Anda di halaman 1dari 8

UJIAN AKHIR SEMESTER GANJIL

SMK AL AMAH SINDULANG TAHUN AJARAN 2020/2021

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas/Semester : XI (sebelas)/1 (satu)

I. Pilih jawaban nu pang benerna ku cara nyakra (X) akasara A, B, C, D atawa E !


1. Naon anu dimaksud sajak teh.........
a. Carita rekaan anu ngandung hal-hal pamohalan
b. Karangan dina wangun basa ugeran (puisi)
c. Sagala rupa nu kaalaman ku hiji jalma
d. Dongeng jaman buhun
e. Bacaan keur ngabebenyokeun budak ogo
2. Sakumaha wangun karya sastra sejenna, sajak oge kaasup wangun sastra anu…..
a. Imajinatif
b. Konotatif
c. Rekaan
d. Pamohalan
e. Subjektif
3. Basa anu dipake dina sajak umumna padet jeung singket tur sifatna konotatif, sabab
ngandung harti…..
a. Sabener –benerna
b. Dugaan
c. Injeuman
d. Rekaan
e. Eusi hate

Soal kangge no 4-6


…………(4)
(Rahmat M. Sas Karana)

Mojang lenjang nu hideung santen


Diaping ………….(5) ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipepende ………….(6)
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan

4. Sajak di luhur ngabogaan judul naon….


a. Priangan
b. Mojang
c. Srangenge
d. Bulan ngempur
e. jungjunan
5. naon kecap anu ngalengkepan padalisan ka 2….
a. Priangan
b. Mojang
c. Srangenge
d. Bulan ngempur
e. jungjunan
6. naon kecap anu ngalengkepan padalisan ka 3….
a. Priangan
b. Mojang
c. Srangenge
d. Bulan ngempur
e. Jungjunan
7. Eusi sajak diluhur nyaeta ngagambarkeun….
a. Kaéndahan mojang jeng jajaka urang Sunda.
b. Kaéndahan alam Kota Bandung nu katelah Kota Kembang.
c. Kaéndahan alam Jawa Barat anu ramah tur merenah.
d. Kageulisan wanoja urang Sunda nu katelah mojang Priangan.
e. Kaéndahan alam tatar Sunda nu katelah Priangan.

8. Naon anu dimaksud Mojang lenjang nu hideung santen dina eta sajak?
a. Mojang priangan d. Daerah Jawa Barat
b. Mojang sunda anu gareulis e. Urang Tatar Sunda
c. Alam Tatar Sunda

9. Kecap jungjunan biasana dipake pikeun sesebutan hiji jalma ka….


a. Nu dipikacinta atawa kabogoh d. Dunungan gawe urang
b. Jalma anu loba jasana e. Babaturanna
c. Jalma anu berat beunghar ku banda

10. Naon anu dimaksud kecap pangkonan dina padalisan ka tilu pada ka dua sajak di luhur?
a. Taneuh kuburan d. Pangkuan kabogoh
b. Tanah priangan e. Tempat cicing
c. Alam Jawa Barat
Soal kangge no 11-13
Lemah Cai Kuring
(Apip Mustopa)

Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu kurang
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba nu hayang
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus loba kahariwang
Lemah kuring
Cai kuring
Kadeudeuh direbut batur
Lemah kuring
Cai kuring
Geuning geus lain nu kuring

11. Sajak di luhur ngabogaan sabaraha pada jeung tiap pada di wangun ku sabaraha
padalisan….
a. 4 pada, 3 padalisan
b. 5 pada, 5 padalisan
c. 3 pada, 5 padalisan
d. 6 pada, 3 padalisan
e. 5 pada, 3 padalisan
12. Aspek purwakanti pada ka 1 tina sajak di luhur nyaeta…..
a. I-i-a
b. A-i-u
c. I-a-i
d. U-a-u
e. A-u-a
13. Aspek wirahma pada 2 tina sajak di luhur nyaeta…..
a. 5
3
6-2
b. 4
4
2-3-3
c. 4
5
6-3
d. 4
4
8
e. 4
3
3-2-4
14. Loba gaya basa anu aya dina sajak lemah cai kuring di luhur, ngan iwal ti…….
a. Lemah
b. Cai
c. Kuring
d. Kuramg
e. Loba
15. Sajak dibagi jadi 2 nyaeta…..
a. Sasakala, fable
b. Epos, balada
c. Lirik epik
d. Balada, fable
e. Lirik, sasakala
16. Sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakan atawa ngebrehkeun pikiran jeung rasa pribadi
panyajakna tur sifatna lewih subjektif, disebutna sajak naon…….
a. Lirik
b. Epik
c. Balada
d. Epos
e. Sasakala
17. Sajak anu sifatna ngadadarkeun hiji carita atawa kajadian, sarta biasana eusinateh
ngawangun carita kapahlawanan, disebutna sajak naon……
a. Lirik
b. Epik
c. Balada
d. Epos
e. Sasakala
Soal kangge no 18-19
Seuneu Bandung
(Karana Yudbirata)
Saha nu bisa mareuman seuneu bandung
Geni sakti nu nyebrot ti dapur cikapundung
Najan laut kidul
Ngoletrak dipake nyiram
18. Naon eusi tina sajak seuneu bandung
a. Bandung pinuh ku seuneu
b. Saha nu bisa mareuman seuneu bandung
c. Sumanget juang urang bandung
d. Urang ka bandung
e. Ningalikeun kaendahan kota bandung
19. Dina padalisan ka 2 aya kecap geni, naon hartina….
a. Kawani
b. Kadeudeuh
c. Kakuatan
d. Getih
e. Pancuran

COLÉNAK
Urang tuang colénak
raos seger matak séhat kana awak
pangaosna cukup ku sapuluh pérak
moal rugi ngaluarkeun eusi pésak

Colénak dicocol énak


anu ompong ogé teurak
mangga geura carobian
colénak beuleum dadakan

Colénak peuyeum Bandung


katuangan sederhana istiméwa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan séép tilu piring

Colénak dicocol énak


kakoncara sabuana
kaolahan urang Sunda
warisan kolot baheula
20. Sabaraha pada kawih di luhur?
a. 5 pada d. 2 pada
b. 4 pada e. sapada
c. 3 pada

21. Kawih di luhur unggal padana di wangunku….padalisan.


a. Sapada d. 4 padalisan
b. 2 padalisan e. 5 padalisan
c. 3 padalisan

22. Perkara naon eusi anu dihaleuangkeun dina eta kawih?


a. Katuangan has Sunda nyatana Colenak
b. Murahna pangaos katuangan has Sunda
c. Raosna katuanga has Sunda
d. Seueurna katuangan has Sunda
e. Katuangan has Sunda dina Jaman kiwari

23. Eusi dina pada ka opat dian kawih di luhur nyaeta…


a. Pangaos Colenak anu murah
b. Enak sareng pelemna Colenak
c. Cara ngadamel Colenak
d. Kakoncarana katuangan Colenak
e. Colenak asalna tina peuyeum Bandung

24. Unsur rumpaka kawih anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya
dina rumpaka kawih, disebut unsur…
a. Rasa d. Tema
b. Nada e. Jejer
c. Amanat

25. Sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upamana
sedih, nalangsa, handap asor, sombong, éra, hanjakal, jeung sajabana, mangrupa unsur
rumpaka kawih nu disebut….
a. Rasa d. Tema
b. Nada e. Jejer
c. Amanat

26. Hidep tangtu apal kana kawih anu judulna “Es Lilin”, rasa anu kagambar dina kawih eta
ngeunaan…
a. Katrésna ti hiji wanoja ka hiji jajaka
b. Raosna katuangan Es Lilin
c. Kaasih hiji jajaka ka hiji wanoja
d. Kedah ati-ati dina mikaasih
e. Asih nu teu sampe

27. Nada dina kawaih Colenak di luhur nyaeta….


a. Némbongkeun kareueus yén urang Sunda boga kadaharan tradisonal warisan kolot
baheula nu kasohor (kakoncara) ka saalam dunya
b. Ngabéjakeun ngeunahna (pelem) éta kadaharan, sajaba ti murah hargana
c. Ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna colénak
d. Ngajak sangkan urang Sunda Mikaresep kadahar warisan kolot baheula
e. Ngabejakeun yen urang Sunda teh boga kadaharan has anu euyeub

28. Kakawihan anu sok dihariringkeun ku barudak bari arulin, diantarana…


a. Es Lilin d. Ayang-ayang gung
b. Colenak e. Mawar bodas
c. Kalangkang

29. Bulan nu ngagantung


di langit Batu Hiu
tinggal sapasi
sésa purnama kamari

Kecap-kecap konotasi anu aya dina sempalan kawih di luhur nyaeta….


a. Ngagantung-Batu Hiu-Sapasi d. Ngagantung- Sapasi-Kamari
b. Ngagantung-Sapasi-Sesa e. Ngagantung-Purnama-Kamari
c. Ngagantung-Batu Hiu-Sesa

30. Kecap sapasi biasana dipake kana…


a. Dahareun nu dipotongan d. Duit anu teu beak
b. Kertas anu diberewekeun e. Dahareun anu loba teuing
c. Sesa dahareun anu teu beak

31. “Sagala rasa dibedah”


Ungkara di luhur ngagunakeun gaya basa….
a. Personifikasi (mijalma) d. rarhulan
b. Metapora (ngumpamakeun) e. ngasor
c. Kadalon

32. Mana ungkara di handap anu ngagunakeun gaya basa personifikasi (mijalma)?
a. Sagala rasa dibedah d. Bulan nu ngagantung
b. Bulan sapeupeuting nyaksi e. Dina ruang hate
c. Ngajerit maratan langit

33. Mana ungkara di handap anu ngagunakeun gaya basa rarahulan?


a. Sagala rasa dibedah d. Bulan nu ngagantung
b. Bulan sapeupeuting nyaksi e. Dina ruang hate
c. Ngajerit maratan langit

Wacana Kawih
Rampak Gawé
Hayu urang pada karumpul, batur
Beberesih sakola urang
Digawé rampak babarengan, dulur
Tempat urang beresih tur séhat
Digawé ulah rék talangké, batur
Anggur digawé sing rancagé
Gotong royong tur sauyunan, dulur
Rampak gawé, hasilna mucekil
Reff : Sakola jadi beresih
Diajar matak betah
Sakola resik tur asri
Diajar héy tur tumaninah

34. Saha nu kudu miara kabersihan di sakola téh?


a. guru-guru d. sakabéh warga sakola
b. penjaga sakola e. masyarakat
c. sakabéh siswa
35. Kudu kumaha sangkan dina miara sakola teu karasa beurat?
a. Masing-masing kudu beberesih
b. Saréréa kudu daék nitah beberesih
c. Guru kudu sering nitah beberesih ka siswa
d. Sakabéh warga sakola kudu rancagé tur gotong royong beberesih
e. Sakabéh kolot siswa kudu beberesih unggal poé

Anda mungkin juga menyukai