Anda di halaman 1dari 10

PEMERINTAH KABUPATEN KUNINGAN

DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN


PENILAIAN AKHIR SEMESTER
SMP NEGERI 3 CILIMUS
TAHUN PELAJARAN 2023/2024

LEMBAR SOAL

Mata Pelajaran : Bahasa dan Sastra Sunda


Satuan Pendidikan : SMP/MTs
Hari, Tanggal :
Alokasi Waktu : 90 Menit
Dimulai Pukul :
Kelas : IX/ Ganjil

I. PETUNJUK UMUM
1. Tulis terlebih dahulu identitas anda pada lembar jawaban!
2. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum menjawab!
3. Dahulukan menjawab soal-soal yang menurut anda mudah!
4. Jumlah soal sebanyak 40 butir, terdiri dari; 8 pilihan ganda murni, 16 pilihan ganda
kompleks, 7 menjodohkan, 4 uraian singkat, 5 uraian
WILUJENG NGERJAKEUN

I. Pilihan Ganda Murni


Ilo sing gemet ieu sempalan biantara di handap!

Diayakeunana ieu acara téh minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Dewi
Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina mah dina widang atikan. Jalaran kitu, sim kuring
umajak ka sadayana, sumangga ieu kagiatan téh urang mangpaatkeun kanggo ngarojong
cita-cita sareng udagan urang sadaya. Ka sakumna patandang dina acara pasanggiri, sim
kuring ngadugikeun wilujeng tandang makalangan.

1. Dumasar sempalan biantara anu ditepikeun di luhur, wanda jeung kasang tukang éta
kagiatan nya éta ….
a. Pangémut-ngémut ka Ibu Rd. Dewi Sartika anu sakitu ageung jasana
b. Pasanggiri dina raraga miéling dibabarkeunana Ibu Rd. Dewi Sartika
c. Upacara panghormat ka Ibu Rd. Dewi Sartika
d. Gempung sukuran réhna diayakeun pasanggiri

Ilo sing gemet ieu sempalan biantara di handap!

Hadirin hormateun sim kuring.

Sakumaha ku urang kabandungan, dina jaman globalisasi pangaruh kabudayaan deungeun


teu bisa disingkahan. Dina widang kasenian upamana, mungguh matak pikamelangeun,
sabab loba urang Sunda anu leuwih mikawanoh kasenian deungeun batan kasenian pituin
titinggal karuhun. Minangka conto, loba anu leuwih mahér maén piano ti batan nabeuh
calung, degung, atawa angklung.

Teu salah upama urang ngulik seni anu jolna ti luar, tapi urang ogé ulah mopohokeun kana
tradisi asli kasenian urang Sunda kayaning calung, angklung, degung, tari ketuk tilu, jeung
réa-réa deui. Ku saha deui rék dimumuléna budaya Sunda ari lain ku urang Sunda mah.

Lamun urang apilain, teu nolih kana banda urang, bisa-bisa nu nabeuh degung téh urang
Amerika, urang Jepang jeung urang Éropa. Naha geuning kitu?

Tangtu ku urang mindeng kabandungan, urang Jepang, urang Amerika atawa urang Éropa,
daratang ka tanah Sunda pikeun diajar nabeuh degung atawa ngadalang. Maranéhna kacida
pogot diajar, nepika muceukil sakabéh élmu ti guruna kapimilik.

2. Naon anu jadi jejer utama biantara di luhur téh?


a. Urang Eropa pogot diajar nepika mahér nabeuh degung, élmu ti guruna kacangking
kabéh.
b. Ngarasa bungah jeung reueus réhna urang Jepang ka tanah Sunda dialajar ngadalang
c. Kahariwang kana Kasenian Sunda anu teu dipikawanoh jeung teu dipikaresep ku barudak
Sunda ayeuna
d. Alusna mah mun diajar seni deungeun, seni titinggal karuhun ulah diapilainkeun

Ilo sing gemet ieu sempalan biantara di handap!

Miara kasenian Sunda téh teu cukup ku ngapalkeun ngaran rupa-rupa waditra Sunda. Nu
leuwih alus, urang kudu diajar nabeuh éta waditra sangkan urang parigel, teu éléh ku urang
deungeun. Di sakola, biasana sok aya waditra Sunda kayaning degung, calung, angklung,
kacapi jeung réa-réa deui. Tah ti ayeuna, hayu urang mangpaatkeun sarana nu aya disakola
kalayan pangaping ti bapa jeung ibu guru.
Pamungkas…………………………………………………………………………………………………
……………………………………………………………..………… Nu dipiharep, budaya Sunda teu
leungit sarta terus nanjeur sapanjang jaman.
Sakitu anu kapihatur, wabilahi taufik wal hidayah, wassalmu`alikum warohmatullohi
wabarokatuh.

3. Ungkara anu paling merenah pikeun ngalengkepan biantara di luhur nya éta ….
a. Simkuring seja ngadugikeun biantara anu jejerna “Sangkan Urang Tetep Micinta Budaya
Sunda,
b. Mugia ieu pedaran teh jadi panggeuing ka sim kuring hususna, umumna ka sadayana urang
Sunda sangkan leuwih soson-soson miara jeung micinta budayana
c. Hayu urang muji sukur ka Alloh nu Maha Gopur, ku inayah Mantena urang tiasa patepang
raray paamprok jonghok manteng maheutkeun tatali silaturahmi
d. Ibu miwah Bapa Pangajén nu luhung elmu panemu, jembar pangabisa hormateun sim
kuring. Teu hilap, sadaya réréncangan anu lengah di ieu tempat, anu ku sim kuring
dipihéman.

Ilo sing gemet ieu poin-poin biantara di handap!

(1) Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.


(2) Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang
sadaya, panutan sadaya umat Islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para
kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya
salaku umatna.
(3) Panghulung kalbu kajembaran puji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu
maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Puji anu janten panghias
rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala. Anu
parantos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna tug dugi urang sadaya tiasa kempel
ngariung di ieu majlis ilmu, mugia kénging ridhoNa. Amiin…..
(4) Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah badé nyobian ngadugikeun hiji biantara anu
jejerna; “Cobaan jeung Ujian Allah SWT”
(5) Kepala Madrasah, Déwan Guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, ogé teu hilap
ka sadaya réréncangan, anu kusimkuring di pihormat.
4. Runtuyan biantara anu merenah tur mérélé nyaéta ….
a. 1, 5, 3, 2, 4

b. 1, 4, 2, 3, 5
c. 1. 3, 2, 5, 4
d. 1, 4, 2, 5, 3

Ieu di handap wacana ngeunaan kampung adat Sunda. Prak ku hidep ilo sing gemet!

Ieu kampung adat téh gampang didongkangna, lantaran tempatna henteu jauh ti jalan gedé
antara Garut jeung Tasikmalaya. Pakampunganana aya dina léngkob. Upama rék asup ka
jero pakampungan kudu ngaliwatan jalan nurugtug, mangrupa séséngkéd. Beulah kalér
jeung wétan diwatesanan ku Walungan Ciwulan.

5. Dumasar pertéléan di luhur ieu kampung adat téh nya éta ….


a. Kampung Kasepuhan Ciptagelar
b. Kampung Cikondang
c. Kampung Naga
d. Kampung Kuta

Ilo sing gemet ieu carita di handap!

Mamat jeung Robi geus lila sosobatan. Maranéhna bareng sakola ti SD kénéh nepi ka lulus
SMA. Malah ayeuna kuliahna gé bareng sakampus. Nu salembur mah geus arapal kumaha
dalitna Mamat jeung Robi, keuna kana paribasa lir gula jeung peueutna. Kamana-mana
layeut babarengan. Waktu Robi jeung babaturanana ulin ka lembur Pasirangin, Mamat teu
ngilu. Kabeneran harita Mamat dititah ku kolotna ka imah nini akina. Mamat Bendu alatan
teu diajak ku Robi. Ti saprak harita Mamat jeung Robi can kungsi katempo babarengan
deui.

6. Carita di luhur upama digambarkeun kana jejer/tema nu mernah nya ȇta ….


a. bendu
b. Kuliah bareng
c. Sosobatan
d. Indit ka imah nini aki

7. Kampung Cikondang diperkirakeun aya dina awal abad ka 19 nyaeta, kira – kira taun ....
a. 1600 masehi
b. 1700 masehi
c. 1800 masehi
d. 1900 masehi
8. Ari acara .....mah kudu nanggap wayang sapeuting jeput, kecapt nu merenah pikeun ngesian
eta kalimah, nyaeta .....
a. Ngaruat
b. Ngadalang
c. Tirakat
d. Golek

II. Pilihan Ganda Kompleks


Kanggo no 9 -25
Ilo sing gemet ieu sempalan novel di handap!
“Pembina Upacara, memasuki lapangan upacara,” horéng Yati nu kabagéan jadi protokol
upacara téh.
Sanggeus kitu, Bapa Kapala Sakola naék kana podieum. Teu lila tuluy narima laporan ti
komandan upacara, yén upacara poé Senén rék dilaksanakeun. Nu harita kapeto jadi
komandan upacara téh Usman, murid kelas genep. Babaturan sakelas Dédi.

9. Latar carita anu anu kagambar dina sempalan novel di luhur nya éta ….
a) Sakola
b) Isuk-isuk
c) Kelas
d) Lapang ménbal
e) Peuting

10. Tokoh carita anu anu kagambar dina sempalan novel di luhur iwalti ….
a. Bapa kepala sakola
b. Usman, dedi
c. Asih
d. Lita

Kampung Kuta
Di Kampung Kuta ukuran imah téh kudu 10x6 meter kalayan wangunna manjang jeung
kudu imah panggung teu meunang témbok (maké semén). Upama di rempak éta pantrangan
bakal aya kajadian anu teu dipikahayang.
Pikeun nyumponan pangabutuh cai sapopoé, masarakat Kampung Kuta dipantrang nyieun
sumur galian, tapi ngala cai ti opat sumber cai, nyaéta Cibangbara, Ciasihan, Cinangka,
jeung Cipanyipuhan.

Kampung Ciptagelar
Wangun imah di Kampung Ciptagelar téh mangrupa imah panggung. Suhunan panjang
jeung suhunan juré. Rangkayna tina kai, pipidingna ditutupan ku bilik, jeung hateupna tina
kiray jeung injuk.
Warga kasepuhan pantang ngahéler paré, pantang ngajual béas, pantang ngagarap sawah
dina poé Juma’ah jeung poé Ahad jeung pantang héhéotan di sabudeur kampung.
Sagala siklus tatanén teu leupas tina upacara.

11. Sasaruaan Kampung Kuta jeung Kampung Ciptagelar anu mangrupa kampung adat, nyaéta
….
a) Masih kéneh nyekel tali paranti karuhunna
b) Imahna panggung
c) Kalintang merhatikeun alam
d) Pantang ngalaksanakan acara upacara ritual

Ilo sing gemet ieu galur novel di handap!


(1) Sanggeus aya sababaraha béwara ti guru, barisan upacara dibubarkeun. Barudak
tingberetek lalumpatan bari patingjéréwet. Paheula-heula asup ka kelas.
(2) Barudak bareng ngahormat. Bandéra beureum bodas diérét lalaunan. Hawar-hawar
kadéngé lagu kabangsaan Indonesia Raya dikawihkwun ku barisan rampak sekar.
(3) Anjog ka sakola, loncéng geus ngolonang. Ditakol ku Mang Dédé, pasapon sakola.
(4) Katangén barudak téh saged pisan miluan upacarana. Kabéh murid SD Pasirbatang
wajib miluan upacara.

12. Pertélaan anu merenah ngeunaan galur carita dina novel Jawara Leuweung Tutupan karya
Deni Hadiansah di luhur nya éta ….
a) Galur carita maju dimimitian ku pertélaan dina nomer (1)
b) Galur carita maju dimimitian ku pertélaan dina nomer (3)
c) Galur carita mundur dimimitian ku pertélaan dina nomer (3)
d) Urutan galur carita di luhur nya éta (3) – (4) – (2) – (1)

13. Samemeh ..... ka sakola kudu pamitan ka emak, ka bapak!


Kecap nu luyu/bener dihandap keur ngalengkepan kalimah diluhur ....
a. Mangkat
b. Indit
c. Mulang
d. Datang

14. Dina biantara hidep kudu luyu dina nyampekeun kabalarea, naon wae nu ka asup
patokan/kudu kumaha sikeup dina keur macakeun biantara ?
a. Nyantai
b. vokal kudu jelas
c. suarana tur jelas
d. wirahma kudu bener
15. ...... kadararie emak rek carita !
Kecap nu luyu ngalengkeupan kalimah diluhur nyaeta ....
a. Kasep/geulis
b. Ujang
c. Putra emak nu sholeh
d. Timarana ?

Ilo sing gemet ieu sempalan kampung naga di handap!


Kanggo no 18-20
Kampung naga nyaȇta kampung nu aya di kabupaten tasik malaya kacamatan neglasarai
kalurahan salawu jawabarat. Anu pendudukna aya 314 jiwa kampung ieu dipimpin ku
“kuncen”ieu kamoung ti jaman baheula nepi ka kiwari teu kaciri aya parobahan, boh dina
sistem ka hirupanana, boh dina sistem adat jeung budaya. Ciri-ciri kampung naga nyaȇta:
pakasaban, pakakas, organisasi masyarakat, sistem pangaweruh, sistem kapercayaan jsb.
Filsapah hirup kampung naga anu kudu di conto kuurang diantarana: panyaur gencang
tenoman, parentah gancang lakonan, pamulut gancang caosan.

16. Ciri- ciri masyarakat kampung naga iwalti....


a. Sistem pangaweruh
b. Kuncen kampung naga
c. Ciri khas kampung naga
d. Ti katuhun kabuyutan
17. Organisasi kampung kamasyarakatan anu disebut lembaga adat nya ȇta....
a. Kuncen
b. Lebe
c. Punduh
d. Sistem pangaweruh
18. Nu kaasup kana filsapah kampung naga nya ȇta...
a. Pakasaban
b. Panayaur gancang tenoman
c. parentah gancang lakonan
d. pamulut gancang caosan

tingali conto Rarangken awal , tengah, akhir (21-22)


1. Santo keur balayar ka swedia
2. Harita kuring dipangmasakeun
3. Katingali nu geulis pisan mah
4. Budak tȇh gumelis

19. Rarangken hareup (awalan, prefiks), anu napel di hareupeun dasar nya ȇta....
a. Rarangken hareup ba-
b. Rarangken harereup di-
c. Rarangken harereup ka-
d. Rarangken harereup ar-

20. Rarangken tukang (ahiran, supiks) anu napel di tukangeun dasar, iwalti....
a. Rarangken tukang an-
b. Rarangken tukang ar-
c. Rarangken tukang in-
d. Rarangken tukang um-

Padika dina mawakeun pidato dihareup umum


1. Padika ngapalkeun
2. Padika dadakan
3. Padika naskah
21. Tehnik biantara aya sababaraha rupa, nya ȇta......
a. Tȇhnik ȇkstȇmporan
b. Tȇhnik impromtu
c. Tȇhnik naskah
d. Tȇhnik struktural
22. Runtuyan kajadian anu wangun hiji carita. Cara midangkeungkeunana diluyukeun jeung
tujuan anu hayang di hontal. Ku pangarang henteu salawasna alur carita tȇh ngaguluyur.
dumasar wandana aya anu disebut galur ......
a. Galur marȇlȇ
b. Bobok tengah
c. Galur mundur (flash back)
d. Bubuka

Ilo singgemet bagian biantara!


23. Assalamualaikum Wr. Wb
Alhamdulilahirabbil alamin. Wabihi nastainualaumuridunyawaddin. Wasolatu wassalamu
alaasropilanbiyai walmursalin waala alihi washohbihi azmain. Amma ba’du. Nu dipihormat
rengrengan dȇwan juri lomba biantara basa Sunda. Nu dipikareueus ku sim kuring, para
kanca mitra sadayana, pamilon lomba biantara basa Sunda tingkat SMP nu sumping ti
unggal madhab, sabudeureun Kabupaten Cirebon. Ogȇ nu dipihormat para pangaping kalih
para hadirin sadayana.

Kanca mitra sadayana.

Bagian biantara diluhur nuduhkeun ....


a. Eusi biantara
b. Salam bubuka
c. Pangbagȇa
d. Pangbagȇa randegan

24. Abdi bade ka sakola, ..... Caang atuh, ulah ....... wae.
a. Hujan
b. Caang, ceudeum
c. Matahari
d. Bulan

III. Menjodohkan

Répokkeun bagéan A jeung jawaban anu cocog dina bagéan B

A. SOAL B. PILIHAN JAWABAN


…. a. Jogo/Tagog Anjing
b. Julang Ngapak
c. Badak Heuay
d. Parahu Kumureb
e. Jolopong
25. f. Jubleg Nangkub
g. Buka Pongpok
…. h. Capit Gunting
i. Goah
j. Sikeup Maca Biantara
k. Lumpat
l. Ceudeum
26.
….

27.

28. Gudang Beas

29. Vokal jelas, suarana bentes

30. Poek
31. Berebet

IV. Isiian Singkat


32. ............. datang, keur diobrolkeun teh
33. Keur bener – bener dinasehatan, teu kanyahoan budak teh ............ indit
34. Geura ................ ngaji Qur’an kasep, geulis !
35. Mun ............... hayang mulia pek hideup bener heula ka kolot !

V. Uraian

36. Sebutkeun bagean nu aya dina biantara eusi!


................................................................................................................
................................................................................................................
37. Prak ku hidep jieun Eusi Biatara, temana bebas!
................................................................................................................
................................................................................................................
38. Naon anu disebut karangan deskripsi!
................................................................................................................
................................................................................................................
39. Jieun sempalan teks deskripsi wangun “Kampung Adat” nu hidep apal!
.................................................................................................................
.................................................................................................................
40. Tuliskeun deui sajarah desa masing-masing/desa hideup!
..................................................................................................................
..................................................................................................................

Anda mungkin juga menyukai