Anda di halaman 1dari 4

MAJLIS PENDIDIKAN DASAR DAN MENENGAH

PIMPINAN DAERAH
email MUHAMMADIYAH CIAMIS
: smkm1bjrs@ymail.com

SMKMUHAMMADIYAH 3 BANJARSARI
TERAKREDITASI Jln. Pasar Baru Cibadak No126 Banjarsari
E-mail : smkm3bjrs@gmail.com

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas : Sepuluh

Hari : Selasa, 05 Desember 2023

A. Pilhan Ganda
Pilih salahiji jawaban nu benerna
1. Hal-hal atawa aktivitas anu dipilampah ku urang dina hiji waktu di tempat nu tangtu
disebutna....
a. Diajar
b. Kagiatan
c. Kajadian
d. Peristiwa
e. Panglaman
2. Kagiatan nu dilaksanakeun ku alpukahna sakola, tapi di luareun kagiatan diajar nu formal,
disebutna kagiatan....
a. Kurikuler
b. Formal
c. Ekstrakulikuler
d. Nonformal
e. Informal
3. Kagiatan dipilampah ku ngayakeun indit-inditan ti imah ka tempat tujuan tur dilaporkeun
hasilna dina wangun tulisan saperti dina koran atawa majalah disebutna....
a. Wawancara
b. Neangan warta
c. Lalampahan
d. Touring
e. Panalungtikan
4. Ieu di handap anu henteu kaasup kana gunana kagiatan kemah pramuka keur para siswa,
nyaeta....
a. Bisa nembongkeun kapribadian jeung kalemesan budi
b. Jadi seukeut mikir (pinter)
c. Nambahan kagiatan ekstrakulikuler
d. Jadi tohaga fisikna
e. Ngalatih kelemesan budi
5. Ieu di handap anu henteu kaasup kana rengrengan utama panitia calagara, nyaeta....
a. Pupuhu
b. Anggota
c. Girang serat
d. Panata harta
e. Wakil pupuhu
6. Laporan jurnalistik mah ilaharna ditulis ku....
a. Panalungtik
b. Siswa
c. Guru
d. Wartawan
e. Penyiar
7. Ieu di handap kaasup kana kecap rajekan dwipurna, nyaeta....
a. Tatajong
b. Pipiti
c. Cacakan
d. Dadahut
e. Kakara
8. Kecap rajekan dwireka nu dibarengan ku rarangken, nyaeta....
a. Bubuahan
b. Dialung-alungkeun
c. Dibulak-balik
d. Palk-plik-pluk
e. Kadupak-dupak
9. Ieu di handap kalimah anu ngandung kecap rajekan dwimurni, nyaeta....
a. Para siswa keur dialajar basa Sunda
b. Di aula sakola guru-guru keur karumpul
c. Barudak kelas X keur dialajar tetembangan
d. Di Bendungan Jatiluhur urang bisa paparahuan
e. Pasosore dina bulan puasa sok rea nu ngabuburit
10. “Jatmika teh sababaraha kali jadi pinunjul kelas”
Dina kalimah di luhur aya kecap rajekan anu wandana....
a. Dwimadya
b. Dwipurwa
c. Dwimurni
d. Dwireka
e. Trilingga
11. Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur
pamohalan disebutna....
a. Carpon
b. Dongeng
c. Sketsa
d. Biografi
e. Fiksimini

12. Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita seperti kitu kaasup kana dongeng....
a. Parabel
b. Legenda
c. Sage
d. Mite
e. Babad
13. Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongeng, nyaeta....
a. Sakabeh eusi caritana bohong
b. Teu jelas nu ngarangna (anonim)
c. Sumberna tatalepa sacara lisan
d. Ngandung unsur-unsur pamohalan
e. Awalna kagolong kana sastra lisan
14. Unsur-unsur carita dina dongeng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi sejena. Ieu di handap
anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaeta....
a. Tema
b. Palaku
c. Purwakanti
d. Galur
e. Latar
15. Dina dongeng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana wae, nyaeta....
a. Raja kahampangan dina balokeng
b. Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang
c. Sangkuriang nyieun parahu
d. Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang
e. Sangkuriang saenyana anak raja
16. Dina dongeng Si Kabayan, tokoh anu langka dicaritakeun teh, nyaeta....
a. Si Iteung, pamajikan Si Kabayan
b. Si Atok, anakna Si Kabayan
c. Mitohana Si Kabayan
d. Sobatna Si Kabayan
e. Budakna Si Kabayan
17. Ieu di handap anu kaasup kana kalimah pangharepan, nyaeta....
a. Muga-muga wae rencana urang bisa laksana!
b. Hayu urang rencanakeun we nu leuwih asak!
c. Jung bae ti heula, kuring mah aya perlu heula!
d. Sigana mah ulah indit ayeuna, bisi macet!
e. Tiasa nyuhunkeun cai!
18. “Punten Wan, pangnyandakkeun buku basa Sunda dina kantong!”
Nilik kana gunana, eta kalimah teh kaasup kana kalimah....
a. Pamenta
b. Panitah
c. Panyarek
d. Pangjurung
e. Pangwawardi
19. Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilahar dipake dina kalimah parentah, iwal....
a. Mangga
b. Cing
c. Punten
d. Wah
e. hayu
20. Ieu di handap omomngan anu heunteu kaasup kana kalimah parentah, nyaeta....
a. Sampurasun!
b. Mangga ka lebet!
c. Teu kenging calik di dinya!
d. Antosa sakedap, nya!
e. Rampes
21. Tarjamahan tina kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang Sunda.” Anu merenah,
nyaeta....
a. Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda
b. Kuring ngarasa reuues jadi urang Sunda
c. Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda
d. Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda
e. Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda
22. Kecap-kecap basa Sunda anu hese ditarjamahkeun kana basa Indonesia, nyaeta kecap....
a. Pangantet
b. Parentah
c. Panyambung
d. Panganteur
e. Sulur
23. Pribasa nu mangrupa tarjamahan tina basa Indonesia, nyaeta....
a. Adam lali tapel
b. Wong becik ketitik wong ala ketoro
c. Waktu sarua jeung duit
d. Aya hurang handapeun batu
e. Gindi pikir belang bayah
24. Paribasa Indonesia “Biar lambat asal selamat” hartina mirip jeung paribasa Sunda....
a. Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung
b. Kajeun kendor asal ngagembol
c. Kaduhung tara ti heula
d. Jauh-jauh panjang gagang
e. Ulah gancang pincang
25. Ieu di handap heunteu kaasup kana carpon nu mangrupa tarjamahan tina basa Inggris,
nyaeta....
a. Carpon “Keteg Jajantung” ditarjamahkeun ku Atep Kurnia
b. Carpon “Haji Murod” ditarjamahkeun ku Atep Kurnia jeung Hawe Setiawan
c. Carpon “Ngulampreng” ditarjamahkeun ku Hawe Setiawan
d. Carpon “Pependeman Nabi Sulaeman” ditarjamahkeun ku Moh. Ambri
e. Carpon “Ucing Hideung” ditarjamahkeun ku Yuliana Mustofa
26. Lamun rek narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaeta kamus....
a. Ekabasa
b. Dwibasa
c. Istilah
d. Asing
e. Ensiklopedia
27. Ieu di handap tilu kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rek narjamahkeun, iwal
kamampuh....
a. Gramatikal
b. Fonologis
c. Sosiolinguistik
d. Semantik
e. Pragmatik
28. Ieu di handap urang asing anu henteubasa Sunda serepan kamus basa Sunda, nyaeta....
a. R.H. Robins
b. A. Geerdink
c. H. J. Oosting
d. S. Coolsma
e. Jonathan Rigg
29. Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab, nyaeta....
a. Abdi
b. Iman
c. Ahlak
d. Agama
e. Takwa
30. Unsur serepan anu acan sagemblengna kaserep kana basa Sunda ditulisna....
a. Digurathandapan
b. Dikekentengan
c. Dikadelkeun
d. Dicondongkeun
e. Biasa

Anda mungkin juga menyukai