Anda di halaman 1dari 2

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS) GENAP

SMP ISLAM AL-MU’MIN SUKATANI


TAHUN PELAJARAN 2022/2023

LEMBAR SOAL

Nama : ......................................... Hari Tanggal : …………………………


Kelas : IX (Sembilan) ..... Guru Mapel : Alfiana Ramadhani
Waktu : 60 Menit Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

A. Cakra (x) salasahiji jawaban a,b,c, atawa d anu dianggap pangbenerna!

1. Nu disebut biantara impromptu nyaeta…..


A. Biantara ku cara maca naskah C. Biantara ku cara dadakan
B. Biantara ku cara ngapalkeun D. Biantara ku cara tanpa naskah
2. Nyarita hareupen jalma loba anu tujuanna pikeun nepikeun hiji hal ,disebut…
A. Paguneman B. Wawancara C. Biantara D. Ngadongeng
3. Di handap ieu nu teu kaasup kana tehnik biantara nyaeta…
A. Impromptu B. Ekspositori C. Biantara naskah D. Ekstemporan
4. Di handap ieu pungsi dijieunna konsep biantara, iwal…
A. Sangkan apal naon nu rek di omongkeun
B. Sangkan nu ditepikeun keuna kana sasaran
C. Sangkan henteu geumpeur
D. Sangkan anu ditepikeun kaharti ku batur
5. Jalma nu ahli dina nepikeun biantara disebut
A. Orator B. Narator C. Panyatur D. Kurator
6. Anu penting tina naskah biantara nyaeta …
A. Eusi B. Basa C. Eusi jeung basa D. Konsep
7. Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa nataan hiji hal nepi ka bubuk leutik na sangkan nu maca meunang gambaran anu
lengkep ngeunaan kaayaan eta hal disebut…
A. Karangan ekspoisisi C. Karangan deskripsi
B. Karangan argumentasi D. Karangan Narasi
8. Pungsi na karangan ditulis sacara deskripsi sangkan nu maca meunang…. Ngeunaan hal-hal anu dicaritakeun.
A. Katerangan B. Kajelasan C. Mangpaat D. Gambaran
9. Hateup nyaeta tutup imah atawa saung sangkan imah eta teu kakeunaan ku…
A. Hujan B. Caah C. Urug D. Panyakit
10. Tempat nyimpen beas atawa kadaharan di sebut…
A. Golodog B. Goah C. Tepas D. Pawon
11. Karya sastra caritaan nu caritana leuwih kompleks, palakuna ogé rada loba, jeung wangunna buku nya éta ...
A. Cerpen B. Guguritan C. Dongeng D. Novel
12. Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra ...
A. Prosa B. Puisi. C. Drama D. Anyar
13. Judul novel Sunda nu mimiti nya éta ...
A. Novel “Baruang ka nu ngarora”
B. Novel “Kalepatan Putra Dosa na Ibu Rama”
C. Novel “Rasiah nu Goreng patut ( Karnadi Anemer Bangkong)”
D. Novel “Kolebat kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian”
14. “ Assalamualaikum Wr. Wb.
Asshaduallailahaillalah wa asyhadu anna muhammadar rasulullah. Ama badu.
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempetan ieu urang
sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawarga,
sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajaran nana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat, nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo
nyampaikeun amanat dina raraga program perpisahan kelas genep.”
Ungkara kalimah diluhur teh kaasup kana bagian..
A. Salam bubuka biantara C. Nepikeun jejer biantara
B. Eusi biantara D. Salam panutup biantara
15. “Sakitu nu tiasa sim kuring haturkeun, upami aya kecap anu kirang merenah, nyuhunkeun dihapunten, margi kasaean teh asalna
ti Allah SWT. Sareng kalepatan ti abdi salaku jalmi biasa nu teu luput tina kahilapan, kalepatan, sareng dosa, ku kituna sim kuring
ngahaturkeun nuhun…Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.”
Ungkara kalimah diluhur teh kaasup kana bagian..

A. Salam bubuka biantara C. Nepikeun jejer biantar


B. Eusi biantara D. Salam panutup biantara
16. Istilah omongan kasar matak nyentug kana ati nyaeta…
A. Ancad B. Gadebul C. Garihal D. Gerentes
17. Bubub,gede omong,atawa gede bohong
Istilah na nyaeta….
A. Ancad B. Gadebul C. Garihal D. Gerentes
18. Basa nu hade dipake dina naskah biantara nyaeta
A. Basa lemes B. Basa loma C. Basa kasar D. Basa cohag
19. Tema biantara nu henteu cocok ditepikeun dilingkungan sakola nyaeta…
A. Biantara Cara gampang diajar basa sunda
B. Biantara tatakrama siswa siswi tentang pergaulan bebas
C. Biantara Remaja jeung narkoba
D. Biantara Keluarga berencana
20. Anyaman kepang tina awi beunang ngahuaan ipis pikeun pipinding imab nyaeta..
A. Bilik B. Buruan C. Goah D. Hateup
21. Ibu keur masak di…
A. Kolong B. Pawon C. Lalangit D. Amben
22. Patali jeung eusina,novel Si Paser kaasup kana novel…
A. Rumaja B. Barudak C. Dewasa D. Populer
23. Nu teu kaasup kana wangun novel dumasar eusi jeung pamacana nyaeta…
A. Novel Rumaja B. Novel Barudak C. Novel Dewasa D. Novel Misteri
24. Novel “Cinta Pabaliut” karangan…
A. Eddy D. Iskandar B. Adang S. C. Moh. Ambri D. Caraka
25. Nu dimaksud kampung adat nyaeta kampung anu..
A. Boga adat B. Nyekel adat karuhun C. Buhun D. Kuno

Pertanyaan No 26 s.d 27!


Dina ieu waktos urangotokol sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika.
Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu
sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri.
Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.
26. Naon tujuan diayakeun éta acara?...
A. mulasara budaya sunda
B. mieling dibabarkeunana Ibu Raden Dewi Sartika
C. ngamumule budaya sunda
D. kanggo tawis panghormat sareng pangajén kana jasa-jasa Ibu Radén Déwi Sartika
27. Cutatan biantara di luhur téh mangrupa bagian tina ….
A. Salam bubuka biantara C. Nepikeun jejer biantar
B. Eusi biantara D. Salam panutup
28. Novel Baruang ka nu ngarora medal dina taun..
A. 1914 B. 1912 C. 1920 D. 1926
29. Numutkeun eusina,novel teh kaasup kana..
A. Karangan ilmiah B. Carita rekaan C. Carita non fiksi D. Carita nu kauger
30. Anu eusina luyu jeung rumaja nyaeta novel..
A. Pangeran Kornel B. Lembur Singkur C. Perang Bubat D. Manehna

B. Jawab kalawan singget tur merenah pananya-pananya dihandap!

1. Naon anu dimaksud biantara?


2. Sebutkeun naon wae mangpaat tina biantara!
3. Naon anu dimaksud
a. Bilik
b. Goah
c. Hateup
4. Iraha medalna novel Sunda nu munggaran,naon judul na jeung saha pangarang na?
5. Kumaha ciri-ciri novel teh?

Anda mungkin juga menyukai