Anda di halaman 1dari 6

1. “punten wan,pangnyandakkeun buku basa Sunda dina kantong!

” nilik kana
gunana, eta kalimah teh kaasup kana kalimah...
a. Pamenta
b. Panitah
c. Panyarek
d. Pangjurung
e. Pangwawadi
2. Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilahar dipake dina kalimah parentah,
iwali......
a. Mangga
b. Cing
c. Punten
d. Wah
e. Hayu
3. Ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah parentah, nyaeta.....
a. Sampurasun
b. Mangga ka lebet!
c. Teu kenging calik di dinya!
d. Antosan sakedap, nya!
e. Rampes
4. Hal-hal atawa aktivitas anu dipilampah ku urang dina hiji waktu di tempat nu
tangtu disebutna......
a. Diajar
b. Kagiatan
c. Kajadian
d. Peristiwa
e. Pangalaman
5. Kagiatan nu dilaksanakeun ku alpukahna sakola, tapi di luareun kagiatan diajar nu
formal, disebutna kagiatan.....
a. Kurikuler
b. Formal
c. Ekstrakurikuler
d. Nonformal
e. Informal
6. Kagiatan dipilampah ku ngayakeun indit-inditan ti imah ka tempat tujuan tur
dilaporkeun hasilna dina wangun tulisan saperti dina koran atawa majalah
disebutna....
a. Wawancara
b. Neangan warta
c. Lalampahan
d. Touring
e. Panalungtikan
7. Ieu di handap anu henteu kana gunana kagiatan kemah pramuka keur para siswa,
nyaeta.....
a. Bisa nembongkeun kapribadian jeung kalemesan budi
b. Jadi seukeut mikir (pinter)
c. Nambahan kagiatan ekstrakurikuler
d. Jadi tohaga fisikna
e. Ngalatih kalemesen budi
8. Ieu di handap an henteu kaasup kana rengrengan utama panitia calagara, nyatea....
a. Pupuhu
b. Anggota
c. Girang serat
d. Panata harta
e. Wakil pupuhu

9. Laporan jurnalistik mah ilaharna ditulis ku....


a. Panalungtik
b. Siswa
c. Guru
d. Wartawan
e. Penyiar
10. Ieu di handap kaasup kana kecap rajekan dwipurwa, nyatea....
a. Tatajong
b. Pipiti
c. Cacakan
d. Dadahut
e. Kakara
11. Kecap rajekan dwireka nu dibarengan ku rarangken, nyaeta....
a. Bubuahan
b. Dialung-alungkeun
c. Dibulak-balik
d. Palk-plik-pluk
e. Kadupak-dupal
12. Ieu di handap kalimah anu ngandung kecap rajekan dwimurni, nyaeta.....
a. Para siswa keur dialajar basa Sunda
b. Di aula sakola guru-guru keur karumpul
c. Barudak kelas X keur dialajar tetembangan
d. Di bendungan jatiluhur urang bisa paparahuan
e. Pasosore dina bulan puasa sok rea nu ngabuburit
13. “jatmika reh sababaraha kali jadi pininjil kelas.” Dina kalimah di luhur aya kecap
rajekan anu wandana.....
a. Dwimadya
b. Dwipurwa
c. Dwimurni
d. Dwireka
e. Trilingga
14. Rumpaka kawih teh saenyana mah sarua jeung sajak pedah sok dihaleuangkeun.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur lahir rumpaka kawih, nyaeta...
a. Tema
b. Tipografi
c. Gaya basa
d. Purwakanti
e. Imaji
15. Ieu di handap unsur citraan dina rumpaka kawih, iwal citraan...
a. Swara (pangdenge), penempa, pangrasa
b. Panempo, pangrasa, pangrampa
c. Pangrasa, pangrampa, pangdenge
d. Pangrampa, pangdenge, pangambeu
e. Pangambeu, pangrasa, pangdenge
16. Lamun ditingali tina jumlah jajaran jeung purwakantina, lagu “Es Lilin” teh
disusun dina wangun.....
a. Paparikan
b. Rarakitan
c. Wawangsalan
d. Papantunan
e. Tatarucingan
17. Baca rumpaka ieu kawih!
Es lilin mah, aduh, kalapa muda,
Dibantun mah, geuning, ka Sukajadi,
Abdi isin, geuning, samar kaduga,
Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi.
Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaeta....
a. e-d-a-s
b. da-di-ga-di
c. muda-Sukajadi-kaduga-ngajadi
d. a-i-a-i
e. m-s-k-ng
18. Eusi pada kahiji rumpaka kawih “Es lilin”, nyaeta......
a. Es lilin dijieunna tina kalapa muda
b. Abdi isin samar kaduga sabab sieun teu ngajadi
c. Es lilin dijual ka Sukajadi
d. Sieun teu jadi dibawa ka Sukajadi
e. Abdi isin sieun teu ngajadi
19. Rumpaka kawih “Papatong” teh ngawanti-wanti yen.......
a. Hirupteh moal lila ulah kajongjonan
b. Papatong nu hiber ku jangjangna
c. Jalma hirup ibarat papatong nu hiber
d. Mun rek indit kudu pamitan
e. Papatong minangka lambang kahirupan manusa
20. Baca sempalan ieu rumpaka kawih!
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah ka nu kawasa
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah ka nu kawasa
Ceuk sempalan rumpaka kawih di luhur, urang teh.....
a. Kupagawean mah moal aya beakna
b. Kudu aya istirahatna tina pagawean
c. Henteu tuluy-tuluyan gawe, aya waktuna keur ibadah
d. Kudu pasrah ka Pangeran
e. Salawasna hirup teh riweuh
21. Ieu di handap kalimah anu henteu ngandung kecap sipat, nyaeta....
a. Manehna mah keur bageur teh pinter deuih
b. Pinter-pinterna mah budak teh ngan adigung
c. Kapinteran kudu dipake keur kapentingan hirup
d. Manehna mah teu pinter-pinter teuing, ngan alus, milikna we
e. Keur pinter teh geulis budak teh
22. Kecap sipit anu hartina ‘paling’ , aya dina kalimah.....
a. Manehna teh pangrajinna di kelasna
b. Wanda jeung neni sarua rajinna
c. Dadang leuwih rajin ti batan yadi
d. Dedi henteu sarajin maman
e. Wanti mah rajin, ari Dodo kedul
23. Ieu di handap anu teu kaasup kana kecap sipat tina rumpaka kawih “papatong” ,
nyaeta.....
a. Kajongjonan
b. Reureuh
c. Koneng
d. Luhur
e. Ngageter

24. Tarjamahan tina kalimah “Saya merasa bangga menjadi orang Sunda”. Anu
merenah, nyaeta....
a. Kuring ngarasa bangga jadi urang sunda
b. Kuring ngarasa reueus jadi urang sunda
c. Kuring ngarasa agul jadi urang sunda
d. Kuring ngarasa ngeunah jadi urang sunda
e. Kuirng ngarasa sugema jadi urang sunda
25. Kecap-kecap basa sunda anu hese ditarjamahkeun basa indonesia, nyaeta kecap...
a. Pangantet
b. Panyambung
c. Panganteur
d. Sulur
e. Parentah
26. Paribasa nu mangrupa tarjamahan tina basa Indonesia, nyaeta....
a. Wong becik ketitik wong ala ketara.
b. Waktu sarua jeung duit.
c. Aya hurang handapeun batu.
d. Adam lali tapel.
e. Gindi pikir belang bayah.
27. Paribasa Indonesia “Biar lambar asal selamat” haritina mirip jeung paribasa
Sunda.....
a. Kajen panas tonggong asal tiis beuteung.
b. Kajeun kendor asal ngagembol.
c. Kaduhung rata ti heula.
d. Jauh-jauh panjang gagang.
e. Ulah pikir belang bayah.
28. ieu di handap henteu kaasup kana carpon nu mangrupa tarjamahan tina basa
Inggirs, nyaeta....
a. carpon “keteg jajantung” ditarjamahkeun ku Atep kurnia.
b. Carpon”Haji murod” ditarjamahkeun ku Atep kurnia jeung Hawe Setiawan.
c. Carpon”Ngulampreng” ditarjamahkeun ku Hawe Setiawan.
d. Carpon”Pependeman Nabi Sulaeman” ditarjamahkeun ku Moh.
e. Carpon.”Ucing hideung” ditarjamahkeun ku Yuliana Mustofa.
29. Lamun rek narjamahkeun, urang merlkeun kamus, nyaeta kamus....
a. Ekabasa
b. Dwibasa
c. Istilah
d. Asing
e. Ensiklopedia
30. Ieu di handap tilu kamampuh basa nun kudu kacangking mun urang rek
narjamahkeun, iwal kamampuh....
a. Gramatikal
b. Fonologis
c. Sosiolinguistik
d. Semantik
e. Pragmatik
31. Ieu di handap urang asing anu henteu nyusun kamus basa Sunda, nyaeta..
a. R.H Robins
b. A. Geerdink
c. H. J. Oosting
d. S. Coolsma
e. Jonathan Rigg
32. Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab, nyaeta....
a. Iman
b. Ahlak
c. Agama
d. Abdi
e. Takwa
33. Unsur serepan anu acan sagemblengna kaserep kana basa Sunda ditulisna....
a. Digurathandapan
b. Dikekentengan
c. Dikandelkeun
d. Dicondongkeun
e. Ditulis biasa
34. Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-
unsur pamohalan disebutna....
a. Carpon
b. Dongeng
c. Sketsa
d. Biografi
e. Fiksimini
35. Aya carita “ NYI Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup
kana dongeng...
a. Farabel
b. Legenda
c. Sage
d. Mite
e. Babad
36. Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongeng, nyaeta...
a. Sakabeh eusi caritana bohong
b. Teu jelas nu ngarangna ( anomin)
c. Sumberna tatalepa secara lisan
d. Ngandung unsur-unsur pamohalan
e. Awalna kagolong kana sastra lisan
37. Unsur-unsur carita dina dongeng sarua jeung unsur- unsur prosa fiksi sejenna. Ieu
dihandap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaeta....
a. Tema
b. Palaku
c. Purwakanti
d. Galur
e. Latar
38. Dina dongeng “ sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana wae, nyaeta......
a. Raja kahampang dina balokeng
b. Dayangsumbing boga anak sangkuriang
c. Sangkuriang nyieun parahu
d. Dayangsumbing kawin jeung si Tumang
e. Sangkuriang saeyana anak raja
39. Dina dongeng si Kabayan, tokoh anu langka dicaritakan teh, nyaeta....
a. Si iteung, pamajikan Si Kabayan
b. Si Atok, ankna Si Kabayan
c. Mitohana si kabayan
d. Sobatna si kabayan
e. Si kabayan
40. Ieu di handap anu kaasup kana kalimah pangharepan, nyaeta....
a. Muga-muga wae rencana urang bisa laksana!
b. Hayu urang rencanakan we nu leuwih asak!
c. Jung bae ti heula, kuring mah aya perlu heula!
d. Sigana mah ulah indit ayeuna, bisi macet!
e. Tiasa nyuhunkeun cai!

I. Kerjakeun soal-soal 3. Mun ditilik tina kabasaan


dihandap ieu! rumpakana tuliskeun naon baé
1. Naon anu dimaksud kawih? bédana antara kawih klasik jeung
2. Nu kumaha ari kawih klasik jeung kawih pop Sunda!
kawih pop sunda? 4. Tuliskeun lima judul kawih klasik!
BUBUY BULAN
(Benny Corda)

Bubuy bulan, bubuy bulan sangrai


béntang
Panon poé, panon poé disasaté
Unggal bulan,unggal bulan abdi
téang
Unggal poé,unggal poé ogé hadé

Situ Ciburuy laukna hésé dipancing


Nyérédét haté ninggali ngeplak
caina
Tuh itu saha nungalangkung unggal
énjing
Nyérédét haté ninggali sorot socana

5. Ditilik tina eusi rumpaka kawih


“Bubuy Bulan” pada kahiji jeung
pada kadua. Jentrekeun eusina!

Anda mungkin juga menyukai