Anda di halaman 1dari 3

PEMERINTAH KABUPATEN CIAMIS

DINAS PENDIDIKAN
SMK TARUNA JAYA BANJARSARI
( YAYASAN ARUNAJAH BANDUNG CABANG KAB. CIAMIS )
Dsn. Sindangsari RT/RW 06/02 DesaKalijaya, Kec. Banjarsari, Kab Ciamis

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)


Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA
Kelas/Semester : XI (Sebelas) / Ganjil
Hari/Tanggal : Selasa, 14 Desember 2021
Waktu : 09.30 ˗ 11.00 WIB
PETUNJUK UMUM
I. Tulislah terlebih dahulu nama serta nomer test anda pada lembar jawaban yang disediakan.
II. Periksa dan bacalah soal sebelum menjawabnya.
III. Laporkan kepada pengawas jika tedapat soal yang rusak atau kurang jelas.
IV. Dahulukan soal yang dianggap mudah.
V. Kerjakan pada lembar jawaban yang telah disediakan.
VI. Periksa pekerjaan anda sebelum diserahkan kepada pengawas.

PETUNUK KHUSUS
Jawablah pertanyaan dibawah ini dengan menghitamkan salah satu jawaban yang
tersedia pada lembar jawaban yang telah disediakan.
1. Hiji jalma anu jadi panengah atawa pingpinan sidang boh dina rapat atawa diskusi, anu ngajejeran
pasualan diskusi jeung ngatur padungdenganana disebut .....
A. Orato B. Moderator C. Panata calagara D. Panata acara E. Pamilon
2.Nampung unggal saran, méré kasempetan pikeun nepikeun gagasan ka peserta diskusi, nyatetkeun
pananya dina diskusi, kaasup sababaraha hal anu jadi tugas panumbu catur utamana dina bagéan .....
A. Mungkas diskusi C. Nyindekkeun diskusi E. Muka diskusi
B. Nutup diskusi D. Ngatur jalanna diskusi
3.Nu kaasup kana pancén panumbu catur dina muka diskusi diantarana nya éta .....
A. Nepikeun jejer diskusi C. Nampung unggal saran E. Ménta dihampura bisi aya kasalahan
B. Nengahan nu padungdeng D. Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
4..... Pamungkas, mugia diskusi ieu janten salah sahiji jalan supados pikiran urang langkung jembar. Neda
dihapunten bilih aya basa anu kirang merenah kana manah. ..... Ungkara di luhur kaasup kana caritaan
panumbu catur dina bagéan .....
A. Bubuka B. Eusi C. Sanduk-sanduk D. Pedaran E. Panutup
5.Di handap ieu kaasup kana rédaksi nalika panumbu catur ngatur jalanna diskusi, nyaéta .....
A. Sakitu anu kapihatur, mugia urang sadaya janten siswa-siswi anu cageur, bageur, pinter, bener,
singer, tur parigel.
B. Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
C. Haturan ka pangjejer kahiji, Bapa Ridwan Kamil kanggo ngadugikeun pedaranana.
D. Sampurasun... Hatur nuhun ka sadérék panata acara nu parantos masihan waktosna.
E. Hapunten bilih aya basa nu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu
kasuhun hampura anu diteda.
6.Dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu boga sikap nétral. Nétral di dieu hartina .....
A. Kudu ngawasa materi diskusi D. Jadi panengah dina diskusi
B. Kudu ngabéla baladna E. Kudu pinter nyarita maké basa nu hadé
C. Mihak ka salah sahiji pamilon
7.Dina hiji diskusi atawa debat, sok loba pamilon, ogé panumbu catur anu nyarita ngagunakeun paribasa
atawa babasan, misalna ”Hapunten sim kuring badé ngiring cumarios, ieu mah étang-étang lauk buruk
milu mijah baé”. Paribasa anu ditulis déngdék téh maksudna .....
A. Bakat ku hayang milu nyarita C. Hayang nyarita tapi éra E. Hayang mijah siga batur
B. Hayang mili nyarita siga batur D. Siga lauk nu hayang nyarita
8.Ieu masalah téh geus jadi sabiwir hiji, kudu jadi perhatian saréréa, piraku urang rék cicing baé. Maksud
babasan nu ditulis kandel maksudna nya éta .....
A. Kabéh geus pada nyarita C. Béjana geus nyebar kamamana E. Geus jadi rusiah saréréa
B. Kabéh geus boga biwir D. Biwirna kabéh ngan tinggal hiji
9.Sikep nu kudu dipimilik ku saurang panumbu catur diantarana nya éta .....
A. Nétral, objéktf, adil D. Gaya, kawentar, luwes
B. Pinter, kasép, bageur E. Tegas, keras, bisa diajak kompromi
C. Amis budi, beunghar, taliti
10. Kalimah nu ngagunakeun kecap sulur di handap ieu nu hartina nuduhkeun milik kuring nya éta .....
A. Abdi mah badé mios ka Bogor téh ngké waé ngantosan pun bapa mulih ti Jakarta.
B. Sim kuring mah rumaos teu gaduh kamampuh dina widang usaha téh.
C. Upami tuang rama téh damelna dimana?
D. Sim abdi mah ti kawit yuswa 5 taun téh tos dikantunkeun ku nu jadi nini.
E. Kamari abdi pendak sareng tuang raka téh di Alfamart, badé balanja katingalna mah.
11. Kalimah Éta téh pun adi anu katilu, anu nuju sakola di SMP téa, ngabogaan makna .....
A. Adi anjeun aya tilu, tiluanana sakola di SMP
B. Kuring teh adi anu nomer tilu masih sakola di SMP
C. Anjeun téh jadi adi nu katilu anu sakola di SMP kénéh
D. Anu sakola di SMP téh adi kuring anu katilu
E. Kuring boga adi anu tiluanana sakola kénéh di SMP
12. Dina tata basa Sunda aya istilah anu disebut kecap sulur anu hartina nya éta .....
A. Kecap gaganti jalma C. Kecap gaganti pagawéan E. Kecap gaganti kaayaan
B. Kecap gaganti barang D. Kecap gaganti sifat
13. Di handap ieu kaasup kana kecap sulur, kajaba .....
A. Sim kuring C. Pun biang E. Tuang paman
B. Tuang raka D. Pun abdi
14. Karangan fiksi atawa rékaan anu ditulis dina wangun lancaran ( prosa ) nu eusina nyaritakeun
kahirupan sapopoé kalawan basajan, ringkes, jeung matak ngirut nu macana disebut .....
A. Long short story C. Short story E. Novel
B. Long story D. Story telling
15. Di handap ieu anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon diantarana nya éta .....
A. Sumebar dina wangun tulisan C. Caritana pamohalan
B. Konflik caritana basajan D. Peristiwana tunggal E. Caritana rélatif pondok
16. Peuting isukna, asa horéam ka masjid téh. Keur mah hujan ngaririncik baé, katurug-turug tadi bada
asar patih goah ngumumkeun kaleungitan kurabu sabeulah. Teu karasa muragna, cenah. Teuing na
kasur, teuing di kamar mandi, teuing di mendi. Saréréa ubyag néangan. Ka kolong-kolong kasur
dibatréan. Lapur atuda éta mah sakadang kurabu. Mangkaning hargana lumayan rada ayaan, bubuhan
bahanna tina platina.Poko pikiran utama tina sempalan carpon di luhur nya éta .....
A. Hujan ngaririncik C. Kurabu tina platina E. Leungitna kurabu sabeulah
B. Horéam ka masjid D. Béwara ti patih goah
17. Unsur intrinsik nu atra/ jelas katingali dina sempalan carpon dina nomer 16 nya éta .....
A. Sétting B. Plot C. Point of view D. Amanat E. Palaku
18. Nu paling mimiti kudu dilakukeun upama urang rék diajar ngarang atawa nyieun carpon téh nya éta ..
A. Nangtukeun judul C. Nangtukeun amanat E. Nangtukeun point of view
B. Néangan idé/ilham D. Nangtukeun ngaran-ngaran palaku
19. Aya sababaraha téknik nu bisa dilakukeun dina nganalisis carpon téh, diantarana ku cara ngarobah
carita jadi hiji gambar nu langsung maké média patlot jeung kertas, anu ngawakilan eusi carita sacara
gembleng. Téknik ieu disebut .....
A. Info grafis manual C. Info grafis digital E. A-I-H
B. Fish bone D. Y-Chart
20. Analisis hiji carpon kudu ngawengku kana sakabéh unsur pangwangun carpon. Unsur pangwangun
carpon téh ngawengku .....
A. Unsur intrinsik C. Unsur imajinasi E. Téma jeung amanat
B. Unsur ékstrinsik D. Unsur intrinsik jeung ékstrinsik
21. Runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir dina hiji carita disebut .....
A. Sétting C. Jejer
B. Amanat D. Point of view E. Plot
22. Carpon mangrupa karya sastra atawa karangan fiksi anu unsur hayalan atawa imajinasina ngabogaan
sifat .....
A. Réalistis C. Réformis E. Liris
B. Suréalis D. Mistis
23. Téknik reviu hiji karya anu ngadopsi pola 5W + 1H pikeun nganalisis kasus jeung hasil anu
mangrupa analisis unsur intrinsik jeung ékstrinsik disebut téknik .....
A. Y-Chart C. Fish bone E. A-I-H
B. Info grafis digital D. Info grafis manual
24. Palaku utama dina carpon anu ngabogaan watek kurang hadé, goréng adat atawa jahat disebut ogé
palaku .....
A. Protagonis C. Tambahan E. Antagonis
B. Tritagonis D. Figuran
25. Lantaran disebut ogé carita pondok, lobana kecap dina karangan carpon biasana ngawengku .....
A. 10.000-20.000 kecap C. 500-1.000 kecap E. 5000-10.000 kecap
B. 1.000-1.500 kecap D. 1000-2000 kecap
Essay
1. Kagiatan nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu
penting, disebutna ....
2. tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma, disebutna.....
3. Kecap pananya nu gunana pikeun nanyakeun kaayaan nyaeta naon wae
4. Omongan dua jalma atawa leuwih nu silih tempas, biasa disebut ....
5. Jalma anu ahli biantara disebut ...

Anda mungkin juga menyukai