1. Bung Karno itu Presiden Republik Indonesia Ke satu Yang bernama Bapak Proklamator,
Banyak yang menyebutnya “ Orator Ulung”.
Teks diatas terjemahkan kedalam bahasa sunda..
a. Bung Karno teh Presiden Republik Indonesia Kahiji, nelah Bapak Proklamator Matak
seueur nu nyebat “Orator Ulung”
b. Bung Karno nyaeta Presiden Republik Indonesia Kahiji, nelah Bapak Proklamator Matak
seueur nu nyebat “Orator Ulung”
c. Bung Karno tea Presiden Republik Indonesia Kahiji, nelah Bapak Proklamator Matak
seueur nu nyebat “Orator Ulung”
d. Bung Karno nepika Presiden Republik Indonesia Kahiji, nelah Bapak Proklamator Matak
seueur nu nyebat “Orator Ulung”
e. Bung Karno pancen Presiden Republik Indonesia Kahiji, nelah Bapak Proklamator Matak
seueur nu nyebat “Orator Ulung”
2. Iket atawa totopong teh kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna disunda.
Arti Kata nu dicetak miring dina paragraf diluhur nyaeta..
a. baheula
b. bareto
c. sesepuh
d. pangorana
e. karuhun
Biantara
Bismillahirrohmanirohim
Bapa Kapala Sakola, Ibu miwah Bapa Guru nu ku simkuring dihormat,
Dewan sakola kalih rerencanganana nu simkuring dipikacinta
Tradisi Sunda
Upacara seren taun ku masyarakat sunda geus dipikawanoh samemeh agama islam asup kana
kahirupan urang sunda. Tapi kiwari sabada agama islam asup upacara seren taun sok dilaksanakeun nurutkeun
kalender islam nyaeta dina bulan sura atawa bulan muharam. Atuh poena ge geus ditangtukeun, kudu poe
rebo tanggalna ge kudu neangan wanci nu mustari. Sarta ditangtukeun ku ilapati ti Aki Kolot.
Upacara seren taun aya pakuat-pakait hasil panen. Hajat rongkah itung-itung sukuran geus hasil
panen,tandur,tebar ngagarap sawah, cenah eta teh tand apikeun ngahormat Nyi pohaci sanghyang Sri.
Upacara adatna teu kapalang lilana saminggu. Pesta kasenian ti mimiti ogel, dogdog, lojor, angklung gubrag,
karinding, suling, toleot, terebang, bedug, tepi ka gelar wayang golek, sandiwara,tunil, kliningan, kacapi suling,
gondang seni cibatokan, rudat, nepi ka marawis, tagoni, ngabayak .
DONGENG RADIO.
PAMANAH RASA
Dayeuh kawali puseur dayeuh nagara sunda. Harita sakurilingna dipaerigi ku kai golondongan, nu
luarnana aya susukan jieunan, mangrupa kalang panghalang panarajang musuh. Susukan nu dieusi
cai meunang ngocorkeun ti cisitu lengkong. Huma jeung reuma nu tumuwuh hade pisan, ingon ingon
baranahan dipangangonan, paimahan somah nu netep renggenek mangrupa ciri mandiri karaharjaan
pengeusi dayeuh kawali. Panon poe karek pisan meletek ti wetan cahayana sumirat lir gumebyarna
sutra emas. Piit ricit na rangrang kiara. Inten tingborelak na pusuk pusuk hanjuang.
‘’pun sapun bagea cunduk, mahapraburesi......’’ ceuk lalaki tengah tuwuh bari lalaunan turuntina
bangbarung nangtung ajrih tukangeun mahaprabu wastu kancana.
‘’ geus lawas kami tara lolongok kadieu, Ki Lingga,’’ tembal Prabu Wastu Kancana
‘’ nya kitu pisan, mahapraburesi ....’’ ceuk KI Lingga mairan.
‘’ buncir keneh padaringan ? mahaprabu wasta kancana nalek Ki Lingga.
‘’aya meureun sabeuruk dua beuruk deui mah....’’ tembal Ki Lingga semu asa asa
‘’Hampura kami tambelar..’’ ceuk maha prabu wastu kancana
‘’ ari incu kami sok ka darieu ?’’
‘’ ngan Anom Pamanah Rasa nu sering mah, sok mindeng cindekul neges-neges eusining tulisan na
batu sanghiyang’’. Tembal Ki Lingga nu ngaran dirina ge katelah ku ngaran dua batu
tangtung nu dipulasarana ku dirina unggal waktu di eta tempat.’’ Paingan di kadaton kami langka
tepung!. ...