Anda di halaman 1dari 2

BIOGRAFI CUT NYAK DHIEN

KAHIRUPAN AWAL
Cut Nyak Dhien dibabarkeun di kulawarga bangsawan nu taat kana agama di Lamdinang,
wilayah VI Mukim dina tahun 1848. Ramana nu namina Teuku Nanta Setia, mangrupi
uleebalang VI Mukim, tur katurunan Machmoed Sati, nu ngumbara ti Sumatera Barat.
Machmoed Sati kamungkinan dongkap ka Aceh dina abad ke 18 waktos kesultanan Aceh
diparentah ku Sultan Jamalul Badrul Munir. kumargi eta, Ramana Cut Nyak Dhien ngagaduhan
darah ti Minangkabau. Ibu Cut Nyak Dhien nyaeta putri uleebalang Lampagar.
Waktos alitna, Cut Nyak Dhien mangrupi gadis nu kakoncara kageulisanna. Anjeunna kenging
atikan dina widang agama (nu dididik ku sepuhna atanapi guru agama) sareng lingkungan
kulawargana nbgagaduhan kabiasaan ngatik budak gadis pikeun: masak, ngalayanan caroge, tur
taat kana atikan). Seueur pameget nu kapincut ku Cut Nyak Dhien sareng pada ngalamar.
Dina yuswa 12 tahun, anjeunna tos dinikahkeun ku sepuhna, nyaeta taun 1862 sareng Teuku
Cek Ibrahim Lamnga, putra ti uleebalang Lamnga XIII. Aranjeunna ngaggaduhan hiji-hijina
putera pameget.

Teuku Umar, salah sahiji tokoh nu ngalawan Belanda, keur ngalamar Cut Nyak Dhien.
Kawitna Cut Nyak Dhien nolak, tapi kumargi Teuku Umar ngawidian pikeun ulubiung di medan
perang, Cut Nyak Dhien satuju pikeun rimbitan sareng anjeunna dina tahun 1880 nu
nyababkeun ngahudangkeun moral pasukan perlawanan Aceh. Aranjeunna dipaparin budak
isteri nu dipasihan nami Cut Gambang.
Saatos rimbitan sareng Teuku Umar, anjeunna sareng Teuku Umar tempur ngalawan
Belanda. Mung, Teuku Umar gugur waktos nyerang Meulaboh dina tanggal 11 Februari 1899,
nu nyababkeun anjeunna berjuang nyalira di pedalaman Meulaboh sareng pasukan alit.
Cut Nyak Dien waktos eta tos sepuh tur ngaggaduhan panyakit encok sareng rabun, numawi
pasukanna nu namina Pang Laot ngalaporkeun kaayaan anjeunna, alatan ngaraos iba.[2][3]
anjeunna akhirna ditangkep tur dicandak ka Banda Aceh. Ti dinya, anjeunna dirawat sareng
panyawatna mulai damang. Kaayaan anjeunna ngahudangkeun sumanget perlawanan rakyat
Aceh tur kalayan bubunian masih hubungan sareng pejuang Aceh nu teu acan katangkep, alatan
hal eta, anjeunna dialihkeun ka Sumedang. Tjoet Nyak Dhien pupus dina tanggal 6 November
1908 kalayan dimakamkeun di Gunung Puyuh, Sumedang.

Cut Nyak Dhien (Lamdinang, Kerajaan Aceh, 1848 – Sumedang, Jawa Barat, 6 November
1908; dimakamkeun di Gunung Puyuh, Sumedang) nyaeta Pahlawan Nasional Indonesia ti Aceh
nu berjuang ngalawan Walanda dina waktos Perang Aceh. Waktos wilayah VI Mukim diserang,
anjeunna ngungsi, sementawis carogena Ibrahim Lamnga tempur ngalawan Belanda. Ibrahim
Lamnga pupus di Gle Tarum tanggal 29 Juni 1878 nu nyababkeun Cut Nyak Dhien janten ambek
tur sumpah bade ngahancurkeun Belanda.

Anda mungkin juga menyukai