Anda di halaman 1dari 7

PEMERINTAH KABUPATEN BEKASI

DINAS PENDIDIKAN
SMP NEGERI 1 CIKARANG BARAT
Jl. Inti Raya Kelurahan Telaga Asih Kec. Cikarang Barat, Kab. Bekasi, Jawa Barat Indonesia 17530
Tlp. (021) 88362521 E-mail : cikbar_one@yahoo.co.id

PENILAIAN SUMATIF AKHIR SEMESTER


TAHUN PELAJARAN 2023/2024
SMP NEGERI 1 CIKARANG BARAT
KABUPATEN BEKASI

LEMBAR SOAL

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kurikulum : Kurikulum 2013 (menyesuaikan)
Satuan Pendidikan : SMPN 1 Cikarang Barat
Kelas : IX (Sembilan)
Hari/Tanggal : Rabu, 13 Desember 2023
Waktu :

I. Pilihlah jawaban yang benar pada salah satu huruf A, B, C atau D!


Perhatikeun cutatan biantara di handap!
(1) Assalamu'alaikum Wr. Wb.
(2) Bapa Kapala Sakola anu ku sim kuring dipihormat Bapa/Ibu Dewan Guru, sareng
sadaya stap karyawan sakola anu ku sim kuring dipihormat Siswa/siswi kelas 9, adi-
adi kelas 7 sareng kelas 8 nu dipikacinta, sareng para uleman nu dipihormat.
(3) Puji sareng sukur urang sanggakeun ka Allah SWT. Solawat sinareng salam mugi
ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW.
(4) Rupina cekap sakieu bae pamapag ti sim kuring, hapunten bilih aya basa nu kirang
merenah larapna
(5) Hadirin hormateun sim kuring!
(6) Billaahi taufik walhidayah, wassalamu'alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh!
(7) Dina ieu kasempetan, sim kuring ngawakilan rerencangan sadaya kelas 9, seja
ngahaturkeun nuhun kana sagala rupi kasaean manah Bapa sareng Ibu Guru salami
tilu taun ngasuh sim kuring sadaya.
1. Urutan alinea anu merenah pikeun naskah biantara di luhur nyaeta...
A. (1), (2), (4), (3), (5), (7), (6)
B. (1), (3), (2), (7), (5), (4), (6)
C. (1), (4), (2), (7), (5), (3), (6)
D. (1), (5), (7), (4), (2), (3), (6)
2. Nu dimaksud biantara (pidato) nyaeta...
A. Ngebrehkeun pikiran ngaliwatan omongan di hareupeun jalma loba (masa/umum)
B. Nepikeun pikiran ngaliwatan omongan di hareupeun jalma loba
C. Ngebrehkeun atawa nepikeun pikiran ngaliwatan omongan di hareupeun
jalma loba (masa/umum)
D. Ngebrehkeun atawa nepikeun pikiran di hareupeun jalma loba (masa/umum)
3. Salah sahiji sipat biantara nyaeta....
A. Informatif
B. Produktif
C. Deduktif
D. Prosais
4. Sampurnakeun cutatan teks bubuka biantara di handap ieu!
"Sumangga urang ngucapkeun puji syukur ka Gusti Nu Maha Suci, jalaran ku rahmat
sareng hidayah ti manten-Na,dina waktos ayeuna ... dina ieu acara."
Kalimah anu luyu (sesuai) keur ngalengkepan bubuka biantara di luhur nyaeta...
A. Urang tiasa hadir kalawan sehat wal afiat
B. Bapa sareng ibu tiasa hadir kalawan sehat wal afiat
C. Bapa, ibu sareng urang tiasa hadir kalawan sehat wal afiat
D. Bapa urang sadaya tiasa hadir kalawan sehat wal afiat
5. “Sakitu anu kapihatur, hapunten anu kasuhun. Hatur nuhun kana sagala
perhatosanana. Sanaos mung alakadarna, mugia aya mangpaatna kanggo urang
sadayana.”
Cutatan (kutipan) di luhur mangrupa … biantara.
A. Bubuka biantara
B. Eusi biantara
C. Panutup biantara
D. Jejer biantara
6. “Bapak pupuhu SMPN 1 Cikarang Barat anu Mulya, Ibu miwah Bapak Guru anu ku
sim kuring dipikahormat. Parasiswa rerencangan sim kuring katut adi – adi sadaya
anu sami – sami hadir dina ieu acara. Sateuacana, mangga urang munajat ka Gusti Nu
Mahasuci. Ku hidayah-Na, urang sadaya tiasa patepang wajah, patepang lawung.
Dina waktos ayeuna, sim kuring bade ngadugikeun biantara anu jejerna Ngabageakeun
Murid Anyar”
Paragraf di luhur dina biantara mangrupa…
A. Bubuka biantara
B. Eusi biantara
C. Panutup biantara
D. Panganteur biantara
7. Dina nepikeun biantara aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, iwal ti (kecuali)…
A. Kudu parigel (terampil) muka biantara
B. Eces atawa jelas nepikeun eusi biantara
C. Eusi biantara kudu panjang jeung teu puguh
D. Pasemon (mimik) kudu luyu jeung eusi biantara nu ditepikeun.
8. Bagian bubuka dina biantara ngawengku (terdiri dari) …
A. Salam pamuka, ungkara hormat (sapaan hormat), eusi biantara sarta ngahaturkeun
nuhun
B. Salam pamuka, ungkara hormat (sapaan hormat), puji jeung syukur sarta salam
panutup
C. Salam pamuka, ungkara hormat (sapaan hormat), puji jeung syukur sarta
ngahaturkeun nuhun
D. Salam pamuka, ungkara hormat (sapaan hormat), puji jeung syukur sarta
kacindekan (kasimpulan)
9. Perhatikeun cutatan di handap ieu!
Kampung Mahmud jeung makamna aya di kawasan Dusun Mahmud, Desa Mekar
Rahayu. Kabupaten Bandung (Bandung Kidul). Anu pasti ayana di sisi walungan
Citarum, teu pati jauh ti komplek Perumahan Margahayu Permai ka beulah kidul. Bisa
dijugjug ku kendaraan kurang leuwih 10 menit. Malahan ayeuna mah bisa dijojo ti
dayeuh Bandung ku angkutan kota nepi ka Pasar Mahmud.
Nu dicaritakeun dina ungkara di luhur teh ngeunaan...
A. Kaayaan Kampung Mahmud jeung makamna
B. Tempat ayana Kampung Mahmud jeung makamna
C. Kampung Mahmud jeung makamna deukeut ti pusat kota
D. Kampung Mahmud teh ayana di sisi Walungan Citarum
10. Bagean imah panghareupna atawa pangtukangna anu biasana henteu make bilik atawa
ditutup kabeh ku bilik atawa make kaca, disebut....
A. Goah
B. Rohangan kulawarga
C. Tepas
D. Rohangan tengah
11. Nu dimaksud novel nyaeta...
A. Carita rekaan (fiksi) anu panjang dina wangun basa lancaran (prosa)
B. Carita rekaan (fiksi) anu panjang dina wangun basa ugeran (puisi)
C. Carita rekaan (fiksi) anu panjang tapi palakuna saeutik
D. Carita rekaan (fiksi) anu panjang, tokohna loba tapi latarna sempit
12. Perhatikeun cutatan novel di handap!
Pasosore ambu Warji ngalangeu di lawang imahna, panonna molotot teu puguh nu
dipencrong, ceulina kawas nu torek, taya dedengean, sabab harita pikiranna jeung
ingetan ambu Warji keur sabil, rus ras ka jaman baheula.
Saha nu ngalangeu di lawang imah teh...
A. Pa Lurah
B. Ambu Warji
C. Warji
D. Wa Haji
13. Perhatikeun cutatan novel di handap!
Pasosore ambu Warji ngalangeu di lawang imahna, panonna molotot teu puguh nu
dipencrong, ceulina kawas nu torek, taya dedengean, sabab harita pikiranna jeung
ingetan ambu Warji keur sabil, rus ras ka jaman baheula.
Dimana latar tempat cutatan novel di luhur...
A. Pasosore
B. Lawang imah
C. Zaman baheula
D. Lawang panto
14. Palaku nu nyekel peran tokoh ti awal nepi ka ahir carita disebut...
A. Palaku Tambahan
B. Palaku Protagonis
C. Palaku Utama
D. Palaku Antagonis
15. Palaku nu mibanda pasipatan anu hade (baik) disebut...
A. Palaku Tambahan
B. Palaku Protagonis
C. Palaku Utama
D. Palaku Antagonis
16. Pokok pikiran anu ngajiwaan carita atawa jadi dadasar carita, sipatna bisa nembrak
(jelas, terlihat) oge nyamuni (tersembunyi) disebut...
A. Amanat
B. Palaku
C. Tema
D. Latar
17. Galur carita anu ngaguluyur ti bagean ka bagean, ti mimiti awal nepi ka ahir carita…
A. Galur merele
B. Galur mobok tengah
C. Galur mundur
D. Galur campuran
18. Galur mundur nyaeta...
A. Galur carita anu ngaguluyur ti mimiti awal nepi ka ahir carita
B. Galur carita anu langsung ka tengah - tengah carita
C. Galur carita anu dimimitian ku nyaritakeun bagean ahir carita
D. Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita
19. Di hareupeun bale desa, Hardi ngagabung jeung urang lembur sejenna nu sarua pada
– pada rek moro ka leuweung. Najan isuk keneh katembong geus rempeg, bubuhan rek
aya rombongan pangagung ti dayeuh, peuting tadi Punduh ngawawarkeun, cenah rek
aya Bupati ti kota ngalanglang ka lembur. Maksud utamana mah rek sakalian moro ka
kontrak.
Saha wae palaku nu aya dina cutatan (kutipan) novel di luhur…
A. Hardi, Si Kalong jeung Bupati
B. Hardi, warga lembur jeung Bupati
C. Hardi, Punduh jeung Bupati
D. Hardi, rombongan pangagung jeung warga lembur
20. Unsur pangwangun novel anu eusina nyaritakeun waktu jeung tempat lumangsungna
kajadian dina carita, disebut...
A. Jejer
B. Amanat
C. Galur
D. Latar
21. Ngadegna sim kuring di dieu teh taya sanes hoyong ngadugikeun pangwilujeng ka
Akang sareng Teteh kelas IX anu parantos lulus ti ieu sakola. Tangtos seueur pangalam
anu mundel, tiasa janten eunteung kanggo sim kuring saparakanca dina neraskeun
tapak lacak Akang kalih Teteh dina ngulik pangarti.
Cutatan (kutipan) di luhur mangrupa … biantara.
A. Bubuka biantara
B. Eusi biantara
C. Panutup biantara
D. Jejer biantara
22. Kampung Mahmud jeung makamna aya di Kawasan Dusun Mahmud, Desa Mekar
Rahayu, Kabupaten Bandung (Bandung Kidul). Ieu kampung teh aya di wewengkon
pamakaman salahsahiji luluhur spiritual di Tatar Sunda, anu jenenganana Raden Haji
Abdulmanap. Ari turunannana sok disebut Dalem Mahmud masarakat di dinya
nyebutna Eyang Dalem atawa Eyang Mahmud. R.H. Abdulmanap (ditaksir tahun 1645
– 1725 M) teu bisa dipisahkeun ti pangawasa mangsa harita, minangka pingpinan
pamarentah daerah anu ayeuna disebut Mahmud. Hiji waktu, Eyang Dalem Mahmud
kasumpingan tamu anu ngangken asalna ti wewengkon Parahyangan Wetan,
jenengannana Zainal Arief.
Di daerah mana perenahna Kampung Mahmud…
A. Kabupaten Bandung
B. Kabupaten Mekar Rahayu
C. Kabupaten Kidul
D. Kabupaten Mahmud
23. Kampung Mahmud jeung makamna aya di Kawasan Dusun Mahmud, Desa Mekar
Rahayu, Kabupaten Bandung (Bandung Kidul). Ieu kampung teh aya di wewengkon
pamakaman salahsahiji luluhur spiritual di Tatar Sunda, anu jenenganana Raden Haji
Abdulmanap. Ari turunannana sok disebut Dalem Mahmud masarakat di dinya
nyebutna Eyang Dalem atawa Eyang Mahmud. R.H. Abdulmanap (ditaksir tahun 1645
– 1725 M) teu bisa dipisahkeun ti pangawasa mangsa harita, minangka pingpinan
pamarentah daerah anu ayeuna disebut Mahmud. Hiji waktu, Eyang Dalem Mahmud
kasumpingan tamu anu ngangken asalna ti wewengkon Parahyangan Wetan,
jenengannana Zainal Arief.
Nu dicaritakeun dina ungkara di luhur teh ngeunaan…
A. Di eta kampung aya makam luluhurna katurunan ti Kampung Mahmud
B. Kampung Mahmud mah ngabogaan makam Karamat
C. Di Kampung Mahmud aya makamna Raden Haji Abdulmanap
D. Nu disebut Raden Haji Abdulmanap teh nya Eyang Dalem tea
24. Kampung Mahmud jeung makamna aya di Kawasan Dusun Mahmud, Desa Mekar
Rahayu, Kabupaten Bandung (Bandung Kidul). Ieu kampung teh aya di wewengkon
pamakaman salahsahiji luluhur spiritual di Tatar Sunda, anu jenenganana Raden Haji
Abdulmanap. Ari turunannana sok disebut Dalem Mahmud masarakat di dinya
nyebutna Eyang Dalem atawa Eyang Mahmud. R.H. Abdulmanap (ditaksir tahun 1645
– 1725 M) teu bisa dipisahkeun ti pangawasa mangsa harita, minangka pingpinan
pamarentah daerah anu ayeuna disebut Mahmud. Hiji waktu, Eyang Dalem Mahmud
kasumpingan tamu anu ngangken asalna ti wewengkon Parahyangan Wetan,
jenengannana Zainal Arief.
Saha ari Eyang Dalem Mahmud…
A. Leluhur spiritual ti wewengkon Parahyangan Wetan
B. Tokoh pamingpin di Kampung Mahmud
C. Pangawasa di daerah Pasundan
D. Tokoh nu ngajieun imah di Kampung Mahmud
25. Ari jadi budak kudu hampang birit (rajin, orang yang mudah diminta tolong).
Istilah hampang birit kaasup kana wangun…
A. Basa wewengkon (dialek)
B. Rakitan latip
C. Babasan
D. Paribasa
26. Wangun suhunan imah nurutkeun gambar
disebu…
A. Parahu Kumureb
B. Badak Heuay
C. Capit Gunting
D. Julang Ngapak
27. Alasan sababaraha kampung disebut kampung adat teh lantaran…
A. Jadi salahsahiji objek wisata adat
B. Imahna mangrupa imah panggung
C. Mindeng (sering) ngalaksanakeun upacara adat
D. Wargana masih keneh ngukuhan adat istiadat karuhun
28. Wacana nu ditulis pikeun nepikeun gambaran rinci tina obyek anu dicaritakeun
disebut…
A. Deskripsi
B. Argumentasi
C. Narasi
D. Persuasi
29. Kampung adat nu aya di Jawa Barat diantarana nyaeta…
A. Kampung adat Baduy
B. Kampung adat Dukuh
C. Kampung adat Dayak
D. Kampung adat Toraja
30. Kranggan teh ngaran hiji kampung nu aya diperbatasan Kota Bekasi jeung Kabupaten
Bogor. Ari perenahna mah di Kacamatan Jatisampurna, Kota Bekasi.
Ngaran kampung nu dicaritakeun dina teks deskripsi di luhur nyaeta…
A. Jatisampurna
B. Bekasi
C. Kranggan
D. Bogor
31. Tempat ngabandungan parentah raja disebut…
A. Bale Desa
B. Bale Kota
C. Bale Bandung
D. Bale Kambang
32. Kampung Dukuh mangrupa salahsahiji kampung adat anu masih ngagem (memegang)
… karuhunna, masarakat masih percaya kana kapamalian jeung nasihat karuhun.
A. Kapercayaanana
B. Percayana
C. Dipercaya
D. Kapercayaan
33. Novel nu pangheulana (paling pertama) aya dina sastra Sunda, nyaeta…
A. Bentang Lapang
B. Baruang ka nu Ngarora
C. Si Kabayan Jadi Dukun
D. Maju Jurang Mundur Jungkrang
34. Nu teu kaasup kana unsur intrinsik carita dina novel, nyaeta…
A. Tema
B. Basa
C. Pangarang
D. Seting/Latar
35. Cik kasep, bageur, soleh ari jeung dulur (saudara) teh kudu akur, ulah…
Paribasa anu luyu (sesuai) pikeun ngalengkepan kalimah di luhur
A. Kawas bebeulahan terong
B. Kawas nu mulangkeun panyiraman
C. Kawas ucing jeung anjing
D. Kawas anjing tutung buntut
36. Kade sing paringpen (hati – hati) nyimpen duit, aya budak...
Babasan anu luyu (sesuai) pikeun ngalengkepan kalimah di luhur
A. Panjang leungeun
B. Heuras genggerong
C. Panjang ingetan
D. Ateul biwir
37. Ungkara basa anu matok wangun kalimah nu puguh entep seureuhna ngandung harti
babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa disebut...
A. Babasan
B. Paribasa
C. Kekecapan
D. Wilangan
38. Lamun urang rek nepikeun biantara, kudu make pakean anu...
A. Beresih jeung seungit (wangi)
B. Beresih jeung anyar
C. Beresih jeung sopan
D. Beresih, luyu (sesuai) jeung kaayan
39. Pangarang novel pangheulana (paling pertama) dina sastra Sunda...
A. Moh. Ambri
B. Yus Rusyana
C. Ajip Rosidi
D. D.K Ardiwinata
40. Conto kalimah di handap ieu nu bener ngalarapkeun (menerapkan) aksara gede (huruf
besar) nyaeta...
A. Kamari mang Uha indit ka Bogor
B. Yumna rajin pisan maca Qur’an
C. Yumna keur maca novel nu miang jeung kaludeung karangan Tatang Sumarsono
D. Saderek mangga dihaturanan ka Payun
41. Conto kalimah di handap ieu nu bener ngalarapkeun (menerapkan) aksara gede (huruf
besar) nyaeta...
A. Di mana nya nyimpen novel agul ku payung butut
B. Saha nu ngarang novel bentang lapang
C. Profesor Iskandarwassid nuju biantara
D. Dina bulan rayagung sok loba Hajatan
42. Ragam basa anu dipake biantara, umumna dipake nyarita ka saluhureun atawa ka nu teu
acan wawuh (kenal) nyaeta…
A. Basa lemes
B. Basa kasar
C. Basa loma
D. Basa Sunda
43. Conto basa lemes di handap ieu nu bener aya dina kalimah…
A. Pa Lurah nuju nganjang ka warga kampung.
B. Ibu enjing bade indit ti bumi tabuh sabaraha?
C. Bu Guru ambek ka barudak di kelas
D. Abdi gaduh sapedah anyar
44. Di handap ieu kalimah anu ngandung gaya basa kadalon nyaeta…
A. Si Dudi kasep siga foto model
B. Bulan ngintip ti sela – sela pangaduan
C. Abdi maju ka hareup tilu lengkah
D. Mangga taruang, saaya – aya wae.
45. Kecap ”pakem” tina pakeman basa ngandung harti...
A. Robah
B. Mirip
C. Angger
D. Lengkep
46. Pakeman basa anu disusun ku kecap atawa gundukan kecap tur ngandung harti
injeuman (kiasan) disebut...
A. Kekecapan
B. Babasan
C. Paribasa
D. Rakitan lantip
47. Di handap ieu anu teu kagolong kana paribasa nyaeta...
A. Kudu bisa ngeureut neundeun
B. Lodong kosong ngelentrung
C. Gede hulu
D. Kudu leuleus jeujeur liat tali
48. Paribasa nu kagolong kana paribasa pangjurung laku hade nyaeta...
A. Ulah bengkung bekas nyalahan
B. Beungeut nyanghareup ati mungkir
C. Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak
D. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat
49. Pangbeda antara paribasa jeung babasan nyaeta...
A. Paribasa disusun ku kecap atawa gundukan kecap, babasan mah mangrupa kalimah
B. Paribasa mangrupa kalimah parentah, babasan mangrupa kecap atawa gundukan
kecap
C. Paribasa ngandung harti babandingan lakuning hirup manusa, babasan ngandung
harti sabenerna
D. Paribasa ngandung harti babandingan lakuning hirup manusa, babasan
ngandung harti injeuman (kiasan)
50. Di handap ieu nu teu kaasup wangun pakeman basa nyaeta…
A. Rakitan latip
B. Babasan
C. Paribasa
D. Kecap parentah

SETIAP SOAL POINNYA 2

Anda mungkin juga menyukai