D
6.B
7.B
8.A
9.A
10.A
11.B
12.D
13.B
14 C
15.C
16.B
17.C
18.B
19.A
20. C
21. B
22. B
23. B
24. A
25. B
26. B
27. A
28. A
29. B
30. A
31. C
32. C
33. C
34. A
35. C
36. A
37. B
38. B
39. B
40. B

Anda mungkin juga menyukai