Anda di halaman 1dari 7

PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAST)

TAHUN PELAJARAN 2018/2019


Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : X ( sepuluh )
Hari/Tanggal :
Waktu : 90 menit

I. Pilih hiji jawaban nu dianggap bener ku cara ngabuleudan a, b, c, d atawa e dina lambang jawaban nu disadiakeun !
1. Tanya jawab langsung pikeunngajaring informasi ti narasumber disebut…..
a. Paguneman d. Konferensi
b. Wawancara e. Seminar
c. Sawala
2. Ieu di handap anu teu kaasup kana cara wawancara, nyaeta Wawancara…
a. mandiri d. resmi
b. kelompok e. teu resmi
c. konferensi
3. Carita atawa dongeng anu ngandung unsure sejarah local disebutna
a. Mitos d. Sage
b. Legenda e. Parabel
c. Babad
“Boa-boa perlaya,” ceuk Prabu Geusan Ulun.
“Duka atuh, kirang terang lebah dinya n amah,” tembal ki Nangganan
Ngadenge jawaban kitu, hate Prabu Geusan Ulun mimiti dilimpudan kasieun. Sieun pasukan Cirebon ngarebut
karaton tur maehan dirina. Teu lila terus ngajak pindah ka sakumna eusi nagara ngajugjug ka suku Gunung
Rengganis, di daerah Dayeuh luhur.
4. Puseur dayeuh Sumedanglarang di pindahkeun ti Kutamaya ka Dayeuh Luhur lantaran…
a. Nyingkahan pangrurug ti Karajaan Cirebon d. aya pituduh karuhun
b. Puseur Dayeuh Kitamaya geus kurang startegis e. Dayeuh luhur leuwih alus
c. Ngalegaan wilayah Karajaan
5. Karajaan munggaran di Jawa Barat , nyaeta……
a. Tarumanagara d. Salakanagara
b. Sunda Sembawa e. Kawali
c. Galuh
6. Lamun rek narjamahkeun urang merlukeun kamus, nyaeta kamus…
a. eka Bahasa d. asing
b. dwibahasa e. ensiklopedia
c. istilah
7. Iue di handap henteu ka asup kana adegan Wawancara, nyaeta…
a. Bubuka d. salam
b. Pamungkas e. pananya
c. eusi
8. Kolotna nini atawa aki urang disebutna…
a. bao d. udeg-udeg
b. buyut e. kait siwur
c. janggawareng
9. Tokoh Siliwangi dina sejarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun Karajaan….
a. Sunda b. Galuh c. Pajajaran d. Kawali e. Salakanagara
10. Aksara Sunda kuno kungsi digunakeun dina media di handap ,iwal…
a. Prasasti d. Piagam
b. Buku e. Koran
c. Naskah
11. Disawang tina kamekaranana, aksara sunda kuno salna tina Aksara…..
a. Arab d. Jawa
b. Tionghoa e. Melayu
c. Brahmi (Pallawa)
12. Carita " Nyi Roro Kidul" sumebar dimasyarakat. Carita seperti kitu kaasupa kana dongeng…
a. Fable d. babad
b. Legenda e. Mite
c. Sage
13. Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongeng, nyaeta…
a. sakabeh eusi caritana bohong d. ngandung unsur-unsur pamohalan
b. teu jelas nu ngarangna e. awalna kagolong sastra lisan
c. sumberna tatalepa sacara lisan
14. Unsur-unsur carita dina dongeng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi sejena.Ieu di handap anu teu kaasup kana
unsur-unsur carita,nyaeta…
a. Tema b. Pelaku c. Purwakanti d. Galur e. latar
15. Dina dongeng "Sangkuriang" aya unsur pamohalan, diantarana wae, nyaeta..
a. Raja kahampangan dina balokeng d. Dayangsumbi kawin jeung si Tumang
b. Dayangsumbi boga anak Sangkuriang e. Sangkuriang saenyana anak raja
c. Sangkuriang nyieun parahu
16. Dina dongeng "Si Kabayan", tokoh nu langka dicaritakeun teh, nyaeta…
a. Si Iteung pamajikan si Kabayan d. Sobatna Si Kabayan
b. Si Atok anak Si Kabayan e. Si Kabayan
c. mitohana Si Kabayan
17. Pikeun nuliskeun kecap “imah” diperlukeun rarangken…
a. Pangwisad d.panyiku
b. Panghulu e. panyakra
c. Panyuku
18. Pikeun nuliskeun kecap “kuku” diperlukeun rarangken…
a. Panyiku d. Panyuku
b. pamaeh e. Pangwawadi
c. Panyecek
19. Ieu di handap mangrupa kecap-kecap nu ilahar dipake dina kalimah parentah, iwal …
a. Manga b. Cing c. Punten d. Wah e. hayu
20. Ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah parentah, nyaeta…
a. Sampurasun! d. Antosan sakedap, nya!
b. mangga ka lebet! e. Rampes
c. Teu kenging calik di dinya!
21. Hal-hal atawa aktifitas anu dipilampah ku urang dina hiji waktu di tempat nu tangtu disebut…
a. Diajar d. Peristiwa
b. Kegiatan e. pangalaman
c. Kajadian
22. Kagiatan anu dilaksanakeun ku alpukahna sakola, tapi diluareun kagiatan diajar formal, di sebut kegiatan..
a. Kurikuler d. Nonformal

b. Formal e. informal
c. Ekstrakurikuler
23. Salah sahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi) , tapi teu pati kauger ku patokan-
patokan jumlah engang jeung jumlah padalisan dina saban pada, disebut …
a. Pupuh d. Sisindiran
b. Sajak e. Wawangsalan
c. Guguritan
24. Ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepika sajak teh kaharti
eusina atawa maksudna, disebut…
a. Dramatisasi d. musikalisasi
b. Parafrase e. maca sajak
c. deklamasi
25. Padeukeut sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna…
a. Gaya basa d. wirahma
b. Kecap nyata e. wirasa
c. purwakanti
26. Kalimah di handap anu ngandung harti konotatif, nyaeta…
a. Adang sok maju ka hareup! d. Wa Haji the ayeuna mah geus maju dagangna
b. Sok geura maju, ulah cicing wae di tukang e. Mobil anyar the maju meuni gancang
c. Ari geus maju mah, manehna the wani nincak sagala
27. Ieu di hadap nu henteu kaasup kana kecap rajekan dwi purwa, nyaeta….
a. Tatajong d. Dadahut
b. Pipiti e. daekan
c. Cacakan
28. kecap rajekan dwireka nu dibarengan ku rarangken, nyaeta…
a. bubuahan d. kadupak-dupal
b. dialung-alungkeun e. plak-plik-pluk
c. dibulak-balik
29. ieu di handap kalimah anu ngandung kecap rajekan dwimurni, nyaeta…
a. para siswa keur dialajar basa sunda
b. dia aula sakola guru-guru keur karumpul
c. barudak kelas X keur diajar tetembangan
d. Pasosore dina bulan puasa sok rea nu ngabuburit
e. Di Bendungan Jatiluhur urang bias paparahuan
30. “ Jatmika teh sababaraha kali jadi pinunjul kelas.”
Dina kalimah di luhur aya kecap rajekan anu wandana…
a. Dwimadya d. trilingga
b. Dwipurwa e. Dwireka
c. Dwimurni
31. Dina aksara Sunda ngalagena ngarobah “ka” jadi “ki” ngagunakeun rarangken….
a. Panyecek d. panyiku
b. Panghulu e.Panyuku
c. Panyakra
32. ieu dihandap kaasup unsur citraan dina rimpaka kawih, iwal citraan…
a. swara(pangdenge),panempa, pangrasa d. pangrampa, pangdenge, pangambeu
b. panempo, pangrasa, pangrampa e. pangambeu, pangrasa, pangdenga
c. pangrasa, pangrampa, pangdenge
33. lamun ditingali tina jumlahna jajaran jeung purwakantina, lagu”es Lilin” the disusun dina wangun…
a. paparikan d. papantunan
b. rarakitan e. wawangsalan

c. tatarucingan
34. Baca rumpaka ieu kawih !
Eslilin mah, aduh, Kalapa muda
Dibantun mah, geuning, ka nSukajadi
Abdi isi, geuning, samar kaduga
Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi
Purwakanti dina kawih diluhur, nyaeta….
a. E-d-a-s c. . da-di-ga-di e. muda-sukajadi-kaduga-ngajadi
b. a-i-a-i d. m-s-k-ng
35. Eusi pada kahiji kawih “Es Lilin”, nyaeta…
a. Es Lilin dijieun tina Kalapa d. es Lilin dijual ka Sukajadi
b. Abdi isin samar kaduga sabab sieun teu jadi e. abdi isin sieun teu jadi
c. Sieun teu jadi dibawa ka Sukajadi
36. Rumpaka kawih “ Papatong” ngawanti-wanti yen ...
a. Hirup teh moal lila ulah kajongjonan d. papatong nu hiber ku jangjangna
b. Jalma hirup ibarat papatong nu hiber e. mun indit kudu pamitan
c. Papatong minangka lambang kahirupan manusa
37. Baca sempalan ieu rumpaka kawih !
Prak reureuh tina kareureuh
Prakpasrah kanu kawasa
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah kanu kawasa
Ceuk sempalan rumpaka kawih di luhur, urang teh…
a. Ku pagawean mah moal aya beakna d. kudu istirahatna tina pagawean
b. Kudu pasrah kanu kawasa e. salawasna hirup teh riweuh
c. Henteu tuluy-tuluyan gawe, aya waktuna keur ibadah
38. “Munding teh geus di cangcang dina tangkal”. Kecap dicangcang ngandung harti denotative sarua hartina jeung…
a. diduitan d. ditawarkeun
b. ditalian e. diantepkeun
c. diparaban
39. Kecap sipat anu hartina “paling” , aya dina kalimah…
a. Manehna teh pangrajina di kelasna d. Dedi henteu sarajin Maman
b. Wanda jeung Neni sarua rajina e. Dadang leuwih rajin ti batan Yandi
c. Wandi mah rajin, ari Dodo kedul
40. Lamun rek nuliskeun angka make aksara sunda, kudu dihapit ….
a. Dua gurat condong d. kurung siku
b. Dua gurat ajeg e. kurung kurawel
c. kekenteng

II. Jawab pananya kalayan singget jeung jentre !

41. Naon maksudna nu ngawawancara kudu netral?


42. Naon sababna Babad teu disebut Sejarah ?
43. Salin kana Aksara sunda : “ Manehnamah beuki dukuh Palembang. “
44. Naon bedana maca sajak jeung deklamasi ?
45. Aya caritaan naon dina sempalan ieu sajak?
harita walatra renghap-ranjugna
sagala-gala walatra walatra pati-huripna
walatra pait-peuheurna
PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT)
TAHUN PELAJARAN 2018/2019
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : XI ( sebelas )
Hari/Tanggal :
Waktu : 90 menit
I. Pilih salah sahiji jawaban anu bener !

1. Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, bih sawangan, boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna…
a. Bewara d. warta
b. iklan e. amanat
c. medsos
2. Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bias dipake ngajawab pananya…
a. Naon,ku naon, tina naon, ku saha d. naon,ku saha, dimana, mana
b. Saha,naon,iraha,dimana, naha,kumaha e. mana,nu mana, ti mana, ka mana
c. Iraha, ti iraha, nepi ka iraha,ka mana
3. Naskah siaran teu meunang ngahina sual SARA. Ieu dihandap anu lain panjangna tina SARA, nyaeta….
a. Suku d. Rasa
b. Agama e. antar golongan
c. Ras
4. Anu disebut lead dina warta teh, nyaeta…
a. Judul warta d. pamungkas warta
b. Bubuka warta e. nu nulis warta
c. Waruga Warta
5. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajen warta, nyaeta…
a. Waktu (timelines) d. konflik (conflic)
b. Aneh (the unusual) e. pawarta
c. Aya patalina jeung kahirupan balarea (significance)
6. Dildom mangrupa angkutan delman nu ditarik ku domba, anu nganh kapanggih di alun-alun…
a. Ujung berung jeung Soreang d. Ciamis jeung Banjar
b. Cianjur jeung Sukabumi e. Garut jeung Tasik
c. Garut jeung Ciamis
7. kacapangan leuweung dibukbak hirup bakal balangsak ngandung harti…
a. ari leuweung teh tempat kakaian anu ngahasilkeun hawa bersih
b. ari leuweung teh tempat sasatoan anu hirup bebas teu di kungkung ku manusa
c. lamun leuweung di bukbak, masyarakan bakal beakeun kai keur ngawangun imah
d. lamun leuweung di bukbak, sato-sato leuweung daratang ka lembur
e. ulah ngabukbak leuweung, lantaran leuweung loba kakaian anu jadi sumber cai
8. Paribasa caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket ngandung harti…
a. Kudu make papakean anu alus tur rapih
b. Seged atawa siap nyanghareupan pagawean
c. Kudu make papakean has atawa tradisional Sunda
d. Kudu make baju nu aya kancingan, ulah ku seleteing
e. Kudu make baju jeung calana pangsi katut iket
9. Basa anu mimiti diajarkeun ka barudak ku kolotna di lingkungan kulawarga disebutna basa…
a. Wewengkon d. nasional
b. Daerah e. seler bangsa
c. indung
10. dina tiap tanggal 21 Pebruari dipieling….
a. Poe basa daerah tingkat nasional d. Poe basa daerah Internasional
b. Poe basa indung internasional e. Poe basa pergaulan Internasional
c. Poe basa nasional internasional
11. Karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks)
disebut …
a. carpon d. dongeng
b. cartibag e. novel
c. hikayat
12. Ieu di handap anu henteu kaasup kana cirri-ciri novel, nyaeta
a. Karangan nonfiksi d. latarna laluasa
b. Tokohna loba e. eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe
c. Alurna panjang
13. Seuseukeut tumbak teh disebutna….
a. Pamatang d. perah
b. Janggala e. gondewa
14. Dumasar kana sipatna, sisindiran teh bias dibedakeun jadi tuli rupa, nyaeta….
a. Paparikan,rarakitan,wawangsalan d. wawangsalan, tatarucingan paparikan
b. Piwuruk, sesebred, silih asih e. tatarucingan, wawangsalan,rarakitan
c. Cangkang, eusi, wangsal
15. Mawa peti dina sundung
Dibawa ka nusa jawa
Pangarti teu beurat nanggung
Kabisa teu beurat mawa
Sisindiran di luhur kaasup kana wanda ….
a. Wawangsalan d. paparikan
b. Tatarucingan e. rarakitan
c. teteguhan
16. “Meureun enya, jauh. Dewek oge ukur semet dedenge tara.”
Babasan dedenge tara dina kalimah diluhur ngandung harti…
a. Ngadenge beja tapi teu puguh leunjeurannana
b. Ngadenge beja teu pati jelas
c. Ngadenge beja anu can puguh bener henteuna
d. Beja anu di bejakaeun deui kanu sejen
e. Teu mere beja pisan
17. Bibika tipung tarigu
Ku engkang henteu kaharti
Wangsalna nyaeta…
a. Kungkang d. kaharti
b. Bibika e. roti
c. tipung
18. “Manehna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta tulang buta daging”
Paribasa keur meujeuhna buta tulang buta daging dina eta kalimah ngandung harti…
a. Dipiara hade-hade d. gede napsu hirup di dunya
b. Beuki dahar e. hese mun di titah
c. Daekan mun dititah
19. “Kabeneran wae harita aya nu nganyahoankeun, waktu Akang keur adu regeng teh.”
Kecap nganyahoankeun dina kalimah diluhur ngandung harti…
a. Papanggih d. ngomong
b. Nempoeun e. bebeja
c. nyarita
20. Kecap rundayan dirarangkenan ka-an nu hartina”teu dihaja” aya dina kalimah…
a. Mang Juned kacilakaan di jalan cagak
b. Basa balik ti sakola, Dadan kahujanan di jalan
c. Kang Ubun teh kabuktian henteu salah
d. Balik ti Pangandaran teh kapeutingan da macet di jalan
e. Kuring kabeneran panggih jeung manehna di pengkolan
21. Tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma, disebutna..
a. geografi d. leksikografi
b. monografi e.paleografi
c. biografi
22. ieu dihandap anu henteu kaasup kana wanda jeung sifat riwayat hirup, nyaeta…
a. Otobiografi d. Unauthoried Biography
b. Biografi e. Eclactic Biography
c. Authoried Biography
23. Ieu dihandap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi bografi, nyaeta…
a. Ngaran, tempat, titimangsa,kulawarga d. pangalaman gawe jeung organisasi
b. Cita-cita jeung pangalaman atikan e. prestasi nu kungsi kacangking
c. Kakayaan jeung harta banda nu dipiboga
24. Ir.R.H. Ukar Bratakusumah
Kawasna nu keur icikibung dina widang pertambangan hususna, masyarakat Jawa Barat umumna moal bireuk
deui kana jenengan Ukar Bratakusumah. Mangsa rumaja nungtut elmu di HIS Purwakarta. Hijrah ka Bandung
di sampeur ku rakana supaya nuluykeun sakola ka MULO. Sabada rengse ti MULO hijrah ka Jakarta
neruskeun atikan di AMS bagean elmu pasti jeung ilmu alam. Rengse ti AMS mulang deui ka Bandung
neruskeun pendidikan di THS nu ayeuna disebut ITB kalayan nyangking gelar Insinyur sipil. Sataun ti harita
babarengan jeung Oto Iskandardinata jadi sekretaris Pguyuban Pasundan. Kantos janten pupuhu di ITB
Ieu dihandap anu teu kaasup kana tempat nungut elmu tokoh Ir.R. H. Ukar Bratakusumah, nyaeta…
a. HIS d. AMS
b. MULO e. ITB
c. Student Club
25. Tokoh Ir.R.H. Ukar Bratakusumah the babarengan jeung Oto Iskandar Dinata waktu di …
a. Paguyuban Pasundan d. AMS
b. HIS e. ITB
c. MULO
26. Patali jeung widang atikan, tokoh Ir.R.H Ukar Bratakusumah kungsi nyekel kalungguhan jadi rektor..
a. UI d. ITB
b. UPI e. Unpad
c. IPB
27. Ieu dihandap anu teu kaasup kana jasa-jasa Raden Dewi Sartika, nyaeta…
a. Ngadegkeun “sakola Kautamaan Istri”
b. Milu bajuang ngalawan panjajah Walanda
c. Ngasongkeun pamadegan yen adat-istiadat feodal teh bisa robah.
d. nyusun buku ngeunaan kalungguhan wanoja Sunda
e. Ngabela hak jeung kalungguhan wanija Sunda
28. Carita panjang anu di dangdingkeun tur digelarkeun dina puisi pupuh disebut…
a. Beluk d. Carita pantun
b. Wawacan e. hikayat
c. Guguritan

29. Ieu di handap kecap-kecap sipat anu boga harti lalawanan langsung, iwal…
a. Luhur X handap d. gendut X begang
b. Panjang X pondok e. buleud X pasagi
c. Jangkung X pendek
30. Kecap sipat dina basa sunda rea nu bisa dituturkeun ku kecap katerangan sipat, iwal…
a. Beureum euceuy d. ipis nyempring
b. Hideung cakeutreuk e. poek mongkleng
c. Hejo carulang
31. Anu ngabedakeun wawacan jeung Guguritan, nyaeta…
a. Guru gatra jeung watek pupuh d. palaku carita katut watekna
b. Panjang karangan jeung wanda pupuh e. latar jeung situasi karangan
c. Struktur carita jeung motif carita
32. Ieu di handap anu teu kaasup kana ciri-ciri carpon, nyaeta…
a. Wangun karangana pondok d. eusina kaharti ku akal atawa realistis
b. Sifat caritana naratif jeung fiktif e. biasana nyaritaekun hiji kajadian
c. Pelaku caritana kaitung rea
33. Anu henteu ka asup kana unsur-unsur carita dina carpon, nyaeta…
a. Tema b. rasa c. palaku d. latar e. galur
34. Pupuh anu mindeng di pake dina wawacan, kaasup kana sekar ageing, nyaeta..
a. Kinanti,Sinom,Asmarandana,Dangdanggula d. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma
b. Kinanti, Sinom Maskumambang,Durma e. Kinanti, Asmarandana, Magatru, Pucung
c. Kinanti, Mijil, Pucung, Wirangrong

“ Tinggal!” Andi nunjuk ka lebah ponclot Ciremay nu katutupan halimun


“Tiris, resep haiking ka gunung”
Kuring tanggah nuturkeun panuduh Andi. Tuluy unggeuk
“Tris,” sora Andi bet ngadadak laun
Kuring
35. Latar ngalieuk
kajadian dinakanu ayaGunung
carpon” di gigireun
nu Endah” karya Asmiranti, nyaeta...
a. Daerah Maja d. Daerah Cikijing
b. Daerah Kuningan e. Daerah Kadipaten
c. Gunung Ciremay
36. Pelaku dina “ Gunung nu Endah” karya Asmiranti, nyaeta…
a. Kuring jeung Tris d. kuring
b. Andi jeung kuring e. Manehna
c. Tris jeung Andi
37. Ieu dihandap unsur-unsur prosa fiksi anu aya dina wawacan anu mangrupa carita carita, iwal..
a. Tema d. amant
b. Palaku e. wirahma
c. Galur
38. Ieu dihandap henteu ka asup kana kecap nu dirarangkenan tengah, nyaeta..
a. kumencrot d. balageur
b. tinangtu e. daratang
c. karancang
39. Ieu dihandap nu teu kaasup kana kalimat pasif, nyaeta…
a. Adang katarajang kasakit panas d. Barudak dibawa piknik ku guruna
b. Mang Kurdi kadupak beca e. manehna diajar ngawih di sanggar
c. Manuk di paraben ku kuring
40. Ieu di handap kalimah aktif anu teu bisa di robah deui jadi kalimah pasif, nyaeta…
a. Mamah keur ngamandian Dede d. Mang Mahdi dagang sayur di pasar
b. Kuring mangmeulikeun buku keur Ade e. Aki nuju ngala lauk di balong
c. Dadang ngakutan sayuran ti kebon
II. Jawab kalayan singget jeung jentre !
41. Naon wae struktur warta teh ?
42. Sebutkeun unsur-unsur carita dina Novel !
43. Naon sasaruanana jeung bedana biografi jeung otobiografi ?
44. NAon bedana wawacan jeung guguritan ?
45. Tangtukeun guru lagu jeung guru wilangan pupuh Kinanti !

Anda mungkin juga menyukai