Anda di halaman 1dari 4

YAYASAN MA’HADUL ISLAM AL BASHRIYYAH

SMK SULTAN AGUNG


Program Keahlian :AdministrasiPerkantoran
SK.NO.421/395-Disdik. NSS : 402020220233 NPSN : 69754542
Jl. Raya Dago Km. 08 Desa Dago KecamatanParung Panjang Kab. Bogor Jawa Barat 16360

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)


TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Nama :…………………………… Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA


Kelas : XI (SEBELAS) ......... Nomor Peserta Ujian :…………….........................

A. Pilihan Ganda (PG)


Pilih salah sahiji jawaban anu benerna!
1. Kagiatan nyarita dihareupeun balarea pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu
penting , disebutna …
a. ceramah
b. hutbah
c. biantara
d. kampanye
e. sawala
2. Aya jalma anu parigel dina biantara nepi ka jadi ahli biantara. Jalma anu ahli dina biantara
disebutna …
a. kurator
b. moderator
c. kolektor
d. koruptor
e. orator
3. Ieu dihandap eusi bagean bubuka tina biantara, nyaeta nepikeun …
a. ucapan hatur nuhun
b. muji sukur ka Gusti Allah SWT
c. ucapan du’a
d. ucapan menta dihampura
e. salam pangwilujeng
4. Penting na cai dina kahirupan urang sunda, katiten tina ngaran …
a. patempatan
b. jalma
c. kadaharan
d. inuman
e. kaulinan
5. dina tradisi masarakat sunda beh ditu, jalma nu ngatur cai di sawah disebutna …
a. panghulu
b. irigasi
c. lebe
d. ulu-ulu
e. mantra cai
6. kacapangan leuweung dibukbak hirup bakal balangsak ngandung harti …
a. ari leuweung teh tempat kakaian anu ngahasilkeun hawa beresih
b. ari leuweung teh tempat sasatoan anu hirup bebas teu dikungkung manusa
c. Lamun leuweung dibukbak, masarakat bakal beakeun kai keur ngawangun imah
d. Lamun leuweung dibukbak, sato-sato leuweung daratang ka lembur
e. Ulah ngabukbak leuweung, lantaran di leuweung loba kakaian anu jadi usmber cai
7. Paribasa caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket ngandung harti …
a. Kudu make papakean anu alus tur rapih
b. Saged atawa siap nyanghareupan pagawean
c. Kudu make pakean has atawa tradisional Sunda
d. Kudu make baju anu aya kancingan, ulah ku seleting
e. Kudu make baju jeung calana pangsi katut iket
8. Wangun sisindiran anu sorana padeukeut sarta murwakanti dina tungtung kecap atawa
padalisan, nyaeta harti ...
a. Sisindiran
b. Paparikan
c. Rarakitan
d. Wawangasalan
e. Cacaritaan
9. Tengetan wawangsalan ieu :
Lomari jerona tiis
Unggal dinten mikasono ( .....)
Naon harti wawangsalan diluhur ...
a. Peso
b. Kaso
c. Lomari
d. Kulkas
e. Tiis
10. Karya sastra anu lobana dua jajar, diwangun kucangkang jeung eusi disebutna …
a. Sisindiran
b. Rarakitan
c. Paparikan
d. Wawangsalan
e. Tatarucingan
11. Rarakitan mibanda salah sahiji cirri ieu dihandap, nyaeta kecap mimiti tina jajaran …
a. Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang
b. Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi
c. Ka-1 jeung ka-3, ka-2 jeung ka-4
d. Ka-2 jeung jajaran ka-3
e. Ka-1 jeung jajaran ka-3
12. Dumasar kana sipatna, sisindiran teh bisa dibedakan jadi tilu rupa, nyaeta …
a. Paparikan, rarakitan, wawangsalan
b. Piwuruk, sesebred, silih asih
c. Cangkang, eusi, wangsal
d. Wawangsalan, tatarucingan, paparikan
e. Tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
13. Mawa peti dina sundung
Dibawa ka Nusa Jawa
Pangarti teu beurat nanggung
Kabisa teu beurat mawa
Sisindiran diluhur kaasup kana wanda …
a. Wawangsalan
b. Tatarucingan
c. Teteguhan
d. Paparikan
e. Rarakitan
14. Pikasureun dijarumat
Jarumna harga sasenan
Saluhureun kudu hormat
……………………………………...
Ungkara anu merenah keur ngalengkepan sisindiran diluhur nyaeta …
a. Sasama kudu ajenan
b. Hubungan dihargaan
c. Sahandapeun diajenan
d. Kulawarga kudu ajenan
e. Dulur baraya agehan
15. Ieu dihandap aya wawangsalan:
Bibika tipung tariguq
Ku engkang henteu kaharti
Wangsalna nyaeta …
a. Kungkang
b. Bibika
c. Tipung
d. Kaharti
e. Roti
16. Sae nu jadi kapala
………………………………
Diasupkeun ka sakola
Banda nu leuwih ti harta
Ungkara anu merenah keur ngeusian jajaran kadua, nyaeta …
a. Urang nu jadi siswa
b. Menak nu ka Purwakarta
c. Selat Sunda Jawa Sumatera
d. Wakilna mah saha wae
17. Kalimah ieu dihandap anu ngandung kecap rajekan dwireka nyaeta …
a. Hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah
b. Dangdaunan aroyag katebak angin
c. Buah dipipir imah teh plak-plik-pluk raragragan
d. Manehna poe kamari bulak balik Bandung-Jakarta
e. Guru-guru karumpul di lapang Gasibu
18. Wangsalna “simeut”, ari cangkang na nyaeta …
a. Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut
b. Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun
c. Teu beunang dirangkong kolot , teu beunang dipikahayang
d. Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran
e. Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing
19. Kagiatan ngadu pamadegan (adu argumtasi) boh sorangan-sorangan boh ngelompok (grup)
disebutna …
a. Sawala
b. Debat
c. Rempugan
d. Rapat
e. Panel
20. Panumbu catur dina debat teh jalma anu boga wewenang pikeun …
a. Ngatur lumangsungna debat ti mimiti nepi ka rengse
b. Milih alus henteu na kelompok nu debat
c. Meunteun kelompok anu alus dina debat
d. Nuliskeun kacindekan tina debat
e. Mihak ka salah sahiji kelompok pangjejer debat
21. Ieu dihandap sawatara pancen pangjejer dina debat, nyaeta …
a. Nepikeun pamadegan ngeunaan pasualan anu didebatkeun
b. Nempas atawa mairan pamadegan ti pangjejer sejen nu teu paham
c. Ngagugu kana aturan anu ditepikeun ku panumbu catur
d. Ngatur lancar henteu na debat ti mimiti nepi ka rengse
e. Ngajejeleh panumbu catur jeung kelompok pangjejer sejen
22. Wanda debat anu dipasanggirikeun atawa dilomakeun nyaeta debat …
a. Pasanggiri
b. Kompetitif
c. Parlemen
d. Anggota legislatif
e. Kusir
23. Pasanggiri (kajuaraan) debat tingkat dunya anu pamilonna barudak sakola nyaeta …
a. World School Debating Championship (WSDC)
b. Indonesian Schools Debating Championship (ISDC)
c. Apresiasi Basa, Sastra jeung Seni Daerah (ABSSD)
d. Debat Anggota Legislatif (DPR/MPR)
e. National Schools Debating Championship (NSDC)
24. Ieu kalimah anu henteu ngandung kecap-kecao sipat, nyaeta …
a. Bu Dini mah bageur pisan
b. Katumbiri katingal aya warna beureum, koneng, hejo jeung kayas
c. Abdi mios ka Bogor enjing-enjing
d. Tengah poe mah karasana panas kacida
e. Jang adun sukuna bareuh tijalikeuh
25. Ieu dihandap kecap-kecap sipat anu boga harti lalawan langsung, iwal …
a. Luhur x handap
b. Panjang x pondok
c. Jangkung x pendek
d. Gendut x begang
e. Buleud x pasagi
26. Kecap sipat dina basa Sunda rea nu bisa dituturkeun ku kecap katerangan sipat, iwal …
a. Beureum euceuy
b. Hideung cakeutreuk
c. Hejo carulang
d. Ipis nyepring
e. Poek mongkleng
27. Kecap anu dipake pikeun nuduhkeun barang jeung naon-naon anu dianggap barang, nyaeta
harti …
a. Kecap pananya
b. Kecap barang
c. Kecap sipat
d. Kecap panitah
e. Kecap bilangan
28. Ieu dihandap mangrupa ciri-ciri kecap barang, iwal …
a. Kecap barang bisa dipiheulaan ku kecap bilangan
b. Kecap barang bisa dipiheulaan ku kecap pangantet
c. Kecap barang bisa dituturkeun ku kecap sipat
d. Kecap barang bisa nyicingan fungsi jejer jeung obyek
e. Kecap barang bisa dirarangken sa-R-na
29. Nuduhkeun kaayaan, nuturkeun kecap barang, dipiheulaan ku kecap (leuwih, pohara …-na),
dituturkeun ku kecap (pisan, temen, kacida) jeung bisa dirarangken sa-R-na.
Diluhur nyaeta mangrupa ciri-ciri …
a. Kecap pananya
b. Kecap barang
c. Kecap sipat
d. Kecap panitah
e. Kecap bilangan
30. Aris mah kaasup budak calakan disakolana.
Kalimah diluhur kaasup kana kecap…
a. Kecap pananya
b. Kecap barang
c. Kecap sipat
d. Kecap panitah
e. Kecap bilangan

ESSAY
1. Naon harti parbasa “elmu tungtut dunya siar”?
2. Tuliskeun conto bubuka alinea kahiji dina Biantara!
3. Abdi mah caruluk Arab
Henteu tarima teh teuing
Wangsalna : ...............................
4. Jawab tatarucingan dihandap ieu !
a. Dicokot endogna macok.
b. Budak dugul di tato
5. Aya ku kayungyun ku Neng Miranda, keur geulis teh bageur deuih.
Dina kalimah diluhur kecap anu dicondongkeun ka asup kana kecap .......

Anda mungkin juga menyukai