Anda di halaman 1dari 6

LATIHAN SOAL BAHASA SUNDA

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : XI
Hari, Tanggal : Juni 2022
Waktu : 120 menit
PETUNJUK PENGERJAAN :
Bacalah Basmalah sebelum menjawab pertanyaan
Kerjakanlah soal yang mudah terlebih dahulu
Bacalah Hamdallah setelah selesai menjawab semua soal
Bekerjalah dengan penuh kejujuran dan rasa tanggung jawab

I. Pilihlah salah satu jawaban yang paling tepat pada pilihan A, B, C, D dan E di bawah ini!
1. Hiji jalma anu jadi panengah atawa pingpinan sidang boh dina rapat atawa diskusi, anu ngajejeran
pasualan diskusi jeung ngatur padungdenganana disebut .....
A. Orator D. Panata acara
B. Moderator E. Pamilon
C. Panata calagara

2. Nampung unggal saran, méré kasempetan pikeun nepikeun gagasan ka peserta diskusi, nyatetkeun
pananya dina diskusi, kaasup sababaraha hal anu jadi tugas panumbu catur utamana dina
bagéan .....
A. Mungkas diskusi
B. Nutup diskusi
C. Nyindekkeun diskusi
D. Ngatur jalanna diskusi
E. Muka diskusi

3. Nu kaasup kana pancén panumbu catur dina muka diskusi diantarana nya éta .....
A. Nepikeun jejer diskusi
B. Nengahan nu padungdeng
C. Nampung unggal saran
D. Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
E. Ménta dihampura bisi aya kasalahan

4. ..... Pamungkas, mugia diskusi ieu janten salah sahiji jalan supados pikiran urang langkung jembar.
Neda dihapunten bilih aya basa anu kirang merenah kana manah. ..... Ungkara di luhur kaasup kana
caritaan panumbu catur dina bagéan .....
A. Bubuka D. Pedaran
B. Eusi E. Panutup
C. Sanduk-sanduk

5. Di handap ieu kaasup kana rédaksi nalika panumbu catur ngatur jalanna diskusi, nyaéta .....
A. Sakitu anu kapihatur, mugia urang sadaya janten siswa-siswi anu cageur, bageur, pinter, bener,
singer, tur parigel.
B. Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
C. Haturan ka pangjejer kahiji, Bapa Ridwan Kamil kanggo ngadugikeun pedaranana.
D. Sampurasun... Hatur nuhun ka sadérék panata acara nu parantos masihan waktosna.
E. Hapunten bilih aya basa nu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu
kasuhun hampura anu diteda.

6. Dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu boga sikap nétral. Nétral di dieu hartina .....
A. Kudu ngawasa materi diskusi
B. Kudu ngabéla baladna
C. Mihak ka salah sahiji pamilon
D. Jadi panengah dina diskusi
E. Kudu pinter nyarita maké basa nu hadé

7. Dina hiji diskusi atawa debat, sok loba pamilon, ogé panumbu catur anu nyarita ngagunakeun
paribasa atawa babasan, misalna ”Hapunten sim kuring badé ngiring cumarios, ieu mah étang-étang
lauk buruk milu mijah baé”. Paribasa anu ditulis déngdék téh maksudna .....
A. Bakat ku hayang milu nyarita
B. Hayang mili nyarita siga batur
C. Hayang nyarita tapi éra
D. Siga lauk nu hayang nyarita
E. Hayang mijah siga batur

8. Ieu masalah téh geus jadi sabiwir hiji, kudu jadi perhatian saréréa, piraku urang rék cicing baé.
Maksud babasan nu ditulis kandel maksudna nya éta .....
A. Kabéh geus pada nyarita
B. Kabéh geus boga biwir
C. Béjana geus nyebar kamamana
D. Biwirna kabéh ngan tinggal hiji
E. Geus jadi rusiah saréréa

9. Sikep nu kudu dipimilik ku saurang panumbu catur diantarana nya éta .....
A. Nétral, objéktf, adil
B. Pinter, kasép, bageur
C. Amis budi, beunghar, taliti
D. Gaya, kawentar, luwes
E. Tegas, keras, bisa diajak kompromi

10. Kalimah nu ngagunakeun kecap sulur di handap ieu nu hartina nuduhkeun milik kuring nya éta .....
A. Abdi mah badé mios ka Bogor téh ngké waé ngantosan pun bapa mulih ti Jakarta.
B. Sim kuring mah rumaos teu gaduh kamampuh dina widang usaha téh.
C. Upami tuang rama téh damelna dimana?
D. Sim abdi mah ti kawit yuswa 5 taun téh tos dikantunkeun ku nu jadi nini.
E. Kamari abdi pendak sareng tuang raka téh di Alfamart, badé balanja katingalna mah.

11. Kalimah Éta téh pun adi anu katilu, anu nuju sakola di SMP téa, ngabogaan makna .....
A. Adi anjeun aya tilu, tiluanana sakola di SMP
B. Kuring teh adi anu nomer tilu masih sakola di SMP
C. Anjeun téh jadi adi nu katilu anu sakola di SMP kénéh
D. Anu sakola di SMP téh adi kuring anu katilu
E. Kuring boga adi anu tiluanana sakola kénéh di SMP

12. Dina tata basa Sunda aya istilah anu disebut kecap sulur anu hartina nya éta .....
A. Kecap gaganti jalma
B. Kecap gaganti barang
C. Kecap gaganti pagawéan
D. Kecap gaganti sifat
E. Kecap gaganti kaayaan

13. Di handap ieu kaasup kana kecap sulur, kajaba .....


A. Sim kuring D. Pun abdi
B. Tuang raka E. Tuang paman
C. Pun biang

14. Karangan fiksi atawa rékaan anu ditulis dina wangun lancaran ( prosa ) nu eusina nyaritakeun
kahirupan sapopoé kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana disebut .....
A. Long short story D. Story telling
B. Long story E. Novel
C. Short story

15. Di handap ieu anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon diantarana nya éta .....
A. Sumebar dina wangun tulisan
B. Konflik caritana basajan
C. Caritana pamohalan
D. Peristiwana tunggal
E. Caritana rélatif pondok

16. Peuting isukna, asa horéam ka masjid téh. Keur mah hujan ngaririncik baé, katurug-turug tadi bada
asar patih goah ngumumkeun kaleungitan kurabu sabeulah. Teu karasa muragna, cenah. Teuing na
kasur, teuing di kamar mandi, teuing di mendi. Saréréa ubyag néangan. Ka kolong-kolong kasur
dibatréan. Lapur atuda éta mah sakadang kurabu. Mangkaning hargana lumayan rada ayaan,
bubuhan bahanna tina platina.Poko pikiran utama tina sempalan carpon di luhur nya éta .....
A. Hujan ngaririncik
B. Horéam ka masjid
C. Kurabu tina platina
D. Béwara ti patih goah
E. Leungitna kurabu sabeulah

17. Unsur intrinsik nu atra/ jelas katingali dina sempalan carpon dina nomer 16 nya éta .....
A. Sétting D. Amanat
B. Plot E. Palaku
C. Point of view

18. Nu paling mimiti kudu dilakukeun upama urang rék diajar ngarang atawa nyieun carpon téh nya éta
.....
A. Nangtukeun judul
B. Néangan idé/ilham
C. Nangtukeun amanat
D. Nangtukeun ngaran-ngaran palaku
E. Nangtukeun point of view

19. Aya sababaraha téknik nu bisa dilakukeun dina nganalisis carpon téh, diantarana ku cara ngarobah
carita jadi hiji gambar nu langsung maké média patlot jeung kertas, anu ngawakilan eusi carita
sacara gembleng. Téknik ieu disebut .....
A. Info grafis manual D. Y-Chart
B. Fish bone E. A-I-H
C. Info grafis digital

20. Analisis hiji carpon kudu ngawengku kana sakabéh unsur pangwangun carpon. Unsur pangwangun
carpon téh ngawengku .....
A. Unsur intrinsik
B. Unsur ékstrinsik
C. Unsur imajinasi
D. Unsur intrinsik jeung ékstrinsik
E. Téma jeung amanat

21. Runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir dina hiji carita disebut .....
A. Sétting D. Point of view
B. Amanat E. Plot
C. Jejer

22. Carpon mangrupa karya sastra atawa karangan fiksi anu unsur hayalan atawa imajinasina
ngabogaan sifat .....
A. Réalistis D. Mistis
B. Suréalis E. Liris
C. Réformis

23. Téknik reviu hiji karya anu ngadopsi pola 5W + 1H pikeun nganalisis kasus jeung hasil anu
mangrupa analisis unsur intrinsik jeung ékstrinsik disebut téknik .....
A. Y-Chart D. Info grafis manual
B. Info grafis digital E. A-I-H
C. Fish bone

24. Palaku utama dina carpon anu ngabogaan watek kurang hadé, goréng adat atawa jahat disebut ogé
palaku .....
A. Protagonis D. Figuran
B. Tritagonis E. Antagonis
C. Tambahan

25. Lantaran disebut ogé carita pondok, lobana kecap dina karangan carpon biasana ngawengku .....
A. 10.000-20.000 kecap
B. 1.000-1.500 kecap
C. 500-1.000 kecap
D. 1000-2000 kecap
E. 5000-10.000 kecap

26. Konflik dina carpon mah biasana basajan atawa teu pati ngarancabang teuing, biasana
mangrupa .....
A. 2 atawa 3 babak D. Skétsa
B. 2 atawa 3 adegan E. Épisodeu
C. Peristiwa gedé

27. Puseur sawangan nu dipaké upama palaku dina carpon ngagunakeun kecap kuring nya éta .....
A. Jalma kahiji D. Panitén
B. Jalma kadua E. Pangarang
C. Jalma katilu

28. Ciri utama nu ngabédakeun novel jeung carpon téh nya éta .....
A. Ukuran caritana D. Watek palakuna
B. Cara sumebarna E. Sétting caritana
C. Sifat imajinasina

29. Panasaran maluruh téh nepi ka lembur, tapi anggur nambah kasedih, meunang béja mitoha duanana
maot. Upama dititénan, kalimah di luhur téh ngagunakeun salah sahiji unsur kecap panyambung
anu ngagabungkeun hiji kalimah jeung kalimah séjénna. Nu kaasup kana kecap panyambung dina
kalimah di luhur nya éta .....
A. Téh D. Tapi
B. Nepi E. Meunang
C. Ka

30. Kecap anu nyambungkeun bagian kalimah anu hiji jeung kalimah anu séjénna, sarta bisa ditunda di
awal kalimah atawa di tengah kalimah disebut .....
A. Konjungsi D. Rajékan
B. Préposisi E. Panganteur
C. Pangantét
31. ..... usum hujan, moal rék ngurangan sumanget indit ka sakola.
Kecap panyambung nu paling merenah pikeun ngalengkepan kalimah nya éta .....
A. Boh D. Beuki
B. Leuwih E. Tapi
C. Sanajan

32. Istilah kecap pangantét nu fungsina pikeun ngawangun fraseu pangantét nu biasa ditulis di
hareupeun kecap barang atawa fraseu barang bisa disebut ogé .....
A. Préposisi D. Kantétan
B. Konjungsi E. Rajékan
C. Asimilasi

33. Cara nuliskeun kecap pangantét anu paling merenah aya dina kalimah .....
A. Nepi ka nu dijugjug, dipapag ku lagu degung tina tip.
B. Nepika nu dijugjug, dipapag ku lagu degung ti na tip.
C. Nepi kanu dijugjug, dipapag ku lagu degung tina tip.
D. Nepikanu dijugjug, dipapag ku lagu degung ti na tip.
E. Nepi ka nu dijugjug, dipapag ku lagu degung ti na tip.

34. Sabari kukulutus, tungtungna supir téh asup ..... mobil. Kecap pangantét nu merenah pikeun
ngalengkepan kalimah nya éta .....
A. Kana D. Dina
B. Tina E. Ka
C. Ti
35. Hikmah, pesen moral, pangajaran, atawa teladan nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu macana
ngaliwatan carita disebut .....
A. Point of view D. Plot
B. Sétting E. Jejer
C. Amanat

36. Kalimah anu paling merenah di handap ieu dumasar kana undak-usuk basana nyaéta .....
A. Kuring mah wangsul sakola téh sok ngadon nyimpang heula ka warung seblak langganan.
B. Ari manéh iraha datang ti Jakarta? Kuring asa teu apal inditna ogé.
C. Indung urang mah keur udur, matak teu bisa datang ka sakola nyokot rapot.
D. Pun bibi geus lila pindah rorompokna ti Cimahi ka Cibiru.
E. Abdi mah tuang ogé sakasampeurna, maklum nuju riweuh pisan kagiatan di sakola.

37. Kecap-kecap nu kaasup kana ragam basa lemes keur sorangan nyaéta .....
A. Mulih-dongkap-sumping
B. Tuang-bumi-angkat
C. Rorompok-mios-neda
D. Tuang-kulem-bantun
E. Bumi-teu damang- nyandak

38. Kecap wangsul upama dilarapkeun kana kalimah nu merenah nyaéta .....
A. Pun bapa nembé wangsul ti Bandung.
B. Kuring wangsul ti sakola jam 15.00.
C. Ibu guru mah wangsul ti sakola langsung ngajemput putrana di Play Group.
D. Abdi nembé wangsul ti Tasik téh pas bada magrib pisan.
E. Sim kuring karék wangsul ti imah babaturan téh bieu.

39. Nu disebut ragam basa loma téh mangrupa basa atawa kekecapan nu biasa digunakeun dina obrolan
sapopoé jeung jalma anu dianggap geus akrab, contona dina kalimah di handap ieu .....
A. Indung manéh geus sumping can ?
B. Urang mah moal bisa saré lamun can dahar heula téh !
C. Lanceuk urang kamari karék mulih ti bumi uwa.
D. Manéh geus neda atawa acan ?
E. Abdi mah sok karagok mun ulin ka imah Si Uli téh !

40. Kalimah nu kaasup kana ragam basa lemes keur ka saluhureun dina kalimah di handap ieu
nyaéta .....
A. Pun biang angkat ka pasar téh saatos netepan subuh.
B. Sim kuring parantos mios ka sakola tabuh setengah 7 mah.
C. Bapa nuju neda di ruang makan nyarengan pun Aki.
D. Kamari abdi pendak sareng tuang rama di rorompok pun paman.
E. Naha Ema teu acan mondok kénéh sangkilang tos wengi kieu ?

Anda mungkin juga menyukai