Anda di halaman 1dari 5

UJIAN SEKOLAH (US) SD/MI

KORWIL PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN KEC. PATOKBEUSI


SD NEGERI CIBERES
TAHUN PELAJARAN 2020 – 2021

LEMBAR SOAL
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Hari/Tanggal : Sabtu, 29 Mei 2021
Alokasi Waktu: 90 menit
Dimulai pukul : 09.30 WIB
Diakhiri pukul : 11.00 WIB

PETUNJUK UMUM
1. Bacalah soal dengan teliti dan cermat!
2. Tulis terlebih dahulu nomor pesertamu!
3. Kerjakanlah setiap soal dengan teliti dan benar pada lembar jawaban yang disediakan!
4. Bertanyalah pada pengawas jika ada soal yang kurang dipahami!
5. Dahulukan soal-soal yang kamu anggap paling mudah!
6. Bila pada pilihan terdapat jawaban yang dianggap salah dan kamu ingin memperbaikinya, coretlah
dengan dua gari lurus mendatar pada jawaban yang salah kemudian berilah tanda silang (X) pada
huruf di depan jawaban yang kamu anggap benar!
Contoh : Jawaban semula : A B C D
Diperbaiki : A B C D

SELAMAT BEKERJA

I. Pilih jawaban A, B, C atawa D anu dianggap benar!

Baca biantara di handap ieu sing taliti!


Pikeun ngeusian soal no 1- 5

Assalamualaikum Wr Wb
Bapa Kepala Sekolah anu dipihormat. Bapa sareng ibu guru anu sami – sami dipihormat, teu hilap
rerencangan kelas 6 sareng sadayana murid SD Ciberes anu dipikacinta. Puji sareng sukur urang
panjatkeun kahadirat Alloh SWT. Anu parantos masihan kakiatan ka urang sadayana, dugi ka tiasa
ngariung dina acara perpisahan kelas 6 ieu. Solawat sareng salam mugia didugikeun ka Nabi
Muhammad SAW.
Abdi salaku wawakil ti kelas 6 taun ieu bade ngucapkeun hatur nuhun ka sadayana bapa ibu
guru anu parantos ngatik ngadidik ka urang sadayana dugi ka lulus ujian. Mugi-mugi jasa bapa ibu
guru ngajantenkeun kasaean sarta janten amal ibadah anu sae.
Saterasna abdi sareng rerencangan nyuhunkeun dihapunten anu saageung-ageungna ka
sadayana bapa ibu guru tangtosna dina salami genep taun ieu seueur kalepatan sareng kaluputan.
Abdi sareng rerencangan bade neruskeun cita-cita. Abdi bade pamit kasadayana.
Rupina biantara ti sim abdi dicekapkeun sakieu wae. Hatur nuhun kasadayana.

Wassalamualaikum. Wr Wb

1. Anu biantara dina bacaan di luhur nyaeta ....


A. guru C. wawakil budak kelas 6
B. Kepala Sekolah D. wawakil sepuh

2. Biantara dilaksanakeun dina acara ....


A. upacara bendera C. perpisahan kelas 6
B. agustusan D. pemilihan KM

3. Wawakil ti kelas 6 anu biantara menta hampura ka ....


A. bapa ibu guru C. rerencangan kelas 6
B. kolot sorangan D. sakabeh nu hadir
4. Biantara ti sim abdi dicekapkeun sakieu wae. Kalimah eta kaasup biantara bagean ....
A. bubuka biantara C. panutup biantara
B. eusi biantara D. awal biantara

5. Anu parantos ngatik ngadidik urang sadayana nyaeta ....


A. indung bapa C. babaturan
B. kepala sekolah D. bapa ibu guru

Pikeun ngajawab soal no 6- 10


Ilo pupuh Asmarandana di handap ieu!

ELING- ELING
Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

6. Guru lagu jeung guru wilangan pupuh asmarandana di luhur nyaeta ....
A. 8i-8a-8e-8a-7a-8i-8a C. 8i-8a-8o-8a-7a-8u-8a
B. 8i-8a-8e-8a-7a-8u-8i D. 8i-8a-8e-8a-7a-8u-8a

7. Watek pupuh asmarandana di luhur nyaeta ....


A. mere pepeling C. lulucuan
B. sedih kingkin D. nalangsa

8. Rumingkang di bumi alam.


Rumingkang hartina ....
A. Ngalalakon/hirup C. nangtung
B. leumpang D. ngarasakeun

9. Amanat pupuh asmarandana di luhur nyaeta ....


A. Kudu bisa mere maweh ka sasama
B. Sing waspada ka jalma anu anyar wawuh
C. Jadi jalma ulah jahat jeung gede ambek
D. Mere pepeling ka jalma sangkan teu kaduhung

10. Jumlah sapada pupuh asmarandana di luhur aya ... padalisan


A. 6 C. 8
B. 7 D. 9

11. Puji sareng sukur urang panjatkeun kahadirot Allah SWT. Kalimah eta kaasup ... biantara.
A. bubuka C. panutup
B. panyelang D. eusi

12. Paribasa anu hartina ginding ku barang batur nyaeta ....


A. adat kakurung ku iga C. pupulur memeh mantun
B. adean ku kuda beureum D. poek mongkleng buta rajin

13. Piwuruk ti sepuh mah kudu dilaksanakeun.


Piwuruk teh hartina ....
A. omongan C. caritaan
B. didikan D. nasehat

14. Kalimah nasehat anu aya hubunganna jeung ibadah di handap ieu nyaeta ....
A. buku anu dibaca teh judulna “Nasehat Ibadah”
B. tong hilap solat anu lima waktu di mana wae urang ayana!
C. mun hayang naek kelas sing rajin sakola jeung rajin ngapalkeun!
D. budak anu resep ngaji bari jeung rajin ibadah loba anu resepeun.
15. Anu kaasup kalimah bubuka biantara nyaeta ....
A. dicekapkeun sakieu wae biantara ti sim abdi.
B. puji sukur urang panjatkeun ka Alloh SWT
C. dina raraga paturay tineung mugia sing lancar
D. ahirna urang sadayana rek papisah dina ieu waktos

Soal pikeun no 16-19


Paguneman
Bu guru : Barudak, luyu jeung program Gugus Depan 17.069-17.070 urang rek ngalaksanakeun
PERSAMI.
Aceng : Bu, dupi PERSAMI teh naon?
Ida : Abdi terang bu! Perkemahan Sabtu Minggu
Bu guru : Tah leres kitu Ida.
Uned : Bu, PERSAMI na urang ka Cikole weh bu
Bu guru : Ah urang di dieu weh di buruan sakola.

16. Poe harita ibu guru nyarita ka barudak ngajak ....


A. kemah C. PERSAMI
B. ka Cikole D. diajar kemah

17. Anu teu apal kana istilah PERSAMI nyaeta ....


A. bu guru C. Ida
B. Aceng D. Uned

18. Tempat PERSAMI teh numutkeun carita di luhur nyaeta diayakeun di ....
A. Cikole C. Rangga Wulung
B. Bumi Perkemahan D. buruan sakola

19. Judul carita di luhur “Paguneman”


Paguneman hartina ....
A. obrolan C. sawala
B. wawancara D. pengumuman

20. Formulir Riwayat Hidup anu ngajentrekeun pendidikan anu pernah dicangking nyaeta ....
A. daftar riwayat C. pangalaman digawe
B. riwayat pendidikan D. daftar sakola

21. Biantara teh sarua hartina jeung ....


A. pidato C. ngomong
B. nyarios D. nyarita

22. Dina Sasakala Gunung Tangkuban Parahu indungna Sangkuriang ngarana ....
A. Dayang Sumbi C. Purba Rarang
B. Ambu D. Purba Leuwi

23. Watak tokoh drama anu pikasebeleun, jahat ka batur, mindeng disebut ....
A. protagonis C. tritagonis
B. antagonis D. deutragonis

24. Neng Halimah keur sasapedahan pipireun imah, ari pek teh manehna labuh. Katingalieun ku
Si Karim anu keur ulin. Si Karim budak bageur, sok tulung tinulung ka batur. Ningali Neng
Halimah labuh tuluy Si Karim ... Neng Halimah
A. ngahudangkeun bari nungtun sapedah
B. nimpug ku batu jiga nu ambek
C. nyered sapedah ka solokan bari ngantep
D. ngece bari jeung nyeungseurikeun

25. Sasakala gunung tangkuban parahu asalna ti jawa barat.


Kalimah di luhur anu luyu jeung penggunaan hurup gede nyaeta ....
A. Sasakala gunung Tangkuban Parahu asalna ti jawa barat.
B. sasakala gunung Tangkuban Parahu asalna ti jawa barat.
C. Sasakala Gunung Tangkuban Parahu asalna ti Jawa Barat.
D. Sasakala gunung tangkuban parahu asalna ti Jawa Barat.
Baca sing taliti!
Pikeun ngeusian soal no 26-30

Rumah Sakit pinuh ku anu kaserang panyakit Corona. Daya tampung rumah sakit geus teu mampu
nampung pasien nu sakitu lobana Wabah panyakit corona nyerang warga di India. Rebuan jalma
ninggal alatan panyakit ieu. Naon ari panyakit Corona teh! Corona nyaeta panyakit anu
diakibatkeun ku sato leutik pisan anu disebut virus. Ku alatan sato eta urang bisa kaserang sesak
napas,demam tinggi,batuk, pilek teu bisa ngambung babauan, bahkan bisa ngabalukarkeun tilar
dunya.

Wabah corona di India jadi sorotan dunia, sabab jumlah korban maot panglobana sadunya. Hal eta
bisa kajadian sabab masyarakat henteu patuh kana aturan protokol kasehatan anu dianjurkeun ku
pamarentah.

26. Sato anu ngabalukarkeun panyakit corona nyaeta ....


A. laleur C. lalay
B. beurit D. virus

27. Bahkan bisa ngabalukarkeun tilar dunya.


Tilar dunya hartosna ....
A. sehat C. maot
B. gering D. balik

28. Lamun urang kaserang virus corona anu karasa di awak urang nyaeta ....
A. Sesak napas,diare,batuk, pilek teu bisa ngambung babauan.
B. Sesak napas,demam tinggi,ateul, pilek teu bisa ngambung babauan.
C. Sesak napas,demam tinggi,batuk, iritasi mata.
D. Sesak napas,demam tinggi,batuk, pilek teu bisa ngambung babauan.

29. Wabah corona di India jadi sorotan dunia kusabab ....


A. India nagara anu bebas ku corona
B. Masyarakat India patuh jeung taat kana aturan pamarentah
C. Jumlah korban maot akibat corona panglobana sadunya
D. Protokol Kasehatan di India dilaksanakeun ku masyarakatna

30. Salah sahiji protokol kasehatan keur nyegah nerekabna panyakit virus corona anu dianjurkeun
ku pamarentah, nyaeta ....
A. kudu nginum vitamin unggal poe
B. kumpul ngariung bebas jeung batur
C. bebas ulin ka mana wae
D. make masker mun ka luar ti imah

31. Pek titenan ku hidep!


Widang olahraga maju ku ayana globalisasi. Dina maen bal, klub-klub di urang ngontrak
pemaen-pemaen deungeun anu disebut marquee player. Persib utamana ngontrak …(1)
Michael Essien anu kamashur. Rio Haryanto …(2) Formula 1 makalangan di sirkuit balap
Bahrain. Sareng … (3) badminton,panah,angkat besi Indonesia dikirim ka Olimpiade
Kecap anu tepat pikeun ngeusian lolongkrang di luhur nyaeta ….
A. (1) pelatih; (2) pemain; (3) atlet
B. (1) pemain; (2) pembalap; (3) atlet
C. (1) pelatih; (2) pembalap; (3) pemain
D. (1) pemain, (2) atlet; (3) pembalap

32. Neng Suci murid anu...di kelas 6, jadi juara kelas lantaran getol diajarna.
Kecap anu merenah pikeun ngeusian titik titik nyaeta ….
A. pangbageurna C. pangrajinna
B. pangpinterna D. narima

33. Pintonan drama anu digambarkeun ku gerakan awak disebut ….


A. opera C. pantomim
B. sandiwara D. teater
34. Paré téh keur sumedeng beukah
Kecap sumedeng maké rarangkén ….
A. hareup C. tengah
B. tukang D. handap

35. Dina dinten ayeuna abdi sareng rerencangan sakelas bade ngantunkeun SDN Kahuripan.
Kecap ngantunkeun saharti sareng kecap ….
A. ngamumule C. ninggalkeun
B. ngamimitian D. ngadatangkeun

II. URAIAN
Jawab pananya di handap ieu sing bener !
1. Jieun 2 kalimah panutup dina biantara!
2. Eusian formulir di handap ieu make data sorangan!
Ngaran : .......................................................................
Nenehna : .......................................................................
Tempat tanggal lahir : .........................................................................
Sakola : .........................................................................
Cita cita. : .........................................................................
Pangaresep : .........................................................................
3. Jieun 2 kalimah anu ngandung nasehat keur barudak anu bengal!
4. Benerkeun kalimah di handap ieu, make ejahan jeung tanda baca anu bener!
a. saha anu boga dulur ngaranna sodikin.
b. kepala sdn banjar sari nyaeta hj siti muhajiroh spd
5. Jieun 2 kalimah kritik nu saluyu sareng gambar di beulah katuhu!

…………………………………………………………………
…………………………………………………………………
…………………………………………………………………
…………………………………………………………………

Anda mungkin juga menyukai